Lain Carita Pondok[1]
Godi Suwarna
Éndah, kumaha damang euy? Di
lembur, uing mah keur rada bingung. Kudu nyieun makalah perkara kurung-karang. Duka ku naha Panitia Kongrés LBSS bet miwarang uing. Tara tuda uing mah. Jeungna rék ngomong nanahaon deuih.
Pan tos aya dina Dangiang. Harita, saparantos ditaros “mroses
ngeatif” ku Cép Hawé saparakanca. Kapan uing tuluy lungsé teu
ngarang-ngarang. Paingan saur Pa Popo tong sok nyaritakeun dapur sorangan,
matak cambal, saurna. Jaba isin deuih maca hasil wawancara téh. Asa lain kitu
nu dipimaksad. Asa réa soal manah nu teu kadugi ku létah. Karasa maksakeun
teuing. Sasar naranjangan manéh. Mending mun séksi onaman, sanés? Apan sakieu
nulang-naléngna uing mah. Mung kantun tulang sinareng hitut. Moal, moal matak
pikabitaeun Si Yayang Tika.
Jadi kedah
kumaha atuh uing téh, Éndah? Asa gampang kénéh ngomongkeun batur batan
nyaritakeun karep. Tapi da kudu, meureun. Isin ku panitia. Kapalang cambal.
Rumaos pisan tuda, mindeng janten euwah-euwah dina acara-acara resmi téh.
Nyaéta atuh, sok leuwih betah ruang-riung di buruan batan kakerem di rohangan.
Asa kapanjara. Sok teu puguh cabak. Nu matak reueus pisan uing mah ku Cép Téddy
saparakanca. Aranjeunna mah kana diskusi téh teu bénten ti mayunan parasmanan.
Dina hiji
mangsa, uing kungsi ditaros ku Afrizal Malna. Naha maké nulis dina basa Sunda. Naha henteu nganggé basa
Indonésia nu leuwih lega ambahanana, cenah. Enya, nya. Naha nya? Acép Zamzam Noor gé apan kakoncara,
sok diangkir ka mana mendi. Padahal mimitina mah uing gé nyerat téh ku basa
Indonésia. Nanging nya kitu, teu sanggem uing mah. Sok asa kirang sugema.
Naringnang baé. Réa nuansa manah nu teu kagambarkeun dina basa Indonésia. “Teu
kitu, Godi, dina basa Indonésia gé tetep wé aya ni’matna!” saur Kang Wahyu dina
hiji waktu. Tiasa janten kitu kanggé Si Akang. Tapi da uing mah angger wé teu
ni’mat basa maca carita nyambung Kang Wahyu nu dina Pé-Ér téa, geuning. Teu
kungsi tamat ieuh -teu langganan ongkoh kétah. Kacipta mun éta carios nganggo
basa Sunda. Wah, Éndah! Sok seueur isinna uing mah mun maca tarjamahan sajak
atawa carpon gagaduhan. Asa jadi burindil. Indonésia mah seueur matak harenegna
nya? Komo ka dieunakeun, geuleuh téh uing mah, bongan tuda Indonésiana beuki
lecek baé, bahasana dikiruhan ku pulitik. Nu mawi, asa mending nanjeurkeun républik sastra
Sunda wé. Ngeunah-ngeunah kana manah. Jaba réa hadiah sastrana, siah.
Étang-étang ngantosan hadiah togél. Hirup nu pangkesel-keselna mah mun teu aya
arep-arepeun, sanés?
Cobian geura
ku Éndah. Ni’mat, siah, ngarang ku basa Sunda téh bisa leuleus-liat. Bisa
digalindengkeun. Bisa digorowokkeun. Jaba aya undak-usuk basa. Kungsi resep
ngabandungan para ahli nu padungdung merkawiskeun undak-usuk. Nya harita pisan,
uing hayoh ngutak-ngatik bahan. Kabeneran digawé téh di koran Sipatahunan.
Laluasa. Alahbatan nu kagungan labolatorium. Pa Popo harita nganaha-naha.
Ngaherengan. Ah, uing mah ukur iyah-iyah burung hantu (heueuh-heueuh
bueuk) wé bari
hahah-héhéh. Karesep angger dipaju. Apan kedah rucita saur anjeunna ogé. Malah
anjeunna pisan nu ngawartosan kumaha ageungna pangaruh Shakespeare kana basa
Inggris, kitu deui Chairil Anwar kana basa Indonésia. Nu mawi ngadeker wé uing mah. Sanés teu
ngéstokeun piwejangna Suhu, Éndah. Ngalarapkeun pisan puguh.
