Kamis, 11 Agustus 2011

Sayudi: Unik, Kumplit jeung Teu Jejerih[1]

Moderator (M): Assalamu’alaikum Wr. Wb.. Para sadérék, adi-adi sadayana, dina danget ieu urang tiasa riung mungpulung kanggo sasarengan medar hiji tangtungan -anu di kelas mah ti kapungkur parantos dipikawanoh ngalangkungan karya-karyana- nya éta Sayudi. Ayeuna, anjeuna parantos ngantunkeun, nanging tapak lacakna, kanggo kahirupan sastra Sunda mah, ageung pisan. Hayu urang sasarengan guar deui, kumaha léngkah-léngkah anjeuna dina enggoning ngamekarkeun kasusastraan Sunda. Malah mandar tiasa janten inspirasi kanggo urang sadayana.

Di payuneun urang, palih tengen, aya kang Abdullah Mustappa. Sakumaha nu kauninga ku urang, anjeunna téh pangarang sareng wartawan. Ayeuna, anjeuna ku urang diperedih supados ngaguar luang pangalamanana sareng pamendakna ngeunaan Sayudi.

Dina kasusastraan Sunda, Sayudi kagungan kalungguhan anu pinunjul. Anjeuna salah sawios “patok” anu nanceb dina tradisi kasusastraan Sunda. Naon saleresna, Kang, kontribusi Sayudi kana kausastraan Sunda téh?

Abdullah Mustappa (AM): Sim kuring wantun nyanggemkeun, posisi Sayudi dina sastra Sunda téh sanés mung saukur “patok” atanapi “tonggak”, tapi istiméwa.

Upami urang macaan sajak-sajakna, babakuna nu aya dina Lalaki di Tegal Pati. Di dinya bakal katingal kumaha wanohna Kang Sayudi, jenatna, ka manusa Sunda. Manusa anu aya tangtunganana, anu aya pamadeganana, anu aya budayana. Tiasa janten pangna kitu téh ku margi anjeunna istuning kénging disebatkeun idek liher atanapi sagulung-sagalang sareng masarakat Sunda. Babakuna masarakat leutik anu kapungkur mah disebut rayat jalantah. Sigana, pangna sajakna istiméwa, ku margi pangalaman hirupna ogé istiméwa. Rada bénten jeung urang nu ilahar, nu hirupna biasa-biasa.

Aya sababaraha pangalaman anu unik. Numutkeun katerangan, sepuhna téh teu jadian budak. (Ibu ramana urang Garut, tapi Kang Sayudi mah dibabarkeun di Bandung.) Ku margi kitu, Kang Sayudi sadudulur (Sahuri, Sayudi, Sanaya) dikukutkeun ka nu sanés. Dikukutkeunana téh aya nu ka tukang patri, aya nu ka tukang pijet. Di antawisna, Kang Sayudi dikukutkeun ka tukang pijet anu teu ningali. Aya pangalaman unik ti Kang Sayudi yén anjeunna kantos nunungtun bapa kukutna nalika diondang mijet.

Dina kasusastraan Sunda, urang terang, tiluanana (Sayudi, Sahuri jeung Sanaya) peranna ageung. Kumpulan carpon Kang Sahuri Jakarta Kuring anu diterbitkeun ku Balé Pustaka carpon-carponna saraé. Kitu deui Kang Sanaya nu nyerat éséy dina basa Sunda, asana, dugi ka ayeuna ogé rada hésé anu mapakanana. Kang Sayudi dina puisi.

“Ku naon akang bet kana puisi?” kantos naros kitu. “Da genah,” cenah. “Basa Sunda téh aya purwakantina, aya wirahmana.”

Ieu panginten nu ngarojong lelembutanana ningal kahirupan téh minangka ironi.

Upami urang ningal, sajak Kang Sayudi mah motrét atanapi ngarékam kahirupan rayat leutik téh ku wirahma sanés ku peureup. Upami sajak-sajak protés kesanna ngacungkeun peureup, sajak Kang Sayudi mah ngagalindeng, padahal tujuanana mah sami protés. Upami urang maca sajak “Onih” dina Lalaki di Tegal Pati bakal katingali émpatina ka masarakat leutik. Saleresna mah langkung ti protés. Ceurik éta mah. Nyeungceurikan lingkunganana, nyeungceurikan komunitasna.

