Jumat, 10 April 2015

Lain Carita Pondok[1]



 Godi Suwarna

Éndah, kumaha damang euy? Di lembur, uing mah keur rada bingung. Kudu nyieun makalah perkara kurung-karang. Duka ku naha Panitia Kongrés LBSS bet miwarang uing. Tara tuda uing mah. Jeungna rék ngomong nanahaon deuih. Pan tos aya dina Dangiang. Harita, saparantos ditaros “mroses ngeatif” ku Cép Hawé saparakanca. Kapan uing tuluy lungsé teu ngarang-ngarang. Paingan saur Pa Popo tong sok nyaritakeun dapur sorangan, matak cambal, saurna. Jaba isin deuih maca hasil wawancara téh. Asa lain kitu nu dipimaksad. Asa réa soal manah nu teu kadugi ku létah. Karasa maksakeun teuing. Sasar naranjangan manéh. Mending mun séksi onaman, sanés? Apan sakieu nulang-naléngna uing mah. Mung kantun tulang sinareng hitut. Moal, moal matak pikabitaeun Si Yayang Tika.
Jadi kedah kumaha atuh uing téh, Éndah? Asa gampang kénéh ngomongkeun batur batan nyaritakeun karep. Tapi da kudu, meureun. Isin ku panitia. Kapalang cambal. Rumaos pisan tuda, mindeng janten euwah-euwah dina acara-acara resmi téh. Nyaéta atuh, sok leuwih betah ruang-riung di buruan batan kakerem di rohangan. Asa kapanjara. Sok teu puguh cabak. Nu matak reueus pisan uing mah ku Cép Téddy saparakanca. Aranjeunna mah kana diskusi téh teu bénten ti mayunan parasmanan.
Dina hiji mangsa, uing kungsi ditaros ku Afrizal Malna. Naha maké nulis dina basa Sunda. Naha henteu nganggé basa Indonésia nu leuwih lega ambahanana, cenah. Enya, nya. Naha nya? Acép Zamzam Noor gé apan kakoncara, sok diangkir ka mana mendi. Padahal mimitina mah uing gé nyerat téh ku basa Indonésia. Nanging nya kitu, teu sanggem uing mah. Sok asa kirang sugema. Naringnang baé. Réa nuansa manah nu teu kagambarkeun dina basa Indonésia. “Teu kitu, Godi, dina basa Indonésia gé tetep wé aya ni’matna!” saur Kang Wahyu dina hiji waktu. Tiasa janten kitu kanggé Si Akang. Tapi da uing mah angger wé teu ni’mat basa maca carita nyambung Kang Wahyu nu dina Pé-Ér téa, geuning. Teu kungsi tamat ieuh -teu langganan ongkoh kétah. Kacipta mun éta carios nganggo basa Sunda. Wah, Éndah! Sok seueur isinna uing mah mun maca tarjamahan sajak atawa carpon gagaduhan. Asa jadi burindil. Indonésia mah seueur matak harenegna nya? Komo ka dieunakeun, geuleuh téh uing mah, bongan tuda Indonésiana beuki lecek baé, bahasana dikiruhan ku pulitik. Nu mawi, asa mending nanjeurkeun républik sastra Sunda wé. Ngeunah-ngeunah kana manah. Jaba réa hadiah sastrana, siah. Étang-étang ngantosan hadiah togél. Hirup nu pangkesel-keselna mah mun teu aya arep-arepeun, sanés?
Cobian geura ku Éndah. Ni’mat, siah, ngarang ku basa Sunda téh bisa leuleus-liat. Bisa digalindengkeun. Bisa digorowokkeun. Jaba aya undak-usuk basa. Kungsi resep ngabandungan para ahli nu padungdung merkawiskeun undak-usuk. Nya harita pisan, uing hayoh ngutak-ngatik bahan. Kabeneran digawé téh di koran Sipatahunan. Laluasa. Alahbatan nu kagungan labolatorium. Pa Popo harita nganaha-naha. Ngaherengan. Ah, uing mah ukur iyah-iyah burung hantu (heueuh-heueuh bueuk) wé bari hahah-héhéh. Karesep angger dipaju. Apan kedah rucita saur anjeunna ogé. Malah anjeunna pisan nu ngawartosan kumaha ageungna pangaruh Shakespeare kana basa Inggris, kitu deui Chairil Anwar kana basa Indonésia. Nu mawi ngadeker wé uing mah. Sanés teu ngéstokeun piwejangna Suhu, Éndah. Ngalarapkeun pisan puguh.
