Pangarang nu Sawawa [1]



Saini KM

Dina seuhseuhanana sastra bakal nyodorkeun “gambaran Manusa pahareup-hareup jeung pasualanana”, kitu cenah ceuk hiji ahli pikir sastra, (kuring geus poho deui saha jenenganana). Tapi jigana mah upama teu Cullingwood, Bouwra atawa Charles Morgan. Tapi ari unina pamadeganana téa mah nya kitu pisan, nu kaunggel dina basa Inggrisna kieu: “the image of Man in front of his problems.”
Kuring yakin, yén pamanggih nu kacida basajanna di luhur téh geus sanggup ngawengku sawatara ugeran-ugeran dasar sastra anu kacida pentingna. Ku lataran kitu nyawalakeun éta pamanggih téh bakal gedé pisan gunana, boh keur para pangarang, kitu deui keur nu resep maca.
Upamana baé, kecap “Manusa” (Man, kalawan maké aksara gedé) nimbulkeun sawatara pasualaan pikeun urang. Saha nu dipimaksud ku ahli sastra dina kecap “Man” atawa “Manusa” téh? Naha “Man” atawa “Manusa” dina éta pamadegan téh hartina asal manusa, cék wiwilanganana teu ngiwalkeun nu balilu jeung burung jeung nu jahat? Cindekna anu dina basa deungeun disebut “human animal”, atawa sato anu ngaranna manusa?
Upama kitu maksudna, unggal jalma, asal manéhna boga kamahér dina ngagunakeun basa jeung boga bakat ngadongéng kalawan narik ati ngeunaan pasualan-pasualan dirina, tangtu ku urang bisa digolongkeun kana sastrawan. Cék wiwilanganana nu owah tapi mahér nyaritakeun pangalaman owahna dina nyanghareupan sual-sual nu saenyana mah ngan jadi sual pikeun nu owah, bisa disebut sastrawan. Jalma biadab, nu bisa nyaritakeun pangalananana dina nyanghareupan pasualan-pasualan nu ngahalangan nafsu héwanina pikeun ngahontal kakawasaan, harta jeung wanita, ku urang bisa disebut sastrawan deuih upama manéhna bisa nulis mah. Cindekna, lamun “Man” téa maksudna manusa héwani (natural man), atuh unggal nu bisa nulis jeung ngadongéng kalawan narik ati, ku urang bisa digolongkeun kana sastrawan.
Lamun manusana kawas nu di luhur, nya éta manusa héwani, tangtu “pasualan” nu disanghareupanana mangrupa pasualan-pasualan nu timbul waktu manusa héwani téa nyoba-nyoba atawa narékahan pikeun nedunan pangabutuhna salaku manusa héwani. Ari kabutuh manusa héwani téa tangtu moal leuwih réa ti batan kabutuh-kabutuh nu sipatna biologis, kayaning séks jeung kadaharan, jeung kabutuh séjénna nu sipatna basajan. (Cindekna pasualan-pasualan nu bakal kabaca dina “sastra” manusa héwani téa mah moal leuwih réa ti batan pasualan-pasualan kumaha nyanghareupan wanita jeung dahareun téa. Atuh dina ngaréngsékeun atawa méré jawaban kana masalah téa moal bangga deuih. Manusa héwani bakal ngagunakeun akalna, kalawan teu kudu mikiran sual-sual nu patali jeung susila, agama jst.
Tapi kecap “Manusa” atawa “Man” nu kapanggih dina pamadegan ahli sastra téh bisa jadi lain kitu hartina. Bisa jadi nu di pimaksud téh lain manusa héwani tapi Manusa Kamanusaan, nyaéta manusa nu kabutuhna leuwih ti ngan ukur kabutuh nu sipatna biologis (héwani) wungkul, tapi manusa nu mikabutuh hal-hal nu ngabédakeun maranéhna ti héwan. Ari hal-hal nu ngabédakeun maranéhna ti héwan nyaéta kabutuhan-kabutuhan nu sipatna kultural-spiritual, tegesna kabudayaan nu ngawengku filsafat (étika, Éstétika, métafisiika jst), élmu pangaweruh (science), seni, jeung agama.
Lamun manusa-manusa kawas di luhur téa jadi pangarang, masalah-masalah nu ku urang bakal kabaca dina tulisan maranéhna moal basajan kawas nu ku urang kapanggih dina tulisan-tulisan manusa héwani. Kitu deui dina nyodorkeun jawaban kana masalah-masalahna téa, maranéhna bakal mikiran hal-hal nu aya tumalina jeung kabudayaan sarta agama.
