Selasa, 23 Agustus 2011

Serat ka Ramadhan KH di Los Angeles, ti Muh. Rustandi Kartakusuma[1]


Serat ka-1

Kang Rayi,
Dina méstakeun ‘yareh’-na pangarang Caraka nu ka-80, pindo: kadalapan puluh! satutasna murak tumpeng, aya nu mulih ka bumi mulang ka kandang. Di antawisna Uwa Caraka ku anjeun. Meungpeung aya nu kersa ngajajapkeun kana mobil, saurna téh bari gura-giru méhméh purat-pérot. Nu badé ngajajapkeunana téh Dr. Yus Rusyana. Pikahartoseun pisan mangpang-meungpeungna Uwa Caraka téh. Atuda rarébo kitu: “kado”-na kénging ti sisi ti gigir mani ngahunyud.
Nanging aya ogé nu tetep renggenek teu ingkah balilahan, saharitaeun. Marendeko deui sila, émok atanapi nyanghunjar lambar dina amparan samak sareng karpét di rohangan kantor Manglé, nu tos dikosongkeun ti béh dituna. Nu nyalanghunjar, nu kamerekaan. Teu ngabibisani: tumpeng sareng réncangna téh hasil karya sastrawati Nénéng Daningsih nu tos kawentar kakoncara ka janapria binangkitna, ogé dina bagbagan neteg patuangan. Matak sirik-pidik ka carogéna sastrawan/budayawan Drs. Saini Karna Misastra sareng ka putrana dramawati Asri. Moal boa sadidintenna éta Trio Seniman téh kitu wé malayor, curak-curak, balakécrakan sapertos Kaisar Rumawi sareng sapangeusi karatonna nalika karajaanana tos caket kana runtag.
Dupi hasil karya sastrawati Ningrum Julaéha mah kuéh nu diganasan. Mani pok deui, pok déui ka itu ka ieu: “Tah raosan ieu. Raos geura, da kénging abdi.” Leres, nohniiit téh! Dupi lalab rumbahna, di antawisna bonténg atah, surawung atah sareng kulub peuteuy, éta mah hasil karya sastrawati rangkep sarjanawati Dra. Tini Kartini, kalayan kénging bantuan nu ageung ajénna ti kanca nu sanésna, di antawisna sastrawati rangkep wartawati Aam Amilia.
Nu weléh teu katingal ti antawis sastrawati téh Cucu Siti Nurjanah sareng Holisoh ME. Duka ka marana éta inohong nu sakitu tos moyanna téh. Naha nuju maroyan baé, sun-bathing, kitu? Dupi Téti S. Nataprawira mah tos lami lebeng baé, boh dina gempungan, boh dina seseratan. Namung alhamdulillah. Aya nu arang aya dina gempungan: sastrawati Sukaésih Sastrini nu nuju nyaketan a place in the sun, tempat maroyan para inohong. Pun akang mah geubis-cinta ka putrana nu istri! Solédat, geblug! Mmh, nasib bujangan! Mélli téh yuswa 5 taun).
Écés sareng jéntré baretaheun kénéh nu teu lalugay téh. Kumaha teu badé kitu. Parantos aya kana dua taunna PPSS (Paguyuban Pangarang Sastra Sunda) tara ngayakeun deui gempungan, anu béh ditu béh dituna mah sasasih sakali. Dupi ayeuna aya lolongkrang patepung lawung deui, lolongkrang silih pikasono, silih pikahonéng. Bubuhan sastrawan, nyacapkeun kasono kahonéng téh ku ngawarangkong, gunem catur adu rényom, adu guntreng adu ngosom. Nanging sabubuhan-sabubuhan, sagumpluk-sagumpluk. Henteu ngariung mungpulung janten sabubuhan ageung. Tétéla kocoran (aliran) séparatisme anu diaranutna téh.
Kang Rayi panginten masih émut kénéh, yén pun Akang mah panganut kocoran Ganzheit, sarwa Gembleng, sapertos Goenawan Mohamad miwah Arif Budiman téa. Nanging dalah dikumaha, upami teu ngiring kana séparatisme nu nuju umum harita, teu ngiring ka ditu teu ngiring ka dieu, antukna nya ... sorangan waé yeuh! Langkung ti séparatis kitu mah:
Cukleuk leuweung, cukleuk lamping. Lieuk euweuh, ragap taya. Taya téh taya batur, boh istri boh pameget. Istri, lieukeun, pameget ragapeun. Atanapi sawangsulna, kitu, Kang Rayi? Nu écés mah, diuk nyengceling tanpa nyongcolang, ngahurun balung ngadaweung ngabangbang areuy atanapi nyosoéh samak batur.
Mending-mending upami nyorangan baé téh sapertos bangsa Inggris dina abad nu kalangkung: splendid isolation. Ieu mah bujeng-bujeng splendid, garo singsat wé nu aya.
 Nya kapaksa kapirusa ngiring ka hiji gumpluk. Teu talangké, teu dibeuweung teu diutahkeun nu dipilih téh gumpluk sastrawan nu aranom, sastrawan Entragan Énggal. Da éta ku hoyong terang pamendak sareng pamadeganana nu langkung paos. Tina wangkongan téh teu langka sok langkung ébréh sadayana ti batan tina seseratan. Wangkongan (lisan) mibanda matra atanapi diménsi nu teu aya dina seseratan (tinulis).
Éta gumpluk Entragan Énggal téh di antawisna diwangun ku Eddy D. Iskandar, nu dina widang sastra Sunda mah diangken sastrawan, bénten sareng dina widang sastra Indonésia. Di dinya mah diangkenna téh pangarang empop (popilér). Teras aya Godi Suwarna, kokojo sastra Sunda anu cenah mah kontémporér, panganut Jakartaisme téa. Teras deui Yoseph Iskandar, rédaksi Manglé. Duka kumaha jungjang karawat silsilahna Eddy D. Iskandar nu tadi ka anjeunna. Ogé duka kapi naon Eddy D. Iskandar ka jurugambar Drs. Popo Iskandar. Atanapi ka Diah Iskandar sareng Nur Sutan Iskandar. Panginten sadayana gé ngangken ari ka Iskandar Zulkarnaen mah, ngangken wargi, ngangken kokocoranana kénéh.
Dupi puseurna éta gumpluk Entragan Anyar téh Yessie Anwar, hiji sutradara drama. Masih kénéh sabrayna ka Ery Anwar, salah sahiji baladna (anak buahna). Duka kapi naon ka Chairil Anwar mah. Panginten aya wé bau-bauna mah, da kapan duanana gé sanés bau-bau minangka bau deui, nanging leres-leres urang Minangkabau, séké bangsa nu sok raresepeun basuo di kandang kudo téa.
 Kayungyun Yessie Anwar téh. Anjeunna téh bangsa Minang. Sanés bangsa urang. Nanging bet solongkrong ngiring kana gempungan sastrawan Sunda harita. Tah nu kitu nu janten panyileukan pun Akang téh. Séké nu hiji salangkrang-solongkrong ka séké nu sanés, galayah-goloyoh landat-léndét.
Aya urang Sunda nu sok kitu ka gempungan séké nu sanés?
“Yes, na tiasa basa Sunda?”
Walerna téh, ngartos mah ngartos, mung kedal henteu tiasa. Ngawasa basa nu disebat pasip téa panginten. Sanés aktip. Pasip gé mokaha!
“Istrina urang dieu?”
“Teu acan rimbitan abdi mah, Kang!”
“Kakasihna atuh panginten, nya?”
Sanés, cenah. Kakasihna téh –parantos ari kagungan kakasih mah; mahasiswa Hukum umpak panyéépan kitu, tur kasép, sareng kéwes, iwal ti janten sutradara téh- kakasihna téh sanés, sanés mojang Sunda. Nya ti mana diajarna basa Sunda atuh? Hémeng wé nu aya.
Naha ku naon sikep nu sapertos sikep Yessie Anwar éta nu janten panyileukan pun Akang téh? Taya sanés ti mung sikep anu kitu anu baris tiasa ngawangun kasatuan bangsa Indonésia téh. Mun urang hayang ngawangun hiji bangsa anu bhineka tunggal ika, mun urang hayang jadi bangsa Indonésia anu ngahiji, hiji teu tiasa dibagi-bagi, une et indivisible, léngkah nu munggaran téh nya éta séké bangsa nu hiji kedah ngaraos ngiring mibanda kabudayaan séké bangsa nu hiji deui. Yessie Anwar séké bangsa Minangkabau, ngiring ngaraos miboga sastrawan Caraka anu séké bangsana séké Sunda. Sawangsulna séké bangsa Sunda kedah ngiring ngaraos mibanda sastra Minangkabau. Séké Sunda ngaraos mibanda Ki Suryomentraman, urang Jawa. Sawangsulna séké Jawa ngaraos ngiring mibanda Kiai Haji Hasan Mustapa, urang Sunda. Sareng saterasna.
 Émut kénéh? Waktos ka Ujungpandang ngiring Gempungan Dewan Kesenian sa-Indonésia geuning sakitu arolohokna urang sadaya ningal kasenian Bugis, Makasar, Mandar, Toraja sareng daérah sanésna di Sulawesi Kidul. Komo deui ningal kasenian séké bangsa Maluku anu dicandak ku Gupernurna ka Ujungpandang. Gupernurna téh Hasan Slamet, bangsa urang, urang Sunda. Sadaya arolohok mata simeuteun nongton pidangan Pa Hasan.
Tapi ilaharna mah urang teu acan dugi ka dinya sadaya, ka situasi, di mana hiji séké ngaraos ngiring mibanda kana kabudayaan séké hiji deui. Bujeng-bujeng kitu. Hiji séké, upamina séké Sunda, bujeng-bujeng ngaraos ngiring ngapimilik kabudayaan Bugis, misalna, malah ngaraos ngapimilik kabudayaan sorangan, kabudayaan Sunda, tos henteu. Contona baé, kapan basa Sunda danget ieu sakitu henteu dipaliré, henteu dipiroséana deui ku urang Sunda sorangan, dugi ka kaluli-luli katélér-télér. Upami situasi teu robih, énjing pagéto gé éta basa bakal teu aya, bakal sanasib sareng basa Kawi, basa Latin nu tos teu aya nu nganggé deui, sadidinten.
Rajeun miroséa kabudayaan Sunda, upami digantélkeun/diboncéngkeun kana pariwisata. Salajengna deg diwangun misi kesenian. Éta misi diiangkeunana téh sanés ka Jogya, sanés ka sabrang ka Palémbang, atanapi ka Ujungpandang, nanging ka sabrang ka Amrika, ka Éropa. Pon nya kitu deui misi kasenian Jogya, Bugis, Makasar ssté, sanés ka Bandung, sanés ka Palémbang, nanging ka Amrika sareng Éropa deui baé.
Dina ayana ogé sabangsa misi kasenian ka Bandung sapertos kamari ieu ti Padangpanjang Minangkabau, nanging dipintonkeunana téh husus ka urang Minang deui, langkung husus deui ka urang Padangpanjang nu aya di Bandung, sanés ka umum, ka masarakat satempat, nya éta anu mayoritasna urang Sunda.
Kumaha ka dieu, hartosna ka Los Angeles, sok aya ogé misi kasenian ti lembur urang atanapi ti daérah anu sanésna di lemah cai? Ka New York ka Washington mah tangtosna gé aya, sanés? Upami teu lepat mah di UCLA, University of California Los Angeles, kapungkur aya jurusan seni Sunda, nu salah sahiji dosénna kantos Kang Enoch Atmadibrata téa. Kumaha aya kénéh? Parantos dilongok, teu acan? Prof. Mantlehood di dinya?
Ngawangun bangsa kasatuan nu hiji sareng teu tiasa dibagi-bagi téh dupi resépna ti Bung Karno mah tangtos émut kénéh, sanés? Kawin –éh, nikah antarsuku. Leres, leres pisan. Nanging ku émutan, léngkah munggaran mah nya éta numutkeun resép nu tadi ti payun: séké bangsa nu hiji ngaraos ngiring ngapimilik kabudayaan séké bangsa nu hiji deui. Ieu téh sanés resép pun Akang, nanging resépna pujangga Perancis André Maurois kanggé ngadegkeun Pan-Éropa: bangsa Éropa nu ngahiji, nu hiji teu tiasa dibagi-bagi. Wujudna nu munggaran tos aya, tos hasil, nya éta MEE, Masarakat Ékonomi Éropa. Saur André Maurois –émut kénéh dina buku naon?- geuning kieu: Mun mikahayang ngadegna Éropa nu hiji teu tiasa dibagi-bagi, nya bangsa Perancis kedah ngaraos ngiring mibanda Shakespeare, John Milton dugi ka T.S. Elliot. Sawangsulna urang Inggris kedah ngaraos ngiring mibanda ti Moliere sareng Racine dugi ka Jean-Paul Sartre, Paul Claudel, Paul Eluard, Paul Valery sareng Paul Verlaine. Tangtosna gé silih ajénan mah tos aya: urang Perancis ngajénan Shakespeare, urang Inggris ngajénan sabangsa Paul tadi. Ieu mah ngaraos ngiring mibanda, sanés mung ngajénan wungkul.
Balik deui ka urang sakedap. Geura kumaha di urang mah. Upami aya “siaran” degung atanapi Cianjuran boh ti RRI boh ti non-RRI, panyiarna téh sok dumadakan ngalih tina basa Indonésia kana basa Sunda. “Ieu mah husus kanggo urang Sunda!” Ngan teu pok wé kitu. Sawangsulna siaran uyon-uyon ti Jogya. Nganggo basa Jawa, sanés Indonésia deuih.
Éta cenah, asa naraningnang ngadangukeun cianjuran sedengkeun basa pangjajapna basa Indonésia? Ari basa Inggris? Ari dina tépé (télévisi)? Komo mun ninggang basa Sundana basa Sunda ramijud... “pan gooo...réng!”
Leres. Téh Nani ti Radio Sonata 46, upami nuju siaran Cianjuran, mani sok dédéngéeun. Matak kataji kasengsrem ku bacéona dina basa Sunda. Tapi da panyiar anu sanés mah seuseueurna... “pan gooo... réng!” Sareng deui, naha Téh Nani tara nyarios Sunda upami siaran lagu ngak-ngik-ngék nu disarengan ku bénceuh (band) The Brongbrang? (Aya ucing di dapur).
Éh sumuhun. Hilap. Di antawis nu marasihan kado ka nu yareh téh aya PR, koran Pikiran Rakyat. PR téh sanés koran Sunda, koran Indonésia. Nanging ngiring bingah ka yarehna Caraka, sastrawan Sunda. Tah éta gé pujieun.
Ogé Remi Sylado. Anjeunna urang Manado, Minahasa, tos nembrakkeun katineungna kana seni Sunda, hususna cianjuran. Waktos kamari ieu jaipongan dijorag ti sisi ti gigir, ku Remi mah dibéla.
Upami leres aya maksad ngalaksanakeun Nation Building, upami leres mikahoyong ngadegna Indonésia nu hiji tanpa tiasa dibagi-bagi, urang kedah mibanda sikep sareng pamadegan saperti nu dipibanda ku Yessie Anwar, PR sareng Remi Sylado. Sarat saméméhna, Yessie kedah mitineung-mikacinta kana kabudayaan sékéna ku anjeun; nya éta kabudayaan Minangkabau. Remi kana kabudayaan Minahasa.
Atuh urang Sunda gé pon nya kitu. Mimiti mitineung mikacinta kana basa Sunda, degung, cianjuran, Caraka sareng saterasna. Ti dinya mitineung mikacinta kana uyon-uyon Jogyakarta, kebyar Bali, kaba Minang ssré.
Aéh, bet kamalinaan nyeratan téh. Tos badé bedug, kulan! Teu acan ka cai-cai acan. Kumaha di dieu, di Los Angeles, saraumna? Hag, Usum Panas (Summer) tos ngawitan, sanés? Dinten jaranten lalami, langkung ti 12 jam.
Aya kénéh picarioseun mah, nanging... cag! Urang teundeun dina handeuleum sieum heula, gedagkeuneun engké tina hanjuang siang. Cag!