Ku dicaruk téh basa Sunda asa jadi tambah genah. Utamana dina karya nu disindirsampirkeun. Asa nincak kana paripaos handap lanyap téa. Beuki réa nuansana, ceuk haté. Duka saur Éndah mah. Tapi ukur dina carpon. Seuseut, geuning, sajak mah dikitukeun téh. Teu kawas carpon, sajak mah sok hésé diréka-réka, sok méréjél ku karepna. Ongkoh deuih harita mah can sanggup nyieun sajak nu nyosial, nu nyindir sampir téa. Bisa téh ka di dieunakeun, dina Sajak Malaria Tropika saparakanca..
Tah kitu. Éndah!
Bisa jadi ieu téh sakadar akal-akalan. Ngakal ngarah ngakeul. Apan cenah beuki dieu kosa kecap basa Sunda téh beuki erep baé. Sugan atuh nu erep téh teu matak nyungkeret kana éksprési. Teu ngirangan genah ngarang, raos maos. Nu matak Éndah mah mending ngarang dina basa Inggris baé. Tapi apan Éndah mah. Rék, di ditu, rék di dieu, rék Jepang, rék Sepanyol, pangarang mah sami mawon Pangarang. Peun. Teu kedah diémbél-émbélan ku Sunda atawa Tibét. Nu puguh mah kudu tapis metakeun pakarangna séwang-séwangan, bari terang kana kirang jeung langkungna bari sami-sami kedah rengkuh deuih. Da saur Acép Zamzam gé ngarang téh kudu binarung darah, keringat dan air mata (da ambéyen téa anjeunna mah). Kitu saur Acép. Supados linuhung cenah, hasil dadamelanana. Hadi AKS, alias Ahmad Hadi, jigana tos rada majeng kana ambéyen. Gemet pisan tuda si Éta mah kana nyiar sareng milih kekecapan téh lila mun ngarangna, da sok sagala diwawaas. Cita-citana kawas hayang ngamerdékakeun basa Banten tina jajahan basa Priangan. Tah, kedah kawas Hadi uing gé, Endah. Nu matak uing sok resep nyarengan si Kulup numpi.
Kumaha, tah Éndah? Pantes kitu mun nu kitu diobrolkeun dina kongrés?
Asa tos korédas tuda. Dikorédaskeun ku urang Dangiang. Menolak Tradisi Bertolak dari Tradisi. Kitu minangka uing mun kurung-karang. Nyieunan carpon nu boa muhun teu kalandep ku nu maraos. Lalendengeun panginten. Éndah. Nya atuh ulah kawon ku murangkalih wé, nu sok kukuiran, nu sok teras ngagubrag bari nahnay, nu sok teras ararahéng ku rarasaan jeung téténjoan; ubin jeung dingding nu gagalcong, barang-barang kawas nu parindah tina tempatna. Sarwa pangling. Inget wé, keur budak, resep pisan uing mah kana kukuiran kitu téh. Najan sering diseuseulan ku si Bapa. Kitu lah di antawisna maksad carpon-carpon uing ogé. Éndah. Nya ngadeluk nyieunan nu kitu. Manerisme saur salah sawios kritikus. Tapi kumaha atuh, da uing mah kataji pisan ku Pa Popo, nu teras wé ngagambar ucing sanaos Putu Wijaya nyebatna téh kapanjara. “Keun baé. Da ngan ukur ahli entéh nu bakal bisa ngabédakeun rasaning entéh!” kitu saur Pa Popo, minangka ngupahan uing.
Bongan tuda uing maké boga pamadegan yén nu disebut Sunda téh teu cekap ukur ku sastra nu maké basa Sunda wungkul. Kedah unik, cék haté. Boh wandana, boh eusina. Kudu béda jeung sastra-sastra séjénna. Ngarah puguh pupurieunana, Éndah, mung sakadar mulungan luang tina daluang deungeun. Nanging ogé kedah aya sungkemkeuneun ka nu sanés sastra Sunda. Beunghar naker apan sastra Sunda buhun ogé jangeun bahan-bahan baé mah. Kantun wantun bobolokot ngungkabanana, bari terus disieup-sieup jeung pajamanan..
