Pasaran: Drama Sababak


Téddi Muhtadin

Nini Ihot nu geus teu sanak teu kadang, iwal incuna saurang. Sanggeus nyorang kahirupan anu pohara pinuh ku aébna, manéhna sadar sarta mimiti ngalakonan sagala tetekon agama; tapi kaceuceubna ka jelama-jelema anu masih kénéh ngalakukeun ma’siat jeung kajahatan kalah beuki gedé baé. Kajurung ku kasadaranana, ditambah kaayaan lingkunganana nu jauh tina papagon agama, Nini Ihot boga karep, saméméh nyawa ninggalkeun raga hayang babakti heula ka masarakat. Maling pasaran, salah sahiji usaha pikeun ngahontal cita-citana.
Para palaku: 1. Nini Ihot,
2. Minah (incu Nini Ihot),
3. Aki Madi (lanceuk téré Nini Ihot),
4. Erus (tatangga).
Tempat: Di tengah imah leutik nu cukup resik teu jauh ti astana gedé.

 
I
DI TENGAH IMAH, WANCI SAREUREUH BUDAK, NGABAGUG MÉJA JEUNG KORSI PARANTI RINÉH. GIGIREUNANA, SISI BILIK HANDAPEUN JANDÉLA, NGAJOLOPONG PASARAN NU DITURUBAN KU SAMAK SAHEULAY. DAMAR NU NGETÉT NÉMPÉL DINA PAKU TIHANG, REYEM-REYEM NYAANGAN SABUDEUREUNANA. TI LUAR HAWAR-HAWAR KADÉNGÉ SORA NU TAHLIL NU SAKAPEUNG AWOR JEUNG CUNGUNGUNGNA ANJING BABAUNG –BEUKI LILA BEUKI LAUN.
MINAH :(ASUP KA TENGAH IMAH NÉANGAN NININA) Ni! Ni ... Ni! Nii...! Ka mana atuh Nini téh? Jeung ku naon ieu damar téh meni ngetét-ngetét teuing? (NGARONGKONG KANA DAMAR TÉMPÉL BARI DIGEDÉAN) Sok modél ari Nini, batur mah sarieun da pajar aya nu maot maling pasaran, ieu mah di imah ogé meni teu meunang caang. Padahal pilakadar sabarahaeun minyak tanah mah. (MAKSUDNA RÉK KA KAMAR, TAPI NGAREGOG SABAB NÉNJO NU DITURUBAN KU SAMAK SAHEULAY) Naon ieu téh? (DIBUKAKEUN) Iiiiyyy ... pa ... pa ... pa ... pasaran ... Niii ... (LUMPAT KA KAMAR NININA, SEDENGKEUN NININA MASIH KÉNÉH SALAT ISA, ATUH MINAH TÉH KALAH BEUKI REUWASEUN SABAB NININA DISANGKA JURIG- MAYIT NU MALING PASARAN. MINAH LUMPAT DEUI KA TENGAH IMAH, MAKSUDNA RÉK TERUS KALUAR, TAPI TEU KUAT, SUKUNA JADI HÉSÉ DILÉNGKAHKEUN, ANTUKNA NGEDEPREK GIGIREUN KORSI) Astagfirulloohhaladzim ... Iiiiyyy ... Gustiii ... Amit-amiiittt ...!!!
NINI IHOT : (NOROJOL TI KAMARNA MASIH KÉNÉH MAKÉ MUKENA, LUMPAT MURU INCUNA NU KEUR CEURIK) Ku naon Minah? Aya naon?
MINAH : (BEUKI SOAKEUN) Iiiyyy ... ampuuun ... Ka ditu ka ditu ... Ulah ngadeukeutan uing.
NINI IHOT : Ieu mah kami Minah. Nini nyanéh (BARI MUKAKEUN MUKENA).
MINAH : (BIBIRIGIDIGAN) Iiiyyy... iiiyyy....