Ku dicaruk téh
basa Sunda asa jadi tambah genah. Utamana dina karya nu disindirsampirkeun. Asa
nincak kana paripaos handap lanyap téa. Beuki réa nuansana, ceuk haté. Duka
saur Éndah mah. Tapi ukur dina carpon. Seuseut, geuning, sajak mah dikitukeun
téh. Teu kawas carpon, sajak mah sok hésé diréka-réka, sok méréjél ku karepna.
Ongkoh deuih harita mah can sanggup nyieun sajak nu nyosial, nu nyindir sampir
téa. Bisa téh ka di dieunakeun, dina Sajak Malaria Tropika saparakanca..
Tah kitu.
Éndah!
Bisa jadi ieu
téh sakadar
akal-akalan. Ngakal ngarah ngakeul. Apan cenah beuki dieu kosa kecap basa Sunda
téh beuki erep baé. Sugan atuh nu erep téh teu matak nyungkeret kana éksprési.
Teu ngirangan genah ngarang, raos maos. Nu matak Éndah mah mending ngarang dina
basa Inggris baé. Tapi apan Éndah mah. Rék, di ditu, rék di dieu, rék Jepang,
rék Sepanyol, pangarang mah sami mawon Pangarang. Peun. Teu kedah
diémbél-émbélan ku Sunda atawa Tibét. Nu puguh mah kudu tapis metakeun
pakarangna séwang-séwangan, bari terang kana
kirang jeung langkungna bari
sami-sami kedah rengkuh deuih. Da saur Acép Zamzam gé ngarang téh kudu binarung
darah, keringat dan air mata (da ambéyen téa anjeunna mah). Kitu saur Acép.
Supados linuhung cenah, hasil dadamelanana. Hadi AKS, alias Ahmad Hadi, jigana
tos rada majeng kana ambéyen. Gemet pisan tuda si Éta mah kana nyiar sareng
milih kekecapan téh lila mun ngarangna, da sok sagala diwawaas. Cita-citana
kawas hayang ngamerdékakeun basa Banten tina jajahan basa Priangan. Tah, kedah
kawas Hadi uing gé, Endah. Nu matak uing sok resep nyarengan si Kulup numpi.
Kumaha, tah
Éndah? Pantes kitu mun nu kitu diobrolkeun dina kongrés?
Asa tos
korédas tuda. Dikorédaskeun ku urang Dangiang. Menolak Tradisi
Bertolak dari Tradisi. Kitu minangka uing mun kurung-karang. Nyieunan
carpon nu boa muhun teu kalandep ku nu maraos. Lalendengeun panginten. Éndah.
Nya atuh ulah kawon ku murangkalih wé, nu sok kukuiran, nu sok teras ngagubrag bari nahnay, nu sok teras
ararahéng ku rarasaan jeung téténjoan; ubin jeung dingding nu gagalcong,
barang-barang kawas nu parindah tina tempatna. Sarwa pangling. Inget wé, keur
budak, resep pisan uing mah kana kukuiran kitu téh. Najan sering diseuseulan ku
si Bapa. Kitu lah di antawisna maksad carpon-carpon uing ogé. Éndah. Nya
ngadeluk nyieunan nu kitu. Manerisme saur salah sawios kritikus. Tapi kumaha
atuh, da uing mah kataji pisan ku Pa Popo, nu teras wé ngagambar ucing sanaos
Putu Wijaya nyebatna téh kapanjara. “Keun baé. Da ngan ukur ahli entéh nu bakal
bisa ngabédakeun rasaning entéh!” kitu saur Pa Popo, minangka ngupahan uing.
Bongan tuda
uing maké boga pamadegan yén nu disebut Sunda téh teu cekap ukur ku sastra nu
maké basa Sunda wungkul. Kedah unik, cék haté. Boh wandana, boh eusina. Kudu
béda jeung sastra-sastra séjénna. Ngarah puguh pupurieunana, Éndah, mung
sakadar mulungan luang tina daluang deungeun. Nanging ogé kedah aya
sungkemkeuneun ka nu sanés sastra Sunda. Beunghar naker apan sastra Sunda buhun
ogé jangeun bahan-bahan baé mah. Kantun wantun bobolokot ngungkabanana, bari terus disieup-sieup
jeung pajamanan..
