Pangarang nu Sawawa [1]
Saini KM
Dina
seuhseuhanana sastra bakal nyodorkeun “gambaran Manusa pahareup-hareup jeung
pasualanana”, kitu cenah ceuk hiji ahli pikir sastra, (kuring geus poho deui
saha jenenganana). Tapi jigana mah upama teu Cullingwood, Bouwra atawa Charles
Morgan. Tapi ari unina pamadeganana téa mah nya kitu pisan, nu kaunggel dina
basa Inggrisna kieu: “the image of Man in front of his problems.”
Kuring
yakin, yén pamanggih nu kacida basajanna di luhur téh geus sanggup ngawengku
sawatara ugeran-ugeran dasar sastra anu kacida pentingna. Ku lataran kitu
nyawalakeun éta pamanggih téh bakal gedé pisan gunana, boh keur para pangarang,
kitu deui keur nu resep maca.
Upamana
baé, kecap “Manusa” (Man, kalawan
maké aksara gedé) nimbulkeun sawatara pasualaan pikeun urang. Saha nu
dipimaksud ku ahli sastra dina kecap “Man” atawa “Manusa” téh? Naha “Man” atawa
“Manusa” dina éta pamadegan téh hartina asal manusa, cék wiwilanganana teu
ngiwalkeun nu balilu jeung burung jeung nu jahat? Cindekna anu dina basa
deungeun disebut “human animal”, atawa sato anu ngaranna manusa?
Upama
kitu maksudna, unggal jalma, asal manéhna boga kamahér dina ngagunakeun basa
jeung boga bakat ngadongéng kalawan narik ati ngeunaan pasualan-pasualan
dirina, tangtu ku urang bisa digolongkeun kana sastrawan. Cék wiwilanganana nu
owah tapi mahér nyaritakeun pangalaman owahna dina nyanghareupan sual-sual nu
saenyana mah ngan jadi sual pikeun nu owah, bisa disebut sastrawan. Jalma
biadab, nu bisa nyaritakeun pangalananana dina nyanghareupan pasualan-pasualan
nu ngahalangan nafsu héwanina pikeun ngahontal kakawasaan, harta jeung wanita,
ku urang bisa disebut sastrawan deuih upama manéhna bisa nulis mah. Cindekna,
lamun “Man” téa maksudna manusa héwani (natural man), atuh unggal nu bisa nulis
jeung ngadongéng kalawan narik ati, ku urang bisa digolongkeun kana sastrawan.
Lamun
manusana kawas nu di luhur, nya éta manusa héwani, tangtu “pasualan” nu
disanghareupanana mangrupa pasualan-pasualan nu timbul waktu manusa héwani téa
nyoba-nyoba atawa narékahan pikeun nedunan pangabutuhna salaku manusa héwani.
Ari kabutuh manusa héwani téa tangtu moal leuwih réa ti batan kabutuh-kabutuh
nu sipatna biologis, kayaning séks jeung kadaharan, jeung kabutuh séjénna nu
sipatna basajan. (Cindekna pasualan-pasualan nu bakal kabaca dina “sastra”
manusa héwani téa mah moal leuwih réa ti batan pasualan-pasualan kumaha
nyanghareupan wanita jeung dahareun téa. Atuh dina ngaréngsékeun atawa méré
jawaban kana masalah téa moal bangga deuih. Manusa héwani bakal ngagunakeun
akalna, kalawan teu kudu mikiran sual-sual nu patali jeung susila, agama jst.
Tapi
kecap “Manusa” atawa “Man” nu kapanggih dina pamadegan ahli sastra téh bisa
jadi lain kitu hartina. Bisa jadi nu di pimaksud téh lain manusa héwani tapi
Manusa Kamanusaan, nyaéta manusa nu kabutuhna leuwih ti ngan ukur kabutuh nu
sipatna biologis (héwani) wungkul, tapi manusa nu mikabutuh hal-hal nu
ngabédakeun maranéhna ti héwan. Ari hal-hal nu ngabédakeun maranéhna ti héwan
nyaéta kabutuhan-kabutuhan nu sipatna kultural-spiritual, tegesna kabudayaan nu
ngawengku filsafat (étika, Éstétika, métafisiika jst), élmu pangaweruh
(science), seni, jeung agama.
Lamun
manusa-manusa kawas di luhur téa jadi pangarang, masalah-masalah nu ku urang
bakal kabaca dina tulisan maranéhna moal basajan kawas nu ku urang kapanggih
dina tulisan-tulisan manusa héwani. Kitu deui dina nyodorkeun jawaban kana
masalah-masalahna téa, maranéhna bakal mikiran hal-hal nu aya tumalina jeung
kabudayaan sarta agama.
