Miindung ka Laut Mibapa ka Sagara: Catetan keur Saéni


Téddi Muhtadin

/1/
Sacara apriori, saenyana, Saéni mah geus teu kudu dianteurkeun. Baris ludeungeun pahareup-hareup jeung nu maca tur moal ningnang sumelendep asup kana pakumbuhan sastra Sunda. Da kapan sababaraha taun saméméh dicitak jadi buku ogé Saéni mah geus ditetepkeun minangka novel pinunjul pasanggiri ngarang novel majalah Manglé 2001 sarta dilélér Hadiah Sastra R.H. Oeton Moechtar. Lian ti éta, upama nilik kana karya-karya séjénna hasil karancagéan Hadi AKS, boh sajakna boh carponna nu mindeng jadi pinunjul tur dilélér hadiah sastra sarta meunang pangbagéa ti masarakat sastra Sunda ku cara ditransformasikeun kana wangun drama atawa filem, bet asa piraku Saéni teu némbongkeun kakuatan-kakuatan éstétis saperti nu katémbong nyanding dina karya-karya Hadi saméméhna mah.
Sacara a posteriori, sanggeus tutug macana, dijugjugan ti awal nepi ka ahir, kuring angger nganggap yén Saéni téh teu perlu dipanganteuran. Saéni moal disaha-saha ku nu macana. Sok sanajan Saéni mangrupa novel munggaran Hadi AKS, tapi nilik kana basa, latar katut anasir lianna masih kénéh mibanda hubungan anu nganteng jeung karya-karya Hadi nu ti heula, boh dina sajak-sajakna boh dina carpon-carponna. Ku kituna, hadirna ieu tulisan dina buku Saéni téh asa leuwih merenah upama henteu disebut panganteur, tapi mangrupa catetan-catetan kuring kana pangalaman anu natrat satutas maca Saéni. Demi pangalaman téa, dipangaruhan pisan ku kasang tukang diri kuring sorangan, anu tangtu aya sasaruaanana jeung pangalaman nu séjén, tur pasti bakal aya perbédaanana. Ku cara kitu, mugia baé ieu catetan téh bisa jadi bahan babandingan keur nu séjén dina ngabeungharan ma’na anu bisa kapetik tina maca novel Saéni.

/2/
Satamatna maca Saéni, nu karasa manjang dina pangalaman téh nyaéta gambaran alamna. Jumegurna ombak, baranangna béntang, ngaganéomna warna laut wanci peuting, jst. Mémang, dina ieu karya pangarang téh bangun nu hayang meunang kakuatan tina latarna. Lamun seug ngaréka-réka kumaha Saéni ditulis, pangarang jiga-jiga nu ngahaja ngamparkeun heula latarna. Sanggeus kitu, kakara palaku jeung caritana dipidangkeun. Tapi kétah, latar dina Saéni mah henteu ngan sakadar latar, tapi lemah cai. Lemah cai anu nangtukeun hirup-huripna palaku. Malah, bisa jadi mangrupa jagat nu ngagelarkeun palaku pikeun hirup di jerona. Nya jagat ieu anu méré kakuatan jeung tangtungan, anu méré jalan kaluar nalika pangeusina katalimbeng, jeung anu leuwih mampuh ngagambarkeun rasaning batin para palakuna. Ku kituna, aya kesan Saéni mah leuwih condong minangka novel topografis (nginjeum istilah Josip Novakovich).
Aya dua tempat anu disanghareupkeun ku Hadi dina Saéni téh nyaéta Teluk Kamuning jeung Gunung Keneng. Teluk Kamuning jadi tempat hirupna pamayang kaasup Ijan, Gunung Keneng jadi tempat hirupna rombongan ubrug Bénhur, di antarana nya Nyi Saéni. 

