Lain Carita Pondok[1]



 Godi Suwarna

Éndah, kumaha damang euy? Di lembur, uing mah keur rada bingung. Kudu nyieun makalah perkara kurung-karang. Duka ku naha Panitia Kongrés LBSS bet miwarang uing. Tara tuda uing mah. Jeungna rék ngomong nanahaon deuih. Pan tos aya dina Dangiang. Harita, saparantos ditaros “mroses ngeatif” ku Cép Hawé saparakanca. Kapan uing tuluy lungsé teu ngarang-ngarang. Paingan saur Pa Popo tong sok nyaritakeun dapur sorangan, matak cambal, saurna. Jaba isin deuih maca hasil wawancara téh. Asa lain kitu nu dipimaksad. Asa réa soal manah nu teu kadugi ku létah. Karasa maksakeun teuing. Sasar naranjangan manéh. Mending mun séksi onaman, sanés? Apan sakieu nulang-naléngna uing mah. Mung kantun tulang sinareng hitut. Moal, moal matak pikabitaeun Si Yayang Tika.
Jadi kedah kumaha atuh uing téh, Éndah? Asa gampang kénéh ngomongkeun batur batan nyaritakeun karep. Tapi da kudu, meureun. Isin ku panitia. Kapalang cambal. Rumaos pisan tuda, mindeng janten euwah-euwah dina acara-acara resmi téh. Nyaéta atuh, sok leuwih betah ruang-riung di buruan batan kakerem di rohangan. Asa kapanjara. Sok teu puguh cabak. Nu matak reueus pisan uing mah ku Cép Téddy saparakanca. Aranjeunna mah kana diskusi téh teu bénten ti mayunan parasmanan.
Dina hiji mangsa, uing kungsi ditaros ku Afrizal Malna. Naha maké nulis dina basa Sunda. Naha henteu nganggé basa Indonésia nu leuwih lega ambahanana, cenah. Enya, nya. Naha nya? Acép Zamzam Noor gé apan kakoncara, sok diangkir ka mana mendi. Padahal mimitina mah uing gé nyerat téh ku basa Indonésia. Nanging nya kitu, teu sanggem uing mah. Sok asa kirang sugema. Naringnang baé. Réa nuansa manah nu teu kagambarkeun dina basa Indonésia. “Teu kitu, Godi, dina basa Indonésia gé tetep wé aya ni’matna!” saur Kang Wahyu dina hiji waktu. Tiasa janten kitu kanggé Si Akang. Tapi da uing mah angger wé teu ni’mat basa maca carita nyambung Kang Wahyu nu dina Pé-Ér téa, geuning. Teu kungsi tamat ieuh -teu langganan ongkoh kétah. Kacipta mun éta carios nganggo basa Sunda. Wah, Éndah! Sok seueur isinna uing mah mun maca tarjamahan sajak atawa carpon gagaduhan. Asa jadi burindil. Indonésia mah seueur matak harenegna nya? Komo ka dieunakeun, geuleuh téh uing mah, bongan tuda Indonésiana beuki lecek baé, bahasana dikiruhan ku pulitik. Nu mawi, asa mending nanjeurkeun républik sastra Sunda wé. Ngeunah-ngeunah kana manah. Jaba réa hadiah sastrana, siah. Étang-étang ngantosan hadiah togél. Hirup nu pangkesel-keselna mah mun teu aya arep-arepeun, sanés?
Cobian geura ku Éndah. Ni’mat, siah, ngarang ku basa Sunda téh bisa leuleus-liat. Bisa digalindengkeun. Bisa digorowokkeun. Jaba aya undak-usuk basa. Kungsi resep ngabandungan para ahli nu padungdung merkawiskeun undak-usuk. Nya harita pisan, uing hayoh ngutak-ngatik bahan. Kabeneran digawé téh di koran Sipatahunan. Laluasa. Alahbatan nu kagungan labolatorium. Pa Popo harita nganaha-naha. Ngaherengan. Ah, uing mah ukur iyah-iyah burung hantu (heueuh-heueuh bueuk) wé bari hahah-héhéh. Karesep angger dipaju. Apan kedah rucita saur anjeunna ogé. Malah anjeunna pisan nu ngawartosan kumaha ageungna pangaruh Shakespeare kana basa Inggris, kitu deui Chairil Anwar kana basa Indonésia. Nu mawi ngadeker wé uing mah. Sanés teu ngéstokeun piwejangna Suhu, Éndah. Ngalarapkeun pisan puguh.