Rumaos teras bedegong wé uing mah sok sanaos dibendon ku Kang Rustandi. Da saur anjeunna mah sastra Sunda téh kudu réalis. Ari ceuk uing teu kedah, da teu aya ti dituna. Benteng kénéh harita mah anjeunna téh. Resep, siah. Asa teras dihatéan. Jadi pangapunten mun aya carpon uing nu kapacirit. Kawas dongéng hitut dipereban téa, geuning. (Taroskeun dongéngna ka Kang Opik, geura!). Hanjakal wé, Éndah, Kang Rustandina tos sepuh pisan! Jadi wéh seuseut kana nyarponna ogé ayeuna mah. Rajeun beubeunangan, hasil téh bet tebih tina nawaétu téa. Baé ah geuleuh-geuleuh gé urang keureuyeuh wé. Sugan kapayun kasampeur deui, dina wanda nu duka badé kumaha.
Ti baréto oge sajak mah, anéhna téh, teu tiasa dinawaétuan kawas lamun nyieun carpon. Lingas pisan. Éndah. Kapaksa dikumakarepkeun wé sakadang sajak mah. Tapi bet tuluy karaos ni’matna deuih dikitukeun téh. Apan mun nyarpon mah uing téh sasat ngabakutet anjeun ku nawaétu téa. Tah, dina sajak mah uing bisa ngalér-ngidul. Étang-étang ngemplongkeun manéh. Hasilna, tina opat buku kumpulan sajak, -- Jagal Alit, Surat-Surat Kaliwat, Blues Kéré Lauk. Sajak Dongèng Si Ujang- jaba nu dilacian kénéh, sajak mah éstu béda-béda wanda. Uclak-aclok. Teu puguh di mana euntreup. Asa teu rumaos “ngagarda-depan” deuih. Dalah dina Blues Kéré Lauk, saur Kang Ahid mah uing téh angger tradisional. Kasebat minculak téh éta sugan pédah rada ngareureuwas batur ku pangalaman nu teu ilahar, nu can kungsi katembrakkeun ku nu séjén. Pédah sajakna dikotak-kotakkeun, meureun. Lian ti éta mah, prah wé jeung sajak-sajak nu séjén. Kalimah atawa prasa réa nu dalapan engang. Wirahma tradisional. Teu ahéng teu sing. Kitu ceuk Ki Ahid nu banget teu panujueun kana eusi bahasan Agus R. Sardjono Sastro na panganteur éta buku. Duka teuing atuh. Jeung daék medu deuih, nepi ka ayeuna uing teu nyaho kudu kumaha carana ari nulis sajak Sunda.
Tah, kumaha mun kitu, Éndah? Ah, pantes teu pantes, kawasna éta wé nu rék diobrolkeun dina kongrés téh. Tong dipercaya teuing wé, nya? Boa uing mah mung ukur ngadabrul, siah. Boa dilelempeng teuing, ngarah siga nu heueuh kitu bari tebih kana enya. Nanging boa lain ukur kitu deuih, da éta sok pondok létah. Apan ceuk uing ogé sok réa perkawis manah nu teu kaangkat ku létah.
Atuh mun aya kénéh waktos, obrolan téh asa mending dipungkas baé ku maca sajak nu aya patalina sinareng mroses kreatif. Ti baheula gé uing mah kajeun dititah maca sajak batan kedah cumarios di porum resmi. Pakasaban utami maca sajak mah, sambilanana pan jadi padamel nagri. Da éta wé, asa can cacap mun nyieun sajak teu tuluy digorowokkeun. Sok ngadon ngecah di panggung. Tapi piraku ari kudu mijah dina kongrés mah, nya? Komo bari ngadon ngabalur manéh ku leutak, atawa bari mandi gegejeburan, kawas baréto, basa maca Blues Kéré Lauk téa. Tos sepuh kieu mah kuriak tuluy muriang.
Éndah satuju mun obrolan dipungkas ku maca sajak? Satuju wé, nya? Ngarah lila. Ngarah teu loba nu tatanya. Bising hésé ngajawabna. Nya? Enya wé ah!



[1] Didugikeun dina Kongrés Basa Sunda VII di Garut, 10-12 Nopémber 2001.