Aya sajakna anu kantos dihariringkeun ku Upit Sarimanah, “Langit Ceudeum” nu laguna kénging Kang Rukasah. Upami ayeuna rékamanana aya kénéh, mangga geura bandungan, kumaha émpatina Kang Sayudi kana nasib rahayatna.

Sajak-sajak Kang Sayudi sanés baé mangrupa sajak Sunda modérn anu munggaran, nanging sajak anu ngandung roh pantun. Saur para kritisi mah Kang Sayudi téh mindahkeun roh pantun kana wangun puisi modérn. Dugi ka ayeuna roh pantun éta téh henteu leungit, henteu ngolémbar. Ayeuna aya Godi anu ngahudangkeun deui dongéng-dongéng, boh dina sajak atanapi puisina. Henteu seueur panyajak Sunda anu tiasa kitu.

Sim kuring tos aya taunna gaduh niat hoyong nulis ngeunaan Sayudi, dugi ka sababaraha kali nepangan anjeuna, boh di bumina boh di Galura atanapi di tempat-tempat sanésna. Jadi, gaduh hutang ka Kang Sayudi téh. Anu matak, sim kuring ngahuleng, waktos anjeunna pupus téh. Niat nulis ngeunaan anjeunna dugi ka wangkid itu teu acan kalaksanakeun. Mudah-mudahan sing tiasa kabayar éta hutang téh.

M: Dina mindahkeun roh pantun kana puisi Sunda modérn, tangtos Sayudi dipangaruhan ogé ku lingkungan sosial sareng budayana. Kumaha pamendak Akang? Kumaha sumanget sajak-sajak Sayudi upami dibandingkeun sareng sajak-sajak Surachman R.M. atanapi Godi Suwarna?

AM: Inténsitas Kang Sayudi téh luar biasa. Inténsitas dina émpati ka masarakat atanapi kana masalah-masalah sosial anu aya di lingkunganana. Aya nu menarik ti Kang Sayudi téh. Anjeunna korban pitenah G30S/PKI. Ti Kantor Pos-na sasat satengah dieureunkeun, margi aya sangkaan kabaud Lekra.

“Akang mah lain komunis, Ab,” saur anjeunna. “Ari akang naon?” “Murba”. “Atuh adi lanceuk ari komunis jeung Murba mah.”

Tapi, aya nu kakara kabaca dina buku Pa Sumitro (Jejak Perlawanan Begawan Pejuang [2000] –rumpaka) anu ayeuna medal. Ceuk éta buku anu pangdianggapbahayana ku urang komunis téh nya éta jelema sosialis, sanés Islam. Jadi, anu pangheulana bakal diarah ku urang komunis ogé nya urang-urang sosialis: PSI, Murba. Upami Kang Sayudi umangkeuh Murba, meujeuhna lamun anu pangheulana diberesihan ku komunis.

Kang Sayudi mah maca Madilog[2] téh ti SMP. Lamun ayeuna aya mahasiswa can maca éta buku tingaleun ku Kang Sayudi. Alesanana, guruna ngadongéng ngeunaan Madilog. Sigana guruna téh aktivis Murba. Tah, guru baheula mah bisa siga kitu Téd, bisa mangaruhan muridna nepi ka jadi nyantél.

“Akang téh kataji jeung resep lantaran guru ngadongéngkeun Madilog. Nepi ka meuli bukuna, nepi ka maca,” cenah. “SMP éta téh, Kang?” “SMP.” “Abdi mah maca béh dieu gé lieur maca Madilog téh.” “Akang gé sarua ari lieurna mah.”

Tapi, aya sanggem anjeunna, bisa jadi bener. Tina Madilog tiasa nganalisis gejala-gejala sosial. Analisisna sering pisan seukeut, langkung seukeut batan koméntator anu sok narulis dina koran. Seukeut deuleu, upami ieu kieu upami ieu kieu, margi terlatih.

Apan Madilog mah mekelan ka nu maca téh –sed saeutik tina marxisme- kumaha ningali kondisi sosial, kondisi masarakat. Pangna kieu téh gejalana kieu, lamun kieu bakal jadi kitu. Sigana mah wawasan Kang Sayudi sapertos kitu téh nerap dina sajak-sajakna.

