Semangat Baru Mikihiro Moriyama jeung Agénda keur Sastra Sunda

Téddi Muhtadin

/1/

Lamun seug kamus basa Sunda dicorétan kekecapan nu asalna tina Arab, sabaraha kaca nguranganana? Laju corétan deui kekecapan nu asalna tina basa Walanda, sabaraha lambar nguranganana? Laju deui mun urang ayeuna dipantrang nyarita maké kecap anu asalna tina basa Indonésia atawa Inggris, naha bakal lancar kénéh urang ngomong atawa loba ngabigeu? Kitu dina basa, kitu dina sastra, nya kitu ogé dina budaya. Basa, sastra katut budaya Sunda diwangun ku anasir-anasir sampakan jeung serepan, boh nu sacara sadar ditéangan boh nu mimitina ditaragal dipaksakeun ku deungeun-deungeun. Éta anasir-anasir téh ngawangun “banda urang” anu lir geus teu méré kasempetan deui pikeun dipasualkeun asal-usulna. Sakali saweuy disingkabkeun, bruh-bréh lapak lacak baheula anu kungsi dibaid-baid téh geuning bet dibéla bébéakan.

Kitu asana pangalaman kuring sabada maca buku Semangat Baru Mikihiro Moriyama anu édisi basa Indonésiana medal taun 2005. Ieu buku téh asalna mangrupa disértasi anu dipertahankeun di Universitas Leiden, tahun 2003. Saméméh diterbitkeun dina édisi basa Inggris taun 2004, saenyana bagian-bagianana kungsi kacaba boh dina Jurnal Dangiang, Kalam, jeung tina sababaraha makalah anu kungsi ditepikeun ku Mikihiro. Sanggeus medal jadi buku anu gembleng beuki karasa deui pentingna ieu buku keur mikapahan pasualan-pasualan anu patali jeung basa, sastra katut budaya Sunda.

/2/

Anu jadi puseur perhatian Mikihiro dina Semangat Baru nya éta nyungsi ayana karya tulis modérn dina buku-buku basa Sunda ti awal abad ka-19 tug nepi ka awal abad ka-20, nalika ngadegna Commissie voor de Inlandsche School- en Volkslectuur (Komisi pikeun Buku-buku Sakola Bumiputra jeung Buku-buku Bacaan Populér) dina taun 1908 (2005: 1). Dumasar kana hasil panalungtikan Mikihiro, sok sanajan geus ti abad ka-17 Walanda ngajajah Indonésia, tapi kakara dina awal abad ka-19 urang Éropah “manggihan” basa katut sastra Sunda minangka éntitas anu mandiri, misah tina basa katut sastra Jawa.

Dina jero saabad téh ngan sabagian leutik baé para sarjana katut pagawé kolonial anu neundeun perhatian kana basa jeung sastra Sunda. Kitu gé maranéhna téh ukur ngarumuskeun basa katut sastra Sunda dumasar kana konsép-konsép Barat anu geus mapan (2005: 1). Laju, nalika pamaréntah kolonial perelu ku pagawé Bumiputra, nya ngadegkeun sakola-sakola keur Bumiputra tur ngawanohkeun téhnologi citak kana sistim tulis-tinulis anu aya (2005: 2). Dua hal éta pisan, ceuk Mikihiro, anu nimbulkeun modernitas téh. Demi anu dimaksud ku modérnitas téh, pangpangna dina sastra, nyaéta nerapkeun standar-standar éstetika kasastraan Éropah tur nolak pangaweruh tradisional sarta ngutamakeun paradigma mikir anu rasional jeung émpiris (2005: 2).

Ngaliwatan prosés anu saperti kitu kabudayaan Sunda “diciptakeun deui” ku Walanda. Walanda “nyiptakeun” basa Sunda murni pikeun urang Sunda lengkep jeung aksara, éjahan, tatabasa, kamus, buku-buku, katut bahan-bahan ajarkeuneunana. Walanda ogé “nyiptakeun” sastra Sunda lengkep jeung konsépna, génrena, katut gagasan-gagasan anu kudu nyangkaruk di jerona. Lila ti lila, basa katut sastra Sunda “ciptaan” Walanda téh antukna ditarima ku urang Sunda ampir tanpa masalah, nu saterusna dipiara, dimumulé tur diperjoangkeun. Mémang, Mikihiro ogé némbongkeun, aya tokoh saperti Méméd Sastrahadiprawira anu teu panuju kana gambaran sastra Sunda anu digambarkeun ku kaum kolonial, tapi kateupanuju Méméd, ceuk Mikihiro, didadasaran ku panarimaanana kana konsép Walanda ngeunaan sastra.

Dina bagian panutup, Mikihiro nétélakeun yén Semangat Baru diajangkeun ngan pikeun nyungsi asal-usul sastra Sunda modérn anu ngakar dina pertengahan abad ka-19. Ceuk Mikihiro kénéh, naon nu disebut akar sastra téh saenyana mah mangrupa anasir tina sastra Sunda. Ku kituna, pikeun mikapaham kasusastraan Sunda urang perlu mikapahan tradisi-tradisi lianna anu terus mangalir dina kasusastraan Sunda, di antarana baé nyaéta tradisi Islam.

/3/

Sabada maca nepi ka tutug mémang karasa aya dua gaya penulisan anu béda, antara bagian patutup anu ditulis langsung ku Mikihiro jeung bab-bab saméméhna anu ditarjamahkeun ku Suryadi, M.A. tina basa Inggris. Tapi lain baé gaya, nu ku kuring karasa téh tapi kawas aya nu renghat antara bab-bab nu ditarjahamahkeun ku Suryadi jeung bagian panutup nu ditulis langsung ku Mikihiro. Dina bab-bab saméméhna Mikihiro medar ngeuaan timbulna modérnitas dina sastra Sunda katut paradigma anu ngadadasanana, sarta akibat-akibat anu timbul di kalangan inteléktual Sunda. Dina bab panutup Mikihiro nempatkeun sastra modérn Sunda téh ngan saukur anasir dina konfigurasi sastra Sunda.

Enya sastra Sunda modérn téh anasir, tapi mangrupa anasir anu dominan, anu ngaliwatan paradigma sastra modérn-na geus “ngolonisasi” anasir-anasir séjén dina sastra Sunda. Para inteléktual Sunda geus narima kitu baé, taken for granted, paradigma sastra modérn anu didadasaran ku rasionalitas. Malah nepi ka kiwari ogé kapan masih kénéh loba nu percaya kana renaissance Sunda (anu muncul tina sumanget modérnisme), padahal urang teu deui kungsi balik kana Sunda. Arinyana, mungkin teu sadar yén éta paradigma téh lain baé asal usulna didedetkeun ku kaum kolonial, tapi nya paradigma éta pisan anu geus nimbulkeun ayana kolonialisme jeung imperialisme. Kaasup kolonialisme jeung imperialisme di Tatar Sunda.

Ku lantaran kitu, agénda anu masih kénéh perlu dilaksanakeun, lian ti anu disarankeun ku Mikihiro, nyaéta maluruh deui anasir-anasir séjén anu ngawangun konfigurasi sastra Sunda, ogé nyalusur deui asal-usul semangat baru atawa paradigma sastra modérn nepi ka katémbong belang-belangna. Dina kalimah nu séjén, geus waktuna urang ngarintis jalan pikeun ngayakeun dékolonisasi métodologi.

Wallahu a’lam bissawab.

Komentar

Postingan Populer