Kasusastran Sunda



Memed Sastrahadiprawira

 Naon hartosna ari kasusastran?
Panginten nu maraos aruninga, kasuastran teh awitna tina ketjap s a s t r a, basa kawi, anu hartosna: buku, buku-elmu, kitab, elmu basa. Su hartosna sae; Susastra hartosna buku atawa basa nu sae; djadi ,,kasusastran”, pihartoseunana sami sareng ketjap: Letterkunde atanapi Literatuur dina basa Walanda, nja eta: karangan-karangan anu sarae basana, boh dirakit dangding boh diwuku bae, sugrining buahna kabinangkitan nu ditembongkeun kasaeanana ku basa.
Dupi urang Sunda ngagaduhan kasusastran?
Samemeh ieu patarosan didjawab, ku emutan perlu uninga heula kana timbanganana bangsa sanes, nu parantos ngagaduhan kasusastran nu utami. Margi saniskanten padamelan atanapi kalakuan nembe kenging ditetepkeun saena, upami sapagodos sareng pamendakna nu sanes nu sakinten kenging dianggap timbanganana. Ulah ngagugu raraosan ku andjeun wungkul, sok radjeun njalahan, kawantos ilaharna manusa mah tara rumasa, nanging sok asa; puguh-puguh tjeuk batur awon, pangrasana mah sae bae. Djadi upami urang ngabidjilan timbangan tina bab kasusastran mung numutkeun raraosan sareng pamendak ku andjeun bae mah, kirang sahna.
Kumaha atuh timbanganana bangsa deungeun tina hal kasusastran teh?
Dina Encyclopaedie van Nederl.-Indië kaluaran taun 1905, kaungel dina lebah leter S (tingali ketjap Soendaneesch), timbangan bangsa deungeun tina hal kasusastran Sunda teh kinten-kinten kieu:

Ti baheula mula urang Sunda teh bangsa patanen. Tjampurna djeung sedjen bangsa kalan-kalan bae, malah beunang disebut tara, sabab hirupna di pagunungan saperti nu dkurungan, henteu kahon tal ku pangaruhna kamadjuan anu geus aja ratusna taun nerekab di Djawa Tengah djeung Djawa Wetan.
Saruntagna karadjaan Padjadjaran djeung sanggeusna agama asal diganti ku agama Islam, di tanah Pasundan teh taja radja anu beunang dipake panjalindungan kamadjuan, taja karaton nu beunang dipake ngipuk djeung ngadjarkeun kabinangkitan atawa elmu.
Djadi henteu matak kaget upama bangsa Sunda djaman harita henteu bogaeun kasusastran nu enjaan teh.
Kabeh-dieunakeun laun2 aja oge anu radjin ngadangding niron aturan dangdingan Djawa. Tapi upama ditilik tina kabinangkitan mah taja pangadjina, sakadar ngan pikeun nembongkeun pangaruh na agama Islam bae nu geus kurang-leuwih 400 taun tumuwuhna di tanah Pasundan.
Eta karangan2 teh babakuna didjieunana oge ku para ulama anu bogaeun maksud hajang njangreudkeun tali bagbagan kaislaman pikeun kasalametan lahirbatin.