/3/
Dumasar kana runtuyan carita katut anasir-anasir lianna, nu ditepikeun ku Saéni téh ngeunaan tugenahna hiji jajaka nu teu laksana kapiduriat ka wanoja nu jadi panyileukanana lantaran teu diwenangkeun boh ku adat boh ku agama. Ngaran éta si jajaka téh Ijan (tina Rasijan) hiji pamayang nu aya di teluk Kamuning. Ari anu dipikatineungna nya éta Nyi Saéni, randa ngora nu jadi sripanggung ubrug Bénhur ti gunung Keneng. Dina hiji mangsa Ijan kapincut ku sripanggung ubrug Bénhur anu diondang manggung di Teluk Kamuning. Waktu rombongan mulang, Ijan milu nganteurkeun Saéni nepi ka gunung Keneng. Tapi, cinta Ijan ka Saéni teu laksana, lantaran Saéni kaburu jadi indung téréna: Saéni dikawin ku bapana Ijan nu geus lila ngaduda. Ijan ngarasa diteungteuinganan ku bapana terus kakaburan.
Tapi, ngadéngé béja ti Saéni nu nyusul-nyusul, yén bapana terus kagegeringan, Ijan daék deui balik. Harita Ijan dianggap adi ku Saéni. Saéni hayang disebut Tétéh ku Ijan. Lila-lila maranéhna bisa narima kanyataan. Basa Saéni kakandungan tur bapana mindeng ampleng-amplengan ngala lauk di sagara nepi ka leuwih ti samingguna, Ijan kapapancénan tunggu imah. Nya dina kaayaan kitu pangalaman jeung kalalakian Ijan ka Saéni mindeng kahudang. Tapi, boh Ijan boh Saéni mampuh ngadalianana. Bada Saéni kaguguran, bapa bangun nu ngajauhan. Mindeng bapa ngalaut aya mingguna. Nepi ka hiji mangsa datang béja yén bapa kalebuh di tengah sagara.
Sanggeus Saéni ditilar ku bapa manéhna dibawa balik ku Ki Cindul, pingpinan ubrug ka Gunung Keneng pikeun ngahirupkeun deui rombonganana nu mimiti ngarangrangan. Ijan nu kagegeringan lantaran ditilar bapa jeung ditinggalkeun ku Saéni ahirna mutuskeun pikeun nuturkeun Saéni ka Gunung Keneng. Ijan sabisa-bisa nyaluyukeun hirupna jeung rombongan ubrug. Malah dijadikeun anak angkat ku Ki Cindul. Tapi, nu jadi panyileukanana teu baé ngawujud. Cintana ka Saéni teu bisa laksana sabab adat jeung agama teu ngawenangkeun lalaki kawin ka awéwé nu kungsi jadi pamajikan bapana. Komo deui sanggeus Saéni daék dikawin ku hiji jawara nu méré jangji rék ngabayuan rombongan ubrug Bénhur mah, Ijan jadi teu walakaya tur buntu laku. Tungtungna, Ijan mulang deui ka Teluk Kamuning, lembur matuhna baheula, minangka pamayang.

/4/
Ieu carita téh ku Hadi dibuka ku ngagambarkeun Ijan jeung Tétéh nalika keur aya di tepas. Ijan keur nganyam jaring, Saéni keur ngayuman bari hahariringan. Kajadian ieu dicaritakeun ku Ijan maké kecap gaganti persona kahiji “kami”. Méméh diterangkeun saha ari Tétéh jeung kumaha hubungan kuring jeung Tétéh, panyatur (narator, nya éta Ijan) nungtun nu maca pikeun niténan kaayaan alam nu aya di Teluk Kamuning ku déskripsi-déskripsi nu gemet. Malah dina lebah nyaritakeun gunung Rakata mah teu ngan wungkul déskripsi, tapi ogé mangrupa préskripsi, saperti tangara atawa kila-kila nu nandaan kajadian di satukangeunana. Cénah gé gunung Rakata mah, “Éndah pisan katénjona .... Sok pada ngalalajoanan ku urang basisir bari masing-masing nyidem kaketir. Sieun Rakata bitu deui cara baheula.” Ti dinya kakara nu maca ku panyatur saeutik-saeutik dibéré nyaho yén Tétéh téh taya lian ti indung téréna Ijan, pamajikan bapana, Saéni, nu nalika keur jadi ronggéng kungsi dipikabogoh ku manéhna.
Ku ngagunakeun téhnik mobok tengah timbul aya dua panyatur anu béda dina Saéni, nyaéta kahiji panyatur “kami” nu aya di tepas paduduaan jeung Saéni, kadua panyatur “kami” nu hirup tilu taun saméméhna. Ku cara kieu saenyana mah pangarang téh hayang ngajugjugan rasa, sikep, jeung kaayaan haté si panyatur, sakaligus si palaku utama, ka Saéni. Ku cara kieu baris kagambar kumaha sikep Ijan ka Saéni nalika Saéni jadi ronggéng (saméméh dikawin ku bapana Ijan), sanggeus Saéni jadi indung téréna (sanggeus dikawin ku bapana Ijan), satutas Saéni rarandaan deui (sanggeus bapana Ijan tilar dunya), jeung nalika Saéni dikawin ku Jawara.
Lian ti ngagunakeun téhnik mobok tengah, pangarang ogé nempatkeun palakuna dina kasang tukang kahirupan nu béda: béda pamatuhanana, béda pakasabanana, jeung béda kabiasaanana. Kasang tukang modél kieu gedé pisan pangaruhna kana watak palaku jeung jalan carita. Saperti anu disebutkeun saméméhna, Ijan téh pamayang, hirup tina ngala lauk di sagara. Sedengkeun Saéni mah ronggéng, hirup di gunung, mindeng ngacacang ka saban lembur. Ijan leuwih ludeung, Saéni leuwih mampuh adaptasi. Teu mungkinna Ijan kawin ka Saéni bisa dibandingkeun jeung teu mungkinna pamayang jadi anak wayang. Sok sanajan nu kahiji mah sipatna mutlak mungguh hukum adat jeung agama, sedengkeun nu kadua mah sipatna ukur kultural. 

