Prosa Liris

Sumbi

Teddi Muhtadin

Saenyana, basa diberik ku anjeun, Sangkuriang, kaula teu terus incah: maneuh dina lemah sarakan, jiga ilang dina rerembet kakayon, lir nyamuni dina samarna lalangsé ibun. Harita anjeun mah linglung: ngawut-ngawut geter sukma nu marudah, nguwak-ngawik saban ciciptan. Laju parahu batin kula ditalapung, ngawang-ngawang, nutug, terus nangkub. Tapi, naha kalah anjeun anu lana ngarasula?

Kula teu nolak kana ayana perang nu abadi antara bangsa kaula jeung anjeun. Inget, satutasna bapa hidep hanjat ka basisir, taya deui lalaki nu kungsi silanglang dina liuhna jaladri kula. Pangwelah peunggas. Ti basisir ka tungtung teuteup ngan tepung dina implengan.

Tapi panon anjeun kawas kapindingan caang. Padahal saperti Sri, getih kula sumarambah dina saban urat cai, mumbul dina saban tatangkalan jeung jujukutan, ngajadi kembang-kembang implengan, anu mikat asih angin jeung bangbara. Saterusna, sabagian tinekanan jadi buah jadi siki. Asih kula dimangsa ku saban mahluk. Jadi tulang jadi getih, jadi ambekan jeung implengan. Asih kula, Sangkuriang, asih nu ampir narah pamulang.

Lélés, 9 Pébruari 2004

Ambu

Lain indung mun teu surti kana jerit batin hiji lalaki. Jerit nu mo gampang ditembrakkeun. Jerit nu ngancik di satukangeun lalangsé haté. Jerit nu ngaweuhan tur muni dina dada Ambu sorangan.

“Naha ieu téh geter purba atawa ukur pucuk awi nu béngbatan?”

Guruminda ukur tungkul. Socana tembus ka Buana Panca Tengah. Tapi bet matak hélok, aya mangpirang Ambu ngagupay di saban madhab.

“Ulah samar anaking, Ambu ngeunteung di sakumna wanoja anu ngeungkeuy ti garba ka pajaratan. Moal eureun Ambu ngeunteung, méméh alam burakrakan.”

Simpé sakedapan. Tapi Guruminda taya manah ngudar sila.

“Ulah ringrang anaking, saban eunteung nungtun jalan ka Ambuna.”

“Bral!”

Lélés, 2 Méi 2005

Pitaloka

Hanyir getih sumilir katebak angin. Sora perang ngahuru saban jajantung. Tapi, mangsa lawas anu natrat bet narémbongan. Éstu tembres lir gurilap matapoé na seuseukeut pedang ajal.

Diri nu gelar ka alam dunya, horéng ukur waruga nu diwayangkeun asih bapa, asih indung, asih kadang kulawarga. Tali asih nu nalikung tambah réa paméntana. Diajénan, diméménan, tapi teu meunang boga pamilih. Karep bapa jadi karep diri kuring, kacua balaréa jadi kacua diri sorangan. Hirup mangalir ti Rahim ka Tegal Bubat.

Sora perang mumbul ka jomantara, tapi laju jadi réhé. Kuring surti, ayeuna, di Tegal Bubat, sakabéh tali asih nu nalikung léngkah kuring geus paragat. Tapi, moal lana.

“Patrem, upama kuring henteu bisa milih jalan hirup. Ayeuna kuring seja milih jalan pati.”

Lélés, 6 Méi 2005

Sri

Kuring dicipta tina cimata. Bapa kuring, Déwa Anta, nu tuna leungeun jeung suku bet dihiras kudu séba tatapakan keur ngawangun balé panggung balé agung. Hanjakal ku Narada, bet téga ngumbar ucap laklak dasar, ngawiwirang taya rasrasan.

Harita bapa kuring ngeclakkeun cimili. Nu ngaliwatan jalan panjang nya gelar jadi kuring, wanoja nu lana nandang tunggara.

“Naha sakumna wanoja dicipta tina cimata?”

Kuring teu weléh nanya ka gunung-gunung anu paul, ka langit nu reugreug pageuh. Tapi saban pertanyaan mulang deui ka sorangan.

Basa Dewa Guru, bapa pulung kuring, medal niat ngagadabah, ku naon bet kuring anu dihukum?

“Naha sakumna wanoja dicipta tina cimata?”

Rampak sapangeusi jagat raya, “Anjeun kudu ilang!”.

Ayeuna kuring ilang, tapi nolak pikeun musna. Kuring nu lahir tina cimili ayeuna ngawujud dina warna-warni tutuwuhan. Ruh kuring ngancik di sakur oyagna dahan, hibarna kembang, uruyna bungbuahan. Ruh kuring ngancik dina warnaning paré nu hémpak satungtung deuleu.

Lélés, 8 Méi 2005

Tumang

Basa jamparing niruk jajantung, mingkin atra Tumang nyeueung titis tulis. Getih ngalémbéréh, cimata ngembeng. Kaayaan jadi sarimbag jeung gambar ajal nu kungsi témbong, mangpuluh taun ka tukang.

“Kula sadrah,” kedal Tumang teu kawawa nahan momotna sorangan.

Sangkuriang ngembang wéra. Napasna ngaleupeuhkeun dangdaunan.