Timbangan nu kasebat di luhur teh nja eta buah pamendakna bangsa Walanda nu palinter, nu ngaratjik eta Encyclopaedie dina taun 1905.
Dina taun 1921 — djadi heuleut 16 taun — kaluar deui Encyclopaedie anu eusina, ku wangwangan mah bakal ngindung ka waktu ngabapa ka djaman. Ku panginten, timbangan dina taun 1905 teh parantos aja robahna, wireh dina antawis taun 1905 sareng 1921 ku raraosan mah kasusastran Sunda teh aja oge madjengna. Sababaraha ratus buku Sunda anu parantos dikaluarkeun dina salebet 16 taun, kalajan pingpinan anu kenging dipertjaja tina hal basa. Nanging buktina timbangan tina hal bangsa Sunda dina Encyclopaedie kaluaran taun 1921 teh, teu aja bentenna sareng nu digelarkeun dina taun 1905.
Edas, upami nilik kana timbangan bangsa deungeun mah, estu matak leutik hate!
Ku raraosan mah sageuj kasusastran Sunda dina lebet 16 taun teu aja madjengna. Nanging upami ras emut kana ungelna Encyclopaedie tea, djadi samar emutan teh, bilih jaktos bangsa urang teu gaduheun kasusastran tulen.
Ku margi eta djorodjoj aja kapanasaran kana eta timbangan bangsa deungeun teh, sarta teu weleh tjangtjaja kana leresna sangkaan tea.
Kaleresan sim kuring dipareng tiasa matja rupi-rupi karangan ,,para budjangga” baheula boh nu didangding, boh nu diwuku bae — nu aja di Museum (Gedong Gadjah) di Batawi (batja: Djakarta. Red.). — kagunganana Bataviaasch Genootschap van Kunsten en Wetenschappen. Nu parantos kaungkab sareng kabatja, kasebat rada roa oge, sapertos: Wawatjan Ningrum, Lajang Pua-pua, Djenggilalana, Among Sari, Supena, Gandawerdaja, Babad nagri Padjadjaran, Radjuna Bambang Lampita, Gandasari, Sapri djeung Indrabangsawan, Dewi Maleka, Radja Jaman, Mukadam, Naga Puspita, Ahmad Muhamad sareng seueur-seueur deui. Sumawonten buku2 kaluaran Bale Pustaka mah, margi kadjurung ku kaperluan padamelan. Djadi gaduh raos aja oge pamendak saeutik-eutikeun tina bab kasusastran Sunda téh.
Ku margi eta mangga ajeuna urang tungtik, udji kana buktina, naha jaktos urang Sunda teh teu gaduheun ,,kasusastran nu enjaan”?
Jaktos bae henteu gaduh, atuh kawadjiban urang sadaja ngajakeun.
Nu maraos mugi sing emut, urang Sunda teh djiwana langkung ti 8 miliun. Eta teh henteu saeutik! Piraku hidji bangsa anu djiwana sakitu roana henteu ngagaduhan kasusastran anu kenging dipintonkeun ka pajun!
Upami ngagaduhan urang Sunda teh kasusastran, mung teu atjan ninggang kana kasampurnaan, atuh mangga urang saraean nu karadak urang hampelas nu taringgul urang sugu, anu rumeuk urang herangkeun, sangkan wuwuh maherna. Nanging saena mah urang buktikeun bae heula.
Samemeh bral leumpang mapaj nu matak njamarkeun pikiran tea, indit ngungsi nu matak nagajurkeun pikir, ngaraos perlu terang heula pidjalaneunana, sangkan tjunduk ka nu didjugdjug, datang ka nu diteang. Pikeun ngalaksanakeun eta maksud, taja sanes tarekahna mung kedah mapaj galurna tjarita nu rek disawala tea, nja eta buah pikiranana bangsa deungeun nu kaungel dina Endyclopaedie. Anu munel kedah ditjekel-deleg teh nja eta timbangan nu netepkeun jen urang Sunda: teu bogaeun kasusastran anu enjaan.
Mangga ajeuna urang sasaran, upami rakit tea mah urang udar tali dempetanana, sangkan puguh guluntunganana.
Urang Sunda djaman mana nu teu bogaeun kasusastran nu enjaan teh?
Nja eta urang Sunda saruntagna karadjaan Padjadjaran; djadi ana kitu urang Sunda taun 1921 oge — nja eta waktu Encyclopaedie tjitakan kadua kali dikaluarkeun — teu bogaeun kasusastran nu tulen.
Naha nu matak udjug-udjug bisaeun netepkeun kitu?
Margi eta tjenah, urang Sunda teh bangsa patanen ti baheulana mula oge. Tjampurna djeung bangsa sedjen kalan-kalan bae dj.s.t.
Djadi upama kitu, bangsa patanen teh tara ngabogaan kasusastran?
Ari urang Djawa, tatangga urang nu saampar samak, kumaha bogaeun kasusastran nu enjaan, pedah eta oge bangsa patanen keneh, sarua djeung urang Sunda, sasat adi djeung lantjeuk, tur salemah tjai, nja eta pada njitjingan Pulo Djawa (batja: Nusa Selatan. Red.)!
His, eta mah bogaeun, malah tjenah meh di unggal imah aja wawatjan, babakuna tjaritaan wajang, tur warna-warna eusina!
Naha di urang Sunda teu aja wawatjan-wawatjan atawa karangan-karangan nu diwukukeun?
Aja tjenah, nanging ditilik tina kabinangkitan mah taja pangadjina, ngan sakadar pikeun nembongkeun pangaruhna agama Islam bae nu geus kurang-leuwih 400 taun tumuwuhna di Tanah Pasundan.
Eta panginten wireh saeutik gundukna, nu mawi kasusastran Sunda disapirakeun teh, henteu sapertos di bangsa Djawa, dugi ka meh unggal djelema ngabogaan wawatjan teh!
Ku emutan pantes oge aja timbangan kitu dina Encyclopaedia teh, wireh saeutik nu kauninga ku arandjeunna, ku nu ngaluarkeun timbangan dina Encyclopaedie tea; babakuna nu didamel ukunan teh pamendakna Tuan Grashuis Lector (guru-tinggi) di Universiteit di Leiden saneng tiasa djadi oge dibanding saneng kaajaan wawatjan-wawatjan, nu aja dina bibliotheek Universiteit di Leiden, nu dikaluarkeun taun 1899!