Serat ka-2

Kang Rayi,
Dayeuh Bandung masih kénéh camberok ku lebu Galunggung, tos beledug deui baé kawah éta gunung bitu. Atuh der deui baé hujan lebu. Bandung nu heurin ku tangtung janten Bandung sangsara taya tungtung.
Sangsara, katalangsara. Mangga baé manahan: lebu nu ngakandung silikon téh kumalayang janten kekebul. Matak arareungap, sarumpeg. Matak peupeureudeuyan, kapireumpeunan unggal usik. Matak haroréam aangkatan. Matak buntu laku. Pangwangunan manusa Indonésia sagemblengna “slow-down”.
Nu teu weléh pikahémengeun téh éta nu dibarendo ... ih, kalem wé, ongkoh-ongkoh wé. Teu aya hojah, teu aya inisiatip. Diarantep wé kekebul lebu silikon téh! Padahal bendona ku anjeun tangtosna gé kalebuan, belewuk. Tai kotok dilebuan tos kedahna, dupi bendo mah ... asa kirang merenah, sanes, Kang Rayi?
Sawatawis kitu boboran Siam masih tebih kénéh, namung papangaosan tos nalaktak tétérékélan naék. Tangtosna gé saur nu dibarendo mah, nya éta kaum téknokrat, balukarna resési dunya éta téh. Naon sareng kumaha atuh nu disebat resési dunya téh? Cobi paparin katerangan, hususna perkawis resési di Amrika. Kapan éta huluwotanana mah. Naha bakal dugi ka mindo aya malaise sapertos taun 1930?
Éta deuih, papangaosan téh upami tos anjeucleu di luhur, sok sawan kuya. Teu tiasaeun tarurun deui, sanaos Boboran tos kalangkung gé engké.
Tapi ah, tinimbang ngawangkongkeun nu camberok sareng nu tétérékelan naék dibarendo mah mending ngagedagkeun anu diteundeun dina handeuleum sieum, ditunda dina hanjuang siang téa.
Gideug. Gedag!
Kocapkeun gumplukan entragan sastrawan énggal nu dina pésta “yareh” Caraka dilebetan ku pun Akang téh nuju ngali teras ngaguar pamendak Yessie Anwar tina bagbagan nyutradaraan. Nanging saparantos pun Akang ngiring ngupingkeun bet teu lami maralik ka pun Akang.
“Dupi saur Akang kumaha perkawis ...?” Tarumaros. Tarumaros perkawis sastra, drama sareng seni. Ih, bet geuning janten tibalik. Anu tadina hoyong ngupingkeun, bet kalah badé didarangukeun. Tojaiah pisan sareng pamaksadan. Tapi da teu tiasa ari badé nolak sapadamayan mah. Sanaos seunggah ogé nya maksakeun manéh ngawaler.
Seunggah sareng horéam gunem catur perkawis sastra, palasipah miwah pamadegan hirup umumna sareng entragan anyar téh kumargi tos terang yén dina galeuhna mah pun Akang téh patukang tonggong sareng aranjeunna. Teu bina ti entragan énggal di mana-mana di daérah atanapi wewengkon sakuliah lemah cai, entragan énggal di Tatar Sunda, hususna di Bandung, ogé teu aya nu henteu ka Jakarta madoman atanapi oriéntasina. Oriéntasi ka Jakarta, dipangaruhan ku Jakarta, nyonto ka Jakarta, miguru ka Jakarta, antukna ... néplak ka Jakarta. Nya sikep hirup sareng sikep budaya kieu anu ku pun Akang ti payun disebat Jakartaisme. Dupi numutkeun istilah aranjeunna mah “modéren” téa. Atuh ayeuna disebat “kontémporér”.
Entong boro ka Bandung dalah ka Ujungpandang ogé, dugi éta Jakartaisme téh. Satutasna gempungan Dewan Kesenian sa-Indonesia di éta kota taun 1979 téa, kang Rayi mah terus mulih baé ka Jakarta, sanés? Atuh raka, sdrk Ajip Rosidi, ogé kitu, namung upami teu lepat mah jalanna téh muter ka pulo Ternaté sareng Ambon. Leres? Dupi pun Akang mah ngantunkeun manéh aya kana sababaraha minggu. Ku kituna kantos ningal kahirupan umum sareng kahirupan seni di Sulawesi Kidul, sasieureun sabeunyeureun mah. Kapendak kanyataan nu disebat bieu: Jakartaisme atanapi seni kontémporér tos dugi ka Ujungpandang, badé ngalindih seni nu aslina.
Bujeng-bujeng ka Ujungpandang, ka Malaysia, babakuna ka Kuala Lumpur, Jakartaisme téh dugi. Éta margina saparantosna wangsul ti ditu pun Akang caramah perkawis lalampahan ka éta nagri tatangga téh di Bandung, sanés di Jakarta. Naha Malaysia sareng Sunda bet oriéntasina ka Jakarta?
Dina hal Malaysia: Kapan Jakarta téh oriéntasina ka Tatar Kulon, Barat? Mun urang mah torojogan baé ka Tatar Kulon tong ngalangkungan Jakarta. Da basa Inggrisna tangtos langkung mahér aranjeunna téh ti batan urang Jakarta. Upama kitu mah, tangtos moal sasab sapertos ayeuna. Dina hal Sunda: tadina mah soal ieu sareng kamaléna badé dicaramahkeun. Namung henteu prung, aya halangan-harungan, nya éta aya nu ngajak paséa perkawis eusi caramah téa.
Kana pamadegan pun Akang ngeunaan Jakartaisme atanapi seni/sastra kontémporér, Kang Rayi tangtos uninga. Perkawis drama kontémporér nu disebat absur kapan kantos pun Akang caramah di TIM. Béh dieu di LPKJ nu ayeuna janten IKJ (Institut Kasenian Jakarta) waktos ngareuah-reuah dies natalisna anu kasapuluh, pun Akang caramah anu judulna propokatip. Kieu unina: “Kontemporer? No! — Konteporer-no? Yes ...?!” Atuh kantenan wé jagat gunjang-ganjing, hadirin-hadirot kekerot, patangtang-paténgténg ngabaladéwa samudaya, ngamuk nguwak-ngawik ka pun Akang, ... iwal ti Putu Wijaya, dedengkot, kokojo, gegedug seni kontémporér téa. Akang ngaraos satengah di-K.O ... (Knock Out), satengah groggy ku Putu téh. Sanés ku debatna, ku pipikiran sareng gagasanana. Sanés, éta ku: Aya nu nyehcer téh angger adab, hormat, sopan. Malah lemes jeroning ngabatahna téh. Teu sapertos nu sanésna,  henteu nga-Baladé ... weu.
Antawis seniman Jakarta sareng pun Akang aya jungkrang nu lungkawing. Tangtosna, nya kitu ogé antawis pun Akang sareng para catrikna miwah épigonna di daérah, utamina di Bandung: para Jakartais téa.
Kanggé naon gunem catur, upami aya jungkrang nu lungkawing? Tangtosna ogé sesah, margi kedah dibéjér-béaskeun heula pamadegan pun Akang. Dupi kana pamadegan seniman kontémporér atanapi Jakartais, ogé nu di Bandung, pun Akang tos teu apal sok sanaos mung galeuhna; bubuk alitna teu acan. Nanging sawangsulna para Jakartais, hususna nu di Bandung, teu tarerangeun kana pamadegan pun Akang. Da tara maraos téa seseratan pun Akang nu kapungkur-kapungkur. Bujeng-bujeng seratan pun Akang, seseratan anggota nu sanés entragan nu sateuacanna entragan aranjeunna ogé, henteu diaraos, tara. Ieu téh sanés baé titingalan pun Akang sorangan, ogé titingalian rayi, Drs. Saini KM, dina salah sawios bahasanana ngeunaan penyair anom dina PR, Pikiran Rakyat, anu disebatna “Pertemuan Kecil” téa. Sastrawan anom ayeuna henteu maos sabangsa Asrul Sani sareng Sanusi Pane, kitu saur Saini KM, kinten-kintenna.
Salasawios diktum pun Akang nu didugikeun ka barudak anu miakang ka pun Akang, hartosna nganggap saluhureun, nyaéta: “Keur urang Sunda mah gampang, mun hayang émosina, haténa, rasana leuwih leleb, anteb, teleb, lemes, jero jsté. Déngékeun baé Degung jeung Cianjuran, babakuna dina surupan pélogna. Déngékeun sing nepi ka nyalangkrung cipanon.”
Na ari celengkeung téh éta diktum aya nu ngabantah dina gempungan sastrawan di Rumentang Siang sawatawis waktos ka pengker, sataun dua taun ka béh ditu. Pokna téh bari ngusap kumis: “Tong méwék ku Cianjuran!”
Éta deuih ku ngagunakeun kecap kasar: méwék. (Bénten sareng Putu Wijaya!) Asa aing uyah ... kulon (Barat) ti Hongkongna mah.
Nya palebah dinya pisan ayana jungkrang nu lungkawing téh. Seniman Jakarta oriéntasina ka Tatar Kulon, Barat. Seniman Jakartais ka Jakarta. Ari pun Akang mah kapan sanés kitu. Satutas urang ka Barat, Tatar Kulon, mangga ayeuna urang bring marulang deui ka tatar Wétan, ka dunya Timur, kana kapribadian urang sorangan. Urang Sunda nya mangga urang marulih deui kana kapribadian Sunda, “bring!”
Cék kayakinan pun Akang, urang Sunda nu sajati mah leres henteu méwék ku Cianjuran. Henteu méwék, nanging ... nangis. Dina serat ka Téh Nani di radio Sonata 47 (47 sanés 46) seueur pisan nu nyebatkeun yén ngadarangukeun Cianjuran téh sok nyurucud cipanon. Janten, nyurucud sanés nyalangkrung deui. Da leres atuh karaos pisan ku pun Akang sorangan: kitu! Teu pindo damel.
Darangukeun Cianjuran dugi ka nyalangkrung cisoca! Kitu diktum pun Akang. Ari saur entragan anyar mah: “Tong méwék ku ngadéngékeun Cianjuran.” Écés, atra, jelas: bénten émosi, bénten haté, bénten dunya.
Salajengna anu nimbulkeun kaseunggah sareng kahoréam gunem catur sa reng entragan énggal téh aya tambihna: Éta ku sok pareupeuleukeuk, sok ngaraos pang Akangna, pangpinterna duméh madoman ka Barat, ka Jakarta, ka anu modéren atanapi kontémporér. Padahal pangaweruhna bagbagan kabudayaan miwah kasenian Barat ... él, da déét!
DKJ kantos nyuhunkeun pun Akang caramah deui. Disanggeman, nanging aya saratna: “publik terbatas”. Émut kénéh? Kapan jaman Kang Rayi janten Daréktur Pelaksanana.
Atuh di Bandung tos aya dua tilu kalina diperedih caramah, misalna dina gempungan budaya PR, Pikiran Rakyat, anu sok diayakeun sasasih sakali. Boh ku pihak nu janten sesepuhna, boh ku gempunganana ku anjeun. Nanging salawasna ditolak baé.
Dina gempungan PPSS nu pamungkas dua taun ka pengker timbul pasualan, naon anu disebat sastra Sunda téh. Ditaroskeun ka pun Akang. Diwaler. Kieu: “Sacara pormal mah sastra Sunda téh nya éta sastra anu diserat dina atanapi ku basa Sunda.” Peledek téh aya nu morongos ti entragan anyar: “Leres ta téh? Leres ta téh?” kalayan mereketengteng-mereketengteng.
Sabada Pekan Pilem Jepang sasih Mei pun Akang janten ngajejeran diskusina. Tadina mah narah, nanging tos ditulis-tonggong ku pangurus, Kine klub, alim nguciwakeun anu ngariring éta diskusi. Na da éta mah aya hiji nonoman ku ampun peupeuleukeukna. Diwaler mah nya diwaler ku pun Akang téh sapertos nonoman dina gempungan di PPSS. Nanging sabot kitu timbul ucap dina haté: “Ari cadu mah moal, caramah atanapi sabangsana di Bandung téh, utamina ka entragan anyar.”
Dupi dina seseratan mah rada bénten sareng dina lisan, sapertos caramah sarta diskusi. Upami aya nu peupeuleukeuk ngabantah, ngadebat, tangtosna ogé dina seseratan mah teu kedah diwaler, tiasa diantep baé, dianggap angin. Sapertos kamari ieu: seseratan pun Akang perkawis RUU Hak Cipta aya nu ngabantah sabagian, nya éta bagian seni sareng hiburan. Saurna mah teu aya béntenna seni sareng hiburan téh, sami baé. Teu kedah dibéntenkeun, teu kedah dipisah-pisahkeun, teu kedah diayakeun wates di antawisna.
Cik saur Ayi, kumaha tah pamadegan kitu? Répolusionér sanés? Répolusionér ku ... jalmina teu terangeun kabobosan nu henteu seungit-seungit acan. Anjeunna téh, numutkeun wartos mah mahasiswa IKI. Insetitut Kasenian Indonésia. Kumaha badé ngawalerna hiji pamendak perkawis hal anu sakitu éléméntérna sakitu ngacona.
Tadina mah dina hiji artikel badé naros ka dosénna di IKI nya éta rayi, sadérék Drs. Saini KM. Na éta anu kitu anu dikuliahkeunana téh? Upami leres, éta ... tapi ah, pamohalan pisan hiji ahli pikir sastra kaliber Saini bakal tiasa kasarung kadungsang-dungsang kitu. Nanging naha atuh dugi ka tojaiah pisan pamendak mahasiswa sareng anu dikuliahkeun téh? Sualna janten wangsul kana métodologi perkuliahan.
Béh dituna deui aya nu ngiritik kana caramah pun Akang perkawis lalampahan di Malaysia téa. Saurna téh:
“Caramah Rustandi caréwang, taya eusina.” Ieu mah dilayanan ku pun Akang harita téh. Ku pun Akang disuhunkeun alesanana, arguméntasina, da teu aya pisan alesan atanapi arguméntasina téh. Mung mangrupi sweeping statement nu sajati. Hanjakal anjeunna, anu ngiritik téh, teras ngabetem. Upami anjeunna harita ngawaler, éta waleranana tiasa dianggo ngaborétékeun liang étanana di payuneun “Shopping Center” atanapi Toserba. Tiasa ramé ogé tah harita, sapertos maén bal di Sepanyol ayeuna.
Nanging ajaib, maha ajaib! Dina gempungan waktos ‘yarehna’ Caraka, éta entragan anyar nu tadina disangka ku pun Akang badé paladak-peledek poporongos, badé peupeuleukeuk, kokolot begog, jalang-jéléng, patantang-paténténg kawas merak atanapi hayam jago anu badé taeun ka hayam bikang téh sadayana mani sararegep pisan ngabarandunganana. Dina pabéntar pahamna sareng pun Akang atuh aranjeunna ngamajengkeun pamadeganana kalayan teu aya pisan peupeuleukeukna, teu aya pisan patatang-patéténgna sapertos hayam jago anu badé sepor Arab téa. Ieu mah ku éstu sopan, adab, hormat malah ngaharib-harib kana sikep handap asor. Sering pamendakna anu pabéntar sareng pamendak pun Akang téh dibulen ku sutra nu lemes, sutra ungu Ike Supomo, nya éta ku dijantenkeun patarosan, henteu langsung dicéntangkeun kana tarang pun Akang. Dina jero haté pun Akang hémeng nu aya, heméng, kalih ngangres. Tapi teu lami éta kahémeng sareng kangangres ngalahirkeun hiji sumanget, sumanget medarkeun sakaterang sakaweruh pun Akang, sok sanaos mung semet sasieureun sabeunyeureun.
Enggoning kitu, naros ka diri: Ku naon ieu ati bet ngangres?

