Nietzsche jeung Munding [1]



Saini KM

Sanggeus luak-lieuk ka kénca jeung ka katuhu manéhna ngaléngkah meuntas jalan, tuluy leumpang nuju ka kuring nu ngadagoan di hareupeun hotél Homann.
“Wilujeung sumping ka Indonésia,” ceuk kuring. Manéhna ngan ukur imut. Kuring ngarongkong kana koper nu dijingjing ku leungeun kéncana. Manéhna mikeun éta koper ka kuring, tuluy nyokot carécét tina sakuna nu terus dipaké nyusut késang tina tarangna.
“Boy, ti saha meunang béja yén kuring datang deui ka dieu?” cénah, waktu kuring jeung manéhna geus aya di jero lift nu ngageleser ka luhur.
“Diwartosan ku sadérék Ramadhan,” ceuk kuring, “sareng deui apan kapungkur anjeun tos sasauran, wiréh badé sumping deui ka dieu.”
“Bisa jadi!” pokna bari seuri.
Harita kuring jeung manéhna geus aya di kamar hotél, kamar nu kungsi jadi tempat nginep manéhna basa konperénsi nu mimiti diayakeun. Manéhna datang deui ka Indonésia kalawan maksud ngaluuhan konperénsi nu kadua, anu sapoé sameméhna geus ditutup di Jakarta. Manéhna bakal mondok dua poé di Bandung, meunang kasempetan keur nénjoan kaéndahan kota Kembang jeung pagelaran-pagelaran kasenian nu bakal di ayakeun. Dina poé nu katilu manéhna bakal balik ka Birma.
Salila aya di Bandung kuring bakal jadi deui juru-basana, kawas basa dina konperénsi nu kahiji. Kuring inget kénéh, naon pangna kuring jadi juru-basa manéhna jeung teu jadi juru-basa utusan ti nagara-nagara A-A séjénna. Harita téh utusan-utusan ti nagara-nagara A-A kakara datang ka Bandung, kuring kabagéan tugas jadi juru-basa utusan ti Afrika-Kidul, hiji nonoman nu tegep pisan. Hiji mojang-juru-basa nyampeurkeun ka kuring:
“Saini, kumaha mun tukeur?” pokna.
“Naha?” ceuk kuring.
“Kuring mah teu resep, kabagéan aki-aki utusan ti Birma téa,” pokna deui.
“Euh,” ceuk kuring bari seuri. “Mangga.”
Nya ti harita kuring jadi juru-basana, boh dina konperénsi nu kahiji boh dina nu kadua. Mimitina mah kuring teu nyangka yén silih-tukeur tamu téh rék aya hartina. Ngan sanggeus kuring ngobrol jeung manéhna dina poé-poé satuluyna kuring ngarasa untung. Manéhna téh geuning hiji pangarang nu kawentar, nu ngaranna kungsi kabaca, yén manéhna meunang hadiah International ti Unesco.
Kalawan teu disangka-sangka dina hiji waktu manéhna nanya ka kuring:
“Boy, di mana kuring bisa meuli buku-buku Sastra Indonésia nu geus disalin kana basa Inggeris?”
Ku kuring diterangkeun yén buku-buku Sastra Indonésia umumna can disalin kana basa Inggeris.
Duka kumaha mimitina, da ti harita kuring jeung manéhna terus ngobrolkeun perkara kasusastraan. Dua poé dua peuting dina konperénsi mimiti, jeung dua poé dua peuting dina konperénsi kadua kuring babarengan jeung manéhna, obrolan réréana ngeunaan kasusastraan baé.
Sanggeus manéhna ngadongéngkeun carita-carita rayat Birma, manéhna ménta ka kuring supaya ngadongéngkeun carita-carita rayat Sunda. Kuring ngadongéngkeun kumaha si Kabayan ngaheureuyan mitohana, kumaha Lutung Kasarung turun ka dunya ti Kahiangan, kumaha Mundinglaya ngapung ka Jabaning Langit, kumaha Sangkuriang ngabendung Citarum jeung nyieun dano Bandung.
