Langsung ke konten utama

Kakayaan Batin Ki Sunda: Di Sagigireun Si Kabayan Aya Sang Kuriang [1]


Utuy T. Sontani 

Di urang geus taya nu bireuk deui kana padoman hirup nu geus mangrupa pangdoa pangjurung ti kolot-kolot, nu unina: “Sing cageur jeung bageur”.
Puguh baé ieu padoman hirup téh sipatna universil, ngagambarkeun jiwa nu jembar tur séhat. Dina “cageur jeung bageur” geus kawengku mangpirang-pirang bekel pigeusaneun kumelendang di jagat raya.
Hirup daréhdéh soméah ka sémah, paroman nu leuwih loba béragna batan kucemna, nya kitu deui sikep teu rék telenges ka batur, tapi cukup ku ngoconan ngaheureuyan, tur dina kapépédna tuluy seuri nyeungseurikeun katololan diri sorangan, éta kabéh geus jadi konsékwénsina hirup cageur jeung bageur nu sok narémbongan dina hirup Ki Sunda sapopoéna.
Nu matak kacida kahartina mun di Sunda lahir carita-carita Si Kabayan, carita-carita manusa nu calageur, sarta ku lantaran calageur balageur téa tuluy ngeusian hirup ku bobojégan ngajak seuri nyieun pikaseurieun.
Ku nu disebut carita-carita Si Kabayan téa tara ieuh kakurangan, teu diwatesanan ku Si Kabayan ngala tutut, Si Kabayan maling lahang, Si Kabayan jorang, sakumaha nu geus dikumpulkeun ku Dr. Wijsman-Coster dina disertasina “Tijl Uilenspiegel van Indonesie”, tapi lamun perlu ngarang sorangan saharita. Teu héséeun ieuh, da nu disebut Si Kabayan téh bisa batur sagawéna, bisa tatanggana, bisa batur saimahna, malah bisa dirina sorangan.
Saenyana teu salah-salah teuing mun disebutkeun, yén sok saupama urang Barat ngabarogaan “Kerajaan Seribu Tahun”, hiji karajaan nu diwangun ku hirup wedi-asih nu dina ihtiar pikeun ngawangunna maké padoman Kristus, keur urang Sunda mah éta “Kerajaan Seribu Tahun” téh dunya tempat bobojégan jeung tempat seuri téa, sarta padoman pikeun ngawangunna nya Si Kabayan.
Tangtu aya nu teu mikeun Si Kabayan nepi ka disasaruakeun jeung Kristus. Tapi naon salahna? Cenah éta Si Kabayan mah tokoh lembut, ari Cristus sakitu badagna. Ari soal lembut jeung badag mah kapan kumaha ceuk nu napsirkeunana.
Da ayana anggapan lembut ka Si Kabayan ogé moal boa sanggeusna si itu si éta pada barisa ngarang carita Si Kabayan, nu dina ngarangna téa teu nepi ka dijugjugan jero-jeroanana, ngan asal katénjo pikaseurieunana, katénjo bobojéganana. Henteu kungsi diteuleuman yén Si Kabayan nu asli mah lain ngan ngajak seuri pikeun seuri wungkul.
Meureun aya nu nanya: ari Si Kabayan nu asli téh nu mana téa? Naha éta nu ngala tutut dieuradan sapédah di sawah aya kalangkang langit nu jero lungkawing, tapi sanggeusna disuntrungkeun tuluy njebut: “Él, da déét!”? Naha éta nu naék kana tangkal kawung maling lahang, tapi barang kaperego ku nu boga tuluy dadaku: “Néangan jalan ka langit”? Atawa éta nu sok jorang, nu sok ngaheureuyan mitohana?
Ieu kabéh, nu dikumpulkeun ku Dr. Wijsman-Coster dina disertasina téa - nu asalna ti Banten - mémang carita-carita asli di sabudeur Si Kabayan. Tapi ari aslina Si Kabayan nu mana?
