Gagasan, Kanyataan jeung Manuk Giras: Panganteur



Téddy AN Muhtadin

/1
Wanoja nu narulis puisi dina basa Sunda téh saeutik pisan. Tapi, ti nu saeutik téh némbongkeun ketak nu pikareueuseun. Étty R.S., Chyé Rétty Isnéndés, jeung Dyah Padmini, tiluanana kungsi dilélér hadiah sastra Sunda Rancagé. Karya-karyana kawilang euyeub, atuh perhatianana kana kahirupan sastra Sunda ogé ébréh katangén ku balaréa. Tiluanana milu mikiran hirup huripna sastra Sunda. Chyé jadi dosén di Jurusan Pendidikan Bahasa dan Sastra Sunda UPI Bandung, Étty jadi PNS jeung pupuhu Panglawungan Pangarang Sastra Sunda (PP-SS), Dyah Padmini loba nulis éséy ngeunaan Sunda.
Upama dibandingkeun jeung wanoja nu nulis prosa (carpon atawa novel) atawa dibandingkeun jeung para panyajak lalaki, para panyajak wanoja téh, ditilik tina jihat hadiah sastra Rancagé mah, masih kénéh punjul. Pangarang prosa, wanojana, kakara saurang anu dilélér hadiah sastra Rancagé nyaéta Holisoh M.E. pikeun novel Kembang-kembang Petingan. Panyajak lalaki kakara saurang deuih anu kungsi meunang hadiah sastra Rancagé téh nyaéta Godi Suwarna pikeun kumpulan puisi Blues Kéré Lauk.

/2/
Satutas Kidang Kawisaya (1999), anu dilélér hadiah sastra Rancagé dina taun 2000, ayeuna Chyé ngumpulkeun deui puisi-puisina anu dibeungkeut dina judul Mapay Raratan.
Ditilik tina titimangsana puisi-puisi nu dimuat dina Mapay Raratan téh ditulis sabada Kidang Kawisaya. Puisi-puisi nu aya dina Kidang Kawisaya ditulis taun 1993 nepi ka 1998, sedengkeun puisi-puisi nu aya dina Mapay Raratan mah ditulis ti taun 1998 nepi ka 2005. Dina nyusunna katangén ngagabungkeun dua cara nyaéta tématis sakaligus kronologis. Jumlah puisina aya 62 judul. Jadi, leuwih saeutik batan nu dimuat dina Kidang Kawisaya, nu jumlahna 101 judul.
Maca puisi-puisi nu aya dina Mapay Raratan lir maca kahirupan panyajakna, sabab subyék lirik atawa diri panyatur anu ngancik dina saban puisi ampir idéntik jeung panyajakna. Matak pantes upama Dodong Djiwapradja, dina panganteur kana kumpulan puisi Kidang Kawisaya, nyebutkeun yén puisi Chyé mah otobiografis.
Tina runtuyan Mapay Raratan ampir bisa dicindekkeun yén anu jadi subyék lirik téh wanoja. Wanoja anu hirup dina tinunan sosial, boh minangka bébéné, pamajikan, indung, sélér bangsa, atawa warga nagara. Pasualan nu ditepikeun ka beubeureuh tangtu béda jeung pasualan nu ditepikeun diri sorangan, ka salaki, anak, babaturan, atawa ka balaréa. Malah di dieu pisan karasa ayana perbédaan dina puisi-puisi Chyé téh, nyaéta lebah bédana pasualan tur ka saha éta pasualan ditepikeunana.
Dina gurat badagna, puisi-puisi Chyé némbongkeun dua model éksprési anu béda. Nu kahiji leuwih condong ngasongkeun gagasan, nu kadua leuwih condong narima kanyataan. Nu kahiji ngandelkeun kakuatan pikiran, nu kadua ngadelkeun kajembaran perasaan. Dina modél puisi nu kahiji lir aya jarak antara subyék lirik jeung pasualan nu ditembrakkeunana. Atuh saha-saha nu diajak nyaritana ogé teu pati écés. Naon-naon nu ditepikeunana kawas nu geus anggeus saméméh puisi ditulis. Cara nu kabaca dina puisi “Cinta Munggran” baris-barisna téh teu béda jeung definisi nu kudu dijumlahkeun pikeun nerangkeun gagasanana:

Cinta munggaran cinta nu bodas
Walungan-pasawahan-tegalan jeung
batubatu cadas

Cinta mungga cinta nu landung
Sobat-dulur-aki-nini-bapa jeung
indung

Cinta inunggaran cinta nu nganteng
Manglaksa tineung lemah sarakan
Angger manteng

Dina sajak samodél kieu mah gagasan téh lir anu geus pasti, malah kawas nu hayang jadi umum. Hal ieu bakal béda jeung modél sajak anu kadua. Di dieu mah subjék lirik téh cara nu nyanghareupan subyék nu intim, anu enggeus dipikawanoh. Atuh pasualanana ogé lain mangrupa pasualan-pasualan anu umum atawa abstrak tapi nu partikular tur kongkrit. Taya nada hayang ngasongkeun gagasan atawa bebeneran deuih. Subyék lirik leuwih condong narima atawa tumarima kana naon-naon anu kaalaman ku dirina. Di dieu prosés leuwih penting batan kacindekan.
Cara modél sajak anu kahiji, modél sajak anu kadua ogé bisa katangén di awal buku. Geura urang lenyepan sajak “Sareupna di Lembur Gedé”:

Pating carélak damar dina tungtung teuteupan
Sareupna layung geus teu némbongan. Héorna
Angin nobros papanggungan, sakapeung
Ngayeuhkeun pohaci bumi

Geura pireng jemplingna peuting; ukur sora
Iman minuhan jabaning langit. Ngarungkup
Waktu nyimbutan asih nu hasajan

Taya argumén dina éta puisi. Anu aya ngan ukur gambaran ngeunaan suasana. Tapi, nya ieu pisan nu jadi sumber kakuatanana. Suasana anu ngageterkeun subyék lirik ngawangun résonansi anu muni dina dada nu macana.

/3/
Dina puisi-puisi model anu kahiji Chyé ngasongkeun gagasan-gagasan di antarana ngeunaan Sunda, Indonésia, kamerdikaan atawa krédo kapanyajakan. Dina puisi-puisi modél anu kadua leuwih loba ngagambarkeun hiukna angin, héjona daun, ligarna salumpit, atawa lukisan bulan nu murag. Modél anu kahiji bisa katangén di antarana dina puisi “Sabilulungan”, “Merdéka, Bung!”, “Miéling 17-an”, “Tragédi Hiji Nagari”, “Sunda Kawisaya”, “Dramaturgi”, jeung “Sang Mokténg Bubat”. Ari modél nu kadua bisa katangén di antarana dina puisi “Lukisan Hujan”, “Ngimpi Tepang”, “Aduh Bulan”, “Halimun di Puncak Pass”, “Acining Tresna”, “Puisi Kembang Jambé”, atawa dina “Campursari”.
Boh puisi-puisi modél kahiji boh puisi-puisi modél kadua ku Chyé teu dikumpulkeun husus, tapi campur. Chyé kawas nu hayang ngagurathandapan yén Hirup mah horéng teu weléh-weléh paselang (“Campursari”). Tegesna, boh pikiran boh haté sarua pentingna. Boh gagasan boh kanyataan pada-pada miboga ma’na. Pundah-pindahna titik beurat puisi luyu jeung sikep kapanyajakanana. Dina puisi “Rest in Peace: Sastra Ego” ditandeskeun yén Kuring mah manuk giras hamo nyumput dina kurung Kuring/ midang bari ngawih najan kawih teu halimpu tapi balébat teu kendat mapag: wilujeng énjing!
Wilujeng ngalenyepan.

Komentar