Upami Kang Surachman semet ngagalindeng wirahmana wungkul, Kang Sayudi mah nya wirahmana nya sumangetna anu unggul téh. Ningali kitu, jadi rada teu percaya Kang Sayudi komunis téh. Da ari komunis mah biasana pan sok heuras, sok kasar. Kang Sayudi mah lemes, tapi seukeut.

M: Dina seratan Usép Romli dina PR, kantos kasabit-sabit yén Sayudi téh kantos caket sareng paham Stalin.

AM: Akang mah teu pati yakin perkawis éta mah. Aya deui anu unik ti Kang Sayudi téh: Kahiji, urang sebutkeun simpatisan Murba. Kaduana, Kang Sayudi dipesen nyundakeun Qur’an sabuku kénging Pa Umar Bakri ti Penerbit Angkasa. Murba dipesen nyundakeun Qur’an. Terus katiluna, kungsi kudu ngajar basa Sunda pikeun calon pendéta. Saha sok anu pangalamanana kumplit kitu? Lamun harita Usép nulis dina PR, sigana mah aya kakaliruan saeutik. Lamun Kang Sayudi nyebut Trotsky mah mungkin kénéh. Tapi ari ka Stalin mah rada .... Nya, wallahu’alam.

M: Kang, sim kuring hoyong terang kumaha pandangan Sayudi ngeunaan masarakat Sunda sapertos nu kagambar tina Madraji sareng Lalaki di Tegal Pati? Tegesna, kumaha gambaran masyarakat Sunda nu aya dina éta karya, naha manggapulia atanapi katideresa? Sareng naon nu ngalantarankeun anjeuna ngagunakeun idiom-idiom buhun sapertos tina carita pantun?

AM: Kang Sayudi téh ti leuleutik matuh di daérah caket Jamika. Ari Jamika téh dina taun 50-an nugi ka 60-an mah jadi salah sahiji puseur kehidupan malam rahayat. Dina jaman harita mah anu modél kitu téh deui Tegalega jeung Cicadas. Mun wengi di dinya sok aya tukang obat atawa longsér Bang Tilil. Mun ayeuna Bagong Kusudiarjo nyebatkeun kailhaman ku tari “Layang-layang”, éta tari téh dipentaskeunana di nu kitu, sanés di gedong. Dilalajoan ku rayat nu teu mayar-mayar acan, ngan saukur ngalungan.

Lingkungan sapertos kitu téh teras napak di Kang Sayudi mah. Nu matak, basa anjeuna maca Kidung Sunda di bumina Pa Sumardja, bibit-bibit anu aya dina dirina sigana kahudang deui dugi ka lahir sajak panjang “Lalaki di Tegal Pati”, anu interprétasina ngeunaan Perang Bubat langkung orisinil jeung langkung écés batan interprétasi Yoséph Iskandar. Dina éta sajak mah jati-jatining lalaki Sunda téh langkung écés. Naon nu disebut martabat hirup keur urang Sunda? Naon ari harga diri?

Sakaterang sim kuring mah nu modél kitu téh ngan kapendak dina karya jalmi-jalmi nu jumhur pangaweruhna ngeunaan budaya Sunda, sapertos Mang Olla sareng Kang Saléh.

Upami urang maca buku Mang Olla sapertos Ranggamaléla, Dalem Paséhan atanapi Ki Sancang di Dayeuh Manggung, urang bakal tiasa ningal kumaha urang Sunda téh? Tegesna, kumaha idéalisasi anjeunna ngeunaan manusa Sunda.

Tangtos baé, idéalisasi Kang Sayudi bénten sareng Surachman R.M., bénten sareng Rachmat M. Sas. Upami ukuranana puisi, Sayudi langkung leubeut ku warisan nu ti pengker. Sanés baé langkung leubeut, tapi langkung akrab; margi, panginten, kahirupanana ogé aya dina lingkungan éta.