Di Pandéglang, di daérah Banten tempat asal lahirna carita-carita Si Kabayan nu asli téa, aya makam nu nepi ka ayeuna masih kénéh dianggap sangar. Éta makam cenah makam Si Kabayan. Anéhna lain ngan di Pandéglang baé, tapi di Menés ogé, nya kitu deui di tempat-tempat séjénna di Banten, nu disebut makam Si Kabayan téh aya, tur sarua dianggap sangar.
Leupas tina soal nu mana-manana nu rék dicokot, tapi hiji geus tétéla yén éta si Kabayan nu makamna sangar téh pinastina lain si itu si éta.
Ieu alesan kahiji yén tokoh si Kabayan ti girangna mah ménta dipikirkeun leuwih jero.
Alesan kadua aya dina buku Pariboga yasana C.M. Pleyte. Dina éta buku aya carita si Kabayan nu asalna ti Bandung, nu sama sakali euweuh pikaseurieunana, tapi zuiver misterieus. Si Kabayan di dinya dicaritakeun lain jelema samanéa, tapi hiji jelema sakti, jelema nu méré kabeungharan ka mitohana ku jalan melak paré nu taya béakna, tapi sanggeusna méré kabeungharan tuluy lolos ilang tanpa karana teu némbongan deui, sarta ku jalan kitu Si Kabayan disangka susurupan Déwata ti Sawargaloka.
Ku ieu alesan, tétéla yén carita-carita Si Kabayan nu pikaseurieun téh saenyana nyumputkeun misteri, yén ngajak seurina Si Kabayan nu asli mah lain ngajak seurina hiji badud nu ngan sakadar ngabadud.
Neuleuman ngajak seurina Si Kabayan, neuleuman hasil sastra baheula, mungguh di Sunda mah kawengku ku pituduh karuhun, yén bisana kateuleuman téh ngan “ku nu weruh di semuna, ku nu rancagé haténa”.
Jero sotéh keur nu teu weruh di semuna, da ari nu rancagé haténa mah kana omongan-omongan: “Él, da déét” dina ngala tutut, “Néangan jalan ka langit” dina maling lahang, jst., tangtu ujug-ujug wawuh yén éta omongan-omongan téh saenyana ajakan pikeun seuri ka luar ka jero; ka luar ngajak gumbira, ka jero nyeungseurikeun diri sorangan.
Ari nyeungseurikeun diri sorangan téa tandaning cageur. Moal aya nu leuwih cageur batan nu bisa ngiritik diri sorangan ku jalan nyeungseurikeun diri sorangan.
Tapi kacageur-bageuran Si Kabayan teu semet kitu, teu semet sok ngajak seuri ka jero nyeungseurikeun diri sorangan di sagigireun ngajak seuri ka luar ku jalan neunggeul ku bobojégan. Leuwih ti éta, manéhna mah geus bisa manggihan puncakna kacageur-bageuran dina sikep teu naon-naon ku naon-naon.
Sikep Si Kabayan kieu, sikep teu naon-naon ku naon-naon nu nepi ka ayeuna henteu euweuh dina élmu kabatinan urang Sunda, mindeng digambarkeun dina tingkah lakuna nu malah geus jadi watek sapopoéna. Méméh naon-naon Si Kabayan téh sok disebutkeun heula ngedulna, gawé ngan numpi di saung.
Pikeun nu teu naon-naon ku naon-naon, keur naon digawé popohoan? Keur naon ribut berjuang, da euweuh nu kudu diperjuangkeunana. Mending ogé cicing!
Carita Si Kabayan nu ngaheureuyan mitohana ku jalan ngabalur manéh ku kapuk tuluy naék kana tangkal di saluhureun kuburan nu sok dijarahan ku mitohana, nu satuluyna ngaku-ngaku magar karuhun sarta nitah ka mitohana sangkan Si Kabayan dibagi paré beubeunangan ti huma nu karék dipibuatan, cukup jelas ngagambarkeun kaungguhan Si Kabayan nu teu naon-naon ku naon-naon kontra mitohana nu sok naon-naon ku naon-naon. Mitohana nu popohoan ngagarap huma, tapi ku lantaran percaya kana naon-naon aya di sabudeur kuburan, kajadianana bisa diéléhkeun ku Si Kabayan nu ngedul teu daék ngagarap huma.