Kang Rayi,
Kantos ningali jalmi anu kalaparan? Kantos panginten, nanging sanés di dieu, di Amérika. Di ditu di nagara urang. Nagara urang téa, 30 % pangeusina masih kénéh ngaréngkol di handapeun garis kamiskinan. Nu nuju kalaparan, sababaraha dinten teu mendak sangu, teu mendak réméh-réméh acan, song ku urang dipasihan sapiring. Habek, habek neda. Kumaha tah, waktos ningalina? Kapan manah ngangres, sanés? Rada ngangres atanapi ngangres pisan. Pokona ngangres.
Teu bina waktos pun Akang ngawangkong sareng sababaraha hiji Sastrawan Entragan Anyar, satutasna murak tumpeng yarehna Caraka téa. Rada teu bina atanapi teu bina pisan. Pokona teu bina. Teu bina aranjeunna téh anu kalaparan. Sanés. Sanés kalaparan ku tuangeun. Kapan aranjeunna téh nembé balakécrakan tuang tumpeng nu samakta réncang sareng lalawuhna, hasil karya Nanéng (Nanéng, sanés Nénéng) Daningsih téa. Ieu mah kalaparan ku élmu, ku pangaweruh. Nya ieu ogé tuangeun. Anu disebat tuangeun inteléktual téa panginten: pangan inteléktual.
Ningal nu kalaparan ku tuangeun lahiriah, haté ngangres. Ogé ngangres ningal nu kalaparan ku tuangeun inteléktual.
Atanapi aranjeunna téh pura-pura baé kitu? Pura-pura sararegep ngaregepkeun pun Akang? Duka. Harita mah teu aya émutan kitu téh. Nanging naon margina bet baradé pura-pura? Nu harita teu lapareun, ku élmu mah gampil, nyingkir wé. Nyingkirna gé teu kedah ka nu singkur-singkur acan.
Nuju anteng ngawangkong kitu, ngong téh ti antawis aranjeunna aya nu nyela, ngainterupsi. “Kang, saéna mah ngobrol kieu téh urang sareng sadayana baé. Entong sareng abdi sakieu!” saurna.
Sajongjongan mah ngaheneng baé. Na nu séjén baris raresepeun ogé, kitu, ngadangukeun obrolan aing? Boa gumplukan Ningrum Julaeha sareng Dra.Tini Kartini mah nuju nyawalakeun perkawis ngundeur lalab rumbah, sapertos anu tadi ditaruang, di kebon batur. Numutkeun hukum adat mah légal. Kumaha numutkeun UU Hukum Pidana? Atuh gumplukan Kang Hasan Wachyu nuju silih betot bebeneran ngeunaan mistik Hasan Mustapa, boa. Da éta kalangenanana, sapédah sami-sami Hasan.
“Perhatosan! Nyuhunkeun perhatosan! Ayeuna acarana nanggap kang Rustandi ngobrol.” Nu kagungan usul téh jol celengkeung wé ngawawarkeun ka batur jenuk balaréa. Teu ngantosan heula waleran pun Akang kana usulna. Asa dijagragkeun kana fait-accompli. Énggal wé ditémpas.
“Lah, ma enya gé raresepeun! Ma enya gé didarangukeun!”
 Hog-hag protés ti ditu, ti dieu. Kasedekkeun, atanapi disedekkeun. Pajarkeun téh, meungpeung aya pun Akang. Meungpeung pun Akang teu nuju nyaba ka madhab papat ngablu ka awun-awun.
Leres, haté mah rada cangcaya, naha obrolan téh bakal matak kataji aranjeunna. Nanging ngéléhan manéh. Kahiji, margi ku kitu téh paham Ganzheit unggul, séparatisme kawon. Sadayana bongkok ngaronyok, bengkung ngariung deui. Kaping kalihna atuh aya émutan asa kapuji. Panginten nu mawi kitu ogé, bakating Entragan Anyar téh kataji téa. Nya paralayeun ngabagi éta nu matak kataji téh sareng anu sanésna. Cék paripaos deungeun mah geuning: Gedeelde smart is halve smart. Gedeelde vreugd is dubbele vreugd. Upami dibagi-bagi sareng batur, kaprihatin téh janten satengahna, sawangsulna kagumbira janten tikel dua.
Asa kapuji haté téh panginten! Sisipating manusa.
Nya atuh der baé pun Akang téh ngayakeun ceramah dadak-dadakan, majengkeun makalah tanpa naskah. Ditambul. Dupi publik, atanapi cék nu ginding mah audience-na téa, éstuning warna-warni lauk émpang. Iwal ti sastrawan sareng colon sastrawan, aya sarjana. Sanés baé sarjana sastra, nanging ogé sarjana sajarah sareng antropologi. Aya sarjana lengkep, aya sarjana teu lengkep, sarjana muda. Atuh sastrawan sareng senimanna: aya nu tos moyan, aya nu mikung kénéh. Cek paraosan mah asa arang langka audience nu sakitu “warna-warni lauk émpang”-na. Maksud téh audience sabangsaning caramah sastra.
Waktos tadi timbul usul, aya kacangcaya, naha moal pareupeuleukuk kitu? Gumplukan Sastrawan Énggal henteu, ari gumplukan nu sanésna mah teu acan tangtos kitu.
Nanging ajaib deui baé. Henteu, henteu aya hiji-hiji acan, henteu aya sahulu ogé nu peupeuleukuk. Malah teu aya nu “nyerang-nyerang” acan, sapertos dilaporkeun ku Taufik F. dina Manglé. Nu nambihan kana pamendak, nu mekarkeunana atanapi ngoméntaran mah seueur. Tah nu kieu saleresna naon nu disebat diskusi téh. Silih simbeuh, silih awur. Teu aya silih lédot, silih réngkas sapertos waktos Argéntina ngalawan Italia. Pokona diskusi Nyunda, diskusi Siliwangi: silih asih, silih asah, silih asuh. Eueu ... h, bénten pisan sareng diskusi a la prokém di TIM, Jakarta. Jauh tanah ka antariksa.
Diskusi, sanggem pun Akang. Sanés caramah deui. Margi teu lami sabada ngawitan, caramah téh ku pun Akang dirobih sipatna janten diskusi. Prosés mikir dibagi sababaraha tahap. Unggal tahap disawalakeun heula, sateuacanna naék kana tahap luhureunana.
Diskusi sipatna Nyunda sanés ku tina “Nyiliwangi” (silih asih, silih asah, silih asuh) baé, nanging ogé ku tina..... urang dongéngkeun nu sanésna heula.
Suwasana pésta yareh Caraka saméméhna asa tetebiheun tina Nyunda. Pésta dibuka kalayan resmi. Teras aya nu cumarita duaan: Sdrk. Wahyu Wibisana sareng ... M.O. Koesman. Teras Caraka maos caramahna, anu tos disayagikeun ti anggalna. Atuh nu ngadarangukeun, nya éta publik téa, nya ... ngadarangukeun.... pamegetna sarila (sila biasa, sila tutug, istri arémok (émok cabok nyangkéwok di juru).
Tamat caramah diaos, tadina badé diteraskeun kana mata acara nu sanésna. Tapi pun Akang teu betah dina suwasana anu pormal kitu téh. Numutkeun Ki Abdullah Mustapa mah asa ragab. Tara, tara kitu gempungan sastrawan/budayawan Sunda mah. Tara pormal, cep tiis caméwék kitu. Upamina, gempungan PPSS (Paguyuban Pangarang Sastra Sunda) tara tiis teuing. Nya usaha supados nu cep tiis téh rada haneut (-eun) saeutik. Ngong naros ka Caraka. Naros itu, naros ieu. Ditéma ku nu sanésna, ku Adang S. sareng seueur-seueur deui. Aya haneut (-eun) saeutik. Nanging saeutik. Galeuhna tetep henteu loma, pormal kénéh baé, tetep caméwék, henteu haneut (-eun), henteu akrab, henteu loma, komo deui atuh “santai” atanapi “rilek” mah.
Dupi suwasana caramah anu salajengna janten diskusi mah henteu. Kalayan tetep dina titincakan Siliwangi (silih asih, asah, asuh), diskusi téh hog-hag. Gor-gar. Gor-gar dibarung ku .... ger-geran. sapertos biasa deui, sabihara-sabihari. Dina gempungan PPSS mah  kitu salawasna: hog-hag, gor-gar bari ger-geran. Sakapeung ceuleukeuteuk! Sakapeung barakatak! Upamina baé waktos Mang Olla caramah. Na da éta mah mani nyeri kulit beuteung. Heureuy, heureuy. Nanging berekat pada nyarandak saparantosna: berekat inteléktual, bahanan Mang Olla.
Di urang mah daria sareng heureuy téh ngahiji. Atuh dina heureuyna sok sering sarampat-sérémpét kana –sanés, sanés kana nu bahaya, “vivere pericoloso’, saur Bung Karno jenatna téa mah- nanging ka nu bala, nu kedah disuaykeun. Geuning aya lagu: “Suay, suay!” cenah. “Suaykeun heula atuh, Akang, nembé lebetkeun... si urek téh kana liang belut.” Kamana si Kang Nay? Kapungkur mah anjeunna anu tapis suuy-suay téh. Da kagungan koncina téa.
Tah éta nu kitu nu Nyunda téh. Heureuy sareng daria, lemes sareng kasar, gumbira sareng sedih gumulung ngahiji. Ieu téh hiji sikep hirup anu teu wudu teleb, nu lahir tina (atanapi ngalahirkeun) palasipah nu matak lewang ku jerona, ku lungkawingna. Él, da déét! Sawah éta mah, sareng ... liang belut, sanés palasipah Sunda nu gumulung tadi. Gumulung. Sadayana gumulung ngahiji: palasipah (filsafat) sami sareng Étika sami sareng Éstétika; Bebenaran sami sareng Budi sami sareng kaéndah.
Hog-hag. Gor-gar bari ger-geran!
Nuju kitu téh, celengkeung aya nu ngiritik ka pun Akang. Nanging kitu, kiritikna ogé henteu kaluar tina sisipatan atanapi kapribadian Sanda téa: heureuy lebeting silih asih, asah, asuh. Pokna téh:
Na ku naon Akang mah mung nyutat baé? Deui-deui cék Ajip. Deui-deui cék Ajip. Henteu wé, kitu saendeng-endeng. Kedahna mah: cék aing! Sanés cék batur. “Cék aing kieu. Cék aing kitu.”
Leres, teu pindo damel. Dina caramah tambul nu janten diskusi téh pun Akang sering nyutat seseratan Ajip Rosidi. Utamina nu béh dieu dina Manglé sareng Pikiran Rakyat. Éta Ki Ajip –kamari mah olol umbel kénéh. Ayeuna tos ngajanggélék janten ahli pikir!
Asa belut nu dieupanan pun Akang ku kritikan nu bieu téh. Duka disuay-suay heula nu balana ku anu ngurek téh. Duka henteu. Solontod, capluk disantok si eupan téh. Pisanggem:
“Kapan cék aing gé tadi.... Naha ku manéh teu kadéngé?”
Der wé janten ngagunakeun basa kasar. Dupi basa kasar téa basa nu teu nganggé basa-basi. Anu saujratna, tumorojog tina cungapna, taya papaés taya rarangkén. Teu aya “sofistikasi”. Salajengna “lincah”, seger, sepontan, bedas, belekesenteng. Pangpangna basa kasar téh akrab. Basa antawis jalmi sareng jalmi deui anu teu ngagaduhan antara. Basa lemes nyiptakeun antara, nganggangkeun jalmi. Basa kasar ngaleungitkeun antara, ngaraketkeun jalmi.
Nanging tangtosna gé sadayana aya dina lebet wawatesan. Upami urang heureuy ku ngagunakeun basa kasar kalayan ngalangkungan wates, nya atuh urang jog anjog ka teu ayana silih hormat, teu ayana sopan santun, anjog ka anu disebat ku barudak ayeuna “kampungan”, “vulgar” antukna anjog kana biadab.
Nya cék paraosan mah pun Akang téh tungtungna anjog ka dinya, ngalangkungan wates antara adab sareng biadab. Heureuy kamalinaan, kalangsu. Éta ogé mémang aya anu ngélingan. “Tos, tos! Beungbeung!” saur Dra. Tini Kartini. Nanging dupi heureuy téa sok sapertos lumpat di jalan anu mudun pisan. Hésé ngalirénkeunana. Teras baé nurugtug, da dibetot ku gravitasi téa.
Hog-hag teras. Gor-gar teras. Ger-geran beuki meuweuh. Resep, resepna mah. Nanging haté ngarasa dosa, babakuna ka nu janten bubulanan heureuy pun Akang ku nganggo basa kasar téa. Éta bubulanan téh duaan ti réngréngan rédaksi Manglé.
Ku tina sawatawis ti nu hadir badé ngabujeng nonton maén bal dina télévisi, diskusi dilirénkeun kinten-kinten tabuh satengah tilu. Gempungan bubar. Torojol rédaksi Manglé nu janten bubulanan tadi téh nyaketan. Bari sasalaman silih pamitan, ngong téh anjeunna naros:
“Kang, kersa henteu caramah kalayan resmi? Upami henteu di PPSS, di Manglé.”
Rénjang haté ngarénjag. Aing téh boga dosa ngaheureuyan manéhna kalayan kalangsu. Tapi naha bet kalahka ménta caramah? Sajongjongan ngaheneng. Ti nu caraket aya nu nyokong usul atanapi pameredih bieu.
“Nya upami publikna sapertos kieu mah, henteu peupeuleukeuk, mangga,” sanggem téh ku tina teras disedekkeun, antukna. Lebeting wangsul, mikir. Mana kitu ogé panginten teu karaoseun yén pun Akang téh tos nyieun dosa ka aranjeunna.
Mikir diteraskeun. Ku naon teu karaoseun? Panginten nya ku margi kalaparan ku pangan inteléktual téa, teras ngaraos cumpon ku pedaran pun Akang anu saleresna mah masih kénéh... él, da déét.
Kang Rayi,
Panjang lébar ogé pun Akang medarkeun pamendak waktos gempungan satutas acara resmi méstakeun yarehna Caraka. Panjang lébar, ku hoyong masihan kayakinan ka Kang Rayi tina hiji hal. Nya éta sastrawan/budayawan Sunda, kaom inteléktualna, babakuna entragan anyarna, arengeuh, yén pangaweruhna masih kirang, masih tuna. Kaengeuh ieu mangrupi hiji modal nu ageung ajénna. Balikanan ka peupeleukeuk. Kapeupeuleukeuk nutupan panon, moékan paningali. Karumasa masih tuna sawangsulna bakal nyaangan, ngabéngraskeun titingalian.
Jalma nu nyaho, yén teu nyaho, wijaksana. Nu teu nyaho, yén teu nyaho, odob. Ieu téh sanés diktum pun Akang. Ieu téh diktum Lao Tze.
Ayeuna kumaha akalna supados pangaweruhna kaom calon inteléktual Sunda tambih? Kumaha urang, hususna Kang Rayi, naha tiasa mantuan? Tiasa, Kang Rayi tiasa mantuan. Nya ieu pisan salah sahiji sabab pun Akang ngamadel ieu serat nu panjang lébar ka Kang Rayi.
Sabab nu sanésna mah tangtosna gé nomor hiji mah tilam sono baé. Ogé ka Ndén Tines. Kadua atuh nya ngawaleran serat Kang Rayi ku anjeun anu tos lawas ti lawas teu diwaleran.
Émut kénéh? Dina éta serat disebatkeun ku Kang Rayi yén ti dieu mah, nya éta ti Amrika, teu aya picarioseun. Ku asa pamohalan. Ku asa piraku.
Tah numutkeun pun Akang mah Kang Rayi tiasana mantuan nambihan pangaweruh barudak téh –urang sebat baé “barudak”, nanging tong tarik-tarik teuing, bilih kadarangueun teras nyarerieun manahna- ku jalan nyarioskeun lalampahan Kang Rayi di dieu, di Amrika, langkung paos atuh di nagri sanésna anu tos disumpingan atanapi malihan dimukiman ku Kang Rayi. Dibandingkeun sareng barudak mah Kang Rayi téh lampar béh ditueun ti lampar.
Mangga baé émutan (ieu sakaterang sareng sakaémut pun Akang baé): Kang Rayi sataun di Amsterdam, nagri Walanda. Nya harita urang munggaran pendak téh. Terasna Kang Rayi ka Sepanyol. Sataun? Dua taun? Kantos ogé ka Pinlandia. Mulih ka lemah cai. Nikah ka Endén Tines anu nya pinter nya juwita. (Priangan si Jelita atanapi néng Tines nu juwita?) bring duaan ka Paris. Atanapi tos tiluan, opatan sareng putra? Mukim dua taun di ditu. Bring deui ka Amrika. Di antawis dua “bring” ka mana mah deui Kang Rayi téh? Elegete. Sakaémut mah ka Jepang sababaraha kali. Tangtosna gé kantos ka Tunisia, da Kang Ilen Surianegara téa dubesna téh, sanés? Teu acan nyanyabaan nu pun Akang teu terang.
Ari lampar téa mawa luang; tapak ngalegokan, kadék ngagenténgan. Geuningan kang Apandi mah, pelukis, nu dijantenkeun universitasna téh teu aya lian iwal ti nyanyabaan. Ayeuna diturutan ku putrana, Kartika. Dugi ka leuweung geledegan Irian-Irian éta mah wanoja téh. Dupi ka Éropa-Amrika mah tos teu kedah disebatkeun deui.
Cék paripaos Walanda ogé kapan, saha nu nyaba jauh bisa cumarita loba pisan. “Wie verre reizen doet, kan heel wat verhalen.” Mangga geura cumarios. Geura ngadongéng. Éta kalampar, luang, tapak nu legok sareng kadék nu genténg.... “Bagi, dong!” Geura bagikeun ka “barudak” nu haranaang, nu kalaparan ku pangaweruh.
Mangga prung, geura nyerat! Anatapi, langkung gampil mah nyeratan. Nyeratan ka pun Akang. Geura waler ieu serat pun Akang anu sanés sakebét dua kebét deui, nanging... sakilo abotna. Waleranana téh engké didugikeun ka “barudak” ngalangkungan Manglé.
Mangga, prung dongéngkeun sapamendak sakasorang. Teu kedah sistematis sapertos Ajip “Memperkenalkan Jepang”. Teu kedah anu muluk-muluk atanapi anu hébat-hébat. Lalampahan, rarandapan, pamendak atanapi pangalaman sadidinten tos cekap. Kang Rayi énjing-énjing gugah. Kumaha ari gugah di Los Angeles, di Paris, di Tunis? Di lembur mah kapan urang hudang téh ku kongkorongokna hayam sareng récétna manuk. Kongkorongok! Putri diuk! Dét-dét... kurileung. Dét kurileung! Kumaha kongkorongokna hayam Amrika, Perancis, Tunisia? Walanda mah: kulekekuuu!
Hiji anékdota. Dangukeun. Waktos Konperénsi Basa sareng Sastra kinten-kinten lima taun ka pengker di Jakarta, aya hiji “peserta” wanoja ti Ujungpandang lilir tengah wengi. Koréjat hudang, jung ka cai, siram. Saparantosna, léos ka kapétaria. Gék calik. Ngantosan. Ngantosan naon? Ngantosan sarapan. Tapi kapétaria angger wé tutup. Ningali ka klok. Pék téh katangén nembé tabuh dua, tengah wengi éréng-éréng.
Tadi waktos lilir anjeunna ngadangukeun sada mobil seueur lalar liwat. Disangkana parantos énjing-énjing, subuh. Da di Ujungpandang mah ari wengi tara aya mobil. Aya-aya deui, énjing-énjing. Urang Ujungpandang mah digugahkeun téh ku mobil.
Saparantos gugah teras kumaha? Naha teras siram saperti di urang? Kapan waktos urang di Amsterdam mah jaman harita, sariram téh mung sakali... saminggu. Kitu ogé di tempat mandi umum anu kagungan kotamadya. Tapi da teu ngaraos kalalotor, margi tara ngésang téa. Poé tariis, badan tariris.
Upami siram, naha nganggé “douche” atanapi dina “badkuip”?
Émut kénéh. Di Bonn Jérman Kulon, aya mahasiswa nu badé mandi di bumi. Ningali “badkuip”, disangkana bak sapertos di urang. Golontor dieusian ku cai dugi ka pinuh. Tos pinuh, bur, bur mandi nganggé sisiuk sapertos biasa di urang. Atuh banjir dugi ka umpak handapeunana.
Dusun? Ah sanés, cék pun Akang mah. Ieu mah jawadah tutung biritna téa. Ciri sabumi, cara sadésa. Unggal nagri, unggal bangsa boga carana, adatna séwang-séwangan. Urang mandina kieu, bangsa Éropa kitu. Lepatna téh teu dipasihan terang heula éta mahasiswa.
Tapi da ayeuna mah “badkuip” téh tos aya ogé di Indonésia. Tos mode. Tos janten géngsi, margi totondén kaom élita. Nanging da dianggé mah arang langka atanapi tara baé. Margina siram digebyur ku sisiuk langkung raos tibatan siram, ngeueum, dina “badkuip”.
Siramna nganggo sabun naon? Sabun teuas atanapi sabun cai? Sabaraha pangaosna? Mahal atanapi mirah dibandingkeun sareng di Indonésia? Caina kumaha? Ngagolontor? Di rorompok mah di ditu di Bandung cai téh mététét pisan. Matak kesel upami dianggé didamel.
Tuh tingali! Nembé gé gugah sareng ka cai tos sakitu seueurna nu tiasa dicarioskeun. Teu acan perkawis kahirupan sanésna, sarupaning kahirupan seni, sastra sareng drama. Kumaha maca puisi di dieu? Sok nganggo diskusi sabadana? Kumaha drama absur?
Teu acan kahirupan anu sanés seni, anu matak kataji barudak jaman ayeuna, misalna galiwota istri sareng pameget. Kumaha pri-séks, free-sex? Wartosna?
Euleuh Los Angeles! Kapan caket pisan ka Hollywood, tempat bintang pélem anu pelem! Euleuh!
Seueur, seueur pisan picarioseun Kang Rayi téh. Seueur pisan nu teu acan dipiwanoh di ditu, di bali geusan ngajadi, di banjar karang pamidangan. Prung, geura nyerat. Teu kedah nyerat éséy, cekap ku nyerat serat. Teu kedah masihan analisa, cekap ku data. Éta perkawis basana, basa Sunda. Kang Rayi arang langka, atanapi asana mah tara wé, nyerat dina éta basa, iwal ti dina serat pribadi.
Parandéné kiu, tong salempang. Tong rumegag agag-agagan! Jebréd, jebréd baé nyerat. Dadasarna mah kapan aya: di bumi sareng rayi, Endén Tines, kapan sok cumarios ku basa Sunda, boh dina nuju deudeuhna, indehoy-na, boh dina nuju gétréngna, paseueur-seueur saur. Ogé sareng palaputra. Oge sareng nu sanés, asal anu sami-sami salembur, sabanjar karang pamidangan: ogé sareng jalmi boh anu janten saleuwi upami ka cai, salebak upami ka darat, boh nu henteu. Kitu ogé dina serat téa: ka urang Sunda mah Kang Rayi sok nganggo Sunda baé.
Tiasa janten ngawitanana mah sesah nyerat dina basa éta téh. Leres, Alle begin is moelijk téa. (Dina ngawitan mah sagala rupi ogé sesah). Ngurek belut ogé kapan kitu, sesah ngawitanana mah, sanés? Maké kedah disuay-suay heula, jukut anu nutupan liangna. Nanging da ari parantos dimimitian mah geuning lungsur-langsar wé. Nu balana nyuaykeun manéh atanapi disuaykeun ku belutna sorangan. Hideng.
Numawi ayeuna mah mangga, mangga geura prung! Der, geura nyerat. Geura daradad ngadongéng. Dongéngéng, dongéngéng, liang belut kapoékan. Damaran, damaran! Keun baé da teu jukutan. (Aya, nu gundul gé, sanés?)
Paralak, geura cumarios! Nu pondok nyogok, nu panjang nyugak. Pondok nyogok jadi orok, panjang nyugak jadi budak. Orok sareng budak téh di dieu mah silib anu ngandung hartos tambihna pangaweruh calon kaom inteléktual Sunda, manjanganana cakrawala aranjeunna.
Mangga, geura prung! Mangga, geura der! Mangga, geura habek, habek! Di lembur bali geusan ngajadi aya nu haranaangeun ku pangaweruh, kalaparan ku pangan inteléktual!
Mangga, geura habek, habek!***