Da nulisna dina basa Sunda gé Kang Sayudi mah dihatéan. Kawinta mah anjeunna téh nulis dina basa Indonésia. Salah sawios cerpénna dimuat dina Kisah sasarengan sareng Subagio Sastrowardoyo “Kejantanan di Sumbing”. Ku rakana, Kang Sahuri, dihatéan, “Maenya,” cenah, “urang Sunda ngan nulis dina basa Indonesia waé.” “Jadi akang téh kapaksa nulis sajak,” cenah. Sajakna anu munggaran téh pan “Keur Aka di Délhi” (judulna “Longser” –rumpaka) téa.

Kitu deui waktos anjeunna lebet ka Konsérvatori, Kokar kapungkur mah. Angkatan kahiji anjeunna téh. Ngawitanaana mah lebet Mitra Sunda anu disesepuhan ku Pa Hasan Wargakusumah. Saur Pa Hasan, “Maenya asup Mitra Sunda euweuh kabisa nanaon.” Nya anjeunna lebet Kokar. Ari kaahlianana kana ngarebab. Seueur nu teu apal yén Kang Sayudi téh jago dina ngarebabna.

Tah upami hoyong terang kumaha raketna Kang Sayudi kana warisan-warisan karuhun tiasa dibaca dina Lutung Kasarung. Jigana lamun pangapungan dihariringkeun ku Dian pantes. Éta lirik téh, ceuk akang mah, luar biasa. Istiméwa Lutung Kasarung téh.

M: Mangga dihaturanan ka anu badé nambihan.

Dian Héndrayana: Assalamualaikum Wr. Wb.. Upami disebat nambihan, tangtos nambihan gé ukur sakedik pisan.Upami téa mah tadi Kang Sayudi tos maca Madilog nalika di SMP, lamun téa kudu agul, sim kuring nembé di tingkat dua ngaos Lalaki di Tegal Pati. Kahiji, aya haréwos ti réréncangan yén éta karya téh saé. Nalika maca “Lalaki di Tegal Pati” aya idéologi-idéologi anu tumerap, nepi ka dina hiji mangsa kudu mikaceuceub Gajah Mada nu dijadikeun tokoh super héro pemersatu Nusantara. Interprétasi Kang Sayudi ka Gajah Mada langkung santun, tapi hubunganana jeung Lingga Buana malah beuki tembres. Bénten sareng interprétasi Yoséph Iskandar anu asa langkung “vulgar”. Kaduanya, sim kuring ningal Sayudi minangka panyajak anu pangprimana. Itu ieu nyampak di anjeuna. Abdi gé nembé terang yén Kang Sayudi téh osok ngarebab. Sakawitna abdi hémeng ku naon Sayudi anu Murba anu Lekra tiasa dugi kana enas-enasna jati diri Ki Sunda. Malah dina Lutung Kasarung mah pas pisan kumaha anjeunna ngawincik rumpaka itu kudu dilagukeun dina anu, rumpaka ieu kudu dilagukeun dina anu. Abdi nembé terang horéng dasar-dasarna ti SMKI. (Hé hé... Rupina mah ti Ibu Ida. Kaleresan putrana, Mia, aya di dieu).

Kanggo ayeuna mah anu kualitasna rada prima téh Godi, tapi dina galindeng puisina anu nyosok kana enas-enas bagbagan kasenian Sunda tacan mapakan Sayudi. Kitu deui raja wirahma Dédy Windyagiri masih kénéh anggang ti Sayudi mah. Sakitu. Wassalamualaikum wr. wb.

M: Waalaikum salam. Akang parantos ngempelkeun sajak-sajak sareng carpon-carpon Sunda ti ngawitan. Hartosna, uninga kana kamekaran sastra Sunda. Sok sanaos sanés anu ngawitan pisan Sayudi nyerat sajak dina basa Sunda, nanging Sayudi anu pangpayunna nyambungkeun sajak modérn kana tradisi kasusastraan Sunda. Salajengna, naon anu kapendak ku Akang ti entragan saparantos anjeunna?

AM: Sigana, nu can kataékan, boh sabada generasi Kang Sayudi boh ku generasi anu saentragan sareng Kang Sayudi atanapi anu saméméhna nya éta inténsitasna. Wirahma puisi téh lain aya di luareun dirina, tapi aya dina dirina. Upami tadi Dian nyebat-nyebat Dédy Windyagiri, éta mah pan cangkang wirahma téh. Ari dina karya Sayudi mah teu aya cangkang teu aya eusi, tos wé dalit jadi hiji. Cangkangna ngeunah, eusina komo. Teu cara kadu. Tah éta anu teu aya, komo di entragan-entragan anu sabadana mah.