NINI IHOT : Sssttt...! Ulah geruh! Aya naon? Aya naon atuh? (BARI NILEPAN MUKENA –NGADEUKEUTAN).
MINAH : (SESEGRUKAN) Itu!?.
NINI IHOT : Itu? Ih sugan téh aya naon, meni jejeritan. Itu mah pilakadar ogé pa-sa-ran.
MINAH : Amit-amit. (KEUHEUL) Na ku naon bet aya di dieu?
NINI IHOT : Geus (LEULEUY) da moal nanaon. Ulah dipaké sieun, pilakadar pasaran ceuk kami ogé. Jung ka ditu geura ka cai terus geura saré ambéh isukan indit digawé teu kabeurangan.
MINAH : Ah, moal saré di dieu (BANGKENU).
NINI IHOT : Na rék saré di mana?
MINAH : Rék di imah si Itoh wé. Sieun di dieu mah.
NINI IHOT : Moal nanaon Minah. Moal nanaon (NGAYAKINKEUN).
MINAH : Moal nanaon, moal nanaon kumaha ari Nini? (KURAWEUD) Biasana ogé pasaran mah di astana, lain di tengah imah kieu, jeung saha atuh nu mawa pasaran ka dieu?
NINI IHOT : Si Unén jeung si Erus nu mawana mah, tapi da titahan kami. (HORDÉNG NGEBLAK KATEBAK KU ANGIN).
MIONAH :Ni...! Niii...! Tuh nya?
NINI IHOT : Aya naon deui, Minah?
MINAH : (KEUHEUL) Nya ceuk uing ogé, keur naon atuh pasaran bet dibabawa ka dieu sagala. Pulangkeun ... Ni! Pulangkeun .....
NINI IHOT : (NYENTAK) Gandéng Minah! Angin deuleu éta mah. Kapan ku nyanéh ti tadi gé can dipeundeutkeun jandéla téh. Jung ka ditu geura selotkeun!
MINAH : (MUGEN) Huh!
NINI IHOT : (NGARONGKONG RÉK NYELOTKEUN JANDÉLA) Geus ti mana heula nyanéh téh Minah, balik meni peuting-peuting teuing? (MINAH TEU NGAJAWAB) Minah! Teu ngadéngé?! (MINAH TEU NGAJAWAB KÉNÉH –TERUS DISENTAK) Haré-haré siah ditanya ku kolot téh, Minah ...!
MINAH : Nya tas ti mana deui atuh Ni, ari lain tas digawé mah. (BANGKENU).
NINI IHOT : Enya tas digawé téa mah. Tapi ku naon, mani telat-telat teuing? (TERUS DIUK DINA KORSI, DITUTURKEUN KU MINAH).
MINAH : Ngalembur.
NINI IHOT : Teu euweuheun nu ngalembur. Batur ogé beurang kénéh balikna mah.
MINAH : Nya tos wé atuh ari teu percanten mah.
NINI IHOT : Lain kitu Minah.
MINAH : Nya kedah kumaha atuh?
NINI IHOT : Kudu jujur. Ulah ngabohong. Bisi dibendon ku Pangéran. Jeung deui bisi ... (CURIGA).
MINAH : (NÉMPAS) Bisi naon Nini?
NINI IHOT : Bisi asup angin deuleu, ulin peuting-peuting téh. Kumaha mun bareuh beuteung?
MINA : (KEUHEUL) Iiiyyy ... amit-amit. Ké heula atuh Ni, kedah ngalakukerun pagawéan kitu mah. Jeung asa kabina-bina teuing nyangka téh.
NINI IHOT : Lain nyangka kami mah. Bisi, ieu mah bisi.
MINAH : Nah atuh? (KAWAS NU TEU HAYANG NGADÉNGÉ OMONGAN NINI IHOT SATERUSNA. INCUING DISADA DEUI). Ni... Niii ...!
NINI IHOT : Aya naon deui Minah?
