Wahyu Wibisana anu Romantis



Téddi Muhtadin


/1/
Kawas seniman atawa politisi dina jamanna, Wahyu Wibisana ogé kaasup panyajak anu déwasa saméméh umurna manjing. Wahyu dilahirkeun di Cisayong Tasikmalaya, 19 Januari 1935. Dina umur 19 taun (1954) anjeunna geus mitembeyan ngumumkeun sajak-sajakna dina majalah Warga. Duamasar kana panalungikan Iyo Mulyono spk. (1979) “Sonéta Sunda”, “Pamit”, jeung “Jaman ka Jaman” mangrupa sajak nu ditulis munggaran. Ieu sajak-sajak téh bisa dibaca minangka niat pamiangan enggoning ngambah samudra sastra jeung kabudayaan Sunda. Dina “Sonéta Sunda”, nu ku panyajak ditujukeun keur Nyi Sundawati, katémbong kumaha sikep jeung di mana panyajak nyicingkeun dirina.

Moal enya jasad terah Pajajaran,
ari cipta mumbul ngapung ka mancanagara,
kadalon-dalon dipépéndé lagu lyra.

Muji sukur ayeuna papanggih deui jeung sora gamelan,
nu geus lila dipendem di sirnarasa,
sanajan laguna béda wirahma.

Aya gairah ti subyék lirik lantaran papanggih deui jeung nu dipitineungna, Sunda, sok sanajan dina wujud nu geus pohara bédana. Dina sajak “Pamit” subyék lirik pamitan ka nu dipicintana, bari sakalian ménta dipangdu’akeun: “Bahanan baé pangdua,/keur bekel tengahing jalan,/sing nepi ka Pajajaran.” Sumanget panyajak bisa katangén ogé dina pada pamungkas sajak “Ti Jaman ka Jaman”: “Jiwa muda tetep waspada,/nganti jaman nu kakara medal,/dibarungan sumanget nanding samudra.”
Sumanget “jiwa muda”-na Wahyu Wibisana geus tepi ka “Pajajaran”, lantaran ti harita teu eureun kréasi ciptana kaluar teu saat-saat winangun sajak, dangding, carita pondok, éséy, naskah drama, jeung réa-réa deui. Hanjakal ngan sabagian karya baé nu geus dibukukeun, di antarana Purna Drama Geber-geber Hihi Aing (1976), Aya Naon di Cinaon (1992), Kembang Katiga (1999), Riring-Riring Tjiawaking (1999), jeung Anaking Jimat Awaking (2002).


/2/
Sataun ti tas ngumumkeun sajakna anu munggaran dina umur 20 taun (1955) Wahyu muka polemik sajak Sunda anu kadua dina majalah Warga. Polemik sajak anu kahiji dibuka ku Ki Sunda dina Warga taun 1952. Ngaliwatan tulisan anu judulna “Sajak Sunda” Wahyu ngélébétkeun tur mancegkeun sajak minangka genre anyar dina kasusastran Sunda anu mibanda poténsi pikeun mekar. Dina éta tulisan Wahyu nandeskeun yén sajak téh mangrupa tarékah pikeun “… naratas jalan nuju kana kasusastran dunya...!”
Munasabah upama Wahyu ku masarakat sastra Sunda dianggap pahlawan anu ngabéla hak hirup sajak Sunda. Tapi, ku lantaran Yuyu Yuliaty anu jadi lawan tandingna téh jalmana mah éta kénéh, nya atuh Wahyu Wibisana téh lain baé ngabéla hak hirup sajak Sunda, tapi ngabéla ogé hak hirup dangding deuih. Tapi ku lantaran duanana dipasanghareupkeun dina polemik, temahna boh kana sajak boh kana dangding Wahyu mah sarua kritisna.
Ditarimana dangding jeung sajak ku Wahyu Wibisana luyu jeung jalan sastra Sunda anu mampuh ngalawungkeun nu anyar datang jeung nu geus lawas nyampak dina sanubari masarakat Sunda. Hal ieu béda jeung jalan sastra Indonésia anu dina enggoning ngélébétkeun sastra Indonésia modérn téh nyata-nyata dilaksanakeun ku cara nolak nu kungsi aya. Ku sikep anu cara Wahyu, nepi ka ayeuna réa sastrawan Sunda anu terus nulis sajak jeung dangding, di antarana baé Sayudi, Yus Rusyana, Dédy Windyagiri, Étti R.S., jeung Dian Héndrayana.
Hal séjén anu bisa disurahan tina polemik sajak jeung dangding nyaéta tétéla yén pikeun Wahyu Wibisana mah béda paham téh penting, konflik téh penting. Jigana keur anjeuna mah taya basa béakeun lawan keur “paséa”: mun taya batur nu bisa diajak “paséa” nya dirina pribadi ogé bisa dijadikeun lawan tanding anu tanggoh. Hal ieu jigana bakal bisa ngajawab ku naon carpon-carpon jeung drama-dramana parunjul. Lantaran konflikna kuat.