[1] Dimuat dina Manglé no. 845 (44-45), 846 (28), 847 (21), jeung 848 (20,21, 36).

Senin, 22 Agustus 2011

“Sadrah”, Juara I Naskah Drama Sunda

BANDUNG, (PRLM),- Naskah drama Sunda "Sadrah" karya Nazarudin Azhar akhirnya berhasil meraih juara I pasanggiri penulisan naskah drama Sunda yang diselenggarakan Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PPSS). "Sadrah" berhasil menyisihkan 16 naskah drama lain yang dinilai tiga juri Dadi P. Subrata (Sunda Kiwari), Teddy A.N. Muhtadin (Fasa Unpad), dan Godi Suwarna (penyair/seniman Sunda).
Ketua PPSS Dra. Etti RS, M.Hum kepada "PRLM", Selasa (3/11) mengatakan, pada awalnya khawatir apakah pasanggiri ini akan dibatalkan, mengingat naskah yang masuk hanya 3 buah. Namun menjelang akhir lomba, masuk sebanyak 16 buah sehingga penjurian pun akhirnya dilakukan.
Menurut dia, dari segi kuantitas peserta memang menurunkan dibandingkan tahun lalu. Namun justru agar jangan sampai semangat menulis ini terus menurun dan mati, PPSS berupaya menyelenggarakan terus lomba ini. Walaupun selalu mengalami kesulitan pula dalam menyediakan hadiah untuk pemenang.
"Kalau tidak, akan semakin sedikit naskah drama Sunda yang ditulis. Padahal, kalau kelompok drama Sunda akan pentas, mereka sering kesulitan mencari naskah drama yang ada," ujarnya.
Sementara itu, Teddy A.N. Muhtadin selaku salah satu juri mengatakan, dari segi jumlah memang menurun. Tetapi dari segi kualitas jauh lebih bagus dibandingkan tahun lalu. Hal itu dapat dilihat dari tema, penggarapan naskah, unsur dramatik yang dibangun, bahasa yang digunakan, serta keragaman pesan yang disampaikan.
Tentang tema, kata Teddy, ini yang menarik. Pasalnya, manusia Sunda yang dibangun dalam naskah drama tersebut sudah sangat beragam. Bukan lagi manusia Sunda yang tradisional tetapi manusia Sunda masa kini. Manusia Sunda yang sedang menjadi bagian dari perubahan zaman.
"Dalam pesan-pesannya, manusia Sunda ini masuk dalam tiga kategori. Ada manusia Sunda masa kini yang menolak perubahan, ada manusia Sunda yang gelisah mempertanyakan perubahan, atau ada juga manusia Sunda yang menjadi bagian dari perubahan," ujarnya.
Menurut Teddy, kecenderungan itu tentu saja bagus. Apalagi didukung dengan penggunaan bahasa yang juga sudah jauh lebih baik. Sehingga memberi harapan bagi perkembangan penulisan naskah drama yang sebelumnya ada.
Hasil keseluruhan lomba, "Kembang Gadung" karya Dhipa Galih Purba (juara II), dan"Genjlong Karaton" karya Dian Hendrayana (juara III). Harapan I "Cukang" karya Dadan Sutisna dan harapan II "Bendera! Bendera! Bendera!" karya Toni Lesmana. Hadiah akan diserahkan pada Februari 2010. (A-148/A-147)***

Sumber: www.pikiran-rakyat.com/node/100623

Tjaraka Jadi Pangarang[1]