Ceramah: Ki Umbara dina Riungan Manglé Rumaja[1]



 Saenyana rék disebut pangalaman tiasa, atawa beunang disebatkeun naon sababna Ua sok resep ngarang, lantaran seueur anu teu percaya yén Ua tiasa ngarang, pédah Ua téh urang Kuningan, tempat anu basana Jawa. Nu matak cenah, maenya aya urang Kuningan bisa ngarang, basana gé teu merenah, sok jadi pamoyokan batur.
Upami enya, aya kecap enya, nanging karaosna téh kasar di ditu mah. Anu lemes téh inggih. Jadi seueur basa Jawa anu lebet sareng dianggo. Jadi munasabah pisan upami aya batur anu héraneun jelema anu ngomongna sok inggih, osok nun, osok sampéan, bisa ngarang basa Sunda, kitu rupina.
Hal éta téh baheula mah jaman Walanda jadi pamoyokan, yén urang Kuningan mah basana sanés Sunda bener. Rupina hal-hal anu jadi pamoyokan batur téh jadi ngahudang. Naha enya yén anu bisa ngarang téh henteu atanapi parantos dimonopoli ku jelema-jelema anu lahirna di daérah basa Sunda anu lulugu baé?
Dugi ka di sakola. Éta téh upami ngeheureuykeun pekawis basa, tangtos urang Kuningan anu diheureuykeunana. Aya celem, aya ebrug aya téoh. Justru kanggo Ua mah éta téh ngahudang sumanget hoyong diajar basa Sunda anu leres. Nya kabuktian Ua lebet ka sakola guru. Tah di sakola guru téh, sanajan urang diajar enya-enya ogé asa langkung ti batur diajar téh kumargi ngarumasakeun manéh. Tapi angger wé rapot mah genep, basa Sunda téh. Saparantos karangan Ua dimuat di Parahijangan harita, da langsung tina genep téh jadi dalapan. Rupina sanés meunteun hasil diajar tapi ningal beungeutna. Ieu beungeut, beungeut Kuningan, genep paling luhur. Kitu rupina guru baheula mah.
Anu kaalaman ku Ua. Ua resep maca. Baheula di sakola rayat aya taman pustaka (perpustakaan). Éta téh sadaya buku-buku Balai Pustaka. Ratusan judul, manawi 3 atanapi 4 ratus judul, basa Indonésia sareng basa Sunda. Ua kaluar ti kelas lima harita mah, éta buku téh tamat sadaya. Malah aya nu dibaca dua tilu kali tamat, anu dipikaresep, babakuna Purnama Alam, lajeng karangan-karangan Mohamad Ambri. Ayeuna saparantos osok ngarang, éta osok karaos henteu dihaja éta kalimah-kalimah Moh. Ambri osok timbul sorangan. Éta tangtos daya rétorik, teu kedah diapalkeun. Rupina ku seueur maca buku-buku anu saraé basana dengan tidak disengaja dina hiji waktos éta timbul, karaos éta téh.
Perkawis basa Sunda téh sanés kabeungharan basana baé, nanging anu jadi poko kanggo Ua éjahan anu berlaku harita, dipelajari leres-leres. Margi éjahan sareng tanda baca éta hiji sarat kanggo ngadongkapkeun perasaan urang. Uapami maos seratan carpon Ua dina Manglé éta pinuh ku tanda baca. Seueur anu nyebatkeun yén ieu jelema téh sapertos henteu terangeun éjahan. Nanging kanggo Ua mah tanda bacaan téh kanggo nandaan supados anu maca ulah lepat. Anu dianggo patokan ku Ua pedotan dina seni suara. Upamina dangdanggula: laut kidul kabéh katingali. Éta Ua mah henteu dina laut kidul kabéh katingali, tapi dina laut kidul, kabéh katingali. Ari anggapan Ua upami di dinya henteu dikomaan perasaan Ua moal bisa katangkep ku nu maca.
Jadi perkawis éjahan, kanggé sadaya nu resep ngarang, éta sarat mutlak kedah uninga leres.
Upami urang jadi pangarang tangtos karangan urang téh hayang hirup.
Perlu pisan urang misah-misahkeun, ngagolong-golongkeun basa. Aya basa budak, aya basa pasantrén, aya basa karéta api, aya basa pamaénan, aya basa copét, anu disebut jargon-jargon. Upami dina karangan urang nyarioskeun Mama Kiai anu hutbah. Derekdek waé éta hutbah téh dicutat ku urang, ari basana téh basa M.A. Salmun alm. atanapi basa kadir, atanapi basa Ki Umbara, lepat tangtosna gé, da sanés kitu saenyana mah. Jadi anu dituliskeun ku urang di dinya, margi éta mah cutatan, supados karangan urang bisa hirup, sakumah anu diucapkeun ku Mama Ajengan tadi, tangtos basana basa pasantrén. Ayeuna upamina tukang masang buntut, kapan ngagaduhan jargon sorangan. Ka laut, palid, éta téh upami di golongan sanés mah moal.
