Langsung ke konten utama

Dongéng Narsisus

(Keur ki adi: Asép YH)

Teu weléh aya nu bisa kapetik tina dongéng. Mungkin harti, mungkin ma’na. Sok sanajan naon nu disebut harti atawa ma’na téh rajeun hésé dibadéna. Harti atawa ma’na hiji dongéng bisa béda-béda gumantung ka saha, iraha jeung tina jihat naon nyurahanana. Tapi, kapan urang mah maphum. Sok sanajan tapsir bisa béda-béda, tapi tetep aya watesna. Teu kuma karep. Sabab lamun nyurahan dongéng sakarep ingsun mah kapan sarua jeung nyieun dongéng anyar.

Inget kana obrolan pasosoré sabada tutas ngalaksanakeun pancén di kelas. Bari ngareureuhkeun capé. Enya, harita mah bet asa loba waktu keur ngawangkong ngalér ngidul nyaritakeun rupa-rupa pangalaman. Inget kana hanca obrolan anu can tutug. Perkara Narsisus téa.

Dina novel Sang Alkemis nu geus ditarjamahkeun kana pirang-pirang basa turta geus kajual rébuan éksemplar, ku nu ngarangna, Paulo Coelho, dongéng Narsisus téh dijadikeun prolog. Maksud téh rék nyaritakeun deui prologna baé. Keun ngeunaan novel nu sagemblengna mah urang dongéngkeun dina waktu nu séjén deui. Katingalna mah novelna ogé pikaresepeun lamun dipedar téh. Sok komo deui kiwari mah kapan réa nu resep kana spiritualitas.

Sangkan leuwih jéntré, hadé urang balénan deui éta dongéng téh:

Narsisus téh hiji jajaka anu saban poé gawéna indit ka sisi talaga. Di dinya manéhna deku laju mencrong beungeut cai pikeun mikareueus kaéndahan dirina. Dina hiji mangsa Narsisus tigejebur. Dina tempat titeuleumna tumuwuh hiji kembang nu katelah kembang narsisus.

Ceuk éta buku, dongéng Narsisus téh teu anggeus nepi ka dinya, tapi aya terusna. Sanggeus Narsisus maot, cai talaga anu asalna tawar, lantaran pohara sedihna, robah jadi cimata. Bangsa lelembut nu aya di éta leuweung daratang ka sisi talaga pikeun némbongkeun béla sungkawa.

“Talaga,” ceuk para lelembut, “pantes andika mah rék sedih kingkin ogé sabab geus kaleungitan hiji mahluk nu éndah rupana, anu saban poé mikareueus dirina. Sok sanajan kami ogé sok nyérangkeun Narsisus ti jauhna, tapi kapan anjeun nu bisa deukeut jeung manéhna mah.”

“Enya, kami téh sedih ku maotna Narsisus,” ceuk talaga. “Tapi, naha enya kitu Narsisus téh éndah? Kami mah sedih sotéh duméh saméméhna bisa nempo, dina weningna panon Narsisus, kaéndahan diri kami sorangan.”

Saperti dongéng-dongéng buhun lianna, dongéng Narsisus téh keuna pisan keur ngagambarkeun sipating manusa mah. Dina istilah psikologi geuningan aya nu disebut narsisme, nu karéréaanana sok disurahan minangka cinta diri. Saperti nu ku urang bisa kabaca dina pedaran psikoanalisis Sigmund Freud. Tapi, Erich Fromm mah teu panuju kana tapsiran Freud samodél kitu téh. Fromm mibanda pamadegan yén narsisme mah lain cinta diri, tapi mentingkeun diri sorangan.

Bisa jadi bédana pamadengan ngeunaan narsisme antara guru jeung murid téh dilantarankeun ku konsép cinta anu teu sarua. Fromm nempatkeun cinta luhur pisan. Anjeunna kungsi nyerat buku nu kalintang kawentarna nyaéta The Art of Loving anu geus ditarjamahkeun kana rupa-rupa basa. Numutkeun Fromm cinta téh pangpangna lain “dilantarankeun” ku hiji obyék, tapi mangrupa kualitas anu hirup dina hiji pribadi nu ngan ukur bisa diaktualisasikeun ku hiji obyék. Jadi, saur Fromm, cinta téh mangrupa hiji dorongan pikeun nguatan “obyék”; cinta lain “balukar” tapi hiji tarékah nu aktip. Demi tujuanana taya lian nya éta pikeun kabagjaan tur kabébasan obyékna.