Rumaos teras
bedegong wé uing mah sok sanaos dibendon ku Kang Rustandi. Da saur anjeunna mah
sastra Sunda téh kudu réalis. Ari ceuk uing teu kedah, da teu aya ti dituna.
Benteng kénéh harita mah anjeunna téh. Resep, siah. Asa teras dihatéan. Jadi
pangapunten mun aya carpon uing nu kapacirit. Kawas dongéng hitut dipereban
téa, geuning. (Taroskeun dongéngna ka Kang Opik, geura!). Hanjakal wé, Éndah,
Kang Rustandina tos sepuh pisan! Jadi wéh seuseut kana nyarponna ogé ayeuna
mah. Rajeun beubeunangan, hasil téh bet tebih tina nawaétu téa. Baé ah
geuleuh-geuleuh gé urang keureuyeuh wé. Sugan kapayun kasampeur deui, dina
wanda nu duka badé kumaha.
Ti baréto oge
sajak mah, anéhna téh, teu tiasa dinawaétuan kawas lamun nyieun carpon. Lingas
pisan. Éndah. Kapaksa dikumakarepkeun wé sakadang sajak mah. Tapi bet tuluy
karaos ni’matna deuih dikitukeun téh. Apan mun nyarpon mah uing téh sasat
ngabakutet anjeun ku nawaétu téa. Tah, dina sajak mah uing bisa ngalér-ngidul.
Étang-étang ngemplongkeun manéh. Hasilna, tina opat buku kumpulan sajak, -- Jagal
Alit, Surat-Surat Kaliwat, Blues Kéré Lauk. Sajak Dongèng Si Ujang- jaba nu
dilacian kénéh, sajak mah éstu béda-béda wanda. Uclak-aclok. Teu puguh di mana
euntreup. Asa teu rumaos “ngagarda-depan” deuih. Dalah dina Blues
Kéré Lauk, saur Kang Ahid mah uing téh angger tradisional. Kasebat minculak
téh éta sugan pédah rada ngareureuwas batur ku pangalaman nu teu ilahar, nu can
kungsi katembrakkeun ku nu séjén. Pédah sajakna dikotak-kotakkeun, meureun.
Lian ti éta mah, prah wé jeung sajak-sajak nu séjén. Kalimah atawa prasa réa nu
dalapan engang. Wirahma tradisional. Teu ahéng teu sing. Kitu ceuk Ki Ahid nu
banget teu panujueun kana eusi bahasan Agus R. Sardjono Sastro na panganteur
éta buku. Duka teuing atuh. Jeung daék medu deuih, nepi ka ayeuna uing teu
nyaho kudu kumaha carana ari nulis sajak Sunda.
Tah, kumaha
mun kitu, Éndah? Ah, pantes teu pantes, kawasna éta wé nu rék diobrolkeun dina
kongrés téh. Tong dipercaya teuing wé, nya? Boa uing mah mung ukur ngadabrul,
siah. Boa dilelempeng teuing, ngarah siga nu heueuh kitu bari tebih kana enya. Nanging boa lain ukur
kitu deuih, da éta sok pondok létah. Apan ceuk uing ogé sok réa perkawis manah
nu teu kaangkat ku létah.
Atuh mun aya
kénéh waktos, obrolan téh asa mending dipungkas baé ku maca sajak nu aya
patalina sinareng mroses kreatif. Ti baheula gé uing mah kajeun dititah
maca sajak batan kedah cumarios di porum resmi. Pakasaban utami maca sajak mah,
sambilanana pan jadi padamel nagri. Da éta wé, asa can cacap mun nyieun sajak
teu tuluy digorowokkeun. Sok ngadon ngecah di panggung. Tapi piraku ari kudu
mijah dina kongrés mah, nya? Komo bari ngadon
ngabalur manéh ku leutak, atawa bari
mandi gegejeburan, kawas baréto, basa maca Blues Kéré Lauk téa. Tos
sepuh kieu mah kuriak tuluy muriang.
Éndah satuju
mun obrolan dipungkas ku maca sajak? Satuju wé, nya? Ngarah lila. Ngarah teu
loba nu tatanya. Bising hésé ngajawabna. Nya? Enya wé ah!
Komentar
Posting Komentar