Mun karangan kuring aya nu nyebut hadé, komo mun jeung disebut alus, puguh  waé liang irung kuring ngadak-ngadak kembung. Panon ngaburilak, beungeut marahmay, sungut imut kanjut, urut dekal-dekul, sakapeung ngahuleng, sakapeung ngajentul, ramo leungeun kutak-ketek kana mesin tik téh, aya hartina, aya buruhanana, nya ku bungah téa.
Réa nu muji. Komo lamun nu mujina téh kritikus sastra, lain waé irung pipilueun kembung, dada ogé asana téh ngadak-ngadak beukah.... Pangarang jempol!
Sakola aya kelasna. Emas diuji katémbong karatna. Bedil atawa péstol aya kaliberna. Kuring jadi pangarang.... Mun sakola geus kelas sabaraha? Mun diuji cara emas, naha 14 atawa 23 karat? Atuh mun dibandingkeun jeung bedil kaasup kaliber sabaraha? Pangarang nasional atawa pangarang internasional? Keur ngawalon kana ieu rupa-rupa pertanyaan, kuring ngarengkog bari ngusap beungeut. Kuram-kireum kawas nu éra parada. Tapi haté ngaharéwos, “Lah, kumaha nu rék nyebut waé atuh!”
Hayang nyaho. Kuring ngirimkeun carpon ka majalah nu dipingpin ku sastrawan nu geus moyan. Carpon kuring teu dimuat. Meureun pangna teu dimuat gé lantaran carpon kuring goréng. Kabeneran aya kénéh tembusanana. Dicoba dikirimkeun ka majalah séjén, ogé pingpinanana sarua rada kasebut sastrawan moyan. É-éh! Geuning di dinya mah bet dimuat. Naha nya?
Cék pingpinan majalah ieu mah carpon kuring téh badé. Moal kitu hadé jeung goréngna carpon/karangan téh gumantung kana ajén rédaksina? Ieu mah lain pijawabeun kuring, tapi jawabeun rédaktur nu mingpin éta majalah.
Sugésti. Duka naon pisundaeunana mah. Cék nu nyarita, mun aya 40 jelema, komo mun leuwih, hég nyebut andika gélo, sok ngadak-ngadak andika jadi jelema gélo. Kuring teu bisa ngayakinkeun inya bener-henteuna éta carita. Tapi, mun 40 jelema, komo mun leuwih pada nyebut karangan kuring alus, éta mah kaalaman ku kuring sorangan.
Urang sebut waé baheula. Da geus lawas atuh, 46 taun béh ditu. Kuring dipénta ku diréksi surat kabar Sinar Pasoendan di Bandung, supaya kuring ngarang buku. Kontan harita kénéh kuring nyanggupan. Malah disebutkeun yén éta buku téh judulna Isukan Kuring Digantung.
Isukna, dina koran Sinar Pasoendan ngajeblag aksara galedé sarubakna koran, tulisan, “Isukan Kuring Digantung”. Lain waé dina koran tapi ditémpél-témpélkeun dina témbok, dina tatangkalan sisi jalan tulisan,”Isukan Kuring Digantung”. Puguh waé, sakur nu geus maca dina koran jeung plakat nu némpél di mana-mana pada hariweusweus silitanya, “Naon ieu téh?”
Rédaktur Sinar Pasoendan ditanya pulisi atuh plakat-plakat dicabutan, kuring dipanggil ku PID (Polititieke Inlichtingan Dienst).
“Naon maksudna nu matak nyebarkeun jeung ngamuat dina koran tulisan “Isukan Kuring Digantung”? Komisaris PID nanya ka kuring.
Méméh ngajawab kuring imut heula.
“Judul karangan pibukueun, Tuan!” cék kuring.
Komisaris PID merengut. Tapi teu kungsi lila katémbong ku kuring imut dikemu: “… Enya! Kopéna kudu dikirimkeun heula ka dieu. Kudu disénsor heula.”
“Mugi teu jadi bendu,” cék kuring, “sayaktosna teu acan sakotrét-kotrét acan nyerat kopéna ogé.”
“Ari geus kitu, kumaha atuh maksud téh?”
“Jalaran waktosna tos kasedekkeun, tos disebarkeun, upami kopéna kedah disanggakeun heula ka dieu mah tangtos lami nyénsorna ogé. Abdi ngarang éta buku teu badé ngilari pibahyaeun. Abdi nanggel eusina moal ngalanggar hukum nagara. Kumaha upama sabérésna dicitak jadi buku, saméméh disebarkeun ka umum, kasanggakeun buktina tos jadi buku.”
Tuan Komisaris ngahuleng.
“Upami baé kajantenan saparantosna disénsor, éta buku téh ngalanggar hukum, mangga beslah sadayana. Abdi nu jadi pangarangna nyanggakeun sanaos kedah dihukum upamina. Namung sawadina, abdi moal milari pibahayaeun….”
“Lain! Éta buku téh rék nyaritakeun kajadian Tilu Pemberontak di Ciamis basa taun 1926?”
Harita mah kuring lain imut tapi seuri.
“Sanés, … moal. Moal ngutik-ngutik panggantungan di Ciamis. Ieu mah mung sakadar nambut éta waé kecap ‘digantung’-na.”
Tuan Komisaris sanggeusna ngahuleng sajongjongan, nyebut: “O… Ké! Tapi ati-ati lah!”
Isukna. Rédaksi Sinar Pasoendan, inget kénéh jenenganana ogé, Juragan Imbi Djajakusumah. Nulis dina surat kabarna yén kuring geus dipanggil ku PID lantaran Isukan Kuring Digantung. Diimplik-implikan, yén éta tulisan Isukan Kuring Digantung téh, geuning judulna buku. Éta buku téh bakal dicitak jeung dikaluarkeun ku penerbit Sinar Pasoendan.
“Ramé, ramé meureun! Buku Isukan Kuring Digantung téh!” cék nu maca koran Sinar Pasoendan. Éar jelema pada nyebut “ramé”, can puguh ramé ogé, da bukuna ogé can dicitak-citak acan, geus pada nyebut “ramé”.
Da éta mah buku Isukan Kuring Digantung, saméméh terbit geus loba nu mesen ngirim duit ti heula. Hargana téh 25 sén sajilid. Éta waé Kangjeng Dalem Kuningan jenatna, mun teu salah ramana Mr. Maria Ulfah ngirim wésel saringgit keur 10 bukueun. Buku leutik ukuran 13 X 18 Cm, dicitak dina kertas koran, lakuna téh mani kawas pisang goréng, cék bohong mah.
Jadi, nurutkeun anggapan kuring kitu sotéh. Hadéna atawa alusna buku Isukan Kuring Digantung téh, lantaran hantem-hanteman, dijejel-jejelkeun, diréklameukeun ti saméméhna kénéh, supaya pada nyarebut yén éta buku téh bakal “ramé”. Harita mah can aya basa “nyastra” keur umumna nu maca buku téh.
Ana bréh dibaraca, sanggeusna éta buku kaluar, lantaran geus leuwih ti heula pada nyebut “ramé”, atuh diteureuy buleud waé, saréréa pada nyebut buku Isukan Kuring Digantung téh “ramé”.
Tangtu, ti antara nu maca aya nu nyebut, naon anéhna? Lebah mana raména? Tapi, manéhna teu kedal, da sieuneun disebut “jelema balilu, teu nyaho di buku hadé”.
Citakan kahiji 3000 buku laku dijual, malah kurang kénéh. Cacakan pan jaman harita mah can réa nu resepeun maca, jaba ti loba kénéh nu buta hurup téh.
Kuring nu ngarangna mikiran sorangan. Naha enya “alus” éta buku Isukan Kuring Digantung téh? Padahal jejer caritana mah nyoko dina kawin paksa.
Nu nyarebut hadé-goréngna kana ajén karangan lain pangarangna tapi nu maracana. Kitu deui nu nyebut hadé atawa ramé kana buku Isukan Kuring Digantung ogé tangtu nu maracana. Naha enya kitu? Mangkaning pamanggih atawa panemuna nu maraca téh aya kelasna. Aya nu sakadar ngan resep maca wungkul, bisa nyebut ramé, bari can nyaho ari kana ajén caritana mah. Ku lantaran kitu, henteu bisa disebut hadé ajénna salah sahiji karangan, mun sakadar disebut ku nu maraca wungsul bari teu ngarti seluk-belukna geusan ngajénna karangan.
Masih kénéh urusan buku Isukan Kuring Digantun….
Poho deui taun nu pastina mah, ngan kira-kira waé harita téh taun 60-an. Kuring narima surat ti Bogor. Can ngarasa wawuh jeung pangirimna mah. Éta nu ngirim surat téh béh dieuna kuring nyaho, sok disebut RAF Ngaran panjangna mah nepi ka kiwari ogé teu apal sakitu kuring sok remen papanggih mun aya riungan di PPSS (Paguyuban Pangarang Sastra Sunda).
Dina éta  surat nanyakeun, sugan aya kénéh buku Isukan Kuring Digantung. Sarta lamun aya supaya dikirimkeun. Geus 40 taun kitu nepi ka harita téh kaluarna éta buku, atuh kana paméntana RAF téh teu bisa nyumponan. Tapi nimbulkeun pertanyaan ti kuring ka kuring, “Naha duméh kataji ku hadéna éta buku Isukan Kuring Digantung téh, nepi ka butuh hayang miboga? Atawa RAF ngan ukur manggih béja yén aya buku Isukan Kuring Digantung alus atawa ramé? Hayang miboga, hayang maca deui atawa ngan sakadar béja ti nu geus maca cenah éta buku hadé, duka teuing, ngan nu bisa diteguh RAF téh kataji ku éta buku.
Pabuburit, dina hiji poé, masih dina taun 60-an, kuring katatamuan ku limaan pamuda. Aya duaan nu kuring geus wawuh téh, nya éta: Ajip Rosidi jeung Mang Olla Sumarnaputra, pangarang nu keur meujeuhna mekar. Nu tiluan mah kakara wawuh pisan. Ti antarana nu saurang cenah ti Balai Pustaka. Marondok éta tamu-tamu téh. Nepi ka ku lantaran di imah kuring téh taya tempat saré deui, maranéhna kapaksa ngajapapang sararéna téh dina korsi.
“Aya kénéh buku Isukan Kuring Digantung téh?” cék Ajip.
“Geus taya bangké-bangkéna acan!” walon kuring.
Ajip némbongkeun bangkarak lambaran buku. Meureun aya 10 lambar mah. Kertasna geus kulawu. Aksarana geus teu bisa dibaca sawaréh. Atuh angka kacana geus teu nyusun.
“Naon ieu téh, Jip?” cék kuring.
“Bangkarak buku Isukan Kuring Digantung! Meunang manggih ti Banjar Ciamis. Cik karang deui, jieun deui, urang citak dibukukeun deui,” cék Ajip.
“Nya urang coba-coba baé atuh!” cék kuring.
RAF nyuratan, ménta buku Isukan Kuring Digantung. Jol ieu deuih nu limaan, kabéh pangarang wungkul, malah Ajip mah nepi ka nitah ngarang deui nu sarua jeung buku Isukan Kuring Digantung nu geus taya dikieuna. Meureun pang kituna téh maranéhna boga anggapan yén buku Isukan Kuring Digantung téh hadé ajénna.
Mun baréto basa buku Isukan Kuring Digantung dipuji hadé jeung raména ngan ku nu maraca baé, bari rata-rata teu nyaho seluk-belukna nu kumaha ari buku ajénna hadé téh. Tapi ayeuna mah bet nu kataji kana éta buku geuning para pangarang. Atuh kuring moal éra mun nyebutkeun yén kuring geus bisa ngarang buku nu aya ajénna.
Atuh gutrut waé kuring ngarang deui bari maké bahan lambaran buku Isukan Kuring Digantung nu meunang manggih Ajip ti Banjar téa.
Anggeus wéh éta buku carita Isukan Kuring Digantung téh. Aya mingguna ngotrét kopéna ogé ... Dibaca. Dua tilu kali dibaca. Kuring imut. “Alus, hadé ramé,” cék kuring.
Gancangna, diasongkeun wéh ka Ajip. Ku manéhna dibaca saliwat. Nyéh manéhna pokna téh, “Engké urang baca deui. Urang talaah!”
Saminggu ti harita, kuring narima surat ti Ajip, pondok. Basana téh, “Ieu mah lain buku Isukan Kuring Digantung nu baheula.”
Kaharti meureun. Geuning bisa ngarang buku nu aya ajénna téh, wawaktuan. Ngan nepi ka kiwari kuring can manggihan, wayah kumaha, dina kaayaan keur kumaha nu nangtukeun waktu bisa ngarang nu aya ajénna téh? Tungtungna jawabanana téh, kabeneran waé éta mah.
Béh dieuna, duka taun sabaraha. Di jalan Sunda Bandung aya majalah, ngaranna ogé majalah Sunda. Pimpinan M.O. Koesman. Saha M.O. Koesman kuring can wawuh. Péndékna mah teu hir-walahir jeung pimpinan majalah Sunda téh.
Dicaritakeun sotéh sok aya kajadian mun wanoh jeung Rédakteurna, mun ngirim karangan téh sok terus dimuat, da wawuh téa. Bisi disebut teungteuingeun sakitu jeung batur, karanganana teu dimuat. Komo mun nu ngirim karangan téh pangarang nu geus kasebut moyan. Éta mah tara dirampa-rampa acan, terus waé flat, da sieun dipaido ku pangarang nu kasebut geus moyan téa.
Harita kuring keur kabingungan hayang boga pangasilan tambahan, atuh bisa kabanjel-banjel keur meuli bako sugan. Mangkaning kuring mah kana udud téh teu bisa miceun, sanajan remen maca yén udud téh aya bahayana keur kaséhatan. Sakali mangsa …. Lain ari sideku sinuku tunggal mepet bayu pancaindra nu sok disebut samedi mah. Ieu mah ngajentul jeung ngahuleng. Ku banget-bangetna ngajentul jeung ngahuleng nepi ka rarasaan téh ilang rasa antara nyaring jeung saré.
Disebut saré da puguh molotot. Disebut nyaring da teu usik. Ngong aya sora. Sidik sora jelema. Dilieuk taya sasaha. “Saban jelema pada boga pangabisa. Lain sarupa waé pangabisa téh, sanajan ngan saeutik. Pilih! Sarupa ti antarana nu kaanggap ku sorangan nu pangbisana.” Kitu tah, kecap-kecap sora gaib téh. Tah. Pangabisa nu nonjol téa, hég pigawé.
Kuring ngagebeg, éling. Sanggeus éling bet ngahuleng deui. Bari teu puguh nu dirampa, kawas néangan nu leuleungiteun, kuring nanya ka kuring, “Pangabisa naon atuh nu nonjol téh?”
Ras kuring kungsi jadi Guru SD, geus kolot teuing, moal ditarima ku P dan K.
Inget kana musik. Kungsi. Tapi lain diajar, ngan sakadar pipilueun. Malah kungsi jadi Ketua Pakumpulan musik. Ari kana nabeuhna mah lapur. Éta kana hitar, ngan ukur bisa nyentil lagu Kembang Kacang, kitu gé duka bener duka henteu.
Nabeuh gamelan. Nya kitu deuih ngan sakadar pipilueun. Perluna téh ngan sakadar pergaulanana. Nyaho sautak-saeutik sarupaning tatabeuhan. Ari kana nabeuhna mah kungsi bisa nakol gambang kai, laguna gé ngan ukur “Kulu-kulu”.
Kabéh moal bisa jadi duit. Huleng deui, jentul deui….
Nyéh imut. Inget kana buku Isukan Kuring Digantung. Pan kungsi pada nyebut pangarang jempol. Rék nyoba-nyoba deui ah jadi pangarang! Haté ngaharéwos.
Teu kaselang ku kiceup-kiceup acan. Gutrut wéh ngarang .... Panon cékas, cadu tunduh, uteuk ngebrak caang lénglang. Leungeun terus ngigel, ngan ukur diselang ku ngarénghap. Wanci subuh, bérés karangan téh. Sanggeus dibaca katilu kalina, bari imut kuring saré ngalempréh, masih diuk dina korsi, leungeun nangkub kana méja, dikedengan bari teu usik teu malik.
Isukna. Sanggeus diset, dibaca sakali deui. Dibarengan ku imut kanjut terus diamplopan, nu geus dialamatan: Rédaksi majalah Sunda di Jalan Sunda Bandung Kota. Sanggeus diparangkoan, harita kénéh diasupkeun kana beus-surat nu pangdeukeutna. Teu dikirimkeun ku sorangan, da sieun teu dimuat éta kiriman carpon téh.
Saminggu ti harita. Jol aya jelema ngirim majalah Sunda jeung amplop. Amplop heula nu dibuka téh. Geuning dieusi duit. “Nuhun juragan Koesman!” Seuri ka haté-haténa tina ku bawaning atoh. Lain waé atoh kuring narima duit, pan éta duit téh jadi hiji tanda yén carpon kuring dimuat dina majalah Sunda.
Salambar-salambar dibuka. Bréh téh carpon kuring dimuat. “Néangan” ku Tjaraka. Étah! Hayoh biwir ngunyem bari terus-terus imut, maca deui nepi ka tamatna, bari panon gular-giler pipilucun maca.
Saminggu ti harita kuring ngirim karangan deui. Judulna “Pacul”. Dimuat deui. Saterusna henteu ari saban minggu mah, kuring sok ngirim carpon ka majalah Sunda sarta terus sok dimuat waé.
Jebul penerbit Kiwari. Carpon “Néangan” jeung “Pacul” dicitak dijieun buku. Puguh waé nyatujuan. Da meunang honor 20% kali oplaag kali harga buku. Malah meunang persekot 20% tina jumlah nu bieu. Sésana dibayar sanggeus bukuna medal.
Honor deui ti salah-sahiji surat kabar harian nu ngamuat tur disalin kana basa Indonésia carpon “Néangan” jeung “Pacul”.