Sanajan
manusa kamanusaan téa mikabutuh hal nu sarua jeung manusa héwani, upamana baé
perlu nyumponan naluri séks, si manusa kamanusaan mah moal ngan ukur mikiran
kumaha akalna supaya meunangkeun si wanita nu dipikahayangna, tapi ogé bakal
mikiran naha tarékahna téh bakal ngarempak ugeran-ugeran susila sarta
kapercayaan (agama) nu jadi cecekelanana. Dina hal saperti kitu bakal écés
tanggungjawab manusa kamanusaan mah henteu ngan ukur kana dorongan atawa
kahayangna sorangan, tapi ogé kana hal-hal nu patali jeung kapentingan manusa
séjén, baturna dina hirup kumbuh. Apan boh kabudayaan boh agama ogé dina
seuhseuhanana mah mangrupa pangabutuh manusa dina hirup kumbuh. Ana kitu, dina
nulisna sastra téh manusa kamanusaan mah ngawakilan manusa sakumna, atawa
sakurang-kurangna manusa nu aya dina hirup kumbuhna. Ieu jigana mah nu sok
nyababkeun aya nu nyebutkeun yén sastra “universal” téh.
Ayeuna
urang balik deui kana kecap “Man” téa. Manusa nu mana dipimaksud ku “Man” téh?
Naha Manusa Héwani atawa Manusa Kamanusaan? Naha Manusa Naluri atawa Manusa
Kabudayaan jeung Manusa Agama? Lantaran ngajawab pertanyaan ieu kacida héséna,
tur jawab nu bener tangtu ngan aya dina haté nu miboga éta pamanggih, kapaksa
urang ngan ukur bisa babalédogan.
Lamum
urang maca Crime and Punisment jeung The Idiot atawa The Brothes Karamazov, nu kagambar ku urang nyaéta Manusa
Kamanusaan Dostojevsky nu jurit jeung pasualan-pasualan nu raket patalina jeung
filsafat sastra agama, tur masalah-masalah nu pangaruhna geus nepi ka
Indonésia, tur ngamanifestasikeun dirina dina kagoncangan-kagoncangan pulitik
sosial nu kaalaman ku urang saréréa. Kitu deui upama urang maca buku karangan
Alan Paton Cry the Beloved Country,
urang bakal meunang kesan nu sarua, sanajan tekenan masalah leuwih nyoko dina
masalah-masalah kamasarakatan di Afrika Kidul. Kumaha ari Gitanyali-na
Rahindranath Tagore? Éta ogé némbongkeun gambar Manusa Kamanusaan Tagore nu
jiwana geus awor jeung pangalaman kaagamaan Hindu. Kumaha ari Steinbeck, kumaha
ari Sartre, kumaha ari Graham Green? Jawahna bakal sarua, yén dina karya-karya
maranéhna nu kagambar téh nyaéta Manusa budaya, agama nu tarékah satékah polah
ngungkulan pasualanana.
Tapi
aya pangarang séjén, ngaranna Neil Bell, nu dina bukuna nu judulna One of The Best nyaritakeun carana hiji
lalaki maéhan pamajikanaana kalawan ngagunakeun kapinteranana, tur ahirna bisa
kawin jeung awéwé séjén nu dipikahayangna. Dina kumpulan carita pondokna aya
deui carita hiji ahli kimia nu maéhan pamajikanana ku jalan nyampurkeun racun
kana pangrapet amplop, nu bakal dilétak ku pamajikanana upama si pamajikanana
ngirim surat ka manéhna. Neil Bell nu jadi pangarangna teu némbongkeun sikep
moral atawa agama kana kajadian-kajadian nu dikarangna. Nu digambarkeun ku
manéhna wungkul manusa naluri nu dina nyumponan kahayangna teu maliré kana
norma-norma nu aya di luareun dirina.
Nilik
kana kalungguhan Dostojevsky, Alan Paton, Tagore (kungsi meunang hadial Nobél),
Steinbeek (kungsi meunang hadiah Nobél), Graham Green, Sartre (meunang hadiah
Nobél, sanajan nolak), jeung kalungguhan Neil Bell nu nota béné teu dihargaan
nu ahli-ahli sastra, urang bisa ngira-ngira, yén nu dimaksud ku kecap ”Man” téh
manusa budaya agama nu digambarkeun ku pangarang-pagarang golongan kahiji jeung
lain ku golongan nu kawas Neil Bell téa.
Lamun
dina ngabahas masalah nu nyoko dina pertanyaan “nu kumaha pangarang nu sawawa”
urang suméndér kana pamanggih nu di luhur, jawabna bakal babari kapanggihna,
nyaéta yén pangarang nu sawawa téh pangarang nu geus ngahontal tahap kultural
jeung spiritual nu saluyu jeung nu dipénta ku masarakatna. Nya
pangarang-pangarang nu sawawa kieu nu bakal ngilu ngaronjatkeun kahirupan
rohani masarakatna téh, malah réa nu ngilu ngaronjatkeun tahap batin manusa
sakumna.
Bakal
écés, yén pikeun pangarang Sunda, lamun maranéhna hayang ngahontal kasawawaanana
minangka pangarang téh, maranéhna kudu ngaronjatkeun tahap kultural jeung
spiritualna; lamun teu leuwih luhur ogé ti nu geus kahontal ku masarakat Sunda
rata-rata, sakurang-kurangna ngahontal tahap nu pangluhurna.
Komentar
Posting Komentar