Rabu, 03 Agustus 2011

Panganteur kana Papatet Hirup H.R. Hidayat Suryalaga

Teddi Muhtadin

Upama tradisi nu hirup jeung huripna teh nya eta tradisi anu ngalaman proses kreasi jeung re-kreasi anu terus-tumerus atawa lir handeuleum sieum atawa hanjuang siang tempat urang nyokot ninggalkeun, nya kasusastraan Sunda oge asup ka lebah dinya. Lamun dipapandekeun mah, jigana, hubungan antara tradisi jeung proses kreasi atawa re-kreasi teh ibarat cangkang (sampiran) jeung eusi dina sisindiran. Eta geuning, waktu Haji Hasan Mustapa (HHM) nyiptakeun sisindiran winangun dangding anu eusina mangrupa konsepsi mistik Islam, cangkangna mah kapan ngagunakeun wangunan nu geus nyampak, di antarana, anu biasa dikawihkeun ku Eon tea. Saur HHM oge kapan sisindiranana teh “moal sacangkang saeusi”. Mun seug dianalogikeun leuwih jauh, tradisi kasusastraan Sunda teh teu leuwih ti (cangkang/sampiran) anu terus merelukeun tafsiran anyar (eusi). Demi hubungan cangkang jeung eusi tea sipatna labil: saperti umang anu bisa gunta-ganti baju, henteu saperti tutut atawa keong.

Ku naon nalika HHM nyiptakeun sisindiran bet kudu ngagunakeun cangkang anu geus nyampak, henteu nyiptakeun nu anyar? Di dieu jigana, HHM sadar yen eusi anu rek ditepikeunana teh lain gagasan anu basajan, tapi ngandung konsep-konsep anu mungkin matak seunggah anu maca atawa ngadengekeunana. Ku lantaran kitu, ngagunakeun cangkang sisindiran anu populer anu geus jadi banda urang rea teh bisa dianggap minangka strategi anu merenah pisan pikeun pamuka lawang enggoning ngawanohkeun eusi. Upama dipatalikeun jeung konsep Horatius nu netelakeun yen sastra nu alus teh kudu dulce (mangpaat) jeung utile (ni’mat), jigana, HHM paham enya yen manfaat eusi teh ngan bisa diwujudkeun ku ngaliwatan ni’matna cangkang.

Karya-karya H.R. Hidayat Suryalaga, dumasar kana paniten kuring mah, masih keneh sakocoran jeung konsepsi sastra HHM, boh dina Nur Hidayah: Saritilawah Basa Sunda Al-Qur’an (1994), Nadoman Nurul Hikmah (2003) atawa dina Papatet Hirup: Jerit Pibatin Kabirahian Manusa anu mangrupa tarjamahanan sacara sastra Rintihan Suci Ahli Bait Nabi jeung Du’a Kumail Ibn Ziyad, duanana samemehna ditarjanahkeun kana basa Indonesia ku Jalaluddin Rakhmat.

Saperti dina saritilawah Al-Qur’an Nur Hidayah jeung nadoman Nurul Hikmah, Papatet Hirup ditulis dina wangun puisi nu geus nyampak. Upama saritilawah diserat dina wangun pupuh, nadoman dina wangun sa’ir, Papatet Hirup mah ditulis dina wangun papatet. Boh pupuh, sa’ir atawa papatet tiluanana oge mangrupa wangun puisi anu raket jeung seni sora. Tiluanana bakal leuwih apdol lamun dibaca bari dihariringkeun. Bedana, ari papatet mah wangunna puisi bebas, dina harti teu kauger saperti ku guru lagu atawa guru wilangan. Da papatet sorangan saenyana mah kapan mangrupa konvensi tembang. Tapi, dina papatet karya H.R. Hidayat Suryalaga mah boh guru lagu, guru wilangan, kitu deui jumlah padalisanana angger. Ku lantaran kitu, ngaliwatan Papatet Hitup bisa disebutkeun yen papatet teh geus ngajanggelek jadi pupuh anyar.

Upama ditingali tina jihat basa, sastra jeung budaya karya-karya H.R. Hidayat Suryalaga mah estu napak dina tradisina. Tarjamah Al-Qur’an anu biasana rada susah dibaca lantaran struktur basana mindeng henteu nyunda, dina Nur Hidayah mah jadi merenah; atawa tema poko Al-Qur’an nu abstrak, dina Nurul Hikmah mah ku anjeunna bisa dibasajankeun jeung dinadomkeun kalayan akrab. Kitu deui dina Papatet Hirup, kuring bet engeuh yen ngadu’a ku basa Sunda teh bisa leuwih kaharti bari jeung teu leungiteun geter rasana.

Tapi, saperti nu disebutkeun tadi, maca Nur Hidayah, Nurul Hikmah, kitu deui Papatet Hirup mah kapan bakal leuwih apdol lamun dihariringkeun. Dina lebah dieu jigana karasa pentingna aya komunitas anu daria nyanghareupan karya-karya H.R. Hidayat Suryalaga. Upama Nur Hidayah hirup dina komunitas tembang Sunda, malah geus muncul genre anyar nu disebut Nur Hidayahan; Nurul Hikmah leuwih pas lamun dinadomkeun di majelis-majelis ta’lim; Papatet Hirup mah aya sababaraha kamungkinan: bisa asup kana komunitas tembang Sunda, saperti Nur Hidayah, bisa oge asup ka majelis-majelis ta’lim atawa ngawangun komunitas anyar anu leuwih jembar, sabab dina Papatet Hirup mah lian ti ngagunakeun basa Sunda oge ngagunakeun tarjamahan dina wangun prosa liris dina basa Indonesia.

Pamungkas, upama nitenan Papatet Hirup, kitu deui karya-karya Pangersa Bapa H.R. Hidayat Suryalaga sejenna, pangalaman anu namper teh ngaenyakeun yen karya-karyana teh ngan ukur bisa ditulis ku jalma anu enya-enya tabah kana basa, sastra katut budaya Sunda. Dipatalikeun jeung hubungan Islam Sunda anu ngawujud dina karya-karyana, kuring nganggap yen karya-karyana mangrupa, dina konsepsi Nurcholis Madjid mah, akulturasi timbal balik, nya eta akulturasi anu silih beungharan boh keur Sunda boh keur Islam. Nya ieu pisan tarekah kreatif, nu saur HHM mah ngalangkungan Otong Jayawisastra, dosen sastra Sunda manten di Fakultas Sastra Unpad, yen “Islam kudu di-Sundaan, Sunda kudu di-Islaman”.

Dosen Fak. Sastra Unpad, awak-awak Kelompok Studi Budaya “Rawayan”.

Nonverbal - Tentang Api