Kantos ngalékéték Kang Sayudi patali jeung “Lalaki di Tegal Pati”. “Ku naon Kang, mani simpati-simpati teuing ka urang Sunda atawa Pajajaran téh? Da ceuk abdi mah pantes dihina gé da indit kadituna gé serah bongkokan. Mawa budak awéwé rék dikawinkeun, datang ka ditu dihina, meujeuhna wé.” Kang Sayudi henteu kasinggung. Henteu ngambek dikitukeun téh. Papanjangan ngadongéngkeun naon anu disebut jati diri urang Sunda téa. Tah éta anu ku anjeunna, kalayan unggul, kalawan istiméwa pisan, ditepikeun dina sajak jeung guguritanana.

Leres sanggem Dian tadi, Lutung Kasarung teh lamun ditulis ku batur mah moal kitu. Kang Sayudi mah sigana téh asup wé kana suasanana. Sami sareng dina “Lalaki di Tegal Pati” atanapi dina Madraji. Jadi, émpatina kana gagasan anu ku anjeunna ditulis téh lir langkung ti gula jeung peueutna meureun éta mah. Da susah dipisahkeunana. Éta téh katingal upami urang ningal pola-pola hirupna, pandangan hirupna. Naon sababna tadi Akang cangcaya soal Stalin téa, ku margi tina obrolan-obrolanana, leres ceuk Dian, boga sikep santun Kang Sayudi téh. Éta meureun salah sahiji warisan, salah sahiji ajén-inajén hirup manusa Sunda téh. Panceg dina pamadegan, tapi tetep santun. Henteu arogan. Henteu hayang meunang sorangan. Ku margi naon? Ku margi hubungan manusa téh sareng alam deuih, sanés ngan saukur jeung papada manusa. Tah, pangaruh-pangaruh alam ka diri manusa téh ditransformasi ku bangsa Kang Sayudi, ku bangsa Mang Olla nepi ka jadi pamadeganana. Barang anjeunna nyieun karya téh tos henteu ngolémbar deui. Jadi wéh.

M: Naon nu ngalantarankeun pangarang-pangarang sapertos Sayudi, Olla tiasa ngagambarkeun jiwa manusa Sunda katut pandangan hirup urang Sunda? Naha kantos aranjeunna sasarengan madungdengkeun hal-hal anu aya patalina sareng kasundaan?

AM: Kang Sayudi téh, ngangkenna, mimiti inténsif cacampuran dina kasundaan saparantos raména Front Pamuda Sunda. Harita Sahuri ngahatéanana nulis dina basa Sunda téh. Tah, di antawisna aktif di Kiwari téa. Harita aya Beungkeutan Pangulik Budaya Kiwari, geuning. Kang Ajip, Kang Achdiat, Kang Rukasah. “Akang jadi naon di dinya?” “Akang mah pacalang,” cenah. “Tukang diutu éta ku Ajip,” sanggem Kang Sayudi téh.

Nanggap pantun, nanggap wayang, kagiatan Kiwari téh. Dina kagiatan-kagiatan sapertos kitu aya komunikasi, aya ngobrol. Keur mah eukeur pan pangaweruh aranjeunna, bangsa Mang Olla, Kang Rukasah ngeunaan seni Sunda sareng filosofi Sunda gé kaétang leubeutna.