Ieu carita, nu anéhna dina kumpulan Dr. Wijsman-Coster mah ngan ukur disabit tamba teu kasebut, saenyana ngarupakeun hiji ti antara carita-carita Si Kabayan nu pangkuatna, malah pangjelasna ngagambarkeun saha-sahana Si Kabayan, kumaha idé Ki Bujanggana. Filsafat “sia hukum ku sia” dina éta éarita jelas digambarkeun, dikeunakeun ka nu sok naon-naon ku naon-naon.
Naha Dr. Wijsman-Coster teu kungsi medarkeun lengkepna ieu carita téh lantaran Si Kabayan palebah dieu mah geus teu sarimbag deui jeung “Tijl Uilenspiegel van Indonesie”?
Gambar Si Kabayan palebah dieu mémang méh sarimbagna ngan jeung Lao Tse, filsuf munggaran Tiongkok nu hirup dina jaman 600 taun saméméh Maséhi, nu sok kacaritakeun mindeng numpi di saung butut, teu milu ribut jeung ributna masarakat, tapi dina sakalina disada ngayonan lawan, sok bisa neunggeul ngéléhkeun.
Meureun jadi pentanyaan: mun Si Kabayan sakitu badagna, naha atuh dina carita-caritanana éta kabadaganana téh tara némbongan, nu némbonganana mah ngan bobojéganana, ngan ngajak seurina?
Kapan geus jadi bakatna karuhun Sunda tara terang-terangan nerangkeun wiji, sok buni ku pamungkus. Parandéné kitu, ari pamungkus nu ngabunian kabadagan Si Kabayan mah lain pamungkus nu haré-haré misah tina wijina. Tapi pamungkus jeung eusi nu gembleng jadi hiji, ngajenggléngkeun idé Ki Bujanggana, yén: “Mungguh di ieu dunya taya naon-naon nu kudu dinaon-naonkeun, iwal ti seungseurikeuneun”.
Kitu hakékat carita-carita Si Kabayan, sarta nya kitu pisan puncak-puncak nu kahontal ku filsafat hirupna Ki Sunda dina nyumponanana pituduh “cageur jeung bageur” ogé.
Naha hirup kitu téh geus sampurna?
Sok mun dunya Ki Sunda tetep sagedé Sunda, sok mun nu disebut deungeun-deungeun tetep tunggal Ki Sunda kénéh, puguh baé taya nu leuwih sampurna batan ti kitu.
Tapi dunya téa henteu tetep; dina umurna nu panjang, dina kaabadianana aya jaman, aya taun, aya bulan, aya poé, aya jam malah aya menit nu ngadatangkeun naon-naon tur ménta disanghareupan ku sikep ulah teu naon-naon ku naon-naon.
Hirup teu naon-naon ku naon-naon, hirup seuri, hirup bobojégan, éta geus teu salah deui jadi hirup langgengna Ki Sunda dina sapanjang umurna dunya, “Kerajaan Seribu Tahun” nu kudu diwangan ku Ki Sunda ti jaman ka jaman. Tapi ku lantaran dunya henteu tetep téa, ku lantaran dina kaabadianana téa aya saat-saat nu kudu disanghareupan, urang Sunda ogé ulah salancar, dina hirupna ulah ngarasa sugema ku cicing lantaran teu naon-naon ku naon-naon, dina batinna ulah ngan nénjo aya Si Kabayan. Kudu aya téténjoan séjén keur bekel enggoning nyanghareupan saat-saat téa, nu tampolana lain ngan ménta katangginasan, kategasan wungkul, tapi ogé diperlukeun kateu-cageuran jeung kateu-bageuran. Cohagna: kudu aya téténjoan séjén nu sabalikna ti Si Kabayan, nu ngajak nitah kudu naon-naon ku naon-naon.
Naha karuhun Sunda, sajaba ti ngawariskeun Si Kabayan téh ngawariskeun saha deui ka Ki Sunda. Naha ngan ninggalan Si Kabayan wungkul?
