Minggu, 22 Maret 2015

Gili-gili (Monolog keur Lalaki)



Téddi Muhtadin

(Waktu layar dibuka, katangén aya lalaki disiksa taya rasrasan. Awakna ruksak. Bajuna rangsak. Ninja-ninja nu nyariksana, nyariksa tanpa prikamanusaan. Gogorowokan, tulung-tulungan, teu dipaliré. Si lalaki ditotogkeun kana batu. Getih muncrat. Awakna ngalungsar teu empés-empés. Laju, ninja-ninja tinglaléos. Sanggeus sawatara jongjongan si lalaki terus hudang. Adegan lahiji anggeus).
Wilujeng sumping! Wilujeng sumping ka sadayana. Wilujeng tepang sareng sim kuring saparakanca. Wilujeng nyakséni ieu pintonnan. Mugia, ieu pagelaran téh tiasa janten tali silaturahmi antawis sim kuring saparakanca sareng para sadérék sadayana.
Tangtos baé, sumpingna para sadérék kana ieu pintonan téh kajurung ku rupi-rupi pamaksadan. Aya anu leres-leres hoyong ningali pagelaran, aya nu mung nohonan uleman ti panitia, aya anu solidér ka réréncangan, sareng sajabina. Nanging, sok sanaos kitu, sim kuring saparakanca ngahaturkeun hatur séwu nurun anu taya hinggana.
(Jiga aya nu diinget-inget). Para hadirin anu ku sim kuring dipihormat, nembé kapidangkeun adegan kahiji. Aya hiji lalaki disiksa kalayan keji ku sawatara jalma anu nyarumput di tukangeun teregos ninja. Teu kedah dipedar naon maksadna sareng naon anu janten kasang tukangna. Mung anu écés, mugia ieu pintonan téh tiasa mantuan urang kanggo ngudar benang kanyataan anu pakusut.
Para hadirin anu ku sim kuring dipihormat. Ieu panggung urang ibaratkeun hiji rohangan panjara. Atanapi mungkin hiji gudang. Atanapi kantor kaamanan. Atanapi taman. Atanapi ... naon baé. Mung anu écés, di ieu rohangan aya lalaki. Manéhna ngalempréh ... (Metakeun ahir adegan kahiji). Musik! Lampu! (Panata musik jeung lampu nyumponan paméntana).
(Lampu nyorot kana waruga si lalaki. Musik ngésétan haté. Jam dingding sorana anca. Ambekan si lalaki beurat. Jam dingding sorana ngagancangan sawirahma jeung ambekan si lélaki).
Aduh alah aduh alah aduh alah aduh alah aduh alah aduh alah aduh alah aduh alah aduh alah tulung alah aduh tulung tulung tulung alah alah aduh alah tulung (mingkin ngagancangan, mingkin narikan) aduh alah aduh tulung tulung aduh alah tulung alah (Dor!)
(Si lalaki nguniang hudang. Laju ngarampaan dada, sirah, leungeun, saawak-awak. Cicing. Terus merhatikeun kaayaan di sakurilingeunana).
Paéh téa kitu aing téh? Ké, ké, ké ... Paéh téa kitu aing téh? Tapi, baju angger kénéh. Calana masih nu tadi waktu aing di ... Moal kitu lantaran layon uing euweuh nu mulasara mah? Boa teu dikubur-kubur acan? (Simpé). Atawa ngimpi? Tadi aing disiksa. Terus diancam. Terus digertak. Bedil diamang-amang. Bedil ngabeledag. Terus teu inget di bumi alam. (Rumpu-rampa deui kana awakna).
Tapi taya tapak pélor. Huah! Kajeun! Mangsa bodo! Rék paéh, rék hirup, teu paduli. Ayeuna aing geus teu bisa nginget-nginget deui, naha aing téh ditémbak atawa henteu? Naha nu nyiksa téh duaan? Tiluan? Limaan? Atawa? Aing teu inget. Ceuli karasa torék. Mata karonéng. Awak ringsek. Dada pasiksak. Aing teu nyaho aya di mana....
