Basa Kabatinan[1]



D.K. Ardiwinata

Ngomongkeun kabatinan, basa téh hésé dibébérésna, lain hésé mémérésna, puguh gé kabatinan mah lain kalahiran, kanyataan, kabasaan kabiwiran, ieu mah ka-atian, ka-anginan, kahiangan.
Luang nu kasorang, kabatinan téh geus hésé ku manéh, teu pérlu dihéséan deui
ku cangkang pesékeun, dipupusing ditarucingkeun.
Dunya basa jeung basa dunya leuwih resep kana babaran nu nembrak, négla tétéla, ku basa nu ninggang kana basa terang, ngarah kaharti ku nu ngahartikeun, teu disasaran deui ku kasurtian.
Ari basa, jijieunan jelema bangsa kasomahan, ka-adaman, lain bangsa Kapangéranan; nu puguh basana ngan nu puguh buktina, nu puguh itunganana, cék mata, cék ceuli, cék pancadria.
Dina alam bilangan:
Aing mah boga sarébu.
Aing mah komo sarébu-rébu, sajuta.
Komo aing mah, sajagat langit.
Hih, aing mah komo pisan, sa... sa... sa-ehheh.
Sa- ehheh; ngucapkeunana bari gosom digeremkeun! kecap nandakeun kaayaan anu pangpangna, panglobana, nepi ka teu kaitung, teu  kaci aya nu ngaleuwihan deui.
Naha teu ngarang kecap nu gagah kadéngéna, sajegur, sageleger ka dinya! Ieu mah bet nyokot kecap nu nyosok jero, ngucapkeunana ogé teu kudu maké biwir: Ehheh! nyedek kana hulu angen di jero dada.
Naon pingaraneunana dina basa Sunda? ..............     
Alloh = Gusti? Pangéran? Maha Suci? Daya-Hurip?
Kabéh salah. Salah sotéh bisi dibandungan ku ahli basa, sabab tangtu dinaha-naha ku nu boga akuan. Geura:
Disébut Gusti, Pangéran, éta mah kecap kapangkatan karatuan kaménakan.
Disebut Maha Suci, éta mah cara sesebutan di Hindu, tuduh kaayaan anu kacida sucina; leuwih ti kacida téh digantina ku maha.
Disebut Daya, ieu mah kecap kakuatan, kakawasaan, tuduh kana usik malik; najan ditambahan Jatining ditumbuan Hurip ogé, salah kénéh baé, bukti-buktina baréto dina Kabudajan Sipatahoenan sakitu raména nu ngabantah teu mupakat, pédah maké basa nu geus biasa dipaké ku kadunyaan maranéhanana.
Dibulak dibalik, béakeun basa pingaraneun pibasaeun, nya ditelah ngaran Alloh-manéhanana.
Ti baheula ogé geus dibéré patokan réngréngan 20 rupa. Cing teguh kira-kirana aya mahluk, bangsa naon baé, nu kitu kaayaanana? anu kitu sipatna? dzatna? nu teu awalan teu ahiran, teu arah teu enggon, lain lalaki lain awéwé, teu anakan teu dianakkeun, teu aya baturan ngan hiji-hijina? harti hiji téh lain hiji bilangan, hiji korsi hiji méja, hiji sotéh kahijian, cék basa Arab mah: Wahdatul kasra = Tunggaling akéh; basa Sundana mah: Can katimu.
Tuh ayeuna ka ditu ténjo sing jauh, béh ditueun gunung, béh ditueun basisir, béh ditueun bulan, ditueun langit, ditueun jauh, pangjauh-jauhna, tungtunging jauh teu kaselang deui ku séjén jauh, pangjauh-jauhna jauh, jauuh..., jauuuh, nepi ka... plong!
Geus tépi? Kasurti?? Karasa atawa kaharti ???
Hadé! Geus kitu geuwat balik deul dieu, hiap ka dieu, sing dieu, béli sing deukeut, sing ant~l, sing nap~l. rapét, sing rakét, sing guléj, béh kulit, béh dieueun daging, dieueun dieueun jantung, dieueun sir, sumër~psëp, dieu, ieu..., jeu... geus léh, geus béak! geus musna!! teu lapan ku ieu séjén !!! j é u é u népika... plong!
Runghap-rénghap bawaning ku capé.
Jol patalékan nu ngadéngékeun, cenah: Sabaraha pal jauhna ti lébah Plong nu itu nëpi ka Plong nu ieu; lamun dilampahan ku leumpang suku sabaraha réwu windu taun, dilakonan tumpak onta sabaraha juta bulan? Lebah mana watesna, mun disebut misah; kuma patalina mun disebut hiji, hiji anu tadi ? ......    
