Dunya Pakarangan Dina
Téddi
Muhtadin
Loba pangarang nu tibelat ku dunya barudak. Munasabah
kituna mah, da kapan kabéh pangarang ogé kungsi jadi budak heula. Ari mangsa
keur budak téa kapan dipalercaya minangka mangsa nu keur sumedeng kréatif-kréatifna.
Mangsa imajinasi tumuwuh kalawan subur bari henteu kasengker ku jumawana rasio.
Sapardi Djoko Damono, upamana, nempatkeun prosés kreatif kepenyairan-ana téh lir barudak nu anteng ulin jeung nabi nu
ngahutbahkeun bebeneran.
Saperti Sapardi, dina sastra
Sunda ogé loba pangarang anu mitineung dunya barudak, di antarana waé Samsudi,
Aam Amilia, Godi Suwarna, kaasup Éris
Risnandar, pangarang entragan pangngorana. Carpon Éris anu judulna “Dina”, ngaran
tokoh utamana, nyaritakeun kahirupan budak kira umur tilu taun anu keur ulin di
buruan imahna. Ngaliwatan si narator budak téh digambarkeun ku Éris awakna
cahayaan sok sanajan lagedu pinuh ku kebul. Malah dina paragraf awal mah digambarkeun
si budak téh kawas nu dipulas ku murubmubyarna emas sinangling tina cahaya
layung pasosoré. Ajaib ceuk si narator mah.
Bubuka éta carpon ngahudang
kapanasaran hayang nyaho kumaha carita saterusna. Ku naon budak anu caludih téh
ku si narator bet digambarkeun mingkin cahayaan? Naha enya nu ngalantarankeun
cahaya téh kekebul? Naon ajaibna budak caludih bet katangén cahayaan? Ku maca
paragraf awal atawa bubuka, dina diri kuring, timbul sawatara harepan anu
hayang dicumponan. Naha éta pananya téh bakal dijawab luyu jeung harepan kuring
atawa mengpar tina harepan? Atawa, malah harepan téh tinggal harepan.
Dina éta carpon Éris
ngagambarkeun réngkak paripolah si tokoh utama nya éta Dina anu keur ulin
anyang-anyangan di buruan imahna. Dina guneman digambarkeun Dina mah embung
sakola ka TK, tapi hayang sakola jeung si Empus ucing kameumeutna. Hayang mandiri
deui manéhna mah, embung dibantuan ku kolotna. Sok sanajan ngan ukur ulin di
buruan sabab pakarangan imah kolotna dikuriling ku pager jangkung nepi ka barudak
tatangga teu bisa asup, tapi Dina mah boga dunya anu nyumponan kabutuhna:
“Buruan téh nyadiakeun singsakur nu dipikahayang ku Dina. Nyieun kukuéhan,
dadagangan, sasakolaan, kakawinan, jeung réa-réa deui kahayang nu kabéh ogé
bisa ngawujud.”
Dina lebah dieu nu ngarang
jiga nu rék nepikeun gagasan yén sok sanajan barudak téh loba nyonto ka kabiasaan
nu déwasa, tapi kréativitasna jeung imajinasina mah luar biasa. Kréativitas
jeung imajinasina mampuh nyumponan kaperluan hirup nu gegedéna dibéakeun pikeun
ulin. Upama kaperluan dunya kréatif jeung imajinasina kacumponan biasana barudak
téh anteng ulinna. Tapi, mindeng pisan dunya barudak modél kitu téh diganggu ku
jalma-jalma nu geus déwasa. Indungna Dina, upamana, bet sok hayang mantuan nu
dipigawé ku Dina. Ieu meureun ajaibna Dina téh. Sok sanajan bolon kénéh pisan,
tapi manéhna geus némbongkeun daya kréatif anu gedé. Matak pantes awakna lir
cahayaan ogé.
Sacara gagasan mah ieu carpon
téh ngasongkeun fénoména nu narik ati. Sok sanajan kitu, aya sawatara hal anu
bisa dibebenah jeung dirautan deui sangkan wangunanana jadi weweg. Di antarana
baé ngeunaan psikologis tokoh, guneman, jeung narator.
Kalemahan umum carpon Sunda,
pangpangna anu kakara diajar nulis, nya éta psikologis tokoh teu digarap enya-enya.
Nepi ka masih kénéh kajadian tokoh téh “diwayangkeun” ku narator atawa malah ku
pangarang. Padahal ari karakter mah kudu unik, dina harti kudu boga kabébasan
sorangan. Kudu boga implengan, udagan, rasa, jeung kahayangna sorangan. Teu
bisa tokoh ditangtukeun atawa ditungtun ku narator atawa pangarang, pangpangna
carpon réalis.
Ieu masalah psikologis téh rambat
kamalé kana unsur séjénna. Upamana kana guneman. Contona, asa kurang merenah
Dina nu umurna kakara tilu taun punjul dua bulan satengah ngomong maké kalimah
panjang tur maké aya anak kalimahan sagala rupa. “Punten pangngagantungkeun, da
Mamah mah jangkung, daun-daun téh kana pakangna!” Naha teu bisa ieu kalimah
dibasajankeun bari hartina tetep?
Narator deuih anu kudu dibebenah dina ieu
carpon téh. Tina paragraf awal urang nu maca geus dibéré gambaran saha
naratorna. Dina paragrap katilu ti tungtung écés yén narator téh Kuring, indung
Dina. Tapi, dina paragraf kadalapan aya kalimah nu ngabingungkeun. “Meh unggal
sore Dina ulin di buruan imahna.”
(didéngdékkeun ku kuring). Ké, ké, naha bet “imahna” lain “imah”? Kecap
“imahna” nuduhkeunkeun yén narator jeung Dina téh batur. Hartina, imah Dina lain imah si narator. Béda jeung lamun ngagunakeun kecap “imah”. Ieu mah nuduhkeun yén imah Dina téh nya imah narator.
“imahna” nuduhkeunkeun yén narator jeung Dina téh batur. Hartina, imah Dina lain imah si narator. Béda jeung lamun ngagunakeun kecap “imah”. Ieu mah nuduhkeun yén imah Dina téh nya imah narator.
Pamungkas, jigana, kudu
ditandeskeun yén nulis carpon téh henteu kudu sakali jadi. Teu diharamkeun
bongkar pasang sangkan wangunanana jadi weweg. Sanggeus carpon ditulis kudu
diimeutan deui naha tokoh, karakter, alur jeung latarna geus merenah? Saha nu
nyarita (narator) jeung ka saha nyaritakeunana (naratee)? Kumaha basana geus
merenah? Bisa jadi, henteu cukup ngabongkar jeung masang bagian-bagianana nu
laleutik wungkul, tapi kudu ditulis deui wangun carpon anyar. Saperti carpon
“Dina” karya Éris Risnandar, asa leuwih hadé, lamun terus dibebenah malahan
mungkin dibalénan deui ditulisna.
Komentar
Posting Komentar