Ngeunteung heuha ka Barat, di Barat mah aya kacapangan yén di sasagigireun Kristus nu ngajak ngawangun “Kerajaan Seribu Tahun” téh aya Nietzsche. Nietzsche nu ngamusuhan Kristus, nu ngeyéhkeun gunana hirup wedi-asih, nu ngan ngaku kana bener ceuk aing, nu nuduhkeun yén mungguh kirup di ieu dunya téh ngan keur waktu salila aing aya; Nietzsche nu ceuk pikiran normal mah cenah “Jelema édan”. Tapi nya Nietzsche nu kitu pisan nu kungsi aya dina batinna Hitler ogé, dijadikeun cecekelan enggoning ngeusian hirup ku dinamik, ku napsu hayang ngawasa.
Nietzsche ditempatkeun di sasagigireun Kristus, lain ngan ngalambangkeun yén di sagigireun hirup nu langgeng aya hirup ayeuna, di sagigireun kaabadian aya saat-saat nu disanghareupan, tapi mémang kitu kanyataan manusa: dina batinna aya dua bebeneran nu berlawanan, di sagigireun ayana sora-sora nu ngajurung kudu hirup wedih-asih, teu bisa dipungkir deui ayana sora-sora nu ngajurung kudu kejem kudu telenges kudu ulah wedih-asih. Hiji kanyataan nu nyata, sarua nyatana jeung ayana poék nu ngabanding caang, ayana peuting nu ngabanding beurang, ayana awéwé nu ngabanding lalaki.
Balik deui ka Sunda, pertanyaan tadi dibalikan deui: ari dina batin ki Sunda, nu diwariskeun ku karuhun téh aya saha deui salian ti Si Kabayan? Naha dina batin ki Sunda aya sora-sora nu jadi lalawananana sora-sora Si Kabayan? Sora nu ngajak teu cageur teu bageur, ngajak kudu naon-naon ku naon-naon?
Ieu pertanyaan dijawabna ngan kudu ku ngoréhan deui tokoh kasusastran Sunda baheula nu nepi ka kiwari tetep hirup di masarakat Sunda.
Tapi teu kudu hésé néangan, teu kudu capé ngungkaban. Dina hal ngajenggléngkeun hasil sastra mah karuhun Sunda henteu éléh ku nu nyieun Borobudur. Da geus lain dikotrétkeun dina batu deui, tapi dijegirkeun dina gunung, dikocorkeun dina walungan, disebarkeun di mangpirang-pirang tempat.
Kangaranan urang Sunda, ku jegirna gunung Tangkubanparahu nu aya di sakaléreun kota Bandung moal weléh ngarasa diingetan yén dina jaman baheula téh aya hiji dongéng nu didongéngkeun deui, hiji carita nu geus dikenal di sakuliah tanah Sunda kalawan dikuatan ku mangpirang-pirang tempat nu jadi sasakalana.
Di Rajamandala aya Sanghiang Tikoro, di Purwakarta aya Sanghiang Kendit, nu cenah urut Sang Kuriang ngabendung Citarum, nyieun talaga keur lalayaran oléng pangantén jeung Dayang Sumbi, Di Banten aya Jawungkal, pasir leutik nu cenah urut taneuh nu diangkut ku Sang Kuriang basa nyieun talaga, tapi ku lantanan reuwas dibéjaan kabeurangan, éta taneuh tuluy ditamplokkeun. Di wewengkon Sukabumi, di walungan Cimandiri aya tempat nu loba batu alina, da di dinya - cenah - Dayang Sumbi nu diudag-udag ku Sang Kuriang kungsi ragrag alina.
Tapi henteu cukup ku kitu, henteu cukup ku dituliskeun dina alam nu ngampar di bumi Sunda. Di pasisian wewengkon Cirebon mah aya kapercayaan yén lamun di langit ramé dordar gelap, éta téh Sang Kuriang jeung Dayang Sumbi ramé udag-udaganana, geus padeukeut méh katéwak.