(Si lalaki cindeluk mikiran nasib dirina. Teu katangén ti mana datangna, kadéngé aya sora mobil anu dilumpatkeun tarik pisan. Laju dierém satakerna: Cekiiiiiiitttt ...!).
Bedus! Gélo siah! Murag jajantung déwék. Sangeunahna siah mawa mobil téh. Teu neuleu aya nu ngajentul? Kuyuk siah! Éh, éh, kalah molotot! Dibebek siah! (Kadéngé sora mobil dihirupan. Laju ngabiur satakerna).
Bedus! Teu sopan siah!
(Terus nyarékan).
Kasakian kapan. Katingtriman di ieu lembur geus diubrak-abrik ku sora mobil. Katengtreman dikotoran ku sora klakson. Jati-jati geus kasilih. Galeuh-galeuh ancur lebur.
(Nyoréang ka mangsa lawas). Lembur kuring. Amparan héjo pasawahan. Diwatesan alak paul. Lembur kuring dipaseukan makam karuhun. Akar-akar caringin, lir rundayan nu salubur. Tapi, pareng dina hiji mangsa, di tajug Haji Suhandi, Jurutulis Oo ngadongéngkeun perkara pabrik. Bada magrib harita téh. Ampir sapuluh poé satutas Lebaran Haji.
Teu lila ti harita, béja dibéja-béja, dongéng ngeunaan pabrik cuw-céw di ditu di dieu. Saréréa pada bungah. Warga désa ngemu harepan, Kadés jeung aparatna cuh-cih ka ditu ka dieu. Désa kuring muka lambaran sajarah anyar.
Urang lembur nu jaregud, enya anu sawah-sawahna kasabet proyék, saperti nu nimu manggih. Ladang proyék dibeulikeun rupa-rupa barang: mobil, motor, télévisi. Aya nu dipaké munggah haji. Aya nu dipaké kawin deui. Jeung réa-réa deui. Haji Suhandi mah dianggo nikahkeun putra bungsuna: Cucu. Kembang désa, kembang pangharepan saréréa.
Sok sanajan kuring teu boga sawah, maksud téh Abah, tapi haté mah sarua bungahna cara batur. Harepan kuring gedé pisan. Di proyék kuring bisa jadi tukang gali. Bisa jadi juru ladén. Jeung saterusna. Upama pabrik geus ngadeg, kuring tangtu bisa jadi karyawan, cara batur. Boga saragem. Indit matuh nurutkeun sip. Saminggu sakali narima gajih. Lamun geus kitu, naon deui nu rék dipikiran, lian ti ngawangun rumah tangga.
Impian demi impian, nungtut jadi kanyataan. Waktu sawah-sawah mimiti diurug, kuring jeung Abah jadi anak buah mandor Dédé. Ngali taneuh keur pondasi. Purah ngaduk. Naktak mundak bahan bangunan. Jeung sajabana. Leuwih ti lumayan. Mucekil gawé borongan téh. Sabulan tatabengan gawé kitu, kuring jeung Abah bisa mantuan nambahan modal dagangan Ema. Bisa naur hutang ka Mang Agus urut adi kuring uubar. Pangpangna, nu matak pikabungaheun téh kuring bisa meuli calana Levi’s. Jeung bisa melenyun saban waktu: Marlboro téa atuh euy!
Gawé kasar béak. Pabrik ngadeg. Ngajungkiring malahan mah. Abah balik deui kana gawé matuhna: ngabéo! Ari kuring, ngilu daptar jadi karyawan. Teu pati inget naon sarat-saratna jeung naon nu ditéskeunana  mah. Ngan nu inget téh kuring jeung babaturan teu lulus.
Haté asa kagentak. Kuring nanyakeun naon sababna pangna kuring jeung babaturan henteu lulus. “Wayahna,” cenah, “ayeuna mah anu diutamakeun téh keur anu baroga pangalaman heula.” Teu sugema dibéré alesan kitu ku Pa Atmaja, kepala personalia téh. Jang naon diayakeun tésting atuh ari moal diluluskeun mah. Ari nu baroga pangalaman téa kapan, kalolobaanana mah urang jarauh wungkul.