/5/
Saperti nu geus disabit-sabit dina bagian /2/ latar dina Saéni mah lain ngan sakadar latar, tapi mangrupa lemah cai atawa jagat tempat hirup-huripna para palaku. Dina Saéni nu maca lain ngan wungkul dibéré gambaran alam nu sipatna panoramik, tapi dibawa tembus kana batinna, tali parantina, katut adat kabiasaanana. Di dieu nu maca jadi nyaho kumaha munculna pacaduan (kulawarga Ijan teu meunang ngala lauk cucut), kumaha gelarna ngaran Bénhur (nu taya patalina jeung judul filem, tapi ngan ukur pondokna tina “ngaben di luhur” [panggung]), jsté. Di dieu nu maca ogé jadi paham yén sumebarna basa wewengkon dina Saéni téh lain ukur momonés, tapi mangrupa anasir penting anu milu ngawewegan wangunan carita. (Saterusna, tangtu baé ieu basa wewengkon téh kudu ngandelan kamus-kamus basa Sunda nu masih aripis kénéh).
Dua hal séjénna nu perlu dicatet di dieu ngeunaan latar nyaéta latar minangka métafora jeung sikep palaku kana latar. Cara dina sajak liris latar dina Saéni mah mangrupa métafora atawa babandingan anu mampuh nga-basa-keun rasa nu sumilir dina haté para palaku, atawa anu kemba mun di-basa-keun sacara vérbal. Contona, nalika panyatur ngagambarkeun nu keur sosonoan di kamar (Saéni jeung bapana Ijan) kapan karasa sugéstif jeung plastisna. Di dieu mah Hadi AKS minangka panyajak liris téh katémbong enya. Jeung, nu jadi métafora téh teu nyimpang tina kasang tukang palakuna: pamayang tetep pamayang, sripanggung tetep nyi ronggéng. Cénah cék panyatur, nyaéta palaku utama alias Ijan téa,
“Bréh kacipta, kami nénjo laut nu ombakna motah umpalan. Angin barat sada ngadudud nincak usim. Ari bapa tohaga naker ngulangkeun pangwelah, nangtang ombak nu gumulung, tingjelegur.
Bréh deui aya nu ngalangkang dina ciciptan. Tétéh keur ngalayang ngibing di luhur panggung. Kulitna kokolényayan katojo cahya patromak. Tétéh ngawurkeun imut jeung rindat. Linggekna reujeung gitekna ku kami terus dilayanan diigelan. Nu lalajo geus tingcorowok ngahatéan, tapi Tétéh pohara linghasna, lantip pisan gutak-gitekna. Antaré naker ari ngalieus téh bari semu ngalinggek ngeusian tepakan kendang. Mundur narik beungeut lalaunan bari imut bangun hayang terus dilayanan. Ngalanggéor deui, leleus liat nincak wirahma. (Kaca 23)
Nu kadua, ngeunaan sikep palaku kana latar atawa jagat, boh jagat fisik atawa jagat nu mangrupa alam gaib. Dina Saéni mah jagat fisik jeung alam gaib téh dianggap mitra hirup babarengan. Ijan lain Sangkuriang anu neugtreug hayang laksana kapiduriat ka nu jadi indung ku cara ngabendung Bandung jeung meruhkeun para siluman. Ijan mah manusia biasa nu boga kahayang jeung katuna, kahéngkér jeung karumasa. Ku kituna, sikepna kana alam fisik jeung alam gaib jadi saimbang. Ijan lain nelayan anu maké kapal gedé ngeruk lauk ti lautan maké jaring pukat harimau, Ijan mah pamayang leutik anu kawengku ku usum katalian ku mangsa. Ijan teu nyangcayakeun tahayul cara dina carita-carita Moh. Ambri jeung teu hayang ngungkulan alam siluman cara dina carita-carita Ki Umbara. Dina jagat Ijan tahayul jeung sarupaning kahirupan alam gaib diingkeun sina hirup babarengan. Ku cara kieu Ijan katut para palaku lianna mampuh ngaaprésiasi tangara atawa kila-kilana.
Saéni Hadi AKS bangun nu hayang ngaraketkeun deui manusa ka habitatna, ka bali geusan ngajadina. Kapan cék Ijan, nyutat omongan bapana, “Urang mah aya ti dituna, turunan pamayang. Hirup miindung ka laut. Dahar-nginum ti laut, mandi ombak mandi angin....” (Kaca 117)
Nilik kana beungharna pangaweruh anu gumulung dina jagat Saéni kuring yakin ieu novel téh ngan bisa ditulis ku leungeun nu bobolokot (dirobah tina kekecapan van Peursen: “berpikir dengan tangan kotor”). Hartina, ieu novel téh ngan bisa ditulis satutas pangarangna bobolokot ngayakeun panalungtikan anu daria ngeunaan kahirupan pamayang jeung anak wayang. Tegesna, lain novel ladang ngalamun. Pikeun pakumbuhan sastra Sunda mah ieu téh kontribusi nu lain lumayan. Ku medalna Saéni sastra Sunda ku Hadi AKS dibetot ti Priangan ka basisir kulon, saperti Darpan nu metot sastra Sunda ka Pantura, lengkep jeung spiritna. Muga baé ku gelarna ieu karya basa katut sastra Sunda téh lir totopong Ajisaka anu milu mébér sabada dibetot ka mana-mana. 



Komentar