 Carita-carita Sang Kuriang nu aya di sakuliah Sunda téa, najan teu sarua dina tempat kajadianana, teu sarua dina galurna, tapi ari wijina mah éta-éta kénéh, nyaritakeun hiji lalaki nu bogoh ka indung. Aya nu pungkal-péngkoh dina ngamimitianana, aya nu sumpang-simpang dina nutupkeunana. Tapi lamun rék dicokot anu umumna, éta carita bisa dicaritakeun deui kieu:
Dayang Sumbi, mojang geulis nu keur sedengna petikeun, dina hiji mangsa ngadekul ninun dina saung ranggon. Dadak dumadak taropongna ragrag ka kolong, sarta dadak dumadak manéhna katarajang leuleus tanpa daya, teu aya tanaga pikeun cengkat. Tuluy ragrag omong yén lamun aya nu mangnyokotkeun éta taropong, éta nu mangnyokotkeun, mun awéwé bakal diaku dulur, mun lalaki bakal diaku salaki.
Kadéngéeun ku Si Tumang, anjing jalu nu harita keur camperego di kolong. Teu talangké deui tuluy éta taropong dipangnyokotkeun, dipasrahkeun ka Dayang Sumbi. Nénjo Si Tumang nu nyodorkeun taropong, Dayang Sumbi jadi reuwas, inget kana jangji tadi. Si Tumang disieuh-sieuh diusir, tapi teu daékeun nyingkah. Saterusna Dayang Sumbi jadi kapulesan, teu inget naon-naon. Tapi ti harita Dayang Sumbi tuluy reuneuh, sarta sanggeus nepi kana waktuna tuluy ngajuru, anakna lalaki, nya dingaranan Sang Kuriang.
Sanggeus jajaka, dina hiji poé Sang Kuriang moro jeung Si Tumang. Tapi sapoé jeput morona teu beubeunangan. Turug-turug Si Tumang nyieun peta teu nyugemakeun, teu daék nurut kana paréntah. Teu panjang dipikir deui Si Tumang tuluy dipeuncit, ari haténa dibawa balik, dijieun oléh-oléh ka nu di imah, ulah mulang léngoh teuing.
Sanggeusna dipasak jeung didahar ku Dayang Sumbi, kakara Sang Kuriang bébéja yén éta nu didahar téh saenyana mah haté Si Tumang. Puguh baé Dayang Sumbi jadi ngambek; Sang Kuriang tuluy ditundung sanggeus diteunggeul sirahna ku sinduk.
Nu ditundung téh inditna ngétan, terus ngétan, tapi satengahing jalan dadak dumadak linglung, balik deui ka kulon. Barang gok deui jeung Dayang Sumbi, itu ieu pada-pada pangling, indung teu apal ka anak, anak teu wawuh ka indung.
Lila-lila Sang Kuriang nepi ka pokna nanyaan ngajak kawin. Tapi barang kanyahoan ku Dayang Sumbi yén dina sirah Sang Kuriang aya pitak tapak paneunggeul, Dayang Sumbi tuluy nolak, sabab mustahil indung kudu kawin ka anak.
Sang Kuriang teu bisa percaya, teu bisa narima yén éta nu ditanyaan téh indungna. Keukeuh manéhna ngajak kawin, keukeuh Dayang Sumbi nolak. Tungtungna diputuskeun: Dayang Sumbi daék kawin asal Sang Kuriang nyadiakeun talaga jeung parahu keur lalayaran, kudu dianggeuskeun dina jero sapeuting teu meunang kabeurangan.  
Ieu paménta ditedunan, nya sapeupeuting Sang Kuriang digawé popohoan nyadiakeun talaga jeung parahu. Kira wanci janari pagawéanana geus méh réngsé. Tapi Dayang Sumbi teu béakeun akal, bari jeung ngibar-ngibarkeun boéh rarang nu ku sabréhan siga balébat, manéhna ngabéjaan yén Sang Kuriang kabeurangan.
