Langsung ke konten utama

Jalan Pikiran Sang Kuriang



Utuy T. Sontani [1]
Surat nembrak keur S. nu ngancik di Déwan Komando Pemuda Sunda - Pusat

Najan sakumaha lilana aya nu nanya ka anjeun kumaha pikiran anjeun mun anjeun dicalonkeun jadi anggota DPRD. Harita anjeun méré jawaban yén bakal nolak. Ari alesanana, mungguh pikeun anjeun mun anjeun cicing di salah sahiji badan nu aya dina bentuk nagara ayeuna, éta hartina anjeun masih kénéh nganggap aya kana wujud bentuk nagara nu ayeuna. Sedengkeun nurutkeun pikiran anjeun: wujud bentuk nagara nu ayeuna téh kudu dianggap euweuh baé.
Harita kuring hayang ngedalkeun eusi haté, tapi teu kungsi pok. Kakara ayeuna, ku jalan ieu surat, éta eusi haté téh rék dikedalkeun. Babakuna hayang nyebutkeun, yén éta jalan pikiran anjeun téh nya éta jalan pikiran Sang Kuriang téa.
Bisa jadi aya nu nyebut yén jalan pikiran nu sarupa kitu téh sarua jeung jalan pikiran hiji nihilis nu kungsi disebut-sebut dina sajarah Barat. Tapi satungtung di Sunda aya keur nyaruakeunana, éta jalan pikiran - sakali deui - ku kuring disaruakeunana jeung jalan pikiran Sang Kuriang.
Bisa jadi Sang Kuriang aya sarimbagna jeung nu disebut kaom nihilis di Barat. Tapi anu geus tétéla, pangna Sang Kuriang  maéhan Si Tumang jeung tuluy nanyaan Dayang Sumbi ogé teu lian ti lantaran teu rék nganggap aya wujud indung jeung bapa nu henteu némbongkeun gambar kaadilan. Naha adil Dayang Sumbi nu geulis direuneuhan ku Si Tumang nu hina kawas anjing? Naha kudu ngeunah waé narima takdir ku jalan jadi anak tina kajadian nu henteu adil?
Lamun Sang Kuriang ngaku indung ka Dayang Sumbi, lamun Sang Kuriang ngaku bapa ka Si Tumang, Sang Kuriang téh moal weléh ngarasa disiksa ku kateu-adilan. Hiji-hijina jalan sangkan leupas tina éta siksaan taya deui iwal ti kudu boga pikiran teu rék ngaku kana ayana indung-bapa nu diwujudkeun ku Dayang Sumbi jeung Si Tumang.
Tapi Sang Kuriang henteu bolostrong; sajeroning teu rék nganggap aya kana wujud indung jeung bapa, manéhna boga “nilai” séjén, boga cecekelan séjén pikeun gantina, nya éta boga “aing” nu jadi mataholang sakabéh. Si Tumang dipaéhan, éta hartina kanyataan nu nyiksa téa didobrak dieuweuhkeun. Tuluy nanyaan Dayang Sumbi, éta hartina niat ngawangun hirup anyar nu di jerona aya “aing” nu waluya teu nandangan deui siksa.
Cenah teu laksana, éta mah di luareun kakawasaan manusa. Tapi sacara manusa, Sang Kuriang téh éstu révolusionér, jalan pikiranana ngagambarkeun jalan pikiran nu jucung merdikana, badag pribadina.
Balik deui kana jalan pikiran anjeun, kuring percaya yén dina sajeroning anjeun nganggap euweuh kana bentuk nagara nu ayeuna téh, anjeun ogé geus sadia modal, geus sadia “nilai” séjén, keur cecekelan dina ngahontal cita-cita ngawangun nu anyar.
Sawadina kuring hayang milu nyebutkeun, yén ku jalan pikiran anjeun nu sarupa kitu, ku jalan pikiran Sang Kuriang téa, nu disebut perjuangan Sunda kiwari téh teu bisa disebutkeun deui perjuangan kedaerahan, tapi ieu mah perjuangan manusa nu gandrung ku kaadilan jeung kawaluyaan.
Ayana sesebutan “perjuangan kedaerahan” mah ceuk bentuk nagara anu ayeuna. Naon bédana jeung sesebutan “Sang Kuriang bogoh ka indung” pihak Dayang Sumbi? Padahal mungguh pikeun jinis Sang Kuriang mah nu disebut perjuanganana téh éstu perjuangan manusa nu gandrung ku kaadilan jeung kawaluyaan.
Geus bakatna, di dunya nu pinuh ku pertentangan mah aya dua bebeneran: bebeneran Sang Kuriang kontra bebeneran Dayang Sumbi, bebeneran anjeun kontra bebeneran nagara nu ayeuna.
Sualna, asal urang yakin yén nu disebut perjuangan Sunda kiwari téh perjuangan manusa nu kabeneran disebut manusa Sunda, éta perjuangan tangtu bakal moncorongna, bakal meunang sambutan lain ngan ti tunggal manusa Sunda baé, tapi ti sing sakur nu ngarasa jadi manusa deuih, teu pamuda, teu kolot, teu seniman, teu tukang dagang. Sarta ku jalan kitu, nu disebut perjuangan Sunda kiwari téh saenyana mah perjuangan manusa Indonésia kénéh enggoning ngawangun pribadina nu sampurna, leuwih sampurna batan ayeuna.
Ku jalan kitu, kuring jeung babaturan ogé pasti aya di sagigireun anjeun!

Jakarta, Pébruari 1957


[1] Dimuat dina majalah Warga No. 212 Taun ka-6, 12 Rajab/12 Pébruari 1957, kaca 5. Dimuat deui dina Kudjang no. 59, taun ka-II, 1 Maret 1957, kaca 3.

Postingan populer dari blog ini

Puisi Sunda

Téddi Muhtadin
Sapanjang néangan kidul, kalér deui kalér deui, sapanjang néangan wétan, kulon deui kulon deui, sapanjang néangan aya, euweuh deui euweuh deui.
Sepanjang mencari selatan, hanya utara yang kujumpa, sepanjang mencari timur, hanya barat yang kujumpa, sepanjang mencari ada, hanya tiada yang kujumpa.
(Haji Hasan Mustapa)
Puisi adalah istilah baru yang digunakan untuk menandai bentuk-bentuk sastra yang sudah terlebih dahulu ada. Istilah puisi baru dikenal dalam khasanah kesusastraan Sunda sekitar awal abad ke-20, yakni saat sarjana-sarjana Belanda mulai meneliti kesusastraan Sunda. Dalam penelitian tersebut, tentu saja, mereka memahami sastra Sunda dengan terminologi sastra Barat. Terminologi sastra Barat itu, di antaranya, membedakan karya sastra berdasarkan puisi, drama dan cerita. Menurut Luxemburg (19), misalnya, puisi pada hakikatnya adalah monolog, drama adalah dialog, dan cerita adalah campuran di antara keduanya.  Penjelasan lain yang lebih khusus, dalam Kamus Istilah Sastra (1992)…