Ku dicaruk téh basa Sunda asa jadi tambah genah. Utamana dina karya nu disindirsampirkeun. Asa nincak kana paripaos handap lanyap téa. Beuki réa nuansana, ceuk haté. Duka saur Éndah mah. Tapi ukur dina carpon. Seuseut, geuning, sajak mah dikitukeun téh. Teu kawas carpon, sajak mah sok hésé diréka-réka, sok méréjél ku karepna. Ongkoh deuih harita mah can sanggup nyieun sajak nu nyosial, nu nyindir sampir téa. Bisa téh ka di dieunakeun, dina Sajak Malaria Tropika saparakanca..
Tah kitu. Éndah!
Bisa jadi ieu téh sakadar akal-akalan. Ngakal ngarah ngakeul. Apan cenah beuki dieu kosa kecap basa Sunda téh beuki erep baé. Sugan atuh nu erep téh teu matak nyungkeret kana éksprési. Teu ngirangan genah ngarang, raos maos. Nu matak Éndah mah mending ngarang dina basa Inggris baé. Tapi apan Éndah mah. Rék, di ditu, rék di dieu, rék Jepang, rék Sepanyol, pangarang mah sami mawon Pangarang. Peun. Teu kedah diémbél-émbélan ku Sunda atawa Tibét. Nu puguh mah kudu tapis metakeun pakarangna séwang-séwangan, bari terang kana kirang jeung langkungna bari sami-sami kedah rengkuh deuih. Da saur Acép Zamzam gé ngarang téh kudu binarung darah, keringat dan air mata (da ambéyen téa anjeunna mah). Kitu saur Acép. Supados linuhung cenah, hasil dadamelanana. Hadi AKS, alias Ahmad Hadi, jigana tos rada majeng kana ambéyen. Gemet pisan tuda si Éta mah kana nyiar sareng milih kekecapan téh lila mun ngarangna, da sok sagala diwawaas. Cita-citana kawas hayang ngamerdékakeun basa Banten tina jajahan basa Priangan. Tah, kedah kawas Hadi uing gé, Endah. Nu matak uing sok resep nyarengan si Kulup numpi.
Kumaha, tah Éndah? Pantes kitu mun nu kitu diobrolkeun dina kongrés?
Asa tos korédas tuda. Dikorédaskeun ku urang Dangiang. Menolak Tradisi Bertolak dari Tradisi. Kitu minangka uing mun kurung-karang. Nyieunan carpon nu boa muhun teu kalandep ku nu maraos. Lalendengeun panginten. Éndah. Nya atuh ulah kawon ku murangkalih wé, nu sok kukuiran, nu sok teras ngagubrag bari nahnay, nu sok teras ararahéng ku rarasaan jeung téténjoan; ubin jeung dingding nu gagalcong, barang-barang kawas nu parindah tina tempatna. Sarwa pangling. Inget wé, keur budak, resep pisan uing mah kana kukuiran kitu téh. Najan sering diseuseulan ku si Bapa. Kitu lah di antawisna maksad carpon-carpon uing ogé. Éndah. Nya ngadeluk nyieunan nu kitu. Manerisme saur salah sawios kritikus. Tapi kumaha atuh, da uing mah kataji pisan ku Pa Popo, nu teras wé ngagambar ucing sanaos Putu Wijaya nyebatna téh kapanjara. “Keun baé. Da ngan ukur ahli entéh nu bakal bisa ngabédakeun rasaning entéh!” kitu saur Pa Popo, minangka ngupahan uing.
Bongan tuda uing maké boga pamadegan yén nu disebut Sunda téh teu cekap ukur ku sastra nu maké basa Sunda wungkul. Kedah unik, cék haté. Boh wandana, boh eusina. Kudu béda jeung sastra-sastra séjénna. Ngarah puguh pupurieunana, Éndah, mung sakadar mulungan luang tina daluang deungeun. Nanging ogé kedah aya sungkemkeuneun ka nu sanés sastra Sunda. Beunghar naker apan sastra Sunda buhun ogé jangeun bahan-bahan baé mah. Kantun wantun bobolokot ngungkabanana, bari terus disieup-sieup jeung pajamanan..
