Selasa, 02 Agustus 2011

Anjing

Teddi Muhtadin

Henteu haram anjing mah, tapi najis. Kitu nu ku kuring kungsi kadéngé ti Pa Kiai. Pangpangna babangusna anu najis téh. Lamun awak urang dilétak anjing, kapan keur ngaberesihkeunana ogé kudu dikumbah ku cai tujuh kali bari kudu maké taneuh deuih. Ku lantaran kitu, dina pakumbuhan masarakat Sunda, pangpangna anu taat kana papagon agama Islam, anjing téh teu dipikaresep malah umumna dijadikeun lambang tingkah laku atawa pagawéan anu perelu disingkahan.

Geuning, dina babasan atawa paribasa ogé kecap anjing téh umumna mah ngandung talajak anu teu hadé. Contona, “cara anjing tutung buntut”. Ajip Rosidi dina bukuna Paribasa jeung Babasan (2005) ngahartikeun éta paribasa téh: “henteu daék cicing, lanjang-linjing ku sabab henteu sabar, boh kulantaran aya nu didagoan boh ku lantaran ngadagoan waktu rék ngalakukeun kajahatan”. Tuh pan goréng. Kitu deui dina paribasa “ti kikirik nepi ka jadi anjing”, sok sanajan hartina nétral: “ti leuleutik nepi ka gedé”, tapi dilarapkeunana mah kapan keur nu goréng deui baé: “Horéng anjeun téh musuh kami. Boro wéh dirorok ku Uwa Raksa suargi ti kikirik nepi ka jadi anjing”. Dicutat ku Ajip tina buku Rangga Maléla II.

Inget waktu keur budak, sok didongéngan ku indung: ulah ngukut anjing, sabab sok ngadoakeun paéh ka dununganana, ngarah manéhna bisa ngahakan tulang-tulangna. Tapi da ku lantaran babaturan sapantar ampir saréréa ngukut anjing, antukna mah kuring gé pesen ka babaturan. Dibéré anakna, kirik. Dibawana ogé ku babaturan téh kana kantong paranti sakola. Teu bébéja heula ka indung mah. Tapi, anjeunna gé teu nyarék ari geus aya mah.

Saenyana perlu ku anjing téh, keur ngajaga lembur. Komo da harita mah imah téh ngababakan, rada anggang ti nu séjén. Pangpangna deuih, perlu keur ngala beurit di sawah, sabab pohara ngaruksakna kana paré. Ari diracun geus teu mental mah, nya kudu disusud jeung diburak-barik nepi kana sayangna. Nya pikeun mastikeun liang nu aya beuritan tur néwakanana mah ku anjing téa. Patani mah tinggal ngabongkaran galenganana baé ku pacul.

Waktu usum anjing buntung, kuring ogé kabita. Dedegler. Anjing didodoho nagogna. Habek buntutna dikadek, ti gigir, ku parang nu seukeut paranti meresihan galeng. Buntutna buntung, getih ulawéran, anjingna kokowowongan lumpat ka pipir. Torojol indung kaluar ti dapur. Katangén bendu. Tapi teu kateterusan. Peutingna, méméh saré, sanggeus bapa sumping ti sawah, kuring diomonganan, “Ulah kitu bageur, kudu dipikanyaah sato téh, ambéh manéhna nyaaheun ka urang”. Kuring teu némbal. Tapi sidik, teu nyabit-nyabit deui dongéng baréto, dongéng anjing nu sok ngadoakeun dununganana sangkan téréh maot téa.

***

Kecap “anjing” téh kaasup ragam basa anu kasar, aya ogé nu nyebutkeun garihal atawa resag. Dina omongan, komo ka barudak mah, éta kecap téh sok diganti ku kecap “gogog”, mangrupa onomatopae, niru sorana. Tapi ari keur ambekna mah nu kasar-kasar atawa nu najis-najis téh angger wé kalaluar. Kecap “anjing” ogé lungsur-langsar daratangna téh, malah maké sok mawa balad sagala rupa, saperti “babi”, “bagong”, “sétan”, atawa “iblis”.

Tangtu baé, henteu kabéh anu ambek ngagunakeun pilihan kecap samodél kitu. Aya ogé nu sakumaha keuheulna tetep ngagunakeun kecap-kecap nu lalemes. Jeung, teu kabéh nu ngagunakeun kecap “anjing” téh ambek, aya ogé nu malah keur saruka bungah. Lain jelema joré-joré anu karitu téh: pelajar jeung mahasiswa. Teu kabéh, mémang, tapi loba. Lir jadi “kecap panganteb” keur maranéhna mah, malah aya variasina ogé, nyaéta “anjir”, “anjis”, atawa “anjrit”.

Nepi ka lebah dieu timbul pananya. Naha sikep urang kana kecap “anjing” téh kudu cara sikep indung kuring anu mimitina ngulah-ngulah ngukut anjing, tapi antukna mah kudu mikanyaah? Mun sikep ieu nu dicokot, pasti bakal loba nu protés. Kuring gé henteu mikeun, komo para sepuh jeung guru-guru mah. Tapi, naha atuh kecap “anjing” téh bet diparaké ku pelajar jeung mahasiswa? Kapan guru mah teu ngajarkeun kitu? Moal kitu mangrupa protés sosial mah? Atawa, boa-boa, mangrupa “éfek samping” tina pangajaran basa Sunda anu loba teuing tékték bengékna, nepi ka jadi hésé?

Pikeun ngajawab pertanyaan-pertanyaan éta henteu babari. Kudu aya panalungtikan anu daria. Nyaéta panalungtikan anu heunteu ngan wungkul normatif, tapi sosiologis deuih.

Bet inget ka lembur. Waktu Mang Modin ngambek ka barudak pédah ribut, biasa, bari jeung “unjang-anjing” sagala barudak téh. Pa Kiai ngahuit bari imut, “Ulah keras teuing Din, bisi barudak parundung. Keun baé unjang-anjing mah heulaanan, sugan wé ieu mah anjingna anjing ashabulkahfi...” Bari terus miwarang komat.

Lélés, 16 April 2006

Nonverbal - Tentang Api