/3/
Ti awal mula Wahyu Wibisana geus ngaguratkeun kudu kumaha ari sajak téh. Dina pedaran “Sajak Sunda” téa ditétélakeun yén sajak mah kudu praktis jeung romantis. Praktis dina harti pondok tapi jero. Ari “romantis” nyaéta éndah. Naon atuh ari romatis téh?
Romatis téh singhoréng hiji pandangan dunya anu popular pisan dina jamanna mah. Numutkeun Faruk (2002) romantisisme téh hiji pandangan dunya anu dianut ku pangarang-pangarang boh Balé Pustaka boh Pujangga Baru. Cék Faruk, romantisisme nganggap aya dua dunya anu béda nyaéta dunya nyata jeung dunya ideal. Éta dua dunya téh salawasna gumulung, tapi sakaligus patukang tonggong. Ari dunya nyata sipatna leutik, héngkér, fana, tur profan. Ku kituna, perlu diungkulan ku dunya idéal anu gedé, kuat, abadi, tur suci. Di lebah dieu, cék Faruk,  peran panyajak teu béda jeung “nabi” anu kailhaman “ruh Profétik” atawa jalma linuhung anu dibéré “wahyu” pikeun nyiptakeun sawarga di ieu dunya. Ieu pandangan dunya téh tangtu baé mangrupa pangaruh tina romatisisme Éropa, ngaliwatan sastra Walanda.
Nya pandangan dunya modél kieu nu ngadadasaran karya-karya Wahyu Wibisana tur bisa ditarima kalayan maneuh dina lelembutan urang Sunda. Kajadian-kajadian anu sifatna fana, héngkér, tur profan téa ku Wahyu diangkat kana tataran idéal turta awor dina jiwa masarakatna atawa disebut ogé jiwa jamanna.
Hiji wanoja anu leungiteun salakina bari dina kaayaan kakandungan diangkat jadi fenoména kamanusaan, ari campuhna perang ukur jadi kasang tukang anu jauh. Hal ieu anu digambarkeun dina sajak “Kembang Tanjung Panineungan”.
Ukur reumis, langit, eurih, cimata, angin jeung hal-hal nu laleutik séjénna nu dipaké ngagambarkeun kasedih hiji wanoja anu leungiteun panutanana dina “Reumis Beureum dina Eurih”. Tapi nya nu ieu pisan anu bisa ngawakilan ruh masarakat Pasundan mangsa harita. Jeung mangsa saterusna deuih, lantaran dina waktu aya bancang pakéwuh dina mangsa runtagna Orde Lama Tatar Sunda mah kawilang aman.
Pandangan dunya romantis dina karya-karya Wahyu Wibisana katangén ogé dina ayana jarak antara harepan jeung kanyataan. Dina salah sahiji iklan buku ngeunaan Cisayong (1964) Wahyu nulis yén “Hirup mah ngan ukur nunda jeung nineung sajaba ti nunggu kasempetan harepan téh.”
Lian ti dina sajak-sajakna anu kawentar ku lantaran dianggit jadi lagu ku Mang Koko, dina karya lianna ogé perkara nineung jeung harepan téh kacida natratna. Sok sanajan nineung leuwih loba digambarkeun batan harepan, tapi dina seuhseuhanana mah kapan dina nineung téh ngancik harepan.
Dina “Kembang Tanjung Panineungan” hiji pamajikan nineung ka salakina nu perlaya waktu Pager Betis, dina “Reumis Beureum dina Eurih” hiji wanoja nineung ka panutanana nu jadi korban gorombolan. Dina carpon “Déhém” si kuring nineung ka manéhna anu keur dituturkeun bari sama sakali teu bisa kedal ucapan. Dina carpon “Aki Warung” Si Aki nineung ka pamajikana nu dipikacintana nu geus taya dikieuna. Dina drama “Tongérét Banén” Aki Jamhari jeung Nini Jumi nineung ka kulawargana nu geus tinggal tutunggul.
Ciri séjén pangarang romantis Wahyu Wibisana nyaéta mentingkeun prosés ti batan hasil. Mitineung jeung miharep téh kapan prosés, lain hasil. Kawas Si Kabayan, Badéga jeung Léngsér dina drama “Tukang Asahan”, naon nu ditaréanganana ku maranéhna téh teu ieuh nepi ka hasil. Tapi ku carana masing-masih maranéhna geus ngalaksanakeun hiji proses anu didadasaran ku kayakinan séwang-séwang. Badéga ku ékonomi, Léngsér ku politik kakawasaan, jeung Si Kabayan ku kamerdikaanana, nu cék ukuran umum mah malawading.
Pamungkas, Wahyu Wibisana téh sastrawan Sunda anu badag, nu mampuh neuleuman tur ngabeungharan jiwa masarakatna. Geus sawadina upama karya-karyana nu kiwari masih kénéh bacacar dikumpulkeun minangka karya nu lengkep pikeun ulikeun entragan sapandeurieunana. 

Nu nulis dosén Program Studi Basa jeung Sastra Sunda, Fakultas Ilmu Budaya Universitas Padjadjaran & awak-awak Kelompok Studi Budaya Rawayan.

(Dimuat dina Mangle nomer 2503, 27 Nopember-3 Desember 2014, kaca 10-11. Ringkesanana ditepikeun dina acara "Ti Cisayong ka Cisayong: Gelar Tineung karya Wahyu Wibisana, Kemis, 6 Nopember 2014, di Grha Sanusi Hardjadinata (Aula) Unpad, Jalan Dipati Ukur 35 Bandung)


Di Aula Unpad, Kemis, 6 Nopember 2014

Komentar