MINAH : Naon, naon? Tah gening disada (KEUHEUL BARI SIEUN).
NINI IHOT : Pilakadar incuing. Naha ku naon kitu?
MINAH : Pira ... pira .... Kumaha mun Malakal Maot datang ka dieu. Mangkaning di dieu aya pasaran?
NINI IHOT : (SEURI) Naon? Malakal Maot datang? Saréréa ogé bakal maot Minah. Naha maké kudu sieun? Maot mah turunan deuleu.
MINAH : Uing mah rék indit ah. Rék ka imah si Itoh (BARI CENGKAT).
NINI IHOT : Jung wé teu éra mah. (MINAH DIUK DEUI).
MINAH : Naha maké éra?
NINI IHOT : (MORONGOS) Hayang disangka ngahéroan salaki batur nyanéh téh?
MINAH : Nah atuh, di dieu ogé asa di jarian. Mangkaning ayeuna téh Jumaah Kaliwon.... Iiiiyyy... (NINI IHOT NGALÉOS BARI MAWA MUKENA. MINAH SIEUNEUN). Ni... Ni! Rék ka mana? (TEU DIJAWAB) Ni...!
NINI IHOT : (DATANG DEUI TI KAMAR BARI MAWA BAJU SOÉK KAPUTANEUN) Ih! (NGARÉRÉT KA MINAH TERUS DIUK DINA KORSI) Meni hararésé! Jung jung geura ka cai! Geura salat (MINAH MUGEN).
MINAH :Ah sieun. (KURAWEUD).
NINI IHOT : Ari ku jurig nu euweuh bungkeuleukanana sieun nyanéh mah, ari ku... (BARI RARANG-RORONG NINGALI KANA JARUM).
MINAH : Huh! (LALAUNAN).

II
WAKTU NINI IHOT JEUNG MINAH KEUR DARIUK DINA KORSI, DATANG AKI MADI.
AKI MADI : (NGETROKAN PANTO) Punten ...! Punten ...! (TEU AYA NU NÉMBALAN). Punten ...! (NGETROK DEUI) Punten ...! (MINAH DIUKNA NGISED KA LEBAH NINI IHOT).
NINI IHOT : Mangga! Pangmukakeun panto, Minah!
MINAH : Ih! Sakieu karareueungna.
AKI MADI : Punten ...!
MINAH : Iiiiy! Boa-boa ....
NINI IHOT : Buru buka panto! Bandel-bandel teuing nyanéh téh! (BARI REGAG-REGOG MINAH NGAGOLOYOH RÉK MUKAKEUN PANTO).
MINAH : (PANTO DIBUKA) Aéh aki. Mangga ka lebet. Sisinanteneun sumping, wengi-wengi.
AKI MADI : Enya, tas ti nu maot. Aya perlu ieu téh. Ihot teu ka mamana?
MINAH : Henteu. Mangga ka lebet Ki! (NINI IHOT BANGKENU).
AKI MADI : Kumaha Hot, cageur?
NINI IHOT : (TEU MALIRÉ) Cageur. (MINAH TEU PUGUH CABAK. RÉK KA DAPUR ATAWA KA KAMAR SIEUN, ARI MILU MASAMOAN ÉRA).
AKI MADI : Sukur ari cageur mah. (BARI DIUK PANONNA RARAT-RÉRÉT. SANGGEUS PASARAN KARÉRÉT, NGAGEBEG) Ari itu naon, Hot?
NINI IHOT : (TEUGEUG) Pasaran. (MINAH NYOKOT SALAH SAHIJI KORSI TERUS DIUK DI JURU –ANGGANG TINA PASARAN- TERUS BARI TUNGKUL NYOO KUKU).
AKI MADI : Ku naon bet aya pasaran di dieu? Keur saha? (HÉRAN).
NINI IHOT : (TATAG) Keur kami. Rék naon anjeun datang deui ka dieu?