Waktu Ajip Rosidi ngaluarkeun bukuna kumpulan carpon, “Néangan” jeung “Pacul”  dimuat dina kaca pangheulana. Honor deui.
Balai Pustaka ngaluarkeun buku nu judulna Kandjutkundang. Carpon “Néangan” jeung “Pacul” dimuat. Atuh honor deui.
Saban jelema, awéwé lalaki, sakur nu geus maca carpon kuring “Néangan” jeung “Pacul” jeung carpon-carpon nu lianna, réa nu hayangeun nyaho di rupana jiga kumaha Tjaraka téh. Lain wadul ieu mah.
Sakali mangsa kuring dibawa ku babaturan ka Cianjur, dina mobil ngan duaan. Manéhna nyupiran, kuring diuk sagigireunana. Éta mah batur mun hég heureuy téh sok nu lain-lain.
 Kitu gé cék kuring, nu geus ngeureunan kana kalakuan budak ngora. Naha geus weureu-seubeuh atawa bosen tong panjang tatanya. Geus ngeureunan manéh wéh!
Nepi ka Cianjur kota. Katénjo aya aleutan mojang limaan keur laleumpang sisi jalan. Na ari nepi pisan kana lima mojang téh, mobil didadak dieureunkeun. Atuh mojang-mojang téh pohara kagéteunana, da ngagoak atuh!
Kabéh mojang mencrong ka jero mobil olohok.
“Bilih palay tepang sareng Tjaraka, nu kaceluk kaawun-awun téh tah ieu, kulan!” cék batur bari nunjuk ka kuring.
Kabéh mojang tingrarengo, ngadeukeutan. Sapuluh panon ditujukeun ka kuring, teu kireum-kireum. “Geuning geus kolot Tjaraka téh!” Meureun ceuk jero haténa.
Batur kuring nitah supaya kuring pindah kana jok tukang.
Mangga lalebet! Urang ngadamel kenang-kenangan sareng Tjaraka!” Omong batur kuring téh bari nyokot tustél potona.
Na da, teu kungsi ngadua kalian, éta lima mojang téh terus arasup kana mobil. Kuring diuk dina jok tukang rada hareup. Dua mojang ngaléng ka kuring. Beungeutna wungkul nu katémbong, luhureun sirah kuring. Ari nu duaan deui diuk sagigireun kuring. Beungeutna aya di sakénca jeung sakatuhueun kuring. Henteu ari diantelkeun mah kana pipi kuring .... Cetrék dipotrét.
“Sakali deui Um, bisi lepat!” cék mojang téh.
Atuh jetrék sakali deui.
“Kintun nya Um potrétna, upami engké tos jadi!” bari manéhna nulis alamatna, dibikeun ka kuring.
“Buburungan silaing mah!” cék kuring ka batur kuring.
Manéhna ngan ukur nyéréngéh.
Kitu tah, katajina ku carpon-carpon kuring téh.
Aya deui nu anéh, mun rék disebut anéh mah .... Sanggeusna nyaho bungkeuleukanana, kitu bangunna Tjaraka, aya nu nanya.
“Kumaha asal-usulna nu matak Uwa dina carpon atawa novel téh maké ngaran samaran, Tjaraka?”
Saméméh ngawalon, kuring imut heula, tapi bari kerung. Lantaran bingung kumaha pijawabeunana. Da puguh teu dihaja maké ngaran samaran kitu téh. Éstuning datang dadak sakala, cara keur ngimpleng judulna karangan.
Kuring mimiti maké ngaran samaran Tjaraka téh basa kuring ngarang carpon nu judulna “Néangan” nu dikirimkeun ka majalah Sunda. Sanajan kitu, teu éléh déét, babalagonjangan dijawab ogé.
Ha-Na-Tja-Ra-Ka. Hana hartina aya. Basa Jawa. Tjaraka hartina utusan. Jadi Tjaraka téh utusan.
Naha ari Uwa utusan saha nu matak maké nganan samanan Tjaraka?” manéhna nanya bengong.
Hanacaraka, data sawala, pada jayanya, maga batanga. Hartina: Aya utusan (duaan), pasalia pahan (Galungan) pada-pada kuat (Lantaran pada-pada kuat) awor jadi babatang. Cacarakan basa Jawa atawa Sunda éta téh?” cék kuring.
“Saha nu ngutusna, jeung hal naon nu diutusna nepi ka gelut sarta duanana paraéh?”
“Naha Aji Saka atawa Raja atawa Empu éta nu ngutusna téh. Uwa geus poho deui, da ngan ukur dédéngé tara atuh! Urang sebut baé Aji Saka. Cenah nu nyipta aksara Jawa-Sunda. Cenah. Kacaritakeun éta Aji Saka téh ngutus dua urang utusan, supaya pangnéangkeun keris pusaka nu geus katinggaleun di ... naon mah. Gancangna carita. Éta dua utusan téh indit rék ngajugjug tempat éta keris pusaka téa. Nya kapanggih. Sanggeusna kapanggih timbul sawala ti antara utusan nu duaan téh. Cék saurang, urang buru-buru bawa sanggakeun ka Aji Saka. Ari cék nu saurang, Aji Saka teu miwarang éta keris pusaka buru-buru disanggakeun. Urang tungguan waé di dieu nepi ka sumpingna Aji Saka ka dieu. Paréa-réa omong, tungtungna gelut galungan. Ku lantaran pada kuat, nya nepi ka kajadian duanana paraéh ninggalkeun babatangna (bangkéna).... Utusan nu satia, sawala marebutkeun bener, dibélaan lali rabi tégang pati.... Meureun kitu harti nu béh dituna mah Tjaraka téh.
Baheula. Dina taun tilupuluhan kuring jeung salah saurang batur tukang usaha  nganjang ka salah-saurang nu beunghar. Lain beunghar meumeueusan. Beunghar warisan ti ramana diréksi onderneming bangsa asing. Ibuna, sanajan geus moal aya kakurang miharep supaya putrana jadi ménak.
Nya sanggeus putrana kaluar ti Sakola Ménak, kungsi jeneng jaksa. Padahal sanajan teu jadi jaksa ogé, kakayaanana téh moal béak didahar nepi ka 7 turunan. Kaluar tina jaksa anjeunna muka pausahaan tékstil. Pabrik tékstil nu munggaran nu alat-alatna ti Jepang. Nepi ka kiwari kasauran anjeunna nu kacatet, kieu: “Jalma miskin bisa waé jadi jalma beunghar ku jalan usahana. Tapi nu beunghar bisa ngadadak jadi miskin, lamun teu taliti enggoning mulasara kabeungharanana. Taliti jeung ati-ati bari ulah aya nu nyebut beunghar korét atawa ngopét.”
Kumaha nya cara mulasarana sangkan Tjaraka geus jadi pangarang nanjung, hayang tetep nanjung? Nepi ka kiwari can kapanggih kénéh waé kumaha carana,  métodena ngarang téh, da geuning ari ngarang mah, kitu gé cék kuring, tetep waé sakapeung lancar sakapeung gagal.
Taun 60-an waktu kuring jadi rédaktur majalah Langensari, kungsi ngarang buku nu judulna Sri Panggung. Ti mana kuring harita meunang bahan jejer caritana?
Sakali mangsa kuring nyaba ka Soréang Bandung. Papanggih jeung nini-nini nu geus wawuh ti barétona. Éta nini-nini téh urut mitohana salah-saurang sindén nu kawentar hadé sorana jeung gayana. Ogé, nu mimiti ngarobah atawa nambahan gelak-gelikna, sénggolna lagu Kulu-kulu. Nepi ka ayeuna terus hirup, nyebar ditarurutan ku sindén-sindén lianna. Atuh nu boga hadasna terus nanjung kabiruyungan, nété tahapan golongan jugala, terhormat teu kurang sandang jeung pangan. Lalakon éta sindén téh dikarang, diréka basa katut caritana, nya jadi novel Sri Panggung.
Naha lakuna éta buku Sri Panggung téh lantaran boga ajén sastra atawa duméh Tjaraka geus boga ngaran pangarang moyan? Kuring sorangan teu bisa ngaduga-ngira-ngira, lantaran ti pihak pangarang nu lian, ogé ti kritikus taya réaksina.
Jelema nu geus boga nama, komo mun geus jadi jelema agung, sanajan kanyahoan éta jalma agung téh aya kakuranganana, aya salahna, tara ieuh aya nu wani mentog, sumawonna nembrakeun kakurangan jeung kasalahanana. Rajeun aya ogé nu wani, éta nu wanian téh sok disalahkeun.
Kuring kungsi maca buku leutik karangan pangarang nu geus kamashur, kaliber internasional duméh bisa jeung ngarti rupa-rupa basa, loba buku-buku nu meunang nyalin tina basa Inggris jeung basa Walanda, malah éta buku leutik ogé carita Pa Tani di nagara Cina, disalin tina basa Inggris. Dibaca sababaraha balikan, kuring ngan ukur bisa ngaharéwos, “Naon ajénna ieu buku téh?” Terus ditanyakeun ka pangarang lian, cenah, nya kitu teu béda jeung pandangan kuring. Nya kitu ngan ukur nyawad bari ngaharéwos.
Aya majalah. Nu ménta ka kuring supaya daék ngirimkeun carpon. Ku kuring teu dicumponan. Terus terang waé bongan saeutik teuing honorna. Saeutik teuing honorarium ka pangarang, ogé matak ngurangan ajénna ka majalah, sabab loba pangarang nu geus moyan embungeun ngirim karangan ka majalah atawa koran nu méré honorna teu munasabah.
Babalagonjangan nanyakeun ka diréksina, naon nu marga lantaran pangna méré honorarium ka pangarang teu munasabah jeung hésé-bélékéna mun ngarang?
Jawabna téh, lain teu rék ngahargaan kana ajén pangarang, da kumaha atuh, kakuatan majalah urang mah, bisa bangkrut mun kudu mayar honor samupakatna téh. Oplahna ogé sabaraha.
Kaharti, mémang enya kaharti. Aya urang Sunda nu resep maca basa Sunda, teu kaduga keur mayarna. Nu kaduga keur meulina, urang Sunda geus pohoeun kana basana. Komo barudak sakola mah, kapan di sakolana ogé tara diajar basa Sunda. Kakara ayeuna eungkeut-eungkeut dironjatkeun ka barudak nu geus resep kana disko batan jaipongan.
Sanajan kitu, lantaran kuring geus jadi pangarang moyan, tara daék ngiriman carpon ka majalah nu murah honorna mah. Atuda kumaha, ngarang carpon dekal-dekul teu anggeus saminggu, ari hég ngan ukur dibayar sarébu.
Paingan nya di urang mah. Enya pangarang bangsa urang, boro-boro bisa meuli mobil. Éh, aya kétang! Kitu gé pangarang nu bisa jadi diréksi penerbitan.
Nyoba-nyoba kuring ngirim karangan ku basa Indonésia. Dikirimkeun ka majalah Budaja Djaja da di dinya mah honorna nyugemakeun. Na éta mah rédaksi Budaja Djaja, basana téh, “Temanya baik, hanya bahasanya bukan basa Indonésia, tetapi basa Sunda di-Indonésiakan.” Lapur atuh!
Kuring ngarasa keuheul. Padahal, sanajan kuring ngan sakadar kungsi jadi guru Sakola Gupernemen kelas II (SD mun ayeuna mah) pan baheula téh kungsi ngaguruan di Batawi, kungsi ngajar ka barudak basa Malayu. Kungsi jadi koréspondén surat kabar Kaom Muda di Bandung. Kungsi jadi pembantu surat kabar Keng Po di Batawi jeung surat kabar lianna, malah kungsi ngarang buku nu dipedalkeun ku surat kabar Kiauw Po di Bandung. Tapi naha karangan kuring nu dikirim ka Budaja Djaja bet teu dimuat?
Sihoréng-simanahoréng. Bener Budaja Djaja batan kuring. Sanggeusna kuring ngabanding-banding cerpen kuring nu basa Indonésia jeung cerpen karangan batur. Enya waé basa Indonésia kuring mah geuning, basa Malayu-Tionghoa.
Bari kuring rajin maca cerpen karangan pangarang nu lian, bari maca buku pangajaran basa Indonésia yang disempurnakan, rajeun ngirim berita kana surat kabar nu basa Indonésia atawa carpon. Lumayan eungkeut-eungkeut bisa ditarima. Tapi ari ngarang novel nu ku basa Indonésia mah can nyoba-nyoba.
Tapi deui waé. Moal kitu ditarimana téh lantaran kuring geus wanoh jeung rédakturna atawa duméh kuring geus kakoncara pangarang Sunda moyan? Masabodo lah!
Carpon kuring nu geus dimuat, sok leukeun dibaca deui ku kuring. Geuning éta carpon téh teu matut. Tapi ku lantaran kuring geus kasebut pangarang nanjung, kuring sok imut kanjut sorangan, bet carpon nu teu matut gé dimuat baé.
Mun téa mah kuring bisa ngarang carpon jero sapoé-sapeuting hiji wéh, meureun dina jero saminggu téh meunang 7 carpon. Mun sacarpon sarébu gé honorna, lumayan dina saminggu téh aya 7 rébuna. Mangkaning carpon kuring mah bisa laku 5 rébu. Meureun jero saminggu téh 35 rébu. Sabulan? Lumayan. Tapi, geuning, teu wasa, cék urang Cibéo-Baduy mah.
Sapatu buatan Cibaduyut Bandung, cenah hadé tur kuat. Tapi lamun hayang leuwih laku, éta buatan Cibaduyut téh mérekna kudu maké made in luar nagri. Kitu deui pangarang, lamun éta pangarang téh geus ngalanto ngalaman ka luar nagri, sok beuki tambah populér. Sadatangna ti luar nagri hég ngarang carpon, novel atawa roman. Rédaktur atawa penerbit pada daék narima karanganana. Kritikus sastra pada bungkem, sanajan nyaho yén beubeunangan ngarangna téh teu matut. Urang saréréa masih kénéh jiwa luar nagri minded.
“Ari Uwa tos angkat ka luar nagri?” salah saurang pangarang nanya ka kuring.
Manéhna nyebut uwa. Padahal manéhna téh lain anak lanceuk kuring. Atuh da kuring mah lain pangarang ngora. Kuring mah pan lahirna ogé taun 1902. Pék geura itung! Meureun nepi ka kiwari taun 1981 téh umur kuring geus 78 taun. Geus meujeuhna mun disebut aki. Da éta waé ti anak 3 lalaki téh geus boga incu aya 20-na. Eungkeut-eungkeut ayeuna gé, lain waé incu-incu pada nyarebut aki, tapi nu lian ogé, kolot ogé sok nyarebut Ki Tjaraka.
“Meunang visana mah gampang mun hayang nganclong ka luar nagri téh. Tapi ari ka luar nagri ngan sakadar laha-loho teu puguh nu dimaksud, babakuna nambahan élmu panemu rék naon atuh! Jaba ti kitu téh nganclong ka luar nagri mah kudu bisa basa Inggris. Basa Inggris téa, bisa jeung ngarti basana, ngucapkeunana teu becus.
Kaalaman ku Uwa baheula basa di Batawi, kungsi milu kursus basa Inggris. Kakara tilu bulan meureun kursusna ogé. Kakara 12 rintakan diajarna ogé, da ngan saminggu sakali. Kabeneran waktu Uwa keur ngalong di tepas, aya matros nawarkeun picalanaeun. Gancang ku Uwa disambut ku basa Inggris. Na da, itu bengong Uwa ngahuleng, pada-pada teu nganti, da salah ngucapkeunana téa. Nepi ka kiwari, da diajarna teu junun téa, basa Inggris nu ngarti jeung bisa ngucapkeunana téh ngan ukur nepi ka, I love you.
“Bakat Uwa mah pangna tiasa ngarang téh?” cék manéhna nuluykeun nanyana.
“Éta mah kumaha nu nyarebut waé. Tapi Uwa sorangan nu kumaha nu disebut bakat, Uwa mah balilu. Ngan waé, mun enya téa mah Uwa disebut bisa ngarang, nu karasa, nu karandapan ku Uwa, ti bubudak Uwa mah ti sabarang mimiti bisa maca sok getol maca.
Baheula mah di sakola Gupernemen kelas II (SD kiwari mah) diayakeun perpustakaan, disebutna téh biblioteek. Salomari pinuh. Duka sabaraha buku jumlahna mah. Éta buku-buku téh kaluaran Volkslectuur (Balai Pustaka meureun kiwari mah). Ku Uwa mah, ti mimiti Uwa bisa maca ti kelas II kénéh, nepi ka kelas IV kabéh saeusi lomari waé tepi sababaraha balikan. Lamun dina éta buku téh aya guguritan, apal jeung bisa nembangkeunana.
Resep maca téh lain waé keur sakola kénéh, tapi sanggeusna jadi guru ogé terus resep. Maca surat kabar jeung majalah nepi langganan. Uwa mah ku resep-resepna kana maca mun manggih buku pikaresepeun, lain waé sok poho kana kéjo ceuk nu bohong téa mah, tampolana panon ogé sok tara daék nundutan. Nepi ka janari tengah peuting buku tara lésot mun can tamat téh. “Éta mah Ujang,” saur ema, “Ulah kamalinaan teuing atuh, bisi gering!”
Maca, sakali deui maca. Mun kuring disebut bisa ngarang téa mah lantaran kuring resep maca. Datang naon nu disebut-sebut téh pandeuri.
Buku-buku nu sok jeung nu geus dibaca, babakuna buku-buku ti Volkslectuur, pan buku karangan Moh. Ambri ogé kaluaran ti Volkslectuur, da Moh. Ambri mah kungsi digawé di Volkslectuur jadi pangarang.
Wawacan Rengganis, pangarangna mah poho deui. Abdulsalam kitu? Tapi guguritanana nepi ka kiwari masih apal. Bisa ngahariringkeun deuih. Laguna Sinom.

