Idé, Kelompok, jeung Média


Teddi Muhtadin

Sawatara minggu ka tukang, dina sela-sela lokakarya nu diayakeun di Fakultas Sastra Unpad Jatinangor, kang Wahyu Wibisana ngajakan ngobrol ngeunaan sastra Sunda. Harita anjeunna nembrakkeun kahoyongna ngiring diskusi di KSB “Rawayan”, tapi can kacumponan. Sok sanajan kitu, tina obrolan harita kuring nyadap dua hal ti anjeunna. Kahiji ngeunaan sajak, kadua ngeunaan diskusi-diskusi sastra Sunda. Saurna, umumna sajak-sajak beunang pangarang ngora téh némbongkeun larik-larik anu kuat, tapi héngkér dina idé poko sacara gembleng, taya pikiran anu gumulung. Sedeng dina diskusi-diskusi anjeunna ningali hiji situasi anu kurang daria, dina harti loba réspon ti pamilon diskusi anu sipatna éléméntér, henteu nerag kana masalah nu leuwih ésénsial.
Kuring kataji ku kadariaan anjeunna dina niténan kamekaran sastra Sunda. Merenah anjeunna mah dipaparin Hadiah Sastra Sunda “Rancagé” téh, da puguh geuning komitmen kana satra Sundana ogé henteu pugag ku kakolotan, malah jiga-jiga nu némbongkeun sumanget anyar. Minangka rasa hormat ka anjeunna kuring seja mairan pamendakna. Muga-muga henteu nyalahan.
Sacara pribadi kuring nempo tilu hal anu aya hubunganana jeung kamekaran sastra Sunda kiwari, nyaéta idé, kelompok, jeung média. Tilu hal ieu téh sabenerna henteu bisa dipisahkeun. Idé nyaéta sagala rupa hal anu aya hubunganana jeung pikiran, tiori, métodeu aliran atawa wangun-wangun éstétika sastra nu aya. Kelompok nyaéta beungkeutan jalma-jalma, boh formal atawa henteu, anu ngokolakeun sarta mikacinta sastra Sunda. Kaasup kana kelompok téh lembaga formal saperti paguron luhur jeung kelompok-kelompok diskusi sastra atawa budaya anu kalan-kalan disebut “liar”. Anu dimaksud média nyaéta sagala rupa hal anu bisa dipaké mublikasikeun karya, pangpangna média citak saperti koran, majalah, jurnal, buku, atawa selebaran.