Ari Narsisus, dumasar kana panitén Fromm mah, ngan ukur jiga nu micinta ka dirina, padahal saenyana mah ngan wungkul mentingkeun dirina sorangan. Kalakuan samodél kitu téh, saur anjeunna mah, mangrupa konpénsasi tina suwungna rasa cinta ka dirina sorangan.

Matak pogot nuturkeun pedaran ngeunaan cinta ti Erich Fromm mah. Ku anjeunna mah dongéng Narsisus téh dijadikeun métafor pikeun ngagambarkeun manusa modérn anu geus kaleungitan rasa cintana, boh ka diri pribadi boh ka sasamana. Dua kali perang dunya katut perang-perang séjénna, di antarana, mangrupa buah tina ngancikna jiwa narsistis.

Balik deui kana dongéng Narsisus, boh Narsisusna boh talagana, bet duanana ogé geuning sarua pada-pada ngeunteung pikeun mikareueus dirina séwang-séwangan.

Upama dina bubuka kuring nyebutkeun yén tapsir téh aya watesna, ayeuna mah kuring kalawan sadar hayang nyieun tapsir nu kaluar tina wates, hartina rék nyieun dongéng Narsisus “versi” anyar. Ari carana mah rék nulad Paulo Coelho baé, nya éta ku cara manjangan carita bari sakalian nulad carita Ramayana deuih, nyaéta lebah Rahwana teu walakaya lantaran digencét ku dua gunung. Harita tina sungut Rahwana kaluar hawa nu sumebar ka sakuliah jagat. Sing saha nu henteu ati-ati tur nyeseup hawa nu dikaluarkeun ku Rahwana tanwandé sipat-sipat angkara murka bakal ngancik dina dirina.

Dongéng Narsisus vérsi anyar téh kieu: Kacaritakeun kembang narsisus téh sumebar ka mana-mana. Kitu deui cai talaga téa, ngocor ka pirang-pirang wahangan. Jadi kaéndahan di alam dunya. Atuh sakumna manusa kungsi nginum cai talaga atawa kabéngbat ku éndahna kembang narsisus. Ti dinya, boh awéwé, lalaki, kolot, budak, pamingpin, rayat, kiai, santri, ménak, cacah, dosén, atawa mahasiswa, antukna katerap panyakit narsisme. Cag.

Lélés, 2005

Postingan populer dari blog ini

Puisi Sunda

Téddi Muhtadin
Sapanjang néangan kidul, kalér deui kalér deui, sapanjang néangan wétan, kulon deui kulon deui, sapanjang néangan aya, euweuh deui euweuh deui.
Sepanjang mencari selatan, hanya utara yang kujumpa, sepanjang mencari timur, hanya barat yang kujumpa, sepanjang mencari ada, hanya tiada yang kujumpa.
(Haji Hasan Mustapa)
Puisi adalah istilah baru yang digunakan untuk menandai bentuk-bentuk sastra yang sudah terlebih dahulu ada. Istilah puisi baru dikenal dalam khasanah kesusastraan Sunda sekitar awal abad ke-20, yakni saat sarjana-sarjana Belanda mulai meneliti kesusastraan Sunda. Dalam penelitian tersebut, tentu saja, mereka memahami sastra Sunda dengan terminologi sastra Barat. Terminologi sastra Barat itu, di antaranya, membedakan karya sastra berdasarkan puisi, drama dan cerita. Menurut Luxemburg (19), misalnya, puisi pada hakikatnya adalah monolog, drama adalah dialog, dan cerita adalah campuran di antara keduanya.  Penjelasan lain yang lebih khusus, dalam Kamus Istilah Sastra (1992)…