Laras jeung Sizofrénia

Téddi Muhtadin

Sababaraha taun henteu panggih, dina hiji waktu, ngaliwatan pos, datang sajakna sabebedan. “Hoyong diaos,” cenah. Séjén waktu datang deui sabebedan. Ayeuna mah dituturkeun ku nu bogana. “Hoyong dipanganteuran,” cenah bari ngasongkeun bebedan sajak nu séjén deui. Jadi, aya tilu bebedan. Tapi, nu ménta dipanganteuran mah bebedan anu datang pangpandeurina.

Éta panyajak téh Cucu Nurzaman. Inyana kungsi jadi mahasiswa Jurusan Sastra Sunda Unpad, angkatan 1996. Ku kuring kungsi kaajar dina sababaraha mata kuliah. Tapi, kuliahna henteu tamat, kaburu udur. Kungsi dirawat di rumah sakit jiwa tapi henteu buru-buru cageur. Nya terus uubar deui ka ditu ka dieu. Meunang béja ti babaturanana, Cucu ku kolotna dipasantrénkeun di Tasikmalaya.

Ti dinya mah pleng les baé. Tepung deui waktu ménta panganteur téa.

Waktu keur kuliah Cucu mindeng ruang-riung jeung batur-baturna nu resep diajar nulis. Atuh kana macana ogé katémbong rewog, leuwih onjoy ti batur-baturna.

Nya éta atuh, sanggeus udur mah prosés kréatifna teu katuturkeun deui, ari lain tina hiji dua sajakna mah anu kungsi kabaca dina média mah. Papadaning kitu, aya ogé sajakna nu kungsi dilélér hadiah sastra LBSS.

Teu jauh tina panyangka sajak-sajak Cucu mangrupa éksprési tina perjoangan hirupna. Dina lebah deui mah idéntik jeung tarékah ngungkulan kasakitna. Atuh kumpulan sajak nu ménta dipanganteuran ogé ku panyajakna dijudulan Laras Sizofrénia. Dua kecap nu hartina patukang tonggong. Nu hiji némbongkeun tata atawa aturan, nu hiji deui némbongkeun kakacowan.

Dina kasenian istilah “laras” nuduhkeun kana surupan. Dina buku Kandaga Kasusastran Sunda (1962) M.A. Salmun kungsi nyieun istilah nu maké kecap laras, kayaning laraspurwa, laraswekas, larasmadya pikeun ngaranan rupaning aturan purwakanti. Ari kecap “Sizofrénia” asalnya tina dunya psikiatri, nyaéta hiji ngaran panyakit kajiwaan, nu dina basa Sunda mah sok disebut owah atawa siwah téa.

Dina dunya kasenian jeung paélmuan loba seniman jeung élmuwan anu kungsi katerap ku Sizofrénia, di antarana baé Sayudi, Fyodor Dostoievsky, Friedrich Nietzche, jeung Sigmund Freud.

Ceuk Eugene Minkowski mah Sizofrénia téh nyaéta parobahan simtom-simtom jeung saniskara wangunna nu ngawangun sarupaning arus nu ngamalir antara kahirupan normal jeung jiwa patologis. Laju, ku inyana digambarkeun yén éta panyakit téh lir ibarat pasang surud cai laut: dina hiji mangsa, katangén tingtrim, biasana dina waktu kitu mah nu gering téh sok bisa kontak jeung nu lian; tapi dina mangsa séjén mah lapur, inyana kabawa palid ku galura nu balotah, sagala rupana leupas tina cangkingan – terus tereb ka dasar sagara. Tapi sok sanajan kitu, ceuk Minkowski kénéh, daya pikir nu katarajang panyakit kitu téh henteu ngurangan.

Kitu jigana panyakit nu narajang Cucu Nurzaman ogé. Papadaning kitu, daya pikir Cucu henteu ngurangan. Saperti nu kagambar dina sikep subyék lirik “Laras Sizofrénia”, salah sahiji sajak nu kuat, Cucu mibanda tékad anu buleud pikeun ngungkulan éta masalah.

...

Da geuning laut mah sakapeung lambak nu ngagalura

Di sagara atawa jaladri nu tingtrim di basisir

Papadaning kitu kudu ditaratas

...

Kawas nu diiberan tina judulna: Laras Sizofrénia; mémang, sajak-sajak Cucu Nurzaman téh lir adumanis antara laras jeung Sizofrénia atawa antara tata jeung kakacowan. Aya kalana duanana gumulung jadi hiji wangunan anu weweg tur gembleng cara dina sajak nu dijadikeun judul buku: “Laras Sizofrénia”, tapi aya kalana sajak Cucu leuwih déngdék kana tata atawa kana kakacowan. Sajak-sajak anu déngdék teuing kana tata jadi karasa biasa atawa konvénsional, sedengkeun sajak-sajak anu déngdék teuing kana kakacowan jadi ningnang lantaran sulit dituturkeun logikana.

Pamungkas, Laras Sizofrénia némbongkeun perjoangan hirup panyajak anu daria.

Komentar