Dunya Pakarangan Dina



Téddi Muhtadin

Loba pangarang nu tibelat ku dunya barudak. Munasabah kituna mah, da kapan kabéh pangarang ogé kungsi jadi budak heula. Ari mangsa keur budak téa kapan dipalercaya minangka mangsa nu keur sumedeng kréatif-kréatifna. Mangsa imajinasi tumuwuh kalawan subur bari henteu kasengker ku jumawana rasio. Sapardi Djoko Damono, upamana, nempatkeun prosés kreatif kepenyairan-ana téh lir barudak nu anteng ulin jeung nabi nu ngahutbahkeun bebeneran.
Saperti Sapardi, dina sastra Sunda ogé loba pangarang anu mitineung dunya barudak, di antarana waé Samsudi, Aam Amilia, Godi Suwarna,  kaasup Éris Risnandar, pangarang entragan pangngorana. Carpon Éris anu judulna “Dina”, ngaran tokoh utamana, nyaritakeun kahirupan budak kira umur tilu taun anu keur ulin di buruan imahna. Ngaliwatan si narator budak téh digambarkeun ku Éris awakna cahayaan sok sanajan lagedu pinuh ku kebul. Malah dina paragraf awal mah digambarkeun si budak téh kawas nu dipulas ku murubmubyarna emas sinangling tina cahaya layung pasosoré. Ajaib ceuk si narator mah.
Bubuka éta carpon ngahudang kapanasaran hayang nyaho kumaha carita saterusna. Ku naon budak anu caludih téh ku si narator bet digambarkeun mingkin cahayaan? Naha enya nu ngalantarankeun cahaya téh kekebul? Naon ajaibna budak caludih bet katangén cahayaan? Ku maca paragraf awal atawa bubuka, dina diri kuring, timbul sawatara harepan anu hayang dicumponan. Naha éta pananya téh bakal dijawab luyu jeung harepan kuring atawa mengpar tina harepan? Atawa, malah harepan téh tinggal harepan.
Dina éta carpon Éris ngagambarkeun réngkak paripolah si tokoh utama nya éta Dina anu keur ulin anyang-anyangan di buruan imahna. Dina guneman digambarkeun Dina mah embung sakola ka TK, tapi hayang sakola jeung si Empus ucing kameumeutna. Hayang mandiri deui manéhna mah, embung dibantuan ku kolotna. Sok sanajan ngan ukur ulin di buruan sabab pakarangan imah kolotna dikuriling ku pager jangkung nepi ka barudak tatangga teu bisa asup, tapi Dina mah boga dunya anu nyumponan kabutuhna: “Buruan téh nyadiakeun singsakur nu dipikahayang ku Dina. Nyieun kukuéhan, dadagangan, sasakolaan, kakawinan, jeung réa-réa deui kahayang nu kabéh ogé bisa ngawujud.”
Dina lebah dieu nu ngarang jiga nu rék nepikeun gagasan yén sok sanajan barudak téh loba nyonto ka kabiasaan nu déwasa, tapi kréativitasna jeung imajinasina mah luar biasa. Kréativitas jeung imajinasina mampuh nyumponan kaperluan hirup nu gegedéna dibéakeun pikeun ulin. Upama kaperluan dunya kréatif jeung imajinasina kacumponan biasana barudak téh anteng ulinna. Tapi, mindeng pisan dunya barudak modél kitu téh diganggu ku jalma-jalma nu geus déwasa. Indungna Dina, upamana, bet sok hayang mantuan nu dipigawé ku Dina. Ieu meureun ajaibna Dina téh. Sok sanajan bolon kénéh pisan, tapi manéhna geus némbongkeun daya kréatif anu gedé. Matak pantes awakna lir cahayaan ogé.
Sacara gagasan mah ieu carpon téh ngasongkeun fénoména nu narik ati. Sok sanajan kitu, aya sawatara hal anu bisa dibebenah jeung dirautan deui sangkan wangunanana jadi weweg. Di antarana baé ngeunaan psikologis tokoh, guneman, jeung narator.
Kalemahan umum carpon Sunda, pangpangna anu kakara diajar nulis, nya éta psikologis tokoh teu digarap enya-enya. Nepi ka masih kénéh kajadian tokoh téh “diwayangkeun” ku narator atawa malah ku pangarang. Padahal ari karakter mah kudu unik, dina harti kudu boga kabébasan sorangan. Kudu boga implengan, udagan, rasa, jeung kahayangna sorangan. Teu bisa tokoh ditangtukeun atawa ditungtun ku narator atawa pangarang, pangpangna carpon  réalis.
Ieu masalah psikologis téh rambat kamalé kana unsur séjénna. Upamana kana guneman. Contona, asa kurang merenah Dina nu umurna kakara tilu taun punjul dua bulan satengah ngomong maké kalimah panjang tur maké aya anak kalimahan sagala rupa. “Punten pangngagantungkeun, da Mamah mah jangkung, daun-daun téh kana pakangna!” Naha teu bisa ieu kalimah dibasajankeun bari hartina tetep?   
 Narator deuih anu kudu dibebenah dina ieu carpon téh. Tina paragraf awal urang nu maca geus dibéré gambaran saha naratorna. Dina paragrap katilu ti tungtung écés yén narator téh Kuring, indung Dina. Tapi, dina paragraf kadalapan aya kalimah nu ngabingungkeun. “Meh unggal sore Dina ulin di buruan imahna.” (didéngdékkeun ku kuring). Ké, ké, naha bet  “imahna” lain “imah”? Kecap
“imahna” nuduhkeunkeun yén narator jeung Dina téh batur. Hartina, imah Dina lain imah si narator. Béda jeung lamun ngagunakeun kecap “imah”. Ieu mah nuduhkeun yén imah Dina téh nya imah narator.
Pamungkas, jigana, kudu ditandeskeun yén nulis carpon téh henteu kudu sakali jadi. Teu diharamkeun bongkar pasang sangkan wangunanana jadi weweg. Sanggeus carpon ditulis kudu diimeutan deui naha tokoh, karakter, alur jeung latarna geus merenah? Saha nu nyarita (narator) jeung ka saha nyaritakeunana (naratee)? Kumaha basana geus merenah? Bisa jadi, henteu cukup ngabongkar jeung masang bagian-bagianana nu laleutik wungkul, tapi kudu ditulis deui wangun carpon anyar. Saperti carpon “Dina” karya Éris Risnandar, asa leuwih hadé, lamun terus dibebenah malahan mungkin dibalénan deui ditulisna. 





Komentar

Postingan Populer