Rumaos teras bedegong wé uing mah sok sanaos dibendon ku Kang Rustandi. Da saur anjeunna mah sastra Sunda téh kudu réalis. Ari ceuk uing teu kedah, da teu aya ti dituna. Benteng kénéh harita mah anjeunna téh. Resep, siah. Asa teras dihatéan. Jadi pangapunten mun aya carpon uing nu kapacirit. Kawas dongéng hitut dipereban téa, geuning. (Taroskeun dongéngna ka Kang Opik, geura!). Hanjakal wé, Éndah, Kang Rustandina tos sepuh pisan! Jadi wéh seuseut kana nyarponna ogé ayeuna mah. Rajeun beubeunangan, hasil téh bet tebih tina nawaétu téa. Baé ah geuleuh-geuleuh gé urang keureuyeuh wé. Sugan kapayun kasampeur deui, dina wanda nu duka badé kumaha.
Ti baréto oge sajak mah, anéhna téh, teu tiasa dinawaétuan kawas lamun nyieun carpon. Lingas pisan. Éndah. Kapaksa dikumakarepkeun wé sakadang sajak mah. Tapi bet tuluy karaos ni’matna deuih dikitukeun téh. Apan mun nyarpon mah uing téh sasat ngabakutet anjeun ku nawaétu téa. Tah, dina sajak mah uing bisa ngalér-ngidul. Étang-étang ngemplongkeun manéh. Hasilna, tina opat buku kumpulan sajak, -- Jagal Alit, Surat-Surat Kaliwat, Blues Kéré Lauk. Sajak Dongèng Si Ujang- jaba nu dilacian kénéh, sajak mah éstu béda-béda wanda. Uclak-aclok. Teu puguh di mana euntreup. Asa teu rumaos “ngagarda-depan” deuih. Dalah dina Blues Kéré Lauk, saur Kang Ahid mah uing téh angger tradisional. Kasebat minculak téh éta sugan pédah rada ngareureuwas batur ku pangalaman nu teu ilahar, nu can kungsi katembrakkeun ku nu séjén. Pédah sajakna dikotak-kotakkeun, meureun. Lian ti éta mah, prah wé jeung sajak-sajak nu séjén. Kalimah atawa prasa réa nu dalapan engang. Wirahma tradisional. Teu ahéng teu sing. Kitu ceuk Ki Ahid nu banget teu panujueun kana eusi bahasan Agus R. Sardjono Sastro na panganteur éta buku. Duka teuing atuh. Jeung daék medu deuih, nepi ka ayeuna uing teu nyaho kudu kumaha carana ari nulis sajak Sunda.
Tah, kumaha mun kitu, Éndah? Ah, pantes teu pantes, kawasna éta wé nu rék diobrolkeun dina kongrés téh. Tong dipercaya teuing wé, nya? Boa uing mah mung ukur ngadabrul, siah. Boa dilelempeng teuing, ngarah siga nu heueuh kitu bari tebih kana enya. Nanging boa lain ukur kitu deuih, da éta sok pondok létah. Apan ceuk uing ogé sok réa perkawis manah nu teu kaangkat ku létah.
Atuh mun aya kénéh waktos, obrolan téh asa mending dipungkas baé ku maca sajak nu aya patalina sinareng mroses kreatif. Ti baheula gé uing mah kajeun dititah maca sajak batan kedah cumarios di porum resmi. Pakasaban utami maca sajak mah, sambilanana pan jadi padamel nagri. Da éta wé, asa can cacap mun nyieun sajak teu tuluy digorowokkeun. Sok ngadon ngecah di panggung. Tapi piraku ari kudu mijah dina kongrés mah, nya? Komo bari ngadon ngabalur manéh ku leutak, atawa bari mandi gegejeburan, kawas baréto, basa maca Blues Kéré Lauk téa. Tos sepuh kieu mah kuriak tuluy muriang.
Éndah satuju mun obrolan dipungkas ku maca sajak? Satuju wé, nya? Ngarah lila. Ngarah teu loba nu tatanya. Bising hésé ngajawabna. Nya? Enya wé ah!



[1] Didugikeun dina Kongrés Basa Sunda VII di Garut, 10-12 Nopémber 2001.

Komentar