AKI MADI : Ké ... ké ... ké ... lanan (KAGÉT). Aya naon ieu téh? Lain urut ngagotong mayitna Icih éta téh, mangkukna? (NINI IHOT TEU NGAJAWAB, JONGJON NGAPUT).
MINAH : (MANGJAWABKEUN) Sumuhun Aki, pasaran nu ical téa. Pasaran tilas ngagotong mayitna almarhumah Juragan Icih.
NINI IHOT : (MORONGOS KA MINAH) Naon Minah? Almarhumah ... almarhumah .... Juragan ... juragan .... Tukang rénten almarhumah? Léntah darat almarhumah? Tukang ngadagangkeun awéwé juragan? Tukang nyerot getih batur juragan? Yeuh Minah! Bisi teu nyaho, indung manéh nepi ka hanteuna téh alatan harta bandana ludes dirampid ku si kurang ajar. Si Karta jadi balangsak, si Junan jadi balangsak, si Inah jeung si Unén baruntak rumah tanggana, si Marno jadi gélo. Kabéh alatan si Icih, Si Kurdi, bisa jadi ogé jeung anjeun Madi.
AKI MADI : Ke, ieu téh kumaha. Datang-datang disampakeun rajawisuna. Sabar heula Hot!
MINAH : (NÉWO-NÉWO) Enya Ni, ulah kitu. Da geuning mangkukna basa Almarhumah, aéh Juragan ... aéh ... enya Icih dicandak ka astana, meni sakitu ngaleutna nu ngajarajapkeun.
NINI IHOT : Tah nya éta pisan nu nyadarkeun kami téh. Sihoréng geuning kabéh ogé geus lalolong. Geus teu bisa deui ngabédakeun mana nu bener jeung mana nu salah.
MINAH : Ni (PAUREUN) Ulah kitu Ni! Bisi aya cakcak bodas.
NINI IHOT : Kajeun teuing Minah, masing rék aya toké bodas ogé, teu sieun teu sing kami mah. Si Lurah deuih, meni asa nyolok mata buncelik. Héh Minah! Madi! Manéh ogé nyaho meureun iraha baheula si Lurah datang ngalongok ka nu maot? Iraha? Basa aki nyanéh maot (KA MINAH), basa indung nyanéh. Terus basa si Unén katabrak karéta api jeung loba-loba deui nu maot, can kungsi dilongok ku si Lurah, abong kéna ka jelema miskin, jelema malarat. Naha ari ka si Icih teu sirikna dikerid jeung anak buahna.
AKI MADI : Ku naon ieu téh? Jadi beuki bingung kuring mah.
NINI IHOT : Teu kudu bingung. Kami geus nyaho. Anjeun datang ka dieu téh pasti rék neundeut piheuleut nunda picela.
AKI MADI : Ih teu pisan-pisan. Malah mah kuring téh seja silaturahmi.
NINI IHOT : Ah teu percaya. Sabab sabenerna mah boh anjeun, si Icih, si Kurdi atawa si Lurah ogé teu aya bédana dina lebah dieu mah. Ngaruksak ....
AKI MADI : Héh Ihot! Ulah kabina-bina teuing nyarita téh. Bisi tamiang meulit ka bitis.
NINI IHOT : Naon tamiang meulit ka bitis? Euweuh ... euweuh ....
AKI MADI : (AMARAHNA NAÉK) Hot! Teu beunang dipépélingan anjeun mah. Da anjeun gé sarua lebah lamokot ku dosa mah.
NINI IHOT : (BEUKI AMARAH) Naon dosa kuring?
AKI MADI : (NGAJÉLÉNG) Alus! .... anjeun inget kénéh ... saha nu dina waktu jaman kamerdikaan awéwé nu jadi langganan barudak bujang? Saha jelemana, awéwé nu katangkep di lembur urang nu jadi mata-mata Walanda?
NINI IHOT : Cukup!