Atuh kantenan, upami ningali ka dinja wungkul mah, estu laip kaajaan kasusastraan Sunda teh, margi sadjabina wawatjan-wawatjan sareng buku nu kauninga ku Tuan Grashuis sareng nu kaungel dina eta Catalogus saeutik rupina teh, ongkoh sareng kirang pupurieunan, margi sadajana oge sanes buah pikiranana budjangga, eta mah kekengingan ,,budjangga miküng”, kamonesan ti padusunan. Aja oge kakengingan kiai, nanging basana henteu sabaraha maherna, margi maksudna lulugu oge kiai mah sanes ngamumule basa, namung ngaliarkeun agama, anu mawi moal sabaraha ngagedekeunana kana ngareka sareng ngahias basa mah! Djadi upami eta timbangan dina Encyclopaedie tea mung ngukur ka dinja bae, munasabah njebatkeun urang Sunda teu ngabogaan kasusastran nu enjaan oge, wantuning sakitu sipatna. Nanging dina taun 1912 kabeungharanana Universiteitsbibliotheek di Leiden tina wawatjan sareng dongeng nu diwukukeun tea, ngarekahan, malah seueurna langkung lima kalieun ti batan nu kaungel dina Catalogus nu ti pajun. Wondening kitu nu ngarakit Encyclopaedie kaluaran kadua kali teh (1921) henteu malire kana ngawuwuhanana kasusastran Sunda, buktina timbangan nu ti pajun teh tetep keneh bae, disalin satjerewelena.
Dina taun 1912 Volkslectuur (Bale Pustaka) diadegkeun; dugi ka taun 1921 teh kirang-langkung aja 150 buku nu dikaluarkeun, djabi djasana toko buku partikulir, sabaraha ratus buku anu ajeuna parantos sumebar sakuliah tanah Pasundan.
Ku margi eta, upami unang Sunda pangna disebatkeun henteu bogaeun kasusastran nu enjaan teh, wireh saeutik bilangan bukuna, henteu merenah katjida.
Tjenah taja pangadjina upami ditilik tina kabinangkitan mah!
Mangga, urang papaj deui bae, naha jaktos wawatjan-wawatjan sareng tjariosan nu diwukukeun, kitu deui buku-buku nu parantos ditjitak teh teu aja pangadjina?
Di pajun, sim kuring parantos njarios, jen parantos dipareng tiasa ngungkab sareng matja wawatjan-wawatjan sareng tjariosan nu diwukukeun nu aja di Gedong Gadjah (Museum) di Batawi (batja Djakarta Red.). Seueurna aja 206 rupi sareng diantawis bilangan nu sakitu teh kirang-langkung aja satengahna nu parantos lebet kana Catalogus di Leiden tea.
Pikeun mintonkeun sae-awonna basana eta karangan-karangan tea, karaos perlu oge nu maraos ngabuktikeun ku andjeun, mangi tumpa-tumpana rasa benten-benten; tiasa djadi nu ku djisim kuring disebat awon, ku salah-sawios nu maraos disebat sae, atawa sawangsulna,
Mangga urang njandak sawatara karangan, ladjeng urang talek kaajaan eusina sareng basana.
Nu bade dipajunkeun Wawatjan Surjaningrat (Ratna Ningrum), saperkawis wireh eta wawatjan dugi ka ajeuna kenging disebat dipiwawuh keneh ku urang lembur, diwatja ku urang kota, malah upami teu lepat parantos aja nu njitak sareng ngaluarkeun. Kadua perkawis, ieu wawatjan eujeub talekeunana, kawasna sanes kenging ngarakit kiai, margi seueur omongan sareng tjariosan nu matak ngabirigidig santri, sawangsulna roa nu matak abrug-abrugan palatjuran, kitu oge nja eta wawatjan nu kapendak ti Museum tea; duka saha nu nganggitna mah.
Kana tjariosanana wawatjan Surjaningrat (Ratna Ningrum), di antawis nu maraos ieu karangan, manawi seueur oge nu parantos aruninga, nja eta Surjaningrat teh Radja anom nagara Banurungsit anu garwaan ka Ratnaningrum, putra Patih eta nagri, tunggal kulawedet andjeunna keneh. Teu atjan sabaraha lamina Sunjaningnat ngadeg radja, andjeunna diperangan ku Radja Sobala nu marentah nagara Durjan, tatalukan Banurungsit, djadi nu nempuh teh bawahan andjeunna keneh. Surjaningnat kasoran, tuluj ditangkep, ku akalna Ratnaningrum iasa lolos, nanging kapegat ku Radja Salkam (piwarangan Radja Sobala). Surjaningrat dipanah, Ningrum diiwat. Ku tipu-dajana Ratnaningrum tiasa salamet. Surjaningrat walagri deui ditambaan ku papagan tangkal Sudangwalang, nurutan pepetaanana oraj ngubaran baturna. Ti dinja katipu ku Demang Langlaung, Surjaningrat diteuleumkeun, Ratnaningrum dibawa, rek dibaktikeun ka dununganana, Radja Djanggala. Ratnaningrum teu eleh akal, Demang Langlaung disina naekan tangkal loa gantjang di handapeunana dibegbregan tjutjuk-tjutjukan, betjir Ratnaningrum lumpat, Demang Langlaung tuturubun, gabres kana tjutjuk, tuluj maot. Ratnaningrum njamur djadi lalaki tuluj ngalalakon nepi ka nikah ka putri nagara Erum, kakasihna Ratna Wulan sarta ngaganti djenengan, ngakukeun Djajanukmantara. Surjaningrat palid, njangsang di muara, kaleresan sumping ka nagara Erum, amprok sareng Ratnaningrum, nikah ka Ratnawulan, djadi radja di Erum.
Waktu perang sareng Radja Sobala, panah pusaka nagara Banurungsit mabur, ragrag di Nusantara. Radjana eta nagara istri, kakasihna Djembawati. Eta panah dipundut ku Sunjaningrat, ku Djembawati teu dihaturkeun. Tuluj dirurugan, ger perang rame, Djembawati kasoran, tuluj dipigarwa.
Tah sakitu ringkesna tjarnios Surjaningrat teh. Upami mung nilik galurna tjariosan bae mah mokaha oge, henteu laip teuing, make parantos ala tjiptaan, nu disebat ku basa Walanda: fantasie tea, malah upami ieu tjarios diwangunna ku budjangga nu enjaan, henteu kawon ramena sareng narikna manah ku tjarita kaluaran ti peuntas.
Mung basana roa pisan hampelaseunana.
Bubukana eta wawatjan kieu ungelna:

Sim kuring mimiti nulis, iug dina malem Salasa, ti peuting kuring nulis teh, basa kuring keur diadjar djeung sadaja nu matja, muga2 kudu ma’lum, aksara teu pati terang.

Tetela henteu kalebet kana basa dadamelanana para budjangga nu parantos kautara mah, nanging awon pisan mah ieu oge henteu, margi roa deui nu awon ti batan eta. Kawuwuh nu ngarangna oge ngangken sonangan jen basana basa nu diadjar sareng kawasna henteu patos eraeun ari ku awon basana mah, buktina sasaduna teh mung pikeun tulisanana (aksarana) bae, wireh kirang terangna tjenah. Padahal aksara mah teu kedah didamel poko, margi sae awonna karangan tergantung tina basana, sanes tina aksarana.
Kaajaan nu sarupi kieu teh sanes dina wawatjan Sunjaningrat nu aja di Museum tea bae, nanging meh dina sadaja karangan, boh nu didangding, boh nu diwukukeun, nu sadjaman gumelarna sareng eta wawatjan.
Dina nerapkeun mamanis basa, sadjabina ti nganggo sisindiran teh, oge diselapan basa Malaju, rupina alam harita mah ilaharna kitu.
Palebah njarioskeun Sunjaningrat oleng-panganten sareng Ratnawulan, kieu pokpokanana:
DANGDANGGULA
Tuluj kulem sareng prameswari, Raden Putri Ratnawulan tea, njaur imut ka Sangkatong, Engkang Ningrat mau tidur, samuahnjah punnya manis, boleh ambil sadjah, djangan bilang ratu, leleb mesem Surjaningrat, djeung dipangkon Ramawulan prameswari, jang bagus mustika engkang.