“Kaula ukur anjing: ngagogog di pamoroan, ngalinjing di jempling peuting ngan ukur pikeun babakti. Kapan Anjeun tujuan hirup kaula.”

Rénghap Tumang seuseut seuat. Panon paor. Tapi Tumang henteu suda ngagerentes.

“Sangkuriang, tina sakumna ciciptan, ukur bangsa anjeun nu sampurna. Ukur bangsa anjeun anu mulang ka Gustina. Sakumna ciciptan nganti-nganti ditatap, diusap, tur dimangsa ku bangsa Andika. Mun seug léah, pangraksakeun lelembutan kula anu ngancik di Andika. Tapi upama bedang, pangalakeun ieu jajantung. Pasrahkeun ka indung hidep minangka mas kawin nu teu kungsi kapasinikeun.”

Sangkuriang nénjrag bumi. Haseup kawah ngabubulak na dadana.

“Dasar anjing!”

Ramo-ramo Sangkuriang sakilat ngarecah waruga Tumang tur ngarabut jajantungna.

Lélés, 10 Séptémber 2005

Cikaracak

Nu pangbeuratna tutas kula disupata jadi batu nyaéta nyanghareupan cikaracak.

Kula maneuh di lamping gunung, diais akar kakayon, dilampud ku lulukutan. Handapeun kula mangalir wahangan nu ngembat saperti waktu. Némbongkeun rupaning lauk, anu gedé anu leutik.

Aya kalana simeut eunteup na tonggong kula, di gigireun kadal lapar ngadodoho. Séjén waktu oray ngabongohan bangkong, dina dahan dadali ngiker mangsana.

Hirup silihrebut, nu kasor kapaksa musna.

Saenyana, cikaracak nu ngagupay rupaning mahluk sangkan marek ka kaula. Cikaracak nu nyambungkeun sangetna leuweung jeung wahangan anu ngembat ka sagara.

Mémang aya sajarahna:

Satutas kula disupata, waruga indung ngalémbéréh jadi cimata. Cimata rembes kana aakaran, lila-lila robah jadi cikaracak. Nya cikaracak anu sabar. Mangabad-abad teu kendat ngakclakeun mangrébu du’a. Nembus bedang wangkelangna kula.

Cikaracak ninggang batu....

Lélés, 14 Désémber 2005

Karnadi

Uing téh Karnadi ti Cijawura. Lain Cijawura anyeuna nu heurin usik. Ieu mah Cijawura baheula, waktu sawah upluk-aplak, lembur gé ancal-ancalan. Harita uing dilandi Karnadi Anémer Bangkong. Tangtu baé, ukur geuhgeuyan mimitina mah, tapi antukna mah jadi nelah.

Ti harita jigana talajak uing kaémpér-émpér. Terus namper dina novél. (Nuhun jeung hanjakal ku Soekria katut Joehana nu geus manjangkeun umur uing). Laju sumebar ka mana-mana: jadi dongéng dina radio, jadi lalakon dina lénong, longsér, sandiwara, turta midang dina sinétron. (Kang Ibing anu jadi uingna gé kapan, batur salembur). Malah, kadieunakeun mah dongéng uing téh diarulik ku mahasiswa jeung dosénna, kaasup ku para kritikus sastra.

Aya laguna ogé,

“Karnadi bandar bangkong,

meunangkeun nu geulis bati ngabohong ....”

Emh, bet teungteuingeun. Kacipta napsu ngaberung, larangan diantep liar. Padahal, uing mah ngabohong sotéh bongan aya anu hayang dibohongan. Cindekna, mitapak anu balangah, ngadodoho nu sologoto.

Bongan bangkong bongan bangkong,

ka cai teu dimandikeun.

Bongan hoyong bongan hoyong,

birahi dikamalirkeun.

Heueuy deuh!

Uing téh masih Karnadi. Minangka taméng ieu mah: Lantaran teu bisa nulis dongéng picontoeun, (punten!) nya ku sirit, uing nulis dongéng pieunteungeun.

Lélés, 12 Desember 2005


Kabayan

(Haturan Kunto Sofianto)

Diparengkeun, Kabayan uninga kana rasiahna umur panjang; sanaos lapur, teu wanoh ka jalan sirna. Ratus taun dieusi heuheuy jeung deudeuh, kalan-kalan dibarung durirang durang duraring.

Aya anu haat mangdamelkeun kuburanana. Tapi lapur, batan euweuh Kabayan mah kalah maneuh.

Dina hiji mangsa, sedeng Kabayan linggih dina sesemplékan baju méjan, bet pangangguran aya nu naros.

“Kabayan, di mana ari puseur jagat?”

“Tah di dieu!” Bari nujuk kana taneuh nu aya handapeunana. Éstu taya riuk-riuk bingung.

Bari mésem, nu nanya mindoan kecap, “Naha bet di dieu? Lain di wétan? Kapan di ditu mah aya Paku Alam, aya Hamengkubuwono?”

Anu nanya kukulutus, malah terus nuang jinis, “Mun teu di wétan puseur dunya mah tangtu di kulon, di London. Kapan ukuran waktu diitung ti lebah dinya. Mun teu di kulon nya di kalér atawa kidul. Di kutub nu lawas beku.... Emh, dasar Kabayan. Nyarita asal calangap.”

Walon Kabayan, “Lamun kitu, naon untungna keur sia?”

Lélés, 17 Juli 2008


Komentar