Sajak Nyogok, Sajak Nyugak jeung Sajak Bangkarak
Sajak téh karya panyajak. Tapi, tujuan panyajak nulis sajak can tangtu sarua jeung tujuan sajakna. Ku lantaran kitu, tujuan sajak henteu bisa ditangtukeun ku panyajakna. Lamun urang hayang nyaho tujuan sajak ulah nanyakeun ka panyajakna, tapi kudu nanyakeun téh kana sajakna. Kitu deui dina ngajén sajak, ulah ditangtukeun ku tujuan urang anu maca, tapi angger kudu ditangtukeun ku tujuan sajakna. Ulah kajadian ari tujuan sajak ka kidul, ari nu ngajén tujuanana bet ka kalér. Atuh lapur. Nya picung nya hulu maung téa nu kitu mah.
Dina ngajén sajak-sajak Ganjar Kurnia ogé niat kuring mah moal rék ningali ka sisi ka gigir. Rék gugon baé ka sajak-sajakna. Aya sawatara pertanyaan anu hayang kajawab. Di antarana nyaéta: (1) naon nu jadi tujuan sajak-sajak Ganjar Kurnia téh? (2) naha tujuan sajakna téh geus kahontal? (3) lamun henteu bisa kahontal, naon nu ngalantarankeunana?
Saenyana dina unggal sajak ogé aya tujuanana séwang-séwangan. Tapi, upama sakumna sajak Ganjar Kurnia anu katarima ku kuring dianggap minangka hiji beungkeutan; katangén aya dua sajak anu sacara éksplisit nembrakkeun tujuanana tur bisa ngawakilan sajak sejénna. Malah bisa baé dianggap minangka krédona. Éta sajak téh nyaéta “Sajak Bangkarak” jeung sajak “Gerem”.
Sajak Bangkarak
Sajak pondok – Sajak nyogok
Sajak panjang – Sajak nyugak
Mun teu nyogok – Mun teu nyugak
Sajak ukur bangkarak
Dina sajak ieu katangén yén anu jadi tujuan téh sajak nyaéta “nyogok” jeung “nyugak”. Lamun sajak henteu nyogok jeung henteu nyugak éta mah sarua baé “bangkarak”, anu sacara harpiah hartina téh nyaéta keretas atawa tulisan nu geus teu kapaké [1]. Upama urang niténan kecap “pondok”, “nyogok”, “panjang”, jeung “nyugak” moal susah implengan téh jol bras baé kana babasan “pondok nyogok panjang nyugak” téa. Nu sacara harpiah hartina téh matak nyentug kana haté (omongan), garihal teu matak resep ngadéngékeunana. [2]
Naha ku naon tujuan sajak téh bet kitu? Nyentug haté (ngritik) ku basa nu garihal, nu teu matak resep ngadéngékeunana? Naha “panyajak” geus teu percaya deui kana rasa hormat ku ungkara basa anu lemes ngagalindeng? Saenyana urang teu bisa nganaha-naha da éta mah geus jadi hakna pribadi. Teu bisa disisikudi. Unggal sajak jeung “panyajak” mibanda tujuan séwang-séwangan. Dina sajak-sajak Godi Suwarna nu aya dina buku Sajak Dongeng Si Ujang mah, upamana, tujuan sajakna téh nyentug haté (ngritik) ku cara lemes, anu ninggang di babasan handap lanyap téa[3].
Lian ti sajak “Sajak Bangkarak” anu sacara éksplisit nembrakkeun tujuanana mah nyaéta sajak “Gerem”. Dina sajak ieu katémbong tékad katut tangtungan “panyajak” anu panceg napak dina “kuda-kuda istiqomah/nanceb/dipaseuk alif min kalimah syahadah” pikeun “nyingraykeun kapetengan”
Gerem
Sanajan dibekem
Masih bisa ngagerem
Gerem leuwih rosa
Batan heurasna carita
Sanajan ditémprang
diténgkas
kuda-kuda istiqomah
nanceb
dipaseuk alif min kalimah syahadah
nu dijiadkeun kana embun-embunan
mangsa waruga, anyar
pinanggih jeung alam pawayangan
kakawasaan bisa nandasa raga
ngakaya jiwa
tapi mo bisa ngagunasika pikiran
mardika:
rohna ngalalana, nyusupkeun
geter-geter sungapan kamanusaan
kana
unggal sungsum
unggal rénghapan
hiji ditandasa
mangyuta ganti
antri
ngeupeul peureup nembang durma
nyingraykeun kapetengan
Saha nu disogok jeung dicugak (?) ku sajak-sajak Ganjar Kurnia téh? Sabada dititénan mah geuning lain si itu si éta, tapi diri “panyajak”-na pribadi. Aya sababaraha sajak anu nembrakkeun ruksakna kahirupan, cara dina sajak “Cikaracak”, tapi tetep baé aya bagian pikeun dirina anu kudu milu tanggung jawab.
Lamun rahayat ngocéak
Cikaracak ngarakacak
pamingpin milu andekak
naha urang gé cukup calawak
Kitu deui dina sajak “Alhamdulillah – alhamdulillah?” sok sanajan nu ditembrakkeun téh mojang dijilbab anu bajuna nyitak tur bujalna katémbong, tapi inyana mah teu ieuh digarah-geureuh. Nu disalahkeun mah nya “si kuring” anu nempona, naha maké kudu ngarasa resep.
rambut ditutup rapet
ku jilbab
acuk nyitak
bujal ngajorélat – aya nu ngajepat
alhamdulillah
alhamdulillah?
Ku lantaran nu disogok jeung dicugak téa diri “panyak”-na sorangan, atuh temahna ka nu maca téh jadi timbul rasa rumasa. Mun terus dilenyepan mah geuning nu disogok jeung dicugak teh lain ukur “panyajak”-na wungkul, tapi ngawengku sakumna nu maca. Malah leuwih jero jeung leuwih nyeri karasana alah batan lamun langsung disogokkeun jeung dicugakkeun ka nu macana. Lebah dieu, pilihan strategi “panyajak” tinekanan ngahudang kasadaran nu macana.
Diri nu teu weléh keuna ku gogoda dina “Sataun Jeprut”, lampah nu loba mubadirna dina “Éra”, pati nu pasti tumiba dina “Lus Les”, awak nu bakal ruksak dina “Ulang Taun”, umur nu beuki ngolotan dina “Huis”, teu inget ka pangbalikan dina “Poho”, jeung karumasa boa-boa ibadah urang henteu ihlas dina “Boa-boa” lain baé pasualan anu husus disanghareupan ku “panyajak”na, tapi mangrupa pasualan anu disanghareupan ogé ku para pamacana.
“Panyajak” sadar, yén naon-naon anu ditulisna téh euweuh hartina lamun dibandingkeun jeung kaagungan ciptaan Allah.
Rumasa
Naon hartina kula
Nyusun kalimah taya kabisa
padahal Alloh, nyipta
dunya katut eusina
ukur ngucap:
Kun fayakun
Komentar
Posting Komentar