Wijaksana Wijaksini

Dina hiji acara pernikahan, Pa Kiai dihaturanan kanggo ngadugikeun hutbah nikah. Anjeunna medar perkawis wijaksana. Saur anjeunna wijaksana téh kudu dipibanda ku salaki jeung pamajikan. Poko pikiran anu ngadadasaran pedaran Pa Kiai harita, nya éta ku wijaksana sagala rupa perkara bisa bérés. Tegesna, bakal caina hérang, laukna beunang. Lian ti éta, tina pedaran Pa Kiai, kagambar ogé yén dina kecap wijaksana téh ngandung tuladan ngeunaan kamampuh hiji jalma enggoning ngadalian napsu nu tara cicing dina hiji makom.

Dibéjérbéaskeun ku Pa Kiai yén salaki atawa pamajikan nu wijaksana téh, di antarana, nya éta anu mampuh ningali hal-hal anu humoristis dina mangsa timbul perkara anu matak ngahudang amarah. Contona, waktu sang carogé dihaturanan angeun sop dijahéan. Carogé henteu kedah nyangangang ka bojona. Malah nyebut “Emh, alhamdulillah. Nuhun Gusti.”

“Naon Kang?” saur bojona. “Meni nyebut alhamdulillah. Teu raos angeus sop kenging abdi téh?”

“His sanés teu raos. Nu matak akang mah ngarasa bagja. Kakara saumur nyunyuhun hulu disuguhan angeun sop dijahéan.”

Sang bojo imut. Ngarti kana kabodoanana. Teu kapapanjangan. Isukna néangan resép nu leuwih alus.

***

Bener téh alus. Tapi nu leuwih alus deui mah wijaksana. Kitu saur Prof. Andi Hakim Nasution. Jeung kitu deuih jigana mah nu aya dina pikiran saréréa ogé. Cindekna, kecap wijaksana téh pada mikaresep pada mikahayang. Tapi, dina emprona mah jadi jalma nu wijaksana téh henteu babari. Malah deukeut-deukeut kana mustahil. Kacangcaya sarupa kitu téh lain kakara ayeuna, tapi geus aya ti baheulana. Inohong anu kagungan kacangcaya kana hirup huripna kecap wijaksana téh taya lian ti Phytagoras, salah sahiji jeunieus Yunani, nu ku barudak sakola mah dipikawanoh lantaran kapanigelanana manggihan rumus widang jurutilu (segitiga).

Dina jaman Yunani kuna, para filosofna boga anggapan yén manusa téh darajat kamanusaanana baris ngaronjat upama maranéhna mampuh ngadalian diri sarta boga pangaweruh anu bener. Ku aranjeunna mah manusa anu kitu téh disebutna sophos nya éta manusa anu wijaksana Tapi, ceuk aranjeunna kénéh, jadi jelema nu wijaksana téh teu babari alias hésé pisan. Paling-paling manusa mah ukur tepi kana micinta kana kawijaksanaan, nu dina basa Yunanina mah disebut filos sophos, nu saterusna jadi asal-muasal kecap filsafat téa.

Ari kecap sophos asalna tina basa Yunani, kecap wijaksana asalna tina basa Sangsakerta. Numutkeun kamus harti wijaksana téh nyaéta pinter tur luhung, sagala rupa ucapanana atawa putusanana ngandung hikmat.

Basa Arabna wijaksana nya éta arif. Malah sok dikantétkeun jadi “arip wijaksana”. Naon ari basa Sundana, nya? Kecap “arip” jeung “wijaksana” ogé geus jadi basa Sunda ayeuna mah. Saperti kecap “filsafat” atawa “filosof”. Jigana kecap basa Sunda anu deukeut-deukeut kana harti wijaksana mah kecap “luhung” atawa “linuhung”, nu hartina luhur budi, mulya haté sarta luhur élmu. Tapi, écés pisan yén jalma linuhung mah deuih lain jalma biasa. Dina pawayangan ogé wiku nu linuhung mah.

***

Sok sanajan hayang jadi sophos, jadi wijaksana, jadi arif atawa jadi jalma nu luhung atawa linuhung téh hésé, tapi henteu kudu ngarentet. Jadi shopos atawa nu séjénna tetep kudu jadi implengan tur udagan saréréa. Éta cenah mindeng titajong atawa méngpar tina erél kawijaksanaan, jamak baé kitu mah. Nu penting buru-buru ngalempengkeun deui implengan jeung tujuan. Mémang, kiwari mah kecap wijaksana téh ngan ukur ditingali tina jihat jalma anu boga kakawasaan baé (nu sok disebut nu boga kawijaksanaan). Ditingali tina jihat anu narima kawijaksanaan mah boro-boro wijaksana, nu puguh mah ukur lalambé. Cenah gé, “Wijak sana deui, wijak sana deui, iraha atuh rék wijak sini?”

Lélés, 2006

Komentar