warna-warna lauk émpang
aya nu sami jeung pingping,
pagulung patumpang-tumpang,
Ratna Rengganis ningali,
Sarupaning lauk cai,
lalawak pating suruwuk,
sepat pating karocépat,
julung-julung ngajalingjing,
sisi balong balingbing sisi balungbang.

Buku Panjiwulung. Nu ngarangna duka saha atuh, tapi guguritanana ku bawaning kataji ku eusina éta buku, guguritanana mah apal.

Seja nyaba ngalalana,
ngitung lembur ngajajah milangan kori,
henteu puguh nu dijugjug,
balik paman sadaya,
nu ti mana tiluan semu rarusuh,
Lurah bégal ngawalonan,
aing ngaran Jayapati.

Wawacan téh babacaan. Babacaan anu ditembangkeun, dilagukeun. Babacaan nu kudu puguh galurna, puguh jejer caritana, teu béda jeung novel atawa roman. Ditambah ku kudu bisa ngarang lagu. Ngarang nu dilagukeun téh aya patokan jeung aturanana. Katurug-turug lagu tembang lain ngan wungkul asmarandana jeung kinanti waé, tapi aya sinom, pangkur jeung sajabana. Éta lagu-lagu téh béda patokan jeung aturanana ti antarana jumlah réana engang jeung sora tungtungna padalisanana.
 Kecap jeung kalimah dina tembang, lain waé kudu ngandung sipat puitis, ogé sok murwakanti. Saperti dina wawacan Rengganis.

 Sepat pating karocépat. (Purwakantina: at jeung at).
 Julung-julung ngajalingjing. (ung jeung ing).
Sisi balong balingbing sisi balungbang. (ong-ing-ang).

