Seuri Kang Ibing, Cakakak Juragan Hajat


Téddi Muhtadin
Sedih jeung gumbira téh watesna pohara ipisna. Tumali jeung téater, ceuk sakaol, kapan tragédi téh komédi téa, ari komédi laya lian ti tragédi. Geuning mun urang seuri ngehkey lantaran kagugu, sok berebey bijil cimata; teu béda jeung urang ceurik lantaran sedih. Kitu deui dina téater, disebutkeun kapan lalakon Juragan Hajat karya Kang Ibing téh komédi; tapi, mun seug neuleuman batin para palakuna, naon pikaseurieunana? Naha kulawarga tukang béca jeung tukang peuyeum anu hirupna sarwa walurat téh matak pikaseurieun? Naha Juragan anu ambek-ambekan ka itu ka ieu téh pikalucueun?
Dina lebah dieu aya gawé rancagé anu bisa ngawujudkeun kasedih ati para palakuna dina wujud anu paradok jeung kagumbiraan pamiarsana. Kapan saur Kang Ibing, “Sakabéh kapeurih ati nyumput buni dina seuri.”*)
Mémang, dina karya-karya Kang Ibing mah seuri téh jadi udagan. Ku naon seuri bet penting? Ceuk sakaol deui waé, ku seuri awak urang jadi ngageter. Hartina, posisi awak urang robah tina tempatna anu mimiti: aya jarak jeung aya gerak. Dina kaayaan sarupa kitu urang ngalaman transéndénsi. Nya ieu pisan anu dipiharep bisa nyaleyurkeun rasa, jiwa, atawa gagasan anu ngabeku; sakaligus numuwuhkeun émpati ka para palaku nu katideresa.
*) Jurnal Budaya Sunda Rawayan No. 2, Taun 1996.

Komentar