Manéhna bangun resepeun pisan ngadéngékeun dongéng-dongéng Sunda buhun téh. Malah aya sawatara carita nu ku manéhna dituliskeun, keur oléh-oléh ka urang Birma, cénah. Kungsi manéhna nyarita yén urang Sunda buhun teu jauh ti urang Birma buhun. Bisa ngabodor jeung bijaksana, cénah.
Ngeunaan tulisan-tulisan pangarang-pangarang Sunda ngora nu ku kuring dicaritakeun ka manéhna, manéhna nerangkeun ka kuring:
“Di Birma ogé mimiti renung bakat-bakat ngora, muga-muga baé sing jadi galedé kawas luluhur urang,” pokna. Manéhna rada ngahuleng sanggeus nyarita kitu téh. Kuring rada héran. Manéhna jigana terangeun kana eusi haté kuring, lantaran teu kungsi lila manéhna mencrong kana panon kuring, bari imut manéhna nepak taktak kuning:
“Sarat-sarat keur jadi pangarang gedé leuwih beurat jaman ayeuna mah ti batan jaman... jaman naon geuning?”
“Jaman Mundinglaya sareng Lutung Kasarung”, témbal kuring bari seuri.
“Enya, ayeuna mah teu cukup ku bisa ngapung ka Jabaning Langit, tapi sakapeung maké kudu daék asup ka panjara sagala,” cenah, bari neuteup kana panon kuring, teu petot-petot manéhna imut. “Jeung ayeuna mah euweuh déwa-déwa nu bakal nulungan kawas ka saha geuning?”
“Mundinglaya,” témbali kuring.
“Enya, Munding... ding lanya... laya,” cénah.
Saméméhna manéhna kungsi nyarita ka kuring yén buku nu pangnyugemakeunana keur manéhna mah nya éta buku nu ditulis ku manéhna di jero panjara.
Manéhna téh kungsi diasupkeun ka bui akibat kaributan-kaributan pulitik di Birma. Meunang genep bulan cénah manéhna ngaringkukna di hotél prodéo téh.
“Naon margina pangarang ayeuna langkung hésé ngagedéan ti batan pangarang-pangarang ka pungkur?” ceuk kuring panasaran. Manéhna ngarérét ka kuring, pok nyarita:
“Aya deui dongéng geura, déngékeun sing taliti:
Jaman baheula di Birma aya hiji raja, kagungan putra pameget nu kacida dipikaasihna ku rayat sanagara, lantaran pinunjul kasatriaan sarta kajatnikaanana.
Rayat teu ngarasa salempang sanajan harita raja sepuh teu damang wales pisan ogé, lantaran maranéhanana yakin, yén nagara moal rubuh atawa kacow upama raja sepuh wapat, pan pigantieunana ogé sakitu mulyana tabéatna. Malah réa di antara rayat nu nganggap yén nagara bakal leuwih raharja sanggeus dicepeng ku Putra Mahkota.
Tapi éta sangkaan jeung pangharepan rayat téh nyalahan. Sanggeus raja sepuh wapat, raja anom maréntah kalawan sawenang-wenang; damelna ngan sukan-sukan, moro, curak-cirak sareng eusi karaton; ka rayat kacida bengisna, teu kaop salah atawa baha saeutik hukuman beurat ditibankeun, kayaning bérok jeung buang.
Atuh rayat nu teu walakaya téh ngan ukur nyusut cimata jeung neneda ka Nu Kawasa, mugi-mugi raja anom babalik manah. Tapi kaayaan teu robah, malah sabalikna. Raja anom beuki lila beuki barangasan baé.
Waktu kaayaan geus kacida pisan ruksakna, dina hiji poé bendé kadéngé ngungkung, méré tangara yén raja bakal ngaronda nagara. Para ponggawa balawiri sapanjang jalan, maréntah ka rayat, yén upama raja ngalangkung maranéhna kudu ngabagéakeun saperti kabiasaan jaman harita, nya éta ku ngagorowok kieu:
“Panjang yuswa Sang Prabu Agung nu tunggang Gajah Putih nu Suci!”
