Manglé jeung Sajak



Téddi Muhtadin



MANGLÉ

Seungit satiir
Mutiara malati
Dada jeung ati.

(Wahyu Wibisana)

Hirup huripna sajak Sunda teu bisa dipisahkeun jeung hirup huripna Manglé. Sok sanajan lain media citak anu munggaran jeung hji-hijina nu ngamuat sajak, tapi ketak Manglé dina ngahuripan sajak Sunda pohara gedéna tur natrat ti ahir taun 1950-an tug nepi ka kiwari. Ti mimiti ieu majalah medal dina bulan Nopémber 1957 sajak geus ngeusian kolom-kolomna. Aya opat sajak anu dimuat dina nomer mimiti. Déwi Sukésih nulis sajak “Sunda Jungjunan”, E. Achmadi, nulis sajak “Bulan Geulis Peuting Hinis”, Wahyu Wibisana anu jeneng rédaktur, di sagigireun nulis carpon “Dua Gagang Kembang Radiul” nulis ogé dua sajak nyaéta “Kota Paris” jeung “Manglé”
Dina taun kahiji, nomer hiji nepi ka nomer tilu waé mah ayana sajak Sunda téh kawas nu ukur ngaselan kolom-kolom anu ompong baé. Teu béda jeung sajak-sajak anu dimuat dina majalah atawa koran nu medal harita, dina majalah Warga upamana. Kakara dina nomer opat Manglé midangkeun sajak dina rubrik husus nyaéta “Sajak & Dangding”. Tapi, saterusna mah ieu rubrik ogé jiga nu teu panceg da kungsi dipisahkeun jadi rubrik “Dangding” jeung “Sajak” (Manglé 6 &7), atawa ukur “Dangding” wungkul (Manglé no. 11). Malah kungsi balik deui kawas mimiti, sajak téh kawas nu ngan ukur nutupan kolom-kolom kosong nu teu kaeusian ku tulisan séjén (Manglé no. 10 & 11).
Tapi sok anajan kitu, majalah Manglé geus jadi tempat midangna hasil kréativitas para panyajak Sunda. Ti mimiti Wahyu Wibisana, Sayudi, Ayatrohaédi, Surachman R.M., Rachmat M. Sas. Karana, Godi Suwarna, Étti R.S., Acép Zamzam Noor, Hadi AKS, Chyie Retty Isnendes, Dédén Abdul Aziz, Déni A, Fajar, Ganjar Kurnia, Dian Héndrayana, Nazarudin Azhar, Sarabunis Mubarok, Dédé Syafrudin, Éris Risnandar, Toni Lesmana, Ari Andriansyah, tepi ka Prayoga Adiwisastra kungsi midangkeun sajakna dina Manglé.
Loba sajak Sunda anu luhur ajénna lahir dina majalah Manglé. Padahal, kapan Manglé mah lain majalah sastra. Dina éditorial nomer 1 ditandeskeun yén Manglé mah  “...teu jangji sareng moal jangji badé ngahontal luhurna langit seni nu biasa diusahakeun ku barudak….” Tapi geuning kabuktian boh carpon boh sajak réa nu pinunjul. Ngan hanjakal sajak-sajak mah can dipilih tur disusun jadi antologi husus cara carita pondok anu geus dibukukeun dina Sawidak Carita Pondok katut Kanagan.
Kuring pribadi can kungsi nalungtik kalayan gemet sajak-sajak anu dimuat dina Manglé sacara gembleng. Anu rada katuturkeun téh sajak-sajak anu dimaut ti taun 1999 ka dieu. Éta gé ku lantaran sababaraha kali kapeto jadi juri ku LBSS. Nu katitén ti taun 1999 sajak-sajak anu dimuat dina majalah Manglé mindeng muncul jadi juara. Malahan dina taun 2000, 2002, jeung 2009 mah juara-juarana ogé sagemblengna sajak-sajak nu dimuat dina ieu majalah.
Geura urang tataan. Dina taun 2000 nu jadi juara kahiji sajak “Requiem Rohangan Tengah 1” karya Dian Héndrayana (Manglé,1772), juara kadua sajak  “Karangkamulyan” karya Godi Suwarna (Manglé,1777), juara katilu “Hotél Dish” karya Juniarso Ridwan (Manglé,1786). Harepan kahiji, sajak “Lalayang Bakung Bodas” karya S.T. Julaéha Sasmita (Manglé, 1753), harepan kadua sajak “Sayudi” karya Supriatna (Manglé, 1764).
Dina taun 2002 mah ku lantaran LBSS ngan nangtukeun hiji nu jadi juarana nya sajak “Langit Peuting” karya Hadi AKS nu dimuat dina Manglé nomer 1852 nu ditetepkeun jadi juara téh.
Kitu deui dina taun 2009, sajak-sajak anu jadi juara téh sagemblengna dimuat dina majalah Manglé. Juara kahiji sajak “Panaruban” karya Ari Andriansyah (Manglé, 2227), juara kadua sajak “Sajak” karya Toni Lesmana (Manglé, 2201), jeung juara katilu sajak “Cikaracak” karya Nazarudin Azhar (Manglé, 2249).
Tina data-data nu kapidangkeun aya dua hal anu perlu pikeun dicatet. Kahiji, Manglé geus nyadiakeun rohangan anu penting pikeun kamekaran salah sahiji genre sastra anu mimiti muncengis dina sastra Sunda dina awal taun 1950-an. Kadua, para payajak Sunda geus méré kapercayaan ka Manglé pikeun midangkeun karya-karyana. Buktina, ampir sakumna panyajak Sunda kungsi ngamuatkeun sajakna dina majalah Manglé. 
Ayeuna Manglé milangkala nu ka-57. Hiji préstasi anu luar biasa. Loba media anu kungsi hirup babarengan jeung Manglé, di antarana, Warga, Sipatahoenan, Wangsit, Kiwari, Sunda, Sari, Langensari, Kawit, Cupumanik. Hanjakal éta média-média téh geus tarilem. Nu kiwari masih kénéh mayeng terbit jigana ukur Galura. Ku lantaran kitu, peran Manglé jadi mingkin penting, boh pikeun kamekaran sajak Sunda, sastra Sunda, katut budaya Sunda umumna.
Dina catetan éditorial nomer 1 ditétélakeun yén Manglé mah gelar téh “Dina hieum-rumeukna langit lemahcai ku haseup pulitik sareng dina gor-gar pabéntarna rupi-rupi isme”. Dina kaayaan kitu Manglé nangtukeun sikep yén inyana “… medal dina wangunan sareng napas énggal, tanpa rupa sareng sora-sora nu tadi, nanging mugia sumbanganana aya mangpaatna ka bangsa sinareng lemahcai, kitu harepanana.”
Keur kuring naon anu jadi harepan Manglé téh geus tinekanan. Mugi-mugi Manglé panjang lalakonna bari terus nyambuangkeun préstasi pikeun kaunggulan budaya Sunda. Mugi-mugi Manglé, cara nu dipiharep ku Wahyu Wibisana dina sajakna, jadi satiir mutiara malati nu terus nyambuang dina dada jeung ati nu maracana. Wilujeng!

(Dimuat dina Manglé nomer 2502, 20-26 November 2014, kaca 22-23) 

Komentar

Postingan Populer