Teu rék narima kana éta pangakalan, Sang Kuriang ngambek, parahu disépak, Dayang Sambi tuluy diudag-udag. Lumpat ka mana-mana ogé - ceuk carita - moal weléh diudag-udag.
Parahu nu disépak téa - cenah - tuluy nangkub nepi ka kiwari, nya éta nu ngajegir di sakalereun kota Bandung téa.
Jadi ku jegirna gunung Tangkubanparahu ogé urang Sunda saenyana diingetan yén di Sunda kungsi kacaritakeun aya hiji manusa nu luarbiasa bedasna, luarbiasa ambekna, hiji manusa nu teu kapalang naon-naon ku naon-nson, teu kapalang nyieun kateu-cageur-bageuran, éstu jucung henteu tanggung-tanggung, nepi ka mikahayang kawin ka indung.
Naha Sang Kuriang nu sarupa kitu téh aya dina batin Ki Sunda?
Jawabna: lain euweuh, da sora-sora nu ngajurung nitah nyieun kateu-cageur-bageuran téh aya dina unggal batin manusa, teu di Barat teu di Sunda. Soalna, lain dina batin Ki Sunda euweuh Sang     Kuriang, tapi éta Sang Kuriang geus kalimpudan ku Si Kabayan, geus teuing jeung pisan kalimpudanana, nepi ka siga euweuh. Malah kapan kungsi kajadian aya sawatara urang Sunda nu hayang miceun carita Sang Kuriang, da cenah Sang Kuriang téh jelema teu bener, teu hadé pikeun atikan.
Tapi tuduhan “teu bener” ka Sang Kuriang, sarua jeung tuduhan “teu bener” ti beurang nu caang ka peuting nu poék. Méré ukuran ka peuting mah kudu ku peuting.
Da mun Sang Kuriang diukurna ku ukuran Sang Kuriang, ceuk saha Sang Kuriang henteu bener? Saméméh manéhna maéhan Si Tumang, saméméh manéhna nanyaan Dayang Sumbi, kapan dicaritakeun heula yén manéhna lahirna ka dunya téh tina sabab si indung teu daya teu upaya, malah tina sabab teu inget-ingat acan, nu ku lantaran kitu tuluy baé diteumbleuhkeun kana takdir ti Nu Kawasa, nu aya di luar kakawasaan manusa.
  Tapi saha ari Nu Kawasa? Dimana ayana? Pertanyaan-pertanyaan sarupa kieu, mungguh pikeun manusa nu tunduk ka umum mah, jawabna ogé dipasrahkeun deui baé ka umum. Nya kitu deui bebeneran nu didasarkeun kana cenah yén nu ngareuneuhan Dayang Sumbi téh Si Tumang (Si Tumang bisa dihartikeun manusa nu nyicingan martabat hina kawas anjing) éta bebeneran, mungguh pikeun manusa nu tunduk ka ceuk batur mah enggeus baé ditarimakeun.
Tapi Sang Kuriang lain Dayang Sumbi. Manéhna mah manusa nu naon-naon ku naon-naon, manusa nu teu rék ngaheueuhkeun ka ceuk batur, manusa nu tatanya lantaran aya tanyakeuneun, mikir lantaran aya pikiraneun, maéhan lantaran aya paéhaneun. Sanggeus maéhan Si Tumang, sanggeusna indit ngétan, ceuk carita téa, manéhna balik deui ngulon; sanggeusna tatanya ka saluareun diri saha jeung dimana ari Nu Kawasa nu nakdirkeun, manéhna meunangna jawaban ngan ti diri sorangan, yén mungguh nu kawasa mah ngan aing, sabab: nya aing matahohang sakabéh.
Nya pangakuan ieu, pangakuan aing nu kawasa, aing nu bener, nu ngalantarankeun pangna neugtreug nanyaan ogé, sarta dina sakalieunana dibobodo magar kabeurangan, tuluy ngamuk ngudag-ngudag.