Ari lalakonna mah wawacan Rengganis téh, biasa waé, ngagungkeun raja-raja, para putra-putri raja, aristokrasi, cék basa séjénna mah.
Lalakon dina wawacan biasana sok ngandung hayal jeung gaib, nu sok teu kaharti ku akal. Méh teu béda jeung carita wayang.
Ari wawacan Amir Hamzah jeung wawacan Umarmaya, éta mah kaarab-araban. Kawasna waé gumelarna éta wawacan téh dina jaman Wali Sanga mimiti nebarkeun agama Islam. Sanggeus gelarna pawayangan.
Lain deui halna jeung wawacan Panjiwulung. Enggoning diajar kadugalanana téh lain ku jalan tatapa, jalan mistik, tapi ku jalan olahraga (gerak badan).
Kuring inget ka batur kuring Sdrk. S. Kosasih alm. Anjeunna kungsi ngarang buku nu sipatna deukeut-deukeut kana kabatinan, sari-patina tina éta buku téh aya kalimah kieu, “Geusan ngudag kabagjaan hirup bisa dihontal ku dua jalan. Kahiji, sidakep sinuku tunggal, kadua, sidakep sinuku gejlig. Mun teu kadada-kaduga ku jalan smedhi, nya ku jalan réngkak polah alias usaha.”
Sakumaha nu geus dicaritakeun ti heula, kuring bisa ngarang buku saperti nu enggeus-enggeus, hasil tina getol maca jeung pangalaman tina pergaulan. Jadi, hayang bisa ngarang téh kudu macaan sagala rupa buku, anu tangtu wawacan-wawacan ogé kudu dibaca. Dina carpon boh dina novel sok aya waé nu kudu kabaud, kabawa carita mun dina galur carita nyigeung kana bahan-bahan nu aya dina galur wawacan.
Mustahil, rébuan malah ratus rébuan buku nu geus aya bisa kabaca. Saumur hirup nungtut élmu moal kabedag, atuh sautak-saeutik pilihan baé nu kadada-kaduga, bisa macana jeung kabeuli. Teu pira atuh, da kahayangna ogé ngan hayang bisa ngarang carpon. Macaan waé carpon jeung novel buatan batur.
Tina bacaan…. Bacaan naon baé, ti antarana kuring mah bacaan barudak ogé sok dibaca saperti éta buku cargam nu sok disebut komik téa.
Ieu mah pohara lakuna, dipikaresep ku barudak. Lain waé hargana murah, ogé eusina cocog jeung jiwa brudak dina jaman éta.
Kungsi aya polemik, pasalia paham ti antara pangarang jeung pangarang tina hal eusina carita komik. Cék sawaréh carita komik téh ngaruksak kana jiwa barudak nu keur meujeuhna mekarkeun pangalaman hirupna. Cék sawatara pangarang, komik ogé teu naon-naon asal eusina ulah nu bakal ngaruksak jiwana barudak. Nya timbul ti kalangan pangarang nu ngarasa geus moyan aya istilah, buku picisan. Hanjakal, teu diterangkeun buku nu kumaha, carita naon nu disebut buku ringgitan. Nu ngandung bobot katut ajénna.
Kuring sakuringeun mah balilu. Nu mana jeung nu kumaha nu disebut buku novel nu picisan téh? Éta meureun duméh kuring teu sakola teu diajar elmuning kasusastran. Sakumaha nu diterangkeun di luhur, kuring bisa ngarang téh ngan sakadar dirarampa, culak-colék ti dieu-ti ditu, tina buku-buku sakur nu geus dibaca. Nepi ka nimbulkeun pamadegan, yén carpon atawa novel nu disebut ajénna hadé téh nya éta carpon atawa novel nu dipikaresep, nu matak kataji balaréa.
Pangarang baheula, mun ngamimitian muka carita téh sok ku kalimah upamana,  Jaman baheula aya hiji raja. Atawa, kacaritakeun di nagara Sakatimu…. Ngaran jeung tempat nu jadi lalakon dicaritakeun ti heula. Diterangkeun kalawan écés kaayaan jeung kalungguhanana. Terus nguntuy nyaritakeun jejer nu bakal didongéngkeun. Tampolana nu maca geus bisa naksir kumaha pibalukareunana éta carita. Cara urang mun lalajo wayang. Lalakonna téh, mun teu parebut nagara, nya parebut awéwé. Jadi resepna lalajo wayang mah, lain waé kana caturna wungkul, tapi omongan-omongan ki dalang dina sela-sela perang tandingan antara Gatotkaca jeung Buta. Nya kitu deui kana buku-buku nu dikarang ku bujangga baheula. Lalakonna mah ngan kitu jeung kitu waé, teu sabaraha bédana. Tapi nu dialap téh hal naséhatna, tata-titi, pituahna geusan unteung pikahareupeun, enggoning hirup kumelendang di alam dunya.
Béh dieuna, novel atawa carpon téh tampolana sok ngabingungkeun nu maca. Mémang dihaja sina bingung? Naha ieu lalakon téh mimitina, tengahna, atawa tungtungna? Dina nerangkeun ngaran atawa tempat nu jadi lalakon, tara ieuh diterangkeun sabréhan harita saperti dina buku-buku carita nu baheula, tapi kanyahoanana téh sanggeusna maca sababaraha jajar atawa kaca diselapkeun ku pangarang dina waktu nu ngalalakon sili-tanya jeung nu lianna. Nepi ka nu maca nyebutkeun, “Euh ieu ngaranna nu dilalakonkeun téh.
Kitu deui dina ngolah basa jeung caritana. Nu maca teu bisaeun neguh kumaha balukarna éta carita, masih jero tuturucingan jero haténa. Naha bakal kieu atawa bakal kituna.
Inget. Kuring inget basa aya gempungan, riungan para pangarang di kantor majalah Manglé. Tapi ari poé, tanggal jeung taunna mah poho deui. Harita Manglé kungsi ngondang Ibu Emma. Moal teu terang saha Ibu Emma tokoh Pingpinan Pasundan Istri? Waktu anjeunna nyambut pidato-pidato ti para pangarang, anjeunna sasauran ti antarana, “Maca carpon atawa novel Sunda kiwari pohara resepna ku barisa ngolah basa jeung caritana. Ngan sok pikakeuheuleun, caritana sok tara ditamatkeun! Saperti nu nitah ka nu maca namatkeunana mah!”
Da enya atuh! Kapanggih rusiahna pangarang. Maksudna supaya terus panasaran. Sangkan nu maca ulah ngan sakadar maca mimitina, tengahna jeung tungtungna sautak-saeutik. Nepi ka bisa ngira-ngira eusina carita éta buku, bakal pikitueun jeung pikitueun. Mojang jeung lanang bobogohan. Salah saurang kolotna teu panujueun. Pan bisa diteguh piahireunana. Mun teu minggat, kawin wali hakim, atawa mun urang Jepang mah harakiri, atawa maéhan manéh.
Mun kuring maca buku. Panon nojo kana aksara nu ngajajar dina buku … maca. Sungut, irung, ceuli, roman heungeut, malah tarang ogé pipilueun kerung pada bareng pipilueun … maca. Uteuk jeung haté marengan maca, kabéh panca indra pada marengan maca, éta buku nu dibaca téh tétéla ajénna alus. Atuh pangarangna beunang mun disebut jempol!
Panon jongjon nojo kana aksara, mani embungeun ngiceup. Sungut balem atawa ngunyem. Sakapeung milu renya-renyu, dibarengan ku irung kembung. Panon gé ngiceup heula, mun pinanggih jero kalimah nu dibaca ngagentakkeun, surup, payus jeung eusi sanubari. Sakapeung sungut merengut, ambekan ngadak-ngadak ngarénghap, panon ngaburilak, tarang gé pipilueun karejut, da haté kakoét, kakobét ku carita nu keur dibaca, pikasebeleun, pikakeuheuleun, piambekeun atawa pikasediheun.
Pikiran nanya kana uteuk atawa uteuk nanya kana pikiran. Éta mah kumaha anggapan soranganana. Naon ieu téh, bet kawas tuturucingan?
Aya kalimah nu matak nyentug kana jajantung, pikagéteun, pikareuwaseun atawa samar-saman asa enya jeung asa mustahil. Disangka kieu, bet kitu jadina. Asa teu cocog jeung kaayaan dirina pribadi atawa sulaya jeung paneguhna.
Mun maca lebah kalimah nu payus jeung kaayaan dirina pribadi atawa sulaya jeung paneguhna, si haté ngalempréh jempé. Sungut imut kanjut da ngarasa sugema, da sulaya jeung lelembutan. Ana maca lebah pikakeuheuleun, tampolana leungeun gé pipilueun gerak. Komo mun piambekeun mah, pan ramona ogé dipeureupkeun. Maké jeung kekerot sagala, teu béda jeung jelema nu keur ngambek. Ana lebah kalimah pikasebeleun, pikacuaeun, ngadak-ngadak hayang ongkék ku bawaning cua.
Nu maca terus diganggayong ku jalanna carita buku nu keur dibaca. Jiwa jeung raga kabetot, kabaud ku sari-sarina carita nu keur dibaca, pangrasa pribadi, tamplok ngahiji, nunggal jeung jalanna carita, buku nu keur dibaca. Lebah dieu. Kakara kuring bisa nyebut yén éta buku téh bener-bener susastra. Su hartina hadé, sastra hartina tulisan.
Nu maca kawas nu gélo. Jelema ceuleupeung alias gélo mah geuning. Sakapeung imut, kunyam-kunyem, seuri, tampolana seurina téh ngagakgak. Ngadak-ngadak kukulutus, jubras-jebris, ambek-ambekan. Segruk ceurik eueuriheun kawas ditinggalkeun maot. Teu kungsi lila nyéh deui seuri deui…. Ieu mah lain gélo enyaan, gélo sajeroning maca buku, ku bawaning kasengsrem ku jalanna carita buku nu keur dibaca. Pangarang nu bisa ngagélokeun nu maca sajeroning maca, bisa disebut pangarang jempol!
Kitu ogé cék kuring….
Ayeuna urang malikan deui kana lalakon nu ka tukang nyaritakeun jujutanana pangalaman kuring pangna kuring disebut bisa ngarang.
Masih jaman penjajahan Walanda. Sanggeus ngarang sababaraha buku nu kiwari geus poho deui naon judulna, nya dina taun 1934 kuring ngarang buku nu maké judul  Isukan Kuring Digantung. Sakumaha nu geus dicaritakeuti ti heula, ngarang éta buku téh nu kapanggih pangheulana téh judulna, inget kana kajadian barontak di Ciamis dina taun 1926, aya tiluan nu barontak dihukum gantung.
Harita mah harita, huleng jentul, jentul huleng, kokoloyongan bari ngagugudeg sirah sorangan sangkan kaluar tina uteuk jejer caritana.
Lila. Aya mingguna néangan picaritaeun nu bisa ngeunaan kana judul Isukan Kuring Digantung. Rumpu-rampa ka dieu-ka ditu, buku-buku nu aya dibacaan deui. Goréhél téh manggih buku basa Walanda, judulna ogé poho deui naon mah. Dina pasal panungtunganana nyaritakeun, jelema nu isukan rék digantung. Kaharti meureun. Buku Isukan Kuring Digantung nu dikaluarkeun ku penerbit Sinar Pasundan téh sasat meunang ngajiplak tina éta buku.
Nepi ka kiwari kuring kakapokeun. Mun ngarang canpon atawa novel téh moal rék judulna heula, tapi kudu jejer caritana heulakeun.
Néangan jejer carita ogé teu gampang. Boa éta jejer carita téh sarua jeung jejer carita karangan batur. Pan kungsi kajadian ku kuring sorangan. Kuring disangka geus ngajiplak karanganana batur. Ngan judulna wungkul nu béda téh. Sanggeus diriungkeun, horéng simanahoréng, batur meunang nyalin tina buku basa Inggris karangan Emile Zola, ari kuring meunang nyaluyukeun tina buku basa Wahanda karangan Emile Zola kénéh. Jadi ngan ukur kabeneran sarta kaluarna méh sawaktu. Jadi mun urang rék ngarang téh kudu luak-lieuk heula ka sisi ka gigir bisi patabrak jeung nu lian.
Dihaja-haja mah mun rék néangan jejer carita, tampolana hésé. Kapanggihna téh tampolana sok bari kumaha baé. Naha lantaran sakali mangsa kabeneran papanggih jeung salah saurang mojang upamana waktu keur diuk dina bangku bari ngalamun. Atawa tina obrolan batur. Atawa tina surat kabar, maca berita nu anéh. Malah aya ogé kajadian tina impian.
Novel karangan kuring urang sebut waé suksés, nya éta buku Isukan Kuring Digantung. Disebut suksés téh éta waé pangarang anu kawentar maké nitah ka kuring supaya ngarang deui buku nu saperti Isukan Kuring Digantung. Tapi anéh deuih, barang gutrut dicoba, cék babasan téa mah méakeun sagala ingetan sangkan kuring inget kana karangan nu baheula, ampun… ari geus réngsé téh, malah kungsi dibaca sababaraha kali, disarungsum sababaraha kali, rarasaan téh kitulah eusi carita Isukan Kuring Digantung téh. Buktina, ari dipasrahkeun ka nu nitah ka kuring, bet lain kitu cenah, buku Isukan Kuring Digantung nu baheula mah.
Bingung. Saliwatan teu kaharti. Buku Isukan Kuring Digantung nu baheula pan karangan kuring. Atuh nu dijieun ayeuna karangan kuring kénéh. Naha ari nu baheula bet alus, ari nu ayeuna bet goréng?
Meureun kitu gé. Urusan ngarang ogé aya waktuna, aya jamanna. Ogé gumantung kana kaayaan diri pangarang pribadi dina waktu éta. Deui, nu disebut hadé baréto bisa jadi goréng ayeuna. Kitu saterusna hadé jeung goréng tampolana nurutkeun sapamanggih-sapamanggihna, sakadutna-sakadutna.
Aya deui buku karangan kuring nu judulna Sri Panggung. Ieu mah suksésna téh lain lantaran ku pamuji para pangarang Sunda, tapi ku nu maraca. Buktina éta buku bisa laku. Béh dieuna, aya sawatara radio-amatir, nu maca, ngadongéngkeun buku Sri Panggung dina corong radiona. Ieu mah anyar kénéh pisan. Surat kabar Harian Bandung Pos kungsi ngamuat eusi buku Sri Panggung, nu judulna diganti ku Néng Mimin. Kitu tah éta mah disebut suksésna téh.
Ieu mah bener-bener suksés. Para pangarang pada ngajénan kana carpon kuring nu judulna “Néangan” jeung “Pacul”. Sakumaha nu geus diterangkeun ti heula, penerbit Kiwari nyitak bukuna. Sawatara surat kabar nyalin kana basa Indonésia ngamuat dina surat kabarna. Sdrk. Ajip Rosidi, ngamuat “Néangan” jeung “Pacul”. Atuh Balai Pustaka ogé ngamuat dina bukuna Kandjutkundang. Jadi moal salah-salah teuing mun kuring nyebutkeun yén carpon “Néangan” jeung “Pacul” bener-bener suksés.
Harita majalah Manglé dina taun 1964 ngayakeun Hadiah Sastra Manglé taun 1964. Nu kapilih meunang hadiah téh tiluan: Syarif Amin, Ki Umbara jeung Tjaraka. Hadiahna, duit jeung piagem. Ari duit mah sababaraha-sababaraha ogé tara lila nyangkaruk, nu aya kénéh ayeuna piagem jeung tas kulit leutik hadiah ti almarhum Oejeng Soewargana.
Ti harita kuring pada nyebut pangarang atawa bisa ngarang. Éta kuring bet boga rasa angkuh, maké aya bédana ayeuna mah. Lamun kuring ngirim karangan ka majalah atawa surat kabar, duka kumaha sakur karangan nu dikirim ku kuring mah sok dimuat waé. Aya deui. Éta kritikus sastra kana karangan kuring mah tara daékeun nyawad, kalahka muji. Éta mah jaman…. Lamun jelema geus boga ngaran hadé, populér, komo maké jeung dibarengan jeung kawasa, sanajan kanyahoan aya kakurangan atawa kasalahanana, tara teuing aya nu wanieun nyawad. Rajeun aya nu wanieun nyawad, kalahka nu nyawadna disalahkeun téh … jaman!
Carpon nu judulna “Néangan”. Bisi aya nu panasaran hayang nanyakeun kumaha asal-usulna, jujutanana, pang éta carpon bisa suksés kitu? Ti mana pangna asal-muasalna éta carpon dijudulan “Néangan”?
Sakali mangsa kuring tumpak karéta api ti Bandung rék ka Jakarta. Sabéhditueun Padalarang kuring nempo ka luar tina jandéla, pamandangan tempat sakurilingna. Kebon-kebon jeung tatangkalan ngaplak pikabetaheun mungguh anggapan urang kota nu kakara nénjo. Geuning méméh jambatan Sasaksaat téh loba pasir nu lungkawing, kuring nénjo budak leutik tataranjang bareng jeung indungna rék ngadon mandi dina tampian nu teu sabaraha jauh ti imahna. Tuluy disurupkeun kana kahirupan urang kota. Adegna lanang nu hirup sapopoéna ka cumponan, geus boga pagawéan dina waktuna libur lunta ka kampung. Manéhna papanggihan pamandangan, kaayaan nu anyar pinanggih, nepi ka nyaho saliwatan kahirupan Ema jeung Bapa Tani katut anak-anakna. Nyaho harita kahirupan patani. Nyaho harita mana nu disebut geulis mojang désa dibandingkeun jeung geulis mojang kota.
Urang kota, urang désa, urang sebut waé manusa cék Filsuf Soren Kierkegaard urang Démark téa mah: “Manusa mah teu bisa dikali hakékatna sacara umumna, lantaran saban individu kudu daék nanggungjawab kana laku-lampahna. Manusa hirup geusan néangan kabagjaan.
Geura waé teu kalis ku gedé darajat jeung pangkat, beurat beunghar paribasa réa ketan réa keton, teu weléh waé sok udar-ador, jiga nu teu ngarasa ku kasugemaan nu nyampak. Geuning sok piknik téa, rékréasi téa, malah aya urang kota nu teu kurang naon-naon, sakitu di Jakarta teu kurang tukang cukur nu kasebut hadé, ieu mah rék ngurud kumis waé indit ka Singapur ngalayang di udara. Jelema mah jelema, teu weléh sok hayang leuwih. Kitu lah, éta sarsilahna nu matak judul carpon kuring harita maké kecap “Néangan”.
Carpon “Pacul”. Ieu mah timbuh tina akibat, barudak désa sanggeusna sarakola tuluy ngaleut ka kota, nepi ka nu kari di kelas, nu sok macul kolot-kolotna, paman, uwa jeung bapana. Kebon jeung sawah loba nu garing teu kagarap, lantaran barudakna teu daraékeun macul da ngarasa hina. Meureun laun-laun mah, buktina kiwari kakurangan tukang macul. Ana ditransmigrasikeun téh lain barudak-barudak ka kaluaran sakola téa, tungtungna mah kolot-kolotna kénéh waé geuning, da barudakna mah teu bisa jeung teu daékeun macul, malah hina nyebutna ogé jadi tukang macul téh. Mun kiwari aya Sakola Pertanian Tinggi, aya Sakola Pertengahan Pertanian, mana ari Sakola Macul? Koméntar leuwih jauh kumaha nu dibarendo waé.
Kitu tah séké-sélérna pangna éta carpon dijudulan “Pacul” téh.
Carpon “Néangan” manggihan jejer caritana basa kuring keur tumpak karéta api. Néangan jejer carita teu bisa nuduhkeun dimana tempatna. Naha keur jalan-jalan, keur diuk dina korsi males, keur ngalonéng, malah meunang jejer carita téh tampolana keur aya di pacilingan. Anu rada écés meueusan sok meunang jejer carita keur carpon atawa novel téh di mana keur cicing jero ngahenang-ngahening di alam panglamunan.
Meunang wéh caritana keur jejer caritana téh lantaran nénjo mojang upamana. Tara diolah harita, kabiasaan kuring mah diolahna téh sanggeusna diuk nyanghareupan mesin tik. Ramo geus antel kana toetsen mesin, ngahuleng. Nyéh imut. Wangwang mojang geulis nu tadi téh. Engké téh jol waé kaluar tina ingetan uteuk kecap jeung kalimah naon keur ngamimitian mekarkeun jejer caritana.
Moal dimimitian ku: Jaman baheuha aya mojang geulis, sabab éta mah geus teu lumrah geus lain jamanna. Ti dinya mah ramo terus jalan dibarengan ku imut, ngahuleng, ramo jalan deui bari nuturkeun atawa nyaluyukeun jalanna alam pikiran nu bahan-bahanna geus nyampak dina bacaan jeung pangalaman téa.
Kuring mah kuring, lamun nyaritakeun nu geulis téh, lantaran pan carpon mah heureut pakeunna, tara panjang-panjang, lintuh matut, dénok montok, leutik mencenit, lenjang jeung sabangsana. Ku kecap pondok kitu téh bakal ngahudangkeun pikiran ka nu maca, ngawangwang sorangan nu kumaha nu disebut lintuh matut atawa leutik mencenit téh.
Kitu deui, enggoning nyaritakeun jelema jahat, entong disebut ku pangarang yén nu dicaritakeunna téh jahat, tapi kudu nu maca, yén sakur nu dicaritakeun bieu ku pangarang téh, nu maca bisa nyebut jahat.
Lain halna jeung ngarang novel. Lahanna novel mah lega. Rata-rata pangsaeutikna 100 kaca buku. Jadi laluasa geusan ngaréka basa ngarengga-renggi harti. Tapi sanajan kitu, ulah poho nu jadi saratna, cenah boh carpon boh novel nu hadé téh kudu plot, naon plot? Nya éta lancar dibacana, gampang dihartikeunana. Ngaguluyur gancang leyur kawas bubur gampang diteureuyna.
Novel atawa carpon lain mangrupa berita, saperti nu biasa dibaca dina surat kabar. Lain mangrupa bahasan. Da bahasan mah tulisan nu mangrupa masalah, persoalan. Dina nulisna ogé kudu puguh éntép-seureuhna, sistimatis. Nu macana ogé sok saregep, ditungtungan ku réa ngahuleng, nyusurup, ngasupkeun kana eusi sanubarina.
Ari novel jeung carpon mah, nya berita, nya bahasan, nu ngandung persoalan jeung masalah. Nu macana ogé jaba ti sok saregep téh, bari jongjon, ari haténa mah motah, kadang-kadang panca indrana ogé teu daék cicing. Nu maca téh asa digélokeun. Atuh sanggeusna maca, teu weléh jadi pertanyaan jeung persoalan. Tampolana sok kasasar-kagundamkeun, kabawa saré sok kaimpikeun.
Nu maca imut, mun kabeneran maca lebah nu sapuk jeung lelembutanana, nu kabeneran sarua jeung kaayaan dirina dina watktu éta. Maca astagfirullah, mun meneran maca lebah carita nu nyigeung kana rasa sanubarina. Ambek nyedek, tampolana keuheul ka pangarangna mun kasindiran, kakoét haténa, asa kabuka rasiah kalakuan nu minculak. Maca carpon téh sing bisa ngarasakeun aya mangpaatna geusan ngahadéan kalakuan nu maca tina rasa kakurangan, kasalahan enggoning prilaku sapopoéna. Bisa mesék persoalan saterusna nu eukeur jeung nu enggeus karandapan ku nu maca …. Maca lain sakadar maca.
Nyieun judul carpon atawa novel, néangan kecap atawa kalimah nu bisa “ngagétkeun”, cék istilah kiwari mah “kejutan”. Atawa néangan kecap atawa kalimah nu bakal jadi tatarucingan ka nu maca. Naon ieu téh? Nu bakal narik, hayang nyaho, naon eusina éta carpon atawa novel téh. Sipatna téh li ibarat iklan atawa réklame. Kadé ... étikét kécap no.1, ari rasa bet sari-sari hapeuk atawa haseum.
Pangarang carpon atawa novel basa Sunda, anu tangtu kudu ngarti kana seluk-beluk ngajiwaan basa Sunda. Teu ngan ukur sakitu. Ogé kudu nyaho basa-satempat nu disebut dialék. Mun di Bandung ka budak awéwé téh sok nyebut nyai, pan di Cirebon mah enok. Aya deui kecap nu sarua diomongkeunana, tapi béda hartina. Kecap resep di wewengkon Sumedang mah resep téh mecak. Ku mecak éta baju téh, hartina pikaresepeun éta baju téh. Mangkaning kecap mecak téh pan asal kecap pecak “pecak” téh sarua jeung coba. Dipecak hartina dicoba.
Geusan urang ngawasa basa Sunda anu tangtu urang kudu daék maca buku-buku pangajaran basa Sunda. Buku-buku karangan D.K. Ardiwinata, Ace Salmun, Buldan. Atuh dina Manglé ogé sok aya nu ngaguar Sunda. Atuh, keur nganyahokeun basa dialék téa, éta mah kudu daék jadi jelema bodo aléwoh. Tunyu-tanya, danga-déngé mun urang ulin atawa nyaba ka pilemburan. Ku campur-gaul kitu lain waé urang bisa nyaho basana, ogé adat-istiadatna. Dina carpon atawa novel dialék-basa jeung adat-istiadat diperlukeun geusan pibungbueun, mun ngangeun téa mah.
Jaba ti kitu téh ogé perlu sanajan ngan sautak-saeutik naon nu disebut pengetahuan umum. Meureun nu disebut pengetahuan umum téh éta, saperti filsafat, agama, kamasarakatan, élmu bumi, sajarah jeung réa-réa deui. Maksudna ulah nepi ka dina karangan téh nu ngeunaan sajarah upamana, hayoh disebut falsafah. Pikaseurieun nu maca.
Geusan nyumponan panemu sarupa kitu téh, pikeun nu teu ngalaman sakola tinggi mah pan barabé. Tapi, jaba ti daék maca buku-buku nu sarupa kitu téh, ogé bisa mun maca majalah, surat kabar, lalajo sandiwara, ngadéngékeun caramah-caramah jeung sajabana. Nya éta atuh! bet barabé geuning hayang bisa mgarang carpon atawa novel téh.
Urang teu kudu kéder, ulah boga rasa minderwaardig complek, rendah diri, duméh urang mah, cara kuring lain kaluaran sakola, teu diajar élmu kasusastran, nepi ka, karep hayang bisa ngarang rék mundur teratur. Maju terus pantang mundur!
Sabab ari ngan ukur hayang bisa ngarang carpon atawa novel mah lantaran karesep, alias hobby téa. Deui, geura prak talitikeun, aya pangarang carpon atawa novel nu dikarang ku doktor sastrawan? Pan nu sok daék ngarang carpon atawa novel mah geuning nya pangarang biasa waé, lain nu kaluaran akademi.
Para akademikus lain teu bisaeun meureun mun ngarang carpon atawa novel, atuda ladang konséntrasi meres lamunan ogé mun diitung ku duit mah teu nyubadanan. Éta sababna nu matak kudu dibarengan ku karesep. Ku lantaran resep téa, sakedah polah tangtu leukeun daék nambahan panemuna nu disebut ku kuring tadi, barabé geuning mun hayang bisa ngarang téh!
Hobby nu kamalinaan sok nurustunjung. Cara nu hobby pangabeuki kana rujak-cuka, pan ari kamalinaan mah matak mules beuteung terus méncrét.
Hobby resep teuing maca sok tara ngagugu kana panggeuing Ema. Geuning cék Ema téh, “Geus liwat tengah peuting ieuh! Aya kénéh waktu isuk neruskeun maca mah, bisi gering!”
Hobby nu kamalinaan, nu ngababi buta, sok nimbulkeun fanatisma. Ana geus jadi jelema fanatik sok nimbulkeun egoisma, nu hartina nu aing, ngan aing. Terus ngaberung néngtéréwéléng teu beunang dipegatan. Ceulina jadi torék, teu daék ngadéngé kana caritaan batur. Nu kitu nu sok disebut nurustunjung téh.
Keur nu hobby resep kana ngarang, sipat kurang jeujeuhan kitu téh kurang hadé. Mun aya nu nyawad karangan urang téh goréng, ulah ngotot embung dicawad. Tapi kudu nganuhunkeun sarta anggap yén éta panyawad téh sarua jeung panggeuing. Naséhat ti sisi ti gigir kudu ditarima kalawan lega dada.
Kuring inget kana wejangan ti aliran Kapercayaan, ngadéngé tina TV, cenah mungguh manusa téh kudu daék ngoréksi, ngobét ngali diri pribadi atawa nu sok disebut mawas diri. Ku kituna, keur urang nu keur diajar hayang bisa ngarang, éta kecap mawas diri téh perlu dilarapkeun dipiboga ku urang.
Aéh-aéh éta Tjaraka. Maké mapatahan sagala, kawas enya nu sagala nyaho, sagala bisa. Kawas geus jadi pangarang jempol waé?
Paralun ka Sang Rumuhun. Hampura ka balaréa. Pisan-na ogé teu pisan-pisan! Ieu mah ngan sakadar nembrakkeun pangalaman jeung kabisa kuring nu ngan sakitu-kituna.
Sampurasun nun!




[1]  Dimuat dina majalah Manglé no. 793-798, 2 Juli 1981-Agustus 1981, kaca 22-23, 4-5, 8-9 & 44, 26-27, 38-39, 18-19. 

Nonverbal - Tentang Api