Teu kungsi lila brul rombongan raja kaluar ti gerbang karaton. Rayat hémpak sujud bari ngucapkeun: “Panjang yuawa Raja Agung nu tunggang Gajah Putih nu Suci!” Tapi réa nu asa-asa dina ngagorowokna téh, réa nu ngarandeg méméh nyebutkeun “Gajah Putih nu Suci!” téh, lantaran raja teu tunggang Gajah Putih, tapi tunggang munding dongkol nu kacida begangna, tur kotor deuih pinuh ku leutak rawa. Sanajan kitu rayat tetep baé ari nyebutkeun “gajah putih nu suci” mah. Rayat pada terang akibat nu bakal tumiba ka sing saha baé nu nyebutkeun nu sabenerna. Tetep baé maranéhna tinggorowok:
“Panjang yuswa Sang Prabu Nu Agung nu tunggang... Gajah Putih nu Suci!”
Kitu jeung kitu baé sawatara lilana. Mimiti Sang Raja angkat ka bagian Kalér karajaanana. Di sapanjang jalan rayat pating gorowok: “Panjang yuswa Sang Prabu Nu Agung nu tunggang Gajah Putih nu Suci!” sanajan bari ngarandeg ogé méméh nyebut kecap “Gajah” téh. Ngan di tungtung Kalér karajaan aya jalma nu teu nurut téh. Ana celengkeung téh tarik pisan:
“Panjang yuswa Sang Prabu Nu Agung nu tunggang Munding Dongkol!” Ngan rob baé éta jalma téh pada ngaraponan ku para ponggawa jeung gulang-gulang, tuluy dicangkalak, diséréd dibawa jeung rombongan.
Basa nganonda ka bagian Kidul karajaan Sang Raja mendak deui ka jadian nu sarupa kitu; kitu deui basa ka bagian Wétan jeung Kulon. Jadi samulihna ngaronda wilayah karajaan nu lilana sabulan téh Sang Raja nyandak tawanan opat. Rayat pada yakin yén nasib kaopat tawanan téa bakal kacida beuratna, maranéhna masih kénéh inget ka kajadian-kajadian tur kabengisan-kabengisan Sang Raja saméméhna. Malah réa pisan nu yakin, yén ayeuna mah hukum pati nu bakal ditibankeun téh.
Teu kungsi lila éta tawanan téh di jagragkeun ka payuneun Sang Prabu, baris ditibanan hukuman. Kalawan ludeung kaopat tawanan téa mendeko payuneun Sang Prabu, jiga pisan nu teu terang yén nasibna gumantung pisan ka kecap-kecap nu bakal dilisankeun ku Sang Prabu. Sang Prabu nyaur:
“Naha manéh nyebutkeun kaula tumpak munding?”
“Ku émutan kalintang dosana upami sim abdi ngabohong ka nu jadi raja,” ceuk salah-saurang ti nu opatan nu ku batur-baturna dijadikeun wakil.
“Ana kitu manéh baha ka nu jadi raja, apan kaula maréntah ka maranéh supaya ngahormat saperti kabiasaan luluhur urang.”
“Upami kitu, sim abdi sadaya, kalayan kadorong ku wedi-asih sareng kawajiban badé ngawartosan, wiréh Gusti lepat. Gusti teu tunggang Gajah Putih nu Suci, nanging tunggang Munding Dongkol.”
Sajongjongan Sang Prabu teu sasauran.
“Naha manéh wani-wani nyalahkeun ka kaula, na teu sieun ku hukuman?”
“Sanés teu sieun, nanging nasib abdi sadaya teu aya hartosna pami dibandingkeun sareng nasib sadaya eusi nagara. Abdi sadaya parantos téga ngorbankeun diri dugi ka pati, asal tiasa ngawartosan heula ka Gusti, wiréh Gusti teu tunggang Gajah Putih nu Suci, nanging tunggang Munding Dongkol nu kacida kotorna.”
“Ana kitu manéh nganggap yén nyalahkeun raja téh leuwih penting ti nyawa manéh sorangan.”
“Sumuhun, leres pisan.”
“Naha?”
