Infus (Monolog keur Lalaki)
Téddi Muhtadin
(HIJI RUMAJA NGAGOLÉR DINA RANJANG. AWAKNA PINUH KU TATU.
SELANG INFUS NYANGBUNG KANA URAT NADI LEUNGEUNNA).
Aduh … alah … aduh…
(CENGKAT TERUS DIUK). Alhamdulillah Gusti, abdi masih kénéh ditangtayungan ku
Anjeun. Mun seug tompér kukulinciran, wah geus nangkarak baeud jigana ayeuna téh.
Tatu sakieu mah wajar wé. Lain gé lalaki teu kungsi baréd-baréd acan mah.
Geus takdir, yén poé
ieu dina jam ieu, detik ieu, kuring kudu dirawat. Da teu kabayang bakal
pikieueun atuh da. Sarua wé jeung batur tadi téh kuring bareng jeung babaturan
rék indit ka sakola. Biasa ti imah leumpang muru ka jalan raya. Megat angkot
sakeudeung, geus aya terus ngabiur muru sakola. Na atuh dina waktuna turun tina
angkot. Hiuk-hiuk téh peureup kana beungeut. Tetempoan tingbarurinyay.
Teu katahan
sangkilang leungeun pakupis nutupan beungeut gé. Lapur. Bororaah bisa merhatikeun
saha-sahana nu neunggeul deuih, da kaburu disuntrungkeun. Terusna kuring tisungkruk.
Karasa aya sapatu nenggel kana angen. Les kuring teu inget di bumi alam.
Hah… Padahal naon
untungna neunggeulan kuring, nya? Kuring mah teu resep gelut. Ku lantaran teu
resep gelut, nya kuring ogé tara nyieun jalan pigeluteun. Tara nyiar gara-gara
nu matak pikakeuheuleun batur. Tapi, nya éta ari hirup, sok aya wé kajadian nu
teu disangka-sangka téh.
Geura, baréto waktu
kuring keur ngalantung di sisi jalan, lar aya hayam ti kebon ka tengah jalan.
Jigana éta hayam téh ningali béas anu bacacar. Hadé niat mah ngagebahkeun hayam
bisi kagéléng mobil, na ana gantawang téh si Marno nyentak. “Pikasebeleun siah
ka aing ngarekén hayam.” “Lain ka manéh, No. Uing mah bener ngagebahkeun
hayam.” Teu daék leler dikitukeun téh. Kalah jiga nu dipanasan. Si Marno beuki
ambek. Dampal leungeunna ngajérébébéng rék nyangber beungeut kuring. Na atuh
teuing kumaha mimitina, suku kuring ujug-ujug réfléks nyasar kekemplong Si
Marno. Jedak. Blug! Si Marno ngajurahroh.
Bobo-boro atoh,
kuring kacida reuwasna. Si Marno buru-buru ku kuring diburu. Kuring hahampuraan
da teu niat rék kitu. Rob tatangga datang. Pada naranya. Si Marno pada nyeuceuhan
nepi ka lilirna. Anéhna téh taya nu nyalahkeun kuring. Malah kadéngé Ceu Dali
mah bangun sugema, “Enya bener Ujang, kudu diwarah budak polontong kitu mah.
Tuman.”
Ah boro-boro hayang
ngahaminan, nu puguh mah ngadégdég wé. Sieun si Marno teu hudang deui. Kumaha
mun maot? Pasti kuring dikapulisikeun. Pasti indung jeung bapa kuring wirang jeung karoroncodan. Kumaha mun dudulur-dulurna ngakalakeun
kuring? Ah, pokona mah hirup téh jadi loba kasieun. Bener cék paribasa, batur
sarébu saeutik, musuh hiji loba teuing.
Tah ti harita kuring tara tujang-tajong deui. Paur.
Ayeuna kuring aya nu najong
jeung neunggeul nepi ka tatu. Haté mah aya ngageremet. Tapi insya Alloh moal rék
males. Kapan saur Mang Yandi, guru silat kuring: heuras ulah dilawan ku heuras.
Heuras kudu dilawan ku leuleus. Nya ku cara kitu, saurna buleudan kekerasan bisa dipegatkeun. Muga-muga wé
ieu kajadian téh jadi pelajaran pikeun hirup anu tengtrem, cara ieu cairan
infus nu bisa nyageurkeun tatu-tatu kuring.
Tapi omat, sok
sanajan teu resep gelut, sok sanajan teu boga musuh, ati-ati mah perlu. Lamun tadi
kuring nepi ka hanteuna, wah pisakumahaeun teuing sedihna Ema jeung Apa.
Alhamdulillahi robbil
alamin…. Nuhun Gusti. Abdi masih kénéh dipaparin umur.
Komentar
Posting Komentar