Atuh da ALLAH mah gumelarna teu kendat-kendat, ti baheula béh ditueun baheula, tug tepi ka ajeuna, tur tepi ka jaga béh ditueun jaga, disébut atawa téé disébut ku sungut téh tetep kitu baé, teu gumélar karana panyebut, tur teu butuh ku disebut, ajana téh enya, nyata, pérmana.
Ungeling Q u r ä n: Allah ngajadikeun bumi jeung langit ; samangsa Allah ngajadikeun sawiji-wiji, d j a d i ! harita barang anu dijadikeun téh  k a b u r u  d j a d i.
Saur musanip lantip, dina lebah k u n pindahna kana f a j a k u n  téh teu meunang kaantaraan ku ambekan, maksudna sabda kun jeung fajakun téh dihartianana kudu gancang dina saambekan, malah mun bisa mah nyebutna kudu bareng disakalikeun, tapi pimanaeun, kuma bisana engang opat disebut disakalikeun ku sungut hiji, ngan urang baé kudu asak paham, pang kituna téh bisi aja anggapan  h é u l a  kun batan fajakun, heula kecap ,,jadi” batan jadina jajadian nu dijadikeun.
Di luhur kaula geus prak nyundakeun k u n, padahal s i é u n  teu wani nyundakeun Kurän, malah enya-enyana mah béh ditueun teu wani, pamohalan Kurän bisa disundakeun nu sacéréwéléna ; moal aja hiji jalma nu bisaeun mindahkeun harti saasalna tina basa ieu kana basa séjén ; lain baé tina Kurän, tapi tina basa Sunda ogé moal bisa dipindahkeun h a r t i n a nu sagemblengna kana basa séjén. Geura upama aja omongan kieu.
Éta hui konéng, kacida anéhna, dibubujna hipu, tur raosna pulen semu pelem.
Mangga ku saréréa salin kana basa Jawa atawa basa Walanda, kana basa Malaju at. Inggris  ; salinan téa pasihkeun ka réncang anu pinter tur ahli basa, nyuhunkeun disalin deui kana basa Sunda; tangtu salinanana basa Sunda béda jeung omongan tadi di luhur.
Teu wani téh lain bisi ttdeuha nemahan doraka aja mamalana, kasiku katulah kabadi, tapi ku sabab teu pieun cocog jeung nyatana, moal bisa écés hartina, moal kabedag rasana nu saenya-enyana; kapan sakur rasa moal kabedag ku harti, harti moal kabedag ku basa, basa moal kabedag ku aksara.
Urang Barat réa basa teu karasa. Urang Timur réa rasa tuna basa, nepi kana anyogna tanpa papan tanpa tulis. Komo pisan KALAMULLAH mah tangtu teu aja sawarana teu aja petana, teu aja basana teu aja aksarana. Allah ngadawuhna (upami ngadawuh téa mah) teu ku baham, t é u  n g a n g g o  b a s a.
Moal aja jalma nu nyaho kana dawuhing Allah, jaba ti manusa nu keur dibuka hijabna.
Ari Kurän, puguh aksarana, puguh basana, hideung mangsina, pasagi kitabna. Ku sabab kitu, basa nu aja dina Kurän, lahiriahna omongan manusa ku basa Arab, ngan pamugi ulah lepat paham, éta Kalamullah diraraga aksara Arab téh ngandung basa kanyataan.
Geura ieu: wa likulli ummatin ajalun; faidza jää ajaluhum, la jasta’chiruna sa’atan wa la jastakdimun.
sarta masing-masing umat kawengku ku ajal ; samangsa geus nepi kana ajalna, teu bisa mundur teu bisa maju saeutik ogé.
Tah omongan Sunda kitu téh sanajan jauh teu saupama ogé, beunang nyalin tina basa Kurän, ngandung maksud nerangkeun  k a a j a a n  jén masing-masing umat téh kawengku ku a d j a l, jeung lamun g é u s  ajal, teu bisa mundur teu bisa maju.
Ieu basa Kurän lain harus dina sungut wungkul, tapi ngandung  k a n j a t a a n  téa, sabab saméméh turun Kurän ogé, sakabéh umat, para Nabi para déwa para pandita sarta jaba ti dinya nu hirup baheula, kabéh kawengku ku ajal, aja paéhna, jeung samangsa g é u s paéh h a r i t a  paéh. Najan upamana bisa hirup deui ogé, paéh nu tadi mah teu bisa dipupus deui.
Kaajaan dina kanyataan ti baheula nepi ka ajeuna, jén sakabéh umat keuna ku a d j a l  téh, teu maké basa teu maké aksara, kitu baé satulujna, kapanggih kaharti ku manusa, nya tuluj dibasakeun : Sakabéh umat keuna ku ajal (ajeuna mah puguh basana, basa Sunda, aksara Latén).
Ku sabab éta, Kurän disébut kitab luhung, teu bisa dibantah, sabab ngandung Kalamullah nu cocog téa dieung kanyataan.