Kuring nganggur. Asa leungit kalalakian hirup kitu téh. Komo hareupeun Euis mah. Matak ragrag wibawa. Tapi teu kitu Euis mah, taya riuk naon-naon. Najan kitu, haté mah teu bisa tengtrem. Komo ningali pasemon kolotna mah, matak salempang. Padahal lamun dilenyepan mah, sikep kitu téh wajar. Mun seug kolot kuring pareng saperti kolot Euis tangtu moal béda ti kitu. Tapi, karasana harita mah bet asa teu adil.
Tésting anu kadua teu lulus deui. Kuring ogé teu pati nyaho naon nu jadi sababna. Naha nu diutamakeun téh masih kénéh anu geus baroga pangalaman téa? Atawa aya pertimbangan séjén? Keukeuh teu ngarti. Boro tadina mah ambon, duméh kuring téh tatangga pabrik. Malahan kapan milu mantuan keur ngadegkeunana ogé.
Mamaras kasigeung.
Poé Senén kuring jeung batur-batur anu sanasib datang ka pabrik. Di lawang dipegat ku Satpam. “Rék naon,” cenah, “abring-abringan ka dieu?” Ditétélakeun ku kuring sabatur-batur téh, rék nanyakeun gawé. “Engké gé aya pengumuman lamun ditarima mah, teu kudu disusul-susul ka kantor sagala.”
Lila kuring sabatur-batur patugreng-tugreng jeung Satpam.... Antukna kuring jeung Deni kaidinan asup ka kantor. Ka anu aya di dinya ku kuring ditanyakeun, ku naon sababna pang kuring sabatur-batur can ditarima baé. Padahal nu daratang pandeuri ti jauhna geus lila digarawé.
Emh bet pikanyerieun jawabanana téh. “Can aya lowongan keur lalaki mah. Komo nu can boga pangalaman mah.”
Bet nyel angen. Beungeut asa dirérab. Tapi kuring teu mampuh ngomong. Saterusna kuring teu apal. Kantor jadi ribut. Kuring katurelengan ....
(Torojol sawatara ninja. Si lalaki direjengan. Terus didiukkeun dina korsi. Jebét diteunggeul. Bluk ngarumpuyuk. Para ninja tinglaléos. Sanggeus sawatara jongjongan Si lalaki hudang deui).
(Dina pikiranana Ema datang. Terus dampal sukuna dirawu). Ema? Sukur Ema datang. Alhamduhihlah. Teu jeung Abah, Ma? Hampura uing Ma. Hampura. Lain niat uing ngajejewét haté Ema jeung Abah. Lain. Teu nanaon uing mah Ma. Cageur. Sabalikna Ema jeung Abah, kumaha? Tong teuing dipikiran uing mah Ma. Moa lila deui ogé bébas. Tong hariwang Ma. Tong salempang. Uing mampuh ngungkulan ieu masalah. Anu penting du’a Ma. Du’a Ema jeung Abah.
Rumasa uing keuheul. Rumasa uing ambek. Tapi teu rumasa ngaruksak lambang kahormatan balaréa mah. Teu pisan-pisan uing mah Ma. Ema sing pencaya ka uing. Nya Ma, nya?
Emh, Ma. Ari si Euis sok balanja kénéh ka Ema? Tara? Ku naon cenah?
Eh, ku naon kalahka ceurik Ema mah. Uing mah tara kuat nempo Ema ceurik téh.
Jadi, si Euis téh tara ka warung Ema deui? Keun baé Ma. Da loba nu dagang ayeuna mah. Teu kudu jauh-jauh balanja ka urang.
Tong ceurik atuh Ma. Tong ceurik. Ma, Ma, Ma. (Ema ngiles).
(Sanggeus Ema leungit. Si lalaki ceurik kénéh. Hawar-hawar ti jauhna kadéngé hariring lagu dangdut karesep Euis. Si lalaki ceulina rancung. Manéhna ningali ka lebah datangna sora. Gigisik).