AKI MADI : Ké heula. Saha nu sok ngabaruntakeun rumah tangga deungeun? Saha? (MINAH NYEMPOD, NUTUPAN CEULINA).
NINI IHOT : Cukup! Pitenah...! Kabéh ogé pitenah! (MOLOTOT).
AKI MADI : Teu... teu bisa nyebutkeun pitenah. Sabab aya kénéh bukti séjén.
NINI IHOT : Mana?
AKI MADI : (NGARÉRÉT KA MINAH) Saha bapana nu sabenerna anak nyanéh téh? (MINAH NGARTIEUN KA NU DIMAKSUD KU AKI MADI, TERUS NUTUPAN CEULINA TEU KUAT NGADÉNGÉNA—SEDENGKEUN NINI IHOT BEUNGEUTNA JADI BEUKI BEUREUM).
NINI IHOT : Geus jempé Madi! (NYENTAK). Sabab kabéh ogé teu leupas tina pagawéan anjeun, Si Kurdi jeung Si Icih. Aranjeun kapan nu ngajual diri kuring ka Tuan Paksiong, nu cenah keur kapentingan perjoangan, lain kitu? Ayeuna anjeun rék mungkir? Aranjeun nu salah mah.
AKI MADI : Teu bisa! Anjeun nu salah mah.
NINI IHOT : Anjeun!
AKI MADI : Anjeun!
NINI IHOT : Anjeun!
AKI MADI : Anjeun!
NINI IHOT : Anjeueueueueueun...!!!
MINAH : Saruana ...!!! (AKI MADI JEUNG NINI IHOT JEMPÉ. MINAH TERUS INDIT KA KAMAR BARI NYEGRUK CEURIK).
NINI IHOT : (SOLILOQUI) Kiwari kami geus kolot, umur geus tunggang gunung. Tapi najan kitu kaceuceub Kami mo lipur ku kerejutna kulit, mo laas ku bodasna buuk. Kacida teuing atuh da aranjeun mah nganyenyeri téh. Kiwari kami boga karep, saméméh nyawa ninggalkeun raga, kami hayang babakti heula.
AKI MADI : (RADA JEBI) Naon? Rék babakti dédéngéan téh?
NINI IHOT : Enya bener! Naha kitu?
AKI MADI : Boga naon aya karep rék babakti téh?
NINI IHOT : Teu boga nanaon. Tapi aya haté nu kiwari ceuk kami mah nu bogana, geus deukeut-deukeut kana beresih, sabab saeutik-saeutik kami mimiti deui ngajalankeun sagala tetekon agama.
AKI MADI : Alaaah... ulah waka adigung kakara sakitu mah. Ari itu naon? (NUNJUK KANA PASARAN) Meunang maok éta téh, lin?
NINI IHOT : Oh éta. Kuring nyokot pasaran éta lantaran kairong mangpaatna leuwih gedé batan madaratna. Jeung deui, ku jalan kieu sugan saréréa nu ngadéngé jeung nyaho kana kajadian ieu bisa ngarti.
AKI MADI : (DI LUAR KADÉNGÉ SORA INCUING). Ah Ihot, saha nu rék ngartina, sedengkeun kuring sorangan teu ngarti.
NINI IHOT : Bodo! Belet! Bodo katotoloyoh! (INCUING TERUS NGELAK) Cing Madi, tangara naon éta sora manuk téh?
AKI MADI : Baheula mah éta sora téh ciciren yén bakal aya nu maot. (RADA NYECELÉH) Tapi hanajakal kuring mah teu percaya kana tahayul.
NINI IHOT : Keun baé teu percaya ogé. Tapi tadi anjeun bieu nyebutkeun yén éta sora téh ciciren bakal aya anu maot, lain kitu?
AKI MADI : Heueuh. Tapi, kuring teu percaya.
NINI IHOT : Minah! Minah ...! Saha di kampung urang nu gering parna? (MINAH TEU NGAJAWAB) Aéh heueuh si Kurdi kapan nu gering parna téh. Lain anjeun tadi tas ti si Kurdi, Madi?