“Margi kalepatan raja mah ageung bahlana. Hiji nagara tiasa ancur-lebur kumargi kalepatan rajana. Naon hartosna nyawa abdi Gusti opatan dibandingkeun sareng kasangsanaan saeusi nagara?”
“Naha eusi nagara téh sangsara?”
“Sumuhun.”
“Naha rayat kula kalaparan?”
“Henteu.”
“Jadi naha manéh nyebutkeun rayat sangsara?”
“Margi rayat ngaraos teu aman.”
“Naon buktina rayat ngarasa teu aman? Naha ponggawa-ponggawa teu mampuh ngurus katartiban?”
“Sanés. Rayat teu nganaos aman téh buktosna mananéhna teu wantun nyebatkeun wiréh munding dongkol téh munding dongkol, sanés gajah putih.”
SANGGEUS ngadongéng kitu manéhna narik napas panjang. Kuring ngarasa panasaran, hayang nyaho kumaha nasib tawanan nu opat téa.
“Dupi nasib nu opatan téa kumaha?” cék kuring.
“Opatanana dijadikeun Mantri Karajaan ku raja. Nya jalma-jalma nu kitu nu dipilarian ku Sang Raja di sakuliah nagara téh, saurna. Ti harita raja maréntah kalawan adil palamarta, saluyu jeung pangharepan rayat téa. Rayat sugema tur beuki yakin baé, yén maranéhanana boga raja nu pinunjul, malah bisa jadi titisan Déwa ti Kahiangan.”
Sanggeus sajongjongan kuring balik deui nanya ka manéhna:
“Kuring teu ningal naon patalina éta dongéng sareng kasauran anjeun wiréh pangarang-pangarang ayeuna mayunan pasualan nu langkung abot ti Mundinglaya.”
“Enya,” jawabna, “Mundinglaya mah dikaluarkeun ti panjara ku lantaran hiji impian, tuluy bisa ngapung dibantuan ku Déwa-déwa, malah geus paéh gé maké bisa hirup deui sagala,” pokna bari seuri. Kuring ngahuleng.
“Boy, geus kungsi maca tulisan-tulisan Nietzsche?” pokna, nanya ka kuring kalawan teu disangka-sangka.
“Teu acan,” walon kuring, “upami sawatara bahasan ngeunaan anjeunna mah parantos, mung tangtos pisan moal tiasa masihan gambaran nu lengkep.”
“Nietzsche téh hiji filsup nu buahpikiran-buahpikiranana remen disalah-hartikeun jeung disalah-gunakeun, upamana baé ku Hitler jeung kaum-kaum fasisme. Kuring mah resep ka Nietzsche téh, lantaran kalah kumaha ogé nya manéhna pisan nu nyebutkeun yén jelema kudu kawas rayat nu opatan téa. Pokna téh kudu wani hirup di tengah-tengah bahaya, ulah daék jadi sato piaraan; kudu jadi jelema lineuwih cénah. Nya Nietzsche nu ijid ka jiwa-budak-beulian téh, jiwa nu teu wani tandang sorangan mayar harga-diri salaku manusa, jiwa nu leuwih daék hina jeung sangsara saumur-umur. Nya jalma nu opatan téa nu mangrupa tipeu jalma nu dicita-citakeun ku Nietzsche téh, jalma nu wani nyebut yén munding dongkol téh munding dongkol, lain gajah putih. Upama teu aya jalma kawas nu opatan téa, atuh Raja Anom téh bakal tetep baé bengis moal adil palamarta.”
“Sumuhun. Tangtos kajantenan sapertos kitu langkung gampil kahartos upami ayana dina dongéng mah,” ceuk kuring.
“Enya. Nu matak ogé jadi pangarang ayeuna mah leuwih hésé ceuk kuring ogé, leuwih hésé ti batan jaman Mundinglaya jeung ... saha geuning?”
“Lutung Kasarung,” témbal kuring.

(Dikutip sarta disalin tina Buku Kenangan Saini KM)





[1] Dimuat dina Manglé no.76, taun VII, Pébruari 1964, kaca 14-15 & 28.

Komentar