Hanjakal anjeunna henteu kabujeng ngawariskeun ka generasi sabadana. Nu mawi tulisan-tulisan, novél-novél sapertos karya Mang Olla, sanaos harita terbitna téh dina format cara buku silat Soekarna Soekandar téa, henteu pati dianggap buku sastra, tapi sigana, lamun téa mah ayeuna dibaca deui, dipelajari deui, ditafsirkeun téa, bakal ageung pangaruhna. Margi urang nu hirup sapertos ayeuna tos béda lingkunganana. Pegat pan. Sacara formal aya mangsa lawas nu pegat ka urang. Tah ieu téh bakal nyambung deui ku ayana kagiatan anu mungkin informal, mungkin siga kieu. Pamass atanapi PP-SS ngariung, sabulan sakali atuh, kakacapian. Biasana ku kitu téh bakal aya obrolan-obrolan. Harita gé saur Kang Ajip, Mang Olla sareng Kang Sayudi téh kararitu. Munculna gagasan, munculna idé-idé anu bakal natrat dina sajarah téh tina cacampuran anu kitu. Kang Sayudi dugi ka kiwari masih kénéh émut, kumaha anjeunna lalajo pantun di bumina Pa Suhamir. Éta téh napel wé. Ayeuna mah tos langka nu kitu téh. Ayeuna mah lalajo bioskop, VCD apan.

M: Mangga Dé.

Dédé Syafruddin: Dina Manglé kantos aya seratan Pa Enoch. Disebatkeun Sayudi téh seueur pacabakanana, Upami ningal kitu, naha kantos aya obrolan ngeunaan kumaha profesionalisme nulis Sayudi nalika anjeunna seueur pacabakanana. Kumaha sikep Sayudi kana nulis téh?

AM: Kang Sayudi mah istiméwa, boh jelemana boh pangalaman hirupna. Lamun dipondokkeun mah, Kang Sayudi téh henteu jejerih. Hirupna henteu ngéplék jawér. Henteu héngkér.

Kantos keur Akang ngurus Katumbiri, kurunyung Kang Sayudi mawa karung dibeungkeut. “Naon éta téh, Kang?” “Ieu,” cenah, “Ab, Akang dagang lampu.” Ngadongéngkeun, “Akang sapeupeuting ngaragaji di imah téh. Pipah diragaji, terus diwadahan, siseménan, dipasangan lampu.” Ah teu pantes wé. Jajauheun kana nyeni, alus gé henteu. “Kang, ieu téh lampuna bakal hurung moal?” “Ah, kumaha Abdullah wé éta mah.”

Kantos dagang béas. Keur budak sakolana bari digawé. Lamun téa mah tadi disebutkeun profesionalisme dina nulis, Kang Sayudi mah profesional pisan. Kumaha waé hirupna tetep bisa nulis. Henteu aya alesan siga Si Usman, henteu boga komputer. Éta meureun salah sahiji urang Murba téa meureun.

M: Kantos janten supir angkot saurna mah nya, Kang?

AM: Muhun. Tah éta téh tina Inprés. Kenging artos tina (proyék –rumpaka) buku Inprés, buku anak-anak. Cekap keur meuli, kapungkur mah disebutna téh, Honda. Terus nambangan. Nya atuh panyajak téa boro-boro ngurus mobil pan. Setoran euweuh, mobil ruksak. Hébat, sagala dicabak. Tapi ari nulis mah teras. Malah, keur jelema-jelema cara Kang Sayudi mah, pakasaban téh henteu jadi pasualan.

M: Mangga Ceu Étti dihaturanan.

Étti R.S. : Néma ti Dédé. Tadi disaurkeun ku Kang Abdullah, hususna dina puisi Kang Sayudi, kacida dalitna antawis cangkang sareng eusi. Sareng deui, panginten ari Akang mah pan seueur ngobrol sareng Kang Sayudi. Sok sanaos, saur Akang tadi, dina situasi kumaha waé Kang Sayudi tiasa nyerat. Panginten saeutik henteuna Akang tiasa uninga tina obrolan atanapi tina campur gaul sareng Kang Sayudi. Kumaha tah prosés kréatifna, pangpangna dina ngagelarkeun karya-karya anu istilahna mah sanés pesenan, sanés sapertos Inprés?