AKI MADI : Enya! Naha naon kitu?
NINI IHOT : Moal salah deui, pasti si Kurdi nu dicabut nyawana ku Malaikat Ijroil téh, nuturkeun pamajikanana. Alus, alus .... Pasti nyawana hésé kaluar. Elok-elokan dina genggerong. Sukur ... sukur .... Malah kuduna mah diganggayong heula, ambéh karasa nyerina. Bongan, nyawa lamokot ku dosa atuh.
AKI MADI : (NYECELEH) Kuring teu percaya saeutik-eutik acan kana ucapan anjeun. Ngacaprak. Yeuh Ihot bisi teu nyaho, jodo, pati, bagja, jeung cilaka lain manusa nu nangtukeun.
NINI IHOT : Rék percaya rék henteu kuma dinya. Moal maksa. Tapi kuring boga kayakinan pasti si Kurdi nu paéh bieu téh.
AKI MADI : Kuring teu percaya.
NINI IHOT : Kajeun, ceuk kami ogé teu percaya mah.
AKI MADI : Kuring teu percaya.
NINI IHOT : Madi, déngékeun! Upama isukan mayit si Kurdi rék dikuburkeun, aéh, diruang. Éta pasaran ku kami moal dibikeun.
AKI MADI : Naha?
NINI IHOT : Sabab si Kurdi teu boga hak pikeun maké éta pasaran.
AKI MADI : Naon sababna?
NINI IHOT : Sabab kami inget kénéh. Waktu balaréa ubyag arudunan keur nyieun pasaran, kapan si Kurdi jeung si Icih mah teu méré sapésér-pésér acan. Malah mun teu salah mah, maranéhna kapan nu ngudagkeun anjing hérderna ogé. Atuh lalumpatan tah anu rék ménta sumbangan téh. Ku kituna, si Kurdi mah teu boga hak pikeun maké pasaran éta, ngarti? Lian ti éta, ku ayana si Kurdi di alam dunya, kaayaan lembur jadi kacida ruksakna. Sabab nya manéhna pisan nu ngadegkeun tempat palacuran, tempat maén. Manéhna nu mirucaan aya rénten. Jeung loba-loba deui kajahatan nu dipigawéna. Jadi wajar upama kuring kieu peta téh.
AKI MADI : Hot!
III
KEUR PANAS-PANASNA KU NU ADU RÉNYOM, TOROJOL ERUS DATANG MAKSUDNA RÉK NGABÉJAAN YÉN JURAGAN KURDI MAOT.
NINI IHOT : (NGETROK PANTO) Punten ...! (AKI MADI JEUNG NINI IHOT SILIH PELONG – JEMPLING) Punten...! (NGETROK PANTO DEUI).
AKI MADI : (BARENG JEUNG NINI IHOT) Mangga...!
NINI IHOT : Sok asup wé, da teu ditulakan. (KULUTRAK ERUS MUKA PANTO TERUS ASUP KA JERO).
AKI MADI : Geuning Erus. Hiap Rus ka jero!
NINI IHOT : Jang Erus? Sok diuk di dinya. (NUNJUK KANA KORSI).
AKI MADI : Tas ti mana, Rus?
ERUS : (BARI NGASONGKEUN LEUNGEUN KA AKI MADI JEUNG KA NINI IHOT – SASALAMAN) Ih apan tadi sareng Aki di nu tahlilan. Ari Aki mah teras mulih, abdi mah di ditu wé ngemitan Juragan Kurdi, da pikamelangeun. Upami teu ku urang nya ku saha deui da teu gaduheun putra. Ari wargi-wargina tararebih.
AKI MADI : Ari ayeuna kumaha?
ERUS : Sumuhun, euh.... (BINGUNG NYEBUTKEUNANA).
AKI MADI : Wales?
ERUS : Sanés.
AKI MADI : Na naon atuh?