Bisa jadi Ua kalebet salasaurang anu tabu dikritik. Sering anu nyeratan, nyarékan. Ua tara ngawaler. Sok aya pangarang anu dikritik karanganana awon, nyangangan bendu. Teras baé, saha ieu téh anu ngritikna? Euh budak kamari ieu cenah geuning, rumaja kénéh, geus wani ngiritik ka kolot, cing nyieun nu alus?
Ari Ua mah dugi ka ayeuna teu acan ngawaler kritik, boh anu nyarékan boh anu muji. Kajabi ku serat pribadi anu ngajelaskeun maksadna margi Ua sok nyerat perkawis jurig, dikritik ku PPI di Garut ku margi Ua sok nyerat perkawis jurig, cenah nyebatkeun yén Ua nungtun supados jelema-jelema percaya kana jurig. Éta mah tétéla lepat nangkep.   
Éta sadaya kritik-kritik sanajan Ua gaduh tangtungan sorangan perkawis kritik, seueur anu henteu keuna kana sasaranana. Nanging ku Ua dibantun anu aya gunana baé, dianggo nilik diri lajeng ngajén seratan sorangan sareng dianggo ningkatkeun hasil karya Ua.
Upami uninga ka Ajip Rosidi, ramana téh langkung anom ti batan Ua. Ajip Rosidi ngiritik ka Ua, meureun ceuk Ua téh, alah silaing téh anak batur déwék maké ngiritik ka kolot. Tapi sanggeus ku Ua dipelajari leres-leres, ieu budak téh enya bener, lamun téa mah enya nyaah ka kolot, ngélingan ka kolot yén kitu téh salah yén kitu téh goréng, saéna téh kedah kieu. Ku kritik-kritik sayaktosna mah Ua ngahasilkeun anu cék batur cenah aya ajén sastraan téh, upami terus terang mah. Upami pangarang embung dikritik, parantos moal maju oal jadi pangarang besar.
Anu jadi kaunggulan Ua, di antawis para pangarang anu saangkatan Ua, anu geus kolot anu geus huisan, Ua salasauang anu kénging panghargaan ti nu aranom, yén cenah ieu mah kolot téh bisa nyaluyukeun manéh jeung kahayang generani anu aranom ayeuna. Upami Ua campur sareng pangarang-pangaranganu aranom, bangsa generasi Mang Abdullah, generasi Aam, salasaurang Ua anu tiasa campur sareng maranéhanana. Tiasa nyarios perkawis basa. pangarang-pangarang sanés anu saangkatan sareng Ua, salmun upamina da teu daékeun saluyu sareng pangarang anu aranom téh, bangsa sareng Ajip Rosidi, sareng Rachmat M. Sas Karana, sareng Wahyu Wibisana teu daékeun saluyu. Jadi ngarasa aing kolot, alhasil, aing leuwih alus ti batan maranéhanana. Atanapi gaduh anggapan maranéhanana mah teu sakola basa Sunda tangtu karanganana gé goréng. teu acan tangtos. Basa mah hirup. Tiasa jadi upami urang ayeuna nyebatkeun bumi abdi, janggal ayeuna mah, diseungseurikeun. Tapi dua puluh taun deui ka payun tiasa jadi “bumi abdi” téh parantos jadi basa standar, basa anu leres angké mah boa teuing. Urang teu tiasa ngahalang-halang kahayang masarakat. Margi tangtos karangan-karangan urang gé supados hirup, nya kedah nganggo basa masarakat. Anu penting struktur basa kedah tetep, uah robah, yén basa Sunda téh kieu tah strukturna. Nanging perkawis kakayaan kecap urang ulah tukuh-tukuh teuing.
Kanggo para rumaja, ieu téh bagéan para rumaja kumaha ngajaga basa Sunda supados basa Sunda éh ulah tinggaleun waé. Batur mah tos tiasa nyarioskeun ka bulan upaina, urang mah nembé nini Antéh bé nu ka bulan téh.