Ngandung di dinya téh ulah dihartian saperti ngandung duit, tapi saibarat ngandung gula ngandung amis.
PUN anak nu pangleutikna ceurik, sukuna raheut titajong; ditanya
ku lanceukna: Titajong kana naon?
Jawabna: Titajong kana seukeut.
Hih, lain kana seukeut atuh, ka nu seukeut kituh!
Cék pamanna: Salah éta basa téh; seukeut mah kaajaanana, kaajaan paku nu katajong; jadi kuduna: Titajong kana paku anu seukeut.
Kadéngé ku tatanggana: Éta gé salah kénéh baé, da paku ogé kaajaanana, nya éta kaajaan beusi nu keur ngabangun paku, huluan seuseukeutan ; kuduna pibasaeunana : Titajong kana beusi nu keur ngabangun paku.
Mun kadéngé ku ahli kimia, meureun milu nyambungan: Éta ogé salah kénéh ! Pibenereunana mah : Titajong ka nu beusi. Sabab beusi ogé lain barang nu saéstuna, kaajaan kénéh baé, nya éta kaajaan ,,atoom” nu mangrupa beusi.
Ana kadéngé ku ahli usul, meureun dina manahna: Kabéh gé sarua benerna, hartina sapuguhna-sapuguhna, nurutkeun sapamanggih rasana dina alam sakelas-sakelasna, da ari enyana pisan mah atum ogé kajajadén kénéh.
Seukeut sotéh ngaraheutkeun, sarta sanggeusna ngaraheutan; méméhna mah piseukeuteun, paku ngaranna. Paku sotéh sanggeusna maku, méméhna mah pipakueun, beusi ngaranna. Beusi gé sanggeusna ngaguruntul, méméhna mah atum. Kieu sotéh sanggeusna rigatum, méméhna mah piatumeun, naon mah pingaraneunana, cék urang kanpung mah: Duka teuing!
Tah Duka Teuing téh basaning urang kampung nu sok katotol bodo, cenah; teu cara urang nagara boga kecap Aéioma, atawa cék ahli santri ngabogaan dalil Gaib. Aéioma basa batur. Gaib basa batur kénéh baé, duanana siga luhureun Duka Teuing, padahal mah sarua kénéh.
Sok mindeng basa dirarampa dikira-kira ; jol cenah sesebutan kirata, asal dikira-kira nyata. Siga alus lebah dinyana mah, ngan inggis bisi katutulujan méngpar lina bener.
Ahli palasipah baheula, nu geus meunangkeun ku élmuna, rasiah sajatina aya, geus nuliskeun panemuna ku basa biasa nu sok dipaké ku jelema ahli dunya. Ana prak dibaca diaji ajyeuna ku anak-incuna nu lain ahli mikir, lain ahli rasa, tangtu ti dituna kénéh gé geus patenggang pasalia jalan, pasalia paham. Nu matak rébuan taun nepi ka ajeuna teu weléh-weléh nu cékcok, maduan paham, mahaman kabatinan, diukurkeun kana awakna sorangan ; nakér béas ahérat ku gantang dunya, tangtu moal kawadahan.
Nyaritakeun basa kaula pribadi. Upama kaula ngomong ku basa Sunda: Témbok bodas.
Éta kecap Témbok Bodas, basaning basa, basaning sungut kaula nu puguh basana (Sunda).
Tapi itu mah, tuuuh, itu témbok nu bodas, ngomong téh teu maké basa. Éta témbok ngomongna teu maké basa Sunda atawa séjén basa, ujug-ujug kaharti baé ku pangartian, cenah: témbok bodas. Ajeuna mah geus jadi omong kaula, basa Sunda.
Tangtu pisan basa kaula mah dina lebah nyebut témbok bodas téh geus kapiheulaan ku bodasna témbok; teu cara Sang Témbok ngomongna Témbok Bodas téh bareng pisan teu heula-pandeurieun jeung buktina, nya éta jeung bodasna témbok.
Lalangsé kahanan jati ti baheula dugi ka ajeuna teu aja nu kersaeun muka ; pamali disebut teu bisaeun mah. Dibuka lalangséna tangtu mendak lalangsé nu kadua, dibuka nu kadua tangtu mendak nu katilu, satulujna kitu baé tepi ka galihna pisan moal papendak jeung galih nu macakal, mun tacan ,,uninga” di la1angséna.
Aja nu nyoba dina buah samangka, rupana héjo, dikerik nepi ka béak héjona, kapendak jeung bodas; éta bodas rupa kénéh baé ; diteruskeun dipesék, kapendak reujeung beureum ; ieu beureum nya rupa kénéh baé; ditéruskeun mesékna hajang pinanggih jeung samangka nu sajatina ... dugi ka ledis teu kapanggih.