ERUS : Numawi.
AKI MADI : Numawi kumaha? Ih mani hararésé Erus mah.
ERUS : (TUNGKUL – TERUS NINGALI KA AKI MADI) Parantos ngantunkeun.
AKI MADI : Innalillahi wa innailaihirrojiuun.
NINI IHOT : Alhamdulillah....
AKI MADI : (BARENG JEUNG ERUS) Hah?! (OLOHOK).
NINI IHOT : Alhamdulillahirrobilalamiin....
AKI MADI : (NYENTAK) Hot!? Nanaonan éta téh?
NINI IHOT : (TEU MALIRÉ KANA OMONGAN AKI MADI) Sukuuuur...sukur.... Nya, Madi? Ceuk kami ogé, pasti Si Kurdi nu paéh téh. Moal nyalahan deui atuh da. (KA ERUS) Aya béja naon deui, Rus?
ERUS : (KEUR BENGONG KAGEBAH – TERUS CURINGHAK) Su...su...muhun aya kénéh....
NINI IHOT : Naon?
ERUS : Abdi téh seja unjukan.... Tapi sateuacanna, abdi nyuhunkeun kaweningan galih Nini wiréh abdi parantos ngalakukeun kasalahan.
NINI IHOT : (CURIGA) Oh rék menta pasaran, nya? Keur Si Kurdi? Moal... moal dibikeun. Kuring geus jangji ka diri sorangan, moal mikeun éta pasaran dipaké ku Si Kurdi. Moal... moal.... Rujit kami mah....
AKI MADI : Hot! Ulah ka mana baé nyarita téh. Anjeun teu kudu ngéwa-ngéwa teuing ka Kurdi téh. Peupeuriheun keur hirup, cing atuh ari geus maot mah.
NINI IHOT : (KURAWEUD) Geus! Cukup Madi! Ti baheula ogé anjeun mah teu weléh mangmeunangkeun Si Kurdi. Ka kami mah salah jeung salah wé. Kitu salah, kieu salah. Ngan salah jeung salah wé kuring mah. Abong kéna ka adi téré.
AKI MADI : Enggeus! Bosen kuring mah ngadéngéna ogé.
NINI IHOT : Naha atuh?
ERUS : Ni... euh....
NINI IHOT : (NÉMPAS) Jang Erus, béjakeun nya engké ka ditu, teu aya kituh pasaran téh.
ERUS : Su... sumuhun.... Sareng abdi téh gaduh pisangemeun deui Ni.
NINI IHOT : Naon deui? (BINGUNG).
AKI MADI : Cing aya naon deui, Jang Erus?
NINI IHOT : Pok caritakeun. Tapi, upama rék mawa pasaran. Rék kumaha baé ogé moal dibikeun, ngarti?
ERUS : Ngartos.
NINI IHOT : Geura pok atuh!
ERUS : (MIMITI NYARITAKEUN) Kieu ieu téh Nini. Basa dua sasih ka pengker, abdi ka dieu badé nyanggakeun serat, nanging Ninina teu aya, nuju ka sérang. Minah sami teu aya, nuju ka padamelan.
NINI IHOT : (NÉMPAS) Surat ti saha?
AKI MADI : Ké sabar heula atuh, Hot.
ERUS : Serat ti Juragan Kurdi. (NINI IHOT KURAWEUD) Badé disimpen dina palupuh, dilebetkeun kana handapeun panto, sieun ical. Badé dipasihkeun ka tatangga, bilih dibuka. Da saur Juragan téh, “Omat ulah dikasasahakeun ieu surat teh,” cenah. Ku abdi téh dibantun deui wé. Ari lami-lami, da seueur padamelan, lat wé kana serat téh kahihilapkeun, émut-emut tadi basa badé ngawartosan ka dieu, abdi ka rorompok heula ngabantun jékét. Na ari goréhél téh aya serat tina saku. Énggal wé abdi téh ka dieu.
NINI IHOT : Mana suratna?