Sateuacanna teun genep puluh lima an Ua nyobi ngarang bobogohan. Tapi teu dipikaresep, meureun teu kitu bobogohan téh. Kaleresan, daérah Ua téh, Kuningan téa, ari di kuningan téh daérah anu pangseueur-seueurna jurig. Moal aya daérah anu langkung seueur jurigna tibatan Kuningan. Di ditu mah geembel-gerembel aya jurigan, astana aya jurigan. Pinuh waé ku jurig di Kuningan mah. Meureun ceuk batur di Kunigan téh réa jelema anu percaya ka jurig. tah ku margi Ua ti leuleutik hirup di daérah anu kitu, jadi sanajan teras ngumbara waé ogé, éta téh napel waé, sieun ku jurig téh. Saparantosna Ua ngumbara, déwasa, seueur anu dibaca, timbul patarosan, naon jurig téh. kasumpulanana, éta jelema anu percaya ka jurig téh kudu sina ulah percaya. Kumaha carana? Barang Ua nyerat “Kasarung” lajeng nyieun judul anu aya hubungan sareng jurig, dibaca da resep téa. Di dinya Ua kénging kasimpulan, di dieu aing kudu mimiti nulis. Nya Ua ngawitan “Kasilib”.
Éta kasilib téh tos jadi carios umum di ditu mah yén aya jelema kasilib téh. Nanging dina carios anu aya di masarakat mah anu meunang téh itu, jurig. Malah Si Manusa téh aya nu sirahna dijieun tatapakan, anu dititah ngingu kuda, aya nu napi baé bari teu mandi-mandi  jaba nyiruna ku nyiru beusi. Ku Ua dibalikkeun lain kitu. Si Jurig anu kudu diparéntah ku urang, ku manusa. Luyu sareng ajaran agama. Ari Uanu matak tetep maké kecap jurig, dina Islam aya jin, matak naon jin disundakeun jadi jurig. Jadi jurig Ua mah saenyana jin. Da jin mah dina Islam gé aya.
Kumargi Ua hoyong nyerat perkawis anu gaib kitu sing sapertos enya, nya Ua neuleuman. Jadi Ua henteu sebagai réporter, mung nyeratkeun sakumaha nu katingal, nanging Ua teuleum ka dinya. Ancrub kana éta paélmuan. Ua ka banten, ka Jawa. Dukun anu osok kasurupan diwawuhan, kiai anu sok mindahkeun jurig diwawuhan.
Ua nyerat sareng usaha nyerat téh, hartosna mah satiasa-tiasa, henteu asal nyerat baé. Margi ari kanggo nyerat carpon atanapi carios henteu sagawayah sapertos ogé nyerat  perkawis sajak sapertos tadi upamina  aya masa kering halodo panjang. Sanajan dikumahakeun, dipeureum-peureumkeun, diuleng-ulengkeun ogé hoyong nyerat teu baé hol inspirasi téh. Nanging dina hji waktos nuju riweuh seueur padamelan jol inspirasi , harita kénéh kedah digutrut. Jadi upamina aya jelema anu nyebatkeun atuh cenah ari pangarang mah kudu cicingna di Lémbang di nu sepi atanapi di nu tiis teras nyerat, keukeuh teu tiasa. Di tempat-tempat kitu Ua teu tiasa nyerat, ari di tempat ramé timbulna inspirasi téh. Timbulna inspirasi mah tara dihaja. Malah aya nu nyebatkeun nuduh goréng ka Ua, meureun wé nyeratkeun jurig sotéh ambéh ngiritik manusa, ngiritik nagara atawa ngiritik anu, bébas, ari jurig mah moal ditangkep da puguh di nagara jurig.
Seni para pangarang téh dina cara nyusun plot carios, ie dipandeurikeun ieu diheulakeun upamina.
Naha cenah ari pangarang téh kudu boga bakat baé, atanapi tiasa diajar? Ceuk Ua, upami jelema boga bakat tapi teu diajar, karanganana kosong moal aya eusian. Upami Si Pangarang anu aya bakat lajeng sering diajar, karanganana téh hirup sareng momot. Nanging upami dibandingkeun, saé mana anu boga bakat henteu diajar atanapi anu teu boga bakat diajar, langkung saé anu teu boga bakat, diajar.



[1] Dimuat dina Manglé taun XV, Oktober 1972, no. 344 kaca 36 sareng no. 346 kaca 32.