Dina perkara idé, kuring nempo lobana informasi ngeunaan rupa-rupa aliran, tiori, métodeu, jeung pikiran-pikiran sastra séjénna. Urang diwanohkeun kana istilah-istilah struktural, sémiotik, resepsi, romantis, realis, dékonstruksi, absurd, jeung réa-réa deui. Kumaha carana urang ngarésron kana gulidagna informasi idé saperti kitu? Kuring yakin hiji tiori atawa métodeu mangrupa hiji jalan piheun mikapaham karya sastra. Ku kituna mikawanoh hal-hal di luhur baris ngalegaan horison pikiran, sarta bisa ngajauhkeun manéh tina kajumudan.
Upamana baé, sacara tradisional dina kahinupan sastra Sunda, hirup hiji kayakinan yén karya sastra téh diwangun ku cangkang jeung eusi. Cangkang mangnupa unsur intrinsik atawa struktur, eusi nangrupa unsur ékstrinsik nu bisa jadi mangrupa muatan moral, politik jeung sajabana. Tapi, dina pandangan kaayeunakeun mah henteu kitu. Roland Barthes, upamana, nétélakeun yén karya sastra téh henteu cara buah aprikot anu diwangun ku kulit jeung siki, tapi cara bawang nu diwangun ku lapisan-lapisan kulit. Nu disebut eusina téh nya kulitna, atawa eusina suwung, nu aya ngan kulit anu dibulen ku kulit.
Jadi, upama saméméhna urang nganggap yén kanya sastra tah mangrupa cangkang jeung eusi, anu eusina geus pasti aya, mibanda kakuatan émansipatif, atawa bisa jadi alat pikeun ngadidik masarahat, dina pandangan kaayeunakeun mah henteu kitu. Sastra téh mangrupa sarana pikeun ngahadirkeun deui kaintiman atawa kompléksitas hirup anu kalan-kalan ditempo tina jihat eusi mah ngan ukur nonsense.
Boa-boa, upama urang kuciwa lantaran dina harya sastra, pangpangna sajak, henteu manggihan idé poko, masalahna lain lantaran éta karya sastra téh héngkér, tapi lantaran saméméhna urang dibeungbeuratan teuing ku sumanget néangan eusi.
Ayeuna, saha atuh anu baris ngadistribusikeun idé dina kahirunan sastra Sanda? Kuring nempo loba curuk nu nunjuk ka lembaga akademik. Tapi, kuring masih kénéh nempo aya dikotomi antara “akademisi” jeung “praktisi” sastra (keur samentara urang sebut kitu baé). Upamana baé masih kénéh kadéngé kesan ti praktisi yén kaum akademisi téh néori teuing! Sabalikna, kadéngé kesan ti kaom akademisi yén kaom praktisi téh loba mawa karep sorangan, dina harti pamadeganana téh henteu nangtung dina tiori anu jelas. Kesan-kesan sarupa kitu téh ngabalakarkeun euweuhna dialog.
Upama dititénan sacara umum, éta dua kelomook téh narulis dina “basa jeung ragam basa” anu béda. Kitu deui média ana dipakéna. Para akademisi umumna nulis dina wangun karya ilmiah, laporan penelitian, skripsi, tésis kalayan ngagunakeun basa Indonésia. Para praktisi nulis dina wangun éséy maké basa Sanda (kalan-kalan ngagunakeun ogé basa Indonésia). Kuduna mah hal ieu téh henteu ngabalukarkeun kosongna dialog. Tapi kanyataanana, hasil panalungtikan ukur ngeusian rak-rak perpustakaan. Para akademisi antuka henteu meunang réspon ti praktisi, kitu deui sabalihna, para praktisi henteu nyahoeun geus nepi ka mana lénghahna, lantaran teu maca hasil panalangtikan.
Ngeunaan kelompok, pikeun kuring mah bisa ogé ditingali dumasar kana gedé-leutikna atawa formal henteuna. Kuring leuwih kataji ku kelompok-kelompok anu laleutik. Kuring nempo kasempetan (peluang) anu gedé pikeun kelompoh-kelompok anu laleutik, lantaran umumna kelompok modél kitu mah leuwih fleksibel jeung mibanda mobilitas anu lumayan. Dina hal ieu kuring jadi inget ha almarham Arifin C. Noer nu méré ngaran kelompohna Teater Ketjil.
Di kelompok-kelompok formal jeung gedé, rata-rata geus birokratis. Acara-acara nu dilaksanakeunana biasana kasengker ku waragad, waktu, jeung tempat. Temana kudu jelas, tapi mindeng gagal lantaran idé panitia jeung pamilon henteu nyambung. Antukna téma diskusi anu daria, dréspon ku pamilon kalayan céték. Hal ieu téh baris béda jeung kelompok-kelompok anu teu formal jeang leutik. Waragad lain teu perlu tapi moal pati gedé. Kitu dea dina diskusi bisa leuwih teleb tur daria. Tempat jeung waktuna bisa di mana baa atawa iraha baa. Kuring boga kayakinan parobahan bisa dimimitian ti kelompok samodél kieu. Sabab, saperti analogi Nirwan Dewanto, panyakit AIDS nu ngageunjleungkeun téh asalna mah ukur mangrupa matasi gén dina virus anu pohara leutikna.
Saanggeus idé nu seger, kelompok anu kondusif, saterusna tangtu urang merlukeun média anu representatif. Tapi naha aya? Pikeun karya saperti carpon teu matak sulit, unnggal média mibanda rubrik carpon. Sajak? Najan teu unggal minggu, nya atuh genténg-genténg ogé ulah potong. Tah palebah kritik, aya masalah. Kuring boga anggapan yén teu hirupna kritih téh lain euweuh nu rék nulisna, tapi euweuh médiana. Di Manglé henteu mungkin, sabab ceuk rumpakana ogé ngirim kritik ka Manglé mah salah alamat. Ka Galura ogé jigana mah moal jauh ti kitu, sabab teu ngahususkeun kana sastra. Bisa ogé karya kritik dikirimkeun ka Bandung Pos atawa Pikiran Rakyat, tapi pikeun kamekaran sastra Sanda, pangpangna dina kritik, kurang hadé.
Jigana kritik sastra mah leuwih merenah lamun digarap ku média saperti Kalawarta LBSS, Jurnal Rawayan, atawa Pakalangan. Tapi kumaha carana sangkan éta média-média téh bisa terus hirup. Naha mungkin lamun dipikiran, yén kelompok-kelompok anu laleutik téh baroga média pikeun ngaéksprésikeun idé-idéna? Wangunna bisa mangrupa selebaran atawa buletin anu ku urang sok dibaca saméméh solat Jumaah? Jigana, média kieu mah warargadna ogé moal gedé teuing. Jeung, asal pikiran alternatif dihirupkeun, diskusi dimimitian, tur teu ngaharamkeun kana polemik, média kieu téh baris gedé mangpaatna.

Komentar