ERUS : (NGUSIWEL KANA SAKUNA) Ieu! (DIBIKEUN KA NINI IHOT)
NINI IHOT : (AMPLOP SURAT DIILIKAN TERUS DIBUKA – NYOBA DIBACA, TEU KABACA) Minah...! Pangmacakeun surat (MINAH TEU NGAJAWAB) Minah...!
ERUS : Upami teu sawios-wios mah, cobi ku abdi dipangmacakeun (TERUS NYOBA DIBACA) Ih aksara serat gening. Teu tiasa aksara kieu mah. Cobi ku Aki.
AKI MADI : Ih boro-boro ti peuting, ti beurang ogé teu kuat ari maca téh sok cirambay.
NINI IHOT : Minah! Minah...! Ih aya ku bandel anak-anakan téh. (MINAH DATANG BARI BAKETUT)
MINAH : Aya naon? (SANGGEUS NINGALI ERUS – ÉRAEUN) Euh... aya naon Ni?
NINI IHOT : Pangmacakeun surat! Tah diuk di dinya! (NUDUHKEUN KORSI GIGIREUN ERUS)
NINI IHOT : (BARI MIKEUN SURAT) Sing tarik macana.
MINAH : (NGARÉRÉT HEULA KA ERUS TERUS IMUT – BRAY SURAT DIBUKA) “Kahatur Ihot di bumi. Ihot nu ku kuring kacida dipihormatna muga ku datangna ieu surat henteu ngajadikeun rengat haté. Ihot, geus aya kana dua bulanna kuring jeung pamajikan kuring mimiti tiktikbrek. Geringan. Ceuk rarasaan, kuring geus moal lila deui kumelendang di alam Pawenangan ieu. Ku kituna kuring boga karep saméméh kuring maot, kuring hayang ngarasakeun heula ni’matna meunang panghampura ti anjeun. Sabab dosa kuring ka anjeun téh ceuk rarasaan mah bakal mapakan gunung Mahaméru. Kacida pisan gedéna. Mémang hanjakal, kuring sadar sanggeus sagala béak. Sanggeus umur ngan kari sakésétan napas biola. Harta béak dipaké uubar. Anak baraya geus teu boga. Kuring ngan gulang-guling kadua Icih. Ihot, kuring miharep pisan, sangkan anjeun ngahampura sagala dosa-perdosa kuring. Duh Ihot. Kuring moal kuat nandangan seuneu naraka nu panasna sabagian geus karasa ku kuring ayeuna. Ngan sakitu paménta ti kuring nu gedé dosa. Kurdi”
NINI IHOT : (SANGGEUS TAMAT DIBACA – NINI IHOT TUNGKUL –SIMPÉ)
AKI MADI : Hot? (KADENGE NINI IHOTNYERGRUK) Alhamdulillah....
NINI IHOT : Kurdi .... (TERUS CEURIK).
AKI MADI : Geus Ihot. Tong teuing dipaké sedih. Anggur urang doakeun ku urang sangkan maranéhna dihampura tina sagala dosana. Sabab kuring nyaho geus ampir opat bulan manéhna ngamimitian deui ngajalankeun ibadah ka Pangéran. Geus Ihot teu kudu sedih. (NINI IHOT BEUKI KAGAGAS).
ERUS : (BARI ARAP’AP-EUREUP’EUP) Hapunten wé Nini abdi. Wiréh éta serat ku abdi parantos katélér-télér.
AKI MADI : Keun waé Jang Erus, nu eunggeus mah. Da lain dihaja (NINI IHOT UNGGEUK-UNGGEUKAN TANDA SATUJU KANA OMONGAN AKI MADI).
NI IHOT : Madi, Kang... Euh Kurdi ... Kurdi ... (BARI NYUSUTAN CIPANON NINI IHOT NGAJAJANTENG KÉNÉH)
TAMAT

Rancaékék, Pébruari 1989

Komentar