Cék nu mesék: Sihoréng Samangka mah kandel cangkangna!
Tadi ogé geus dibalibirkeun, kahanan jati mah kahanan nu teu katingal ku pancadria. Asa kacida écésna, kari wani ngaganti harti basana.
Leuleutikan kacang goréng, teu kaci dipangmesékkeun batur digundukkeun, sok leungit sarina ; teu cara dipesék ku sorangan, najan rada hésé, ngérékés katuang jeung sora-sorana.
Sabalikna sok gedé mamalana, mun lalawora téh sawan kuja, sawan dina carita, getol dina mesékna teu ngingétkeun sisibatanana, marukan beunang ku kitu ; mun kurang minyak kalapana murak nangka gé anggur angguratel geutahna; siga dongéng baheula, aja budak bisa jeung wani ngarakrak érloji bapana, maksudna nerangkeun ka bapana naon sababna érloji bisa hirup, bisa nuduhkeun waktu ka manusa. Sangeusna brak dibuka, sawan kuja, teu bisa nerapkeun deui cara tadi, buntu laku sakabéhna, érloji paéh nepi ka ajeuna.
Tapi da moal sagala nu bisa ngomong ieuh kumalancang ngaréka nu kieu. Jadi dipaké wani ulah, dipaké horéam ulah ; da engké ogé ana geus ninggang mangsana mah, dangiang lugaj sorangan, waruga rinéka ku manéh.
Dina harti atoom ogé nya kitu. Aéioma, Gaib jeung Duka Teuing saharti, tapi teu sakomara ; sabab béda bibit gumelarna. Ahli mikir ogé teu saukuran hartina jeung Ahli Tafakur.
Upama harti atoom ngadegna dina kajasmanian, sarta ku nu néangan disingraj-singrajkeun, susuganan di béh-ditueunana aja Rasiah nu keur ditéangan téa, pikajadieunana mo béda jeung dongéng nu ngerik samangka tadi; lamun teu kapendak di nu héjona, hamo kapanggih najan ditéangan ka jerona ogé.
Saha-saha nu néangan sajatina bola, embung nényo nerus buleudna, hamo pinanggih reujeung nu ditéangan.
Aja deui mamalana ngaréka-wacana téh ; éta ana tétéla teuing pokna, nyata teuing adég-adegna dina pangucap, sok matak génylong jagatraya, sok gumuruh hujan silantang, mindéng dadak-dadakan samagaha, teu kabadanan, hajang caang burung padang. Tapi ari teu atra, sok nyamut. Anu matak susah ogé.
Tapi pasal rasaning kecap, teu pati hadé disawalakeun, kawantu perkara rasa mah ilaharna tara sarua téa, komo teu hadéna ana nu sawalana baroga udagan hajang meunang padu mah, sok hésé capé té kapaké, susah pajah hapa buah.
Ulah kéna basa Sunda beunang digolong-gorol ! kapan geus kaustara : mun basa Arab, arabaneun deui ; mun basa Hindu, hinduaneun deui. Mana kitu ogé temah-wadi ti dituna, ti nu boga ajianana.
Ngaji poék, nya urang jejewét baé, disiksik wanci janari, diawurkeun sok jadi baranang siang, pupuleun anu rahaju.
Minangka jadi panyéépanana alaming nu ngabujangga, tanpa papan tanpa tulis ; kari gurat cakrawala, uninaka lilanakeun.
Jadi papaés pangambéng lambé téh, kapakéna ku Sunda anu alus mawat. Hég dihaleuangkeun di reureuhna, sanggeus seubeuh manggih euweuh, euweuh nu pangeuweuh-euweuhna. Meujeuhna baé dijugjug ka gunung suwung, disungsi ka pasir suni ogé, da nu néangan, néangan anu néangan.
Moal amprok jongok ! Leuleus lungsé, tanaga béak di jalan, gawéna aéh-aéhan, tulujna mah : ka Banjaran.
Ku sab éta, panglembut-lembutna anu badag mah ngan saukur lelembut kabadagan. Sok dituding disarangka Élmu Kabatinan, padahal kabéh-kabéh kalahiran, nu hiji lahiring lahir, hiji deui batining lahir, nu hiji deui lahiring batin.
Prung cumatur, patepung di alam hiji, basana mah éta kénéh éta kénéh, ngan rasana, itu mah lumungsur turun, ieu mah ngarangkél naék ; nya katelah sabasa henteu sarasa.

Bapa Kolot


[1] Asalna dimuat dina Sipatahoenan. Dimuat deui dina Budaya Basa Sunda, No. 16 (Kaca23-26) jeung No. 17 (Kaca 24-26). Wawaran Djawatan Kabudajan Djawa-Kulon, Kamantren P.P.& K. No. 16

Komentar