Euis? Euis éta téh? Jeung saha ka dieu Is? Sorangan? Teu keueung di jalanna? Ah, da moal aya nanaon kétah. Aman ayeuna mah. Keun engké uihna dijajapkeun ku Aa. (Ngajérété). Ih na bet nyiwit. Ulah? Naha? Ari taeun téh.
Emh, yu ah urang ngalih ka ditu. Isin di dieu mah seueur jalmi. Urang bari ngabaso di ditu mah. Yu? Alim? Naha? Yu Is di ditu mah ambéh ... Enya, enya atuh. Aya naon? Hmm, kalah nangis. Baku ari tos nangis téh. Aa mah sok asa jadi Arjuna. (Ngajérété). Ait. Ah Is tong cawat-ciwit baé atuh. Isin, seueur jalmi. Tos, tos. Tong nangis deui .... (Rék nyokot sapu tangan tina sakuna, tapi teu manggih). Tuh ah, awon. Aya naon atuh, Is? (Ngadéngékeun omongan Euis). Oh muhun. Enya. Muhun. Muhun. Muhun. Hah? Jadi cios sasih payun? Saur saha? Saur Apa? Teras kumaha? Teras Euis badé kumaha? (Taya jawaban).
Geus nasib mana kitu ogé. Teras Euis badé kumaha? (Ngadéngékeun omongan Euis).
Moal Is. Moal. Rumah tangga téh hiji beungkeutan anu beresih, suci. Dadasarna kudu weweg, sangkan teu rugrug. Upama Is gilig rék tuhu ka ema jeung apa, taya bayana. Da urang mah ukur ngarencana ....
Akang moal ngahihileudan. MoaI Is. Moal. Akang rék miang. Akang kudu miang. Moal Is. Moal. Ma! Ma! Is ... Is ... (Euis ilang).
Balébat téh bet katangén surem. Pepedut asa beuki ngandelan. Emh diri. Emh. Gusti!
(Priiiitttt! Sawatana urang ninja daratang. Si lalaki reuwas. Gura-giru néangan panyumputan, tapi teu kaburu. Si Ialaki dicerek, terus didiukeun dina korsi: Diinterogasi).
Kajan bin Kujén Pa. Dua puluh dua taun Pa. SMA. Teu tamat. Islam Pa. Bujangan. Nganggur Pa. Muhun. Muhun. Muhun. Tabuh dua belas, kirang langkung. Sareng réréncangan Pa. Leres Pa. Maksa ka Satpam Pa. Muhun. Teras ka kantor. Muhun. Muhun. Keuheul Pa. Kesel Pa. Duka Pa. Duka Pa. Muhun. Teu terang Pa.
(Leungeun si lalaki dicerek ku para ninja. Awakna diteunggeulan).
Duka Pa, henteu Pa. Ampun Pa. Ampun Pa. Teu terang Pa. (Si lalaki gugurinjalan nahan kanyeri, ninja-ninja terus nyiksa). Henteu Pa. Sumpah Pa. Swéér ... (Para ninja eureun neunggeulan. Suasana simpé sajongjongan). Ampun Pa. Teu pisan-pisan Pa. Abdi ngaruksak tilu gambar nu ngagantung dina dingding ... (Si lalaki ambruk).
(Ninja-ninja tinglaléos. Si lalaki ngajoprak nepi ka hanteuna. Lampu sorot museur kana warugana, sanggeus sawatara jongjongan si lalaki nguniang hudang. Adegan pamungkas anggeus). Sakitu anu kapihatur, hatur nuhun kana perhatosanana. Wilujeng Kan .... (Dor! Timah panas niruk dadana. Si lalaki rubuh).

Rawayan, 1995





*) Gili-gili atawa gigili, kuta sisi jalan atawa sapanjang sisi solokan (Kamus Umüm Basa Sunda, 1985). Ieu monolog kungsi diuat dina Manglé No. 1768.

Nonverbal - Tentang Api