Ari pangna Dayang Sumbi ditanyaan, sabab mungguh keur nu jucung dina naon-naon ku naon-naon mah karasaeun yén di satukangeun jirim indung téh aya deui naon-naon nu ngajak naon-naon, di sagigireun kasadaran téh aya bawah-sadar nu nyoara yén mungguh di ieu dunya taya indung taya anak, nu aya ngan awéwé jeung lalaki nu sili tarik.
Tapi kajucungan Sang Kuriang teu semet kitu, teu semet nangenan yén di sagigireun kasadaran aya bawah-sadar. Tapi ogé aya puncak-sadar nu medal dina pendirian: nya aing mataholang sakabéh. Hiji pendirian nu henteu euweuh dina filsafat Sunda baheula. Hiji pendirian nu geus gembleng ngahijikeun naon-naon nu aya di saluareun jeung sajeroeun diri, gembleng musat dina Aing sorangan.
Umaku boga Aing dina puncak-sadar, tapi ogé umaku aya aing dina bawah-sadar, ceuk saha éta pangakuan-pengakuan kajadianana teu ngagambarkeun kasampurnaan manusa nu naon-naon ku naon-naon, manusa nu nya déwa nya héwan; manusa nu jiwana ngagolak ngagedurkeun seuneu nu ngentab-ngentab?
Mun di Barat aya Nietzsche, di Sunda mah tah aya Sang Kuriang!
Ditempatkeun di sagigireun Si Kabayan puguh baé kawas bumi jeung langit. Nu hiji ki Bujanggana sura-seuri lantaran teu naon-naon ku naon-naon. Nu hiji deui ngagolak lantaran naon-naon ku naon-naon. Tapi duanana jucung, duanana teu kapalang tanggung.
Duanana mangrupa harta kakayaan batin Ki Sunda warisan ti karuhunna. Duanana ménta dipulasara sing nepi ka aya kacapangan “Di sagigireun Si Kabayan aya Sang Kuriang”. Sabab duanana bisa ngarupakeun mitos dwitunggal Ki Sunda masing-masingna pada boga tugas: nu hiji ngajak usik nanjeurkeun kaagungan Sunda dina unggal saat, nu hiji deui ngajega ngajaga kajembaran Sunda ti abad ka abad.

Jakarta, Januari 1957


[1] Dimuat dina Kudjang no 53, taun ka-II, 18 Januari 1957, kaca 3, kalayan judul “Mythos keur Ki Sunda”. Dimuat ogé dina majalah Warga no. 209 Taun ka-6, 17 Jumadil Ahir 1376/19 Januari 1957, kaca 3-5, kalayan judul “Di Sagigireun Si Kabayan aya Sang Kuriang”. Dimuat deui dina majalah Kiwari no.2 taun ka-I, Juli 1957, kaca 75-82, kalayan judul “Kakayaan Batin Ki Sunda: Di sagigireun Si Kabayan aya Sang Kuriang”.

Postingan populer dari blog ini

Puisi Sunda

Téddi Muhtadin
Sapanjang néangan kidul, kalér deui kalér deui, sapanjang néangan wétan, kulon deui kulon deui, sapanjang néangan aya, euweuh deui euweuh deui.
Sepanjang mencari selatan, hanya utara yang kujumpa, sepanjang mencari timur, hanya barat yang kujumpa, sepanjang mencari ada, hanya tiada yang kujumpa.
(Haji Hasan Mustapa)
Puisi adalah istilah baru yang digunakan untuk menandai bentuk-bentuk sastra yang sudah terlebih dahulu ada. Istilah puisi baru dikenal dalam khasanah kesusastraan Sunda sekitar awal abad ke-20, yakni saat sarjana-sarjana Belanda mulai meneliti kesusastraan Sunda. Dalam penelitian tersebut, tentu saja, mereka memahami sastra Sunda dengan terminologi sastra Barat. Terminologi sastra Barat itu, di antaranya, membedakan karya sastra berdasarkan puisi, drama dan cerita. Menurut Luxemburg (19), misalnya, puisi pada hakikatnya adalah monolog, drama adalah dialog, dan cerita adalah campuran di antara keduanya.  Penjelasan lain yang lebih khusus, dalam Kamus Istilah Sastra (1992)…