AM: Kang Sayudi mah jalmi anu asak di lapangan. Hartina dina kahirupan. Sering lamun ngobrol sareng Kang Sayudi, anu aya patalina jeung hal-hal anu sipatna téoritis: “Teuing atuh akang mah teu nyaho anu kitu mah, Ab.” Éstuning sanés hartosna naon anu didugikeun ku anjeunna henteu aya eusian. Sanés. Malah langkung punjul eusina. Tapi dina rétorika, upami ngadongéng anu kitu henteu paséhat. Sapertos tadi, dongéng ngeunaan sajakna anu mimiti téa, “Keur Aka di Délhi”. “Kumaha, Kang?” “Enya, pédah Akang wé dititah nulis sajak ku lanceuk.” Ku Sahuri. Éta pan Sahurina di Délhi. Enya tangtosna mah leuwih ti kitu sabenerna mah. Aya anu kalan-kalan keur seniman atanapi pangarang anu geus jadi, naon anu disebut prosés, naon anu disebut ilham, éta téh henteu jadi masalah deui. Henteu siga Usman, néangan ilham ka Tegalega. Keur Akang mah, Kang Sayudi tiasa ngaréngsékeun tarjamah Qur’an ku basa Sunda gé mangrupa hiji hal anu luar biasa. Da biasana ari panyajak mah tara anggeus ari digawé téh. Cul wé kitu. Tapi ari Kang Sayudi mah temen wekel. Mungkin henteu dihaja bangsa anu ku Étti disebut prosés kréatif téh. Kantos pan Ajip muka Proyek Penelitian Pantun dan Folklore Sunda. Kang Sayudi téh milarian tukang pantun, ngiring nyiapkeun acarana, teras transkripsi tina rékaman. Tina nu kitu téh keur anjeunna mah bisa jadi prosés kréatif. Naon anu ku Akang disebatkeun tadi, inténsitas anjeunna kana hal-hal anu aya di luareun dirina téh tarik. Duka mun pangaruh Madilog sugan.

M: Rupina kedah janten buku wajib Madilog téh? Mangga Yoga.

Yogaswara: Hatur nuhun. Abdi hoyong terang, saparantosna Kang Abdullah remen ngobrol sareng Kang Sayudi, pandangan hirup atanapi prinsip hirup naon waé anu sering diguar. Dupi anjeunna osok henteu ngadugikeun prinsip hirup atanapi pakeman-pakeman basa anu dicekel deleg ku anjeunna? Margi abdi ningal sapertos aya paradok. Ngaréngsékeun Al-Qur’an sareng sok maca buku-buku komunis atanapi Murba?

(Ku katalédoran panata calagara/patugas, rékaman kapotong.)

M: ... dina ieu kasempetan, ku nyumpingkeun kang Abdullah, urang tiasa ngeuyeuban pangaweruh urang dina widang sastra, hususna karya-karya Sayudi. Hal ieu téh mangrupa kontribusi anu ageung pisan kanggo garapan urang mah.

Hatur nuhun ka Kang Abdullah Mustappa sareng Ceu Étti R.S. saparakanca. Mugi-mugi, rukun gawé antawis Pamass sareng PP-SS, ulah mung ukur dugi ka dieu. Sim kuring sareng adi-adi di dieu ngahaturkeun nuhun jalaran parantos dibeungharan ku pangaweruh. Urang pungkas ieu pajemuhan ku ngaos hamdallah sasarengan. Alhamdulillahirobbilalamin. Hapunten tina samudaya kalepatan. Sakitu anu kapihatur. Wassalamu’alaikum Wr. Wb..

Katerangan:

Acara talkshow lumangsung ti tabuh 14.00 dugi ka 16.00 dina dinten Rebo, 10 Méi 2000. Tempatna di Student Centre Fakultas Sastra UNPAD, kampus Jatinangor. Ieu acara mangrupi rukun gawé antawis Paguyuban Mahasiswa Sastra Sunda (Pamass) sareng Paguyuban Pangarang Sastra Sunda (PP-SS). Pupuhu kagiatan Éris Risnandar, mahasiswa Sastra Daérah angkatan 1995, girang seratna Dian Amaliasari, mahasiswi angkatan 1999.

Naskah di luhur ditranskrip ku Cucu Nurzaman, Jumaah-Minggu 26-28 Méi 2000 (21.00-01.20).



[1] Inskripsi talk show “Mendak Sayudi: Naon nu Kapendak” nu lumangsung kaping 10 Mei 2000 di Jatinangor. Nara sumber Abdullah Mustappa, moderator Téddi Muhtadin.

[2] Buku karya Tan Malaka, pepentol Partéy Murba. Madilog pondokna tina Materislisme, Dialektik, Logika.

Nonverbal - Tentang Api