Sanajan manusa kamanusaan téa mikabutuh hal nu sarua jeung manusa héwani, upamana baé perlu nyumponan naluri séks, si manusa kamanusaan mah moal ngan ukur mikiran kumaha akalna supaya meunangkeun si wanita nu dipikahayangna, tapi ogé bakal mikiran naha tarékahna téh bakal ngarempak ugeran-ugeran susila sarta kapercayaan (agama) nu jadi cecekelanana. Dina hal saperti kitu bakal écés tanggungjawab manusa kamanusaan mah henteu ngan ukur kana dorongan atawa kahayangna sorangan, tapi ogé kana hal-hal nu patali jeung kapentingan manusa séjén, baturna dina hirup kumbuh. Apan boh kabudayaan boh agama ogé dina seuhseuhanana mah mangrupa pangabutuh manusa dina hirup kumbuh. Ana kitu, dina nulisna sastra téh manusa kamanusaan mah ngawakilan manusa sakumna, atawa sakurang-kurangna manusa nu aya dina hirup kumbuhna. Ieu jigana mah nu sok nyababkeun aya nu nyebutkeun yén sastra “universal” téh.
Ayeuna urang balik deui kana kecap “Man” téa. Manusa nu mana dipimaksud ku “Man” téh? Naha Manusa Héwani atawa Manusa Kamanusaan? Naha Manusa Naluri atawa Manusa Kabudayaan jeung Manusa Agama? Lantaran ngajawab pertanyaan ieu kacida héséna, tur jawab nu bener tangtu ngan aya dina haté nu miboga éta pamanggih, kapaksa urang ngan ukur bisa babalédogan.
Lamum urang maca Crime and Punisment jeung The Idiot atawa The Brothes Karamazov, nu kagambar ku urang nyaéta Manusa Kamanusaan Dostojevsky nu jurit jeung pasualan-pasualan nu raket patalina jeung filsafat sastra agama, tur masalah-masalah nu pangaruhna geus nepi ka Indonésia, tur ngamanifestasikeun dirina dina kagoncangan-kagoncangan pulitik sosial nu kaalaman ku urang saréréa. Kitu deui upama urang maca buku karangan Alan Paton Cry the Beloved Country, urang bakal meunang kesan nu sarua, sanajan tekenan masalah leuwih nyoko dina masalah-masalah kamasarakatan di Afrika Kidul. Kumaha ari Gitanyali-na Rahindranath Tagore? Éta ogé némbongkeun gambar Manusa Kamanusaan Tagore nu jiwana geus awor jeung pangalaman kaagamaan Hindu. Kumaha ari Steinbeck, kumaha ari Sartre, kumaha ari Graham Green? Jawahna bakal sarua, yén dina karya-karya maranéhna nu kagambar téh nyaéta Manusa budaya, agama nu tarékah satékah polah ngungkulan pasualanana.
Tapi aya pangarang séjén, ngaranna Neil Bell, nu dina bukuna nu judulna One of The Best nyaritakeun carana hiji lalaki maéhan pamajikanaana kalawan ngagunakeun kapinteranana, tur ahirna bisa kawin jeung awéwé séjén nu dipikahayangna. Dina kumpulan carita pondokna aya deui carita hiji ahli kimia nu maéhan pamajikanana ku jalan nyampurkeun racun kana pangrapet amplop, nu bakal dilétak ku pamajikanana upama si pamajikanana ngirim surat ka manéhna. Neil Bell nu jadi pangarangna teu némbongkeun sikep moral atawa agama kana kajadian-kajadian nu dikarangna. Nu digambarkeun ku manéhna wungkul manusa naluri nu dina nyumponan kahayangna teu maliré kana norma-norma nu aya di luareun dirina.
Nilik kana kalungguhan Dostojevsky, Alan Paton, Tagore (kungsi meunang hadial Nobél), Steinbeek (kungsi meunang hadiah Nobél), Graham Green, Sartre (meunang hadiah Nobél, sanajan nolak), jeung kalungguhan Neil Bell nu nota béné teu dihargaan nu ahli-ahli sastra, urang bisa ngira-ngira, yén nu dimaksud ku kecap ”Man” téh manusa budaya agama nu digambarkeun ku pangarang-pagarang golongan kahiji jeung lain ku golongan nu kawas Neil Bell téa.
Lamun dina ngabahas masalah nu nyoko dina pertanyaan “nu kumaha pangarang nu sawawa” urang suméndér kana pamanggih nu di luhur, jawabna bakal babari kapanggihna, nyaéta yén pangarang nu sawawa téh pangarang nu geus ngahontal tahap kultural jeung spiritual nu saluyu jeung nu dipénta ku masarakatna. Nya pangarang-pangarang nu sawawa kieu nu bakal ngilu ngaronjatkeun kahirupan rohani masarakatna téh, malah réa nu ngilu ngaronjatkeun tahap batin manusa sakumna.
Bakal écés, yén pikeun pangarang Sunda, lamun maranéhna hayang ngahontal kasawawaanana minangka pangarang téh, maranéhna kudu ngaronjatkeun tahap kultural jeung spiritualna; lamun teu leuwih luhur ogé ti nu geus kahontal ku masarakat Sunda rata-rata, sakurang-kurangna ngahontal tahap nu pangluhurna.


[1] Dimuat dina majalah Sunda no.62 taun II, kaca 15-17.

Komentar