Sudah djangan jang bitjarah lagih, kembang koneng jang ditaroh merah, pertela anu kalakon., geus pada ngabeas ngebu1, tepungan 1ebeting katil, mustika pada mustika, gugujoning tidur, silungluman majang sekar, seungit teuing surawung katinjuh tjai, asih teuing bagdja belsak.

,,Mamanis” nu sarupi kitu ku djisim kuring mah teu katingal manisna, malah djadi teu manis; eta ku ditjampuran basa Malaju, tur basa Malajuna nu dianggo merhiasan teh: Mamalayuan, nu puguh mah wuwuh dusun, upami papakean tea mah ginding sisi, badju tutup didasian, make sarung diistiwel!
Nanging kitu soteh katingalna ajeuna, dina djaman eta wawatjan dikarang mah, boa jaktos katingal manisna. Malah dibangsa Eropa oge kenging disebat lumbrah dina karangan sok ditempelan basa sanes teh, njakitu bae maksudna mah pamanis, sakalian ngarah katangar jen nu ngarang, tiasa kana basa deungeun.
Dina waktos Radja Sobala niat merangan S. Ningrat, Radja Salman haturan kieu:

SINOM
Supaja kenging garwana, anu santen Ningrum putri, kadeuleu bae imutna, basa eukeur dina bendi, pi1angbara bae diri, djeung Surjanjngrat ngamusuh, Radja Durjan seg ngandika, sapirana budak leutik, ajeuna mah njieun surat ka erehan.

Di palebah dieu kauninga kasamporetan katerangan nu ngarang tina bab kaagunganana nu djadi radja, sapertos Ratna Ningrum ditjipta tunggang bendi! Nanging pantes tjiptaanana tutunggangan nadja teh ngan saukur bendi, lantaran dina waktos ngadamel eta karangan mah, pikiranana nu ngagurit eta wawatjan, kakurung ku wewengkon tempat tjitjingna, lantaran kurung-batok. Rupina bae pribadosna mentas ningal djuragan Wadana pelesiran djeung geureuhana dina bendi.
Kasamporetanana pikiran nu ngarang eta wawatjan tembong deui dina palebah njarioskeun Djembawati bendu ka utusan ti Erum, piwarangan Surjaningrat mundut panah tea. ,,Ki Budjangga” tuna kanjahona tina bab tingkah-polah kaistrian anu disebut utama, henteu bisaeun njipta kalungguhan, kaampuhan nu djadi radja, nepi ka matak beureum beungeut nu matja, kieu pokpokanans:

PANGKUR
Dipiwarang njokot panah, Radja Putri  n j i n g s a t   b a r i n a  s e u r i, nerapkeun palet djeung dujung, lesu kabeh para radja, aduh biung Njai Denok anu bagus, para radja kaedanan, ningali ka Djembawati.
Djembawati seg ngandika, para radja leuwih hade perang djurit, tinimbang panah djeung lapur, kaula teh moal ngedjat, henteu era henteu sieun ku nu kitu. Dembawati seg n o n g g e n g a n kabitaeun prabopati.
Djeg humbut djambe ngora, nu k a t i n g a l   e t a   p i n g p i n g   D j e m b a w a t i, para ratu kabeh lumpuh, ningal ka putri petana, aduh biung kabita teuing ku alus, engkang anggur djieun raka, lalesu teuing nja diri.

Tiasa djadi dina alam harita mah omongan nu sarupi kitu teh henteu karaos hina, nanging ku djelema ajeuna mah (ku nu parantos kapandjingan adat nu lemes) kadengena asa disamber gelap bae, era parada, malah upami teu kadjurung ku kaperluan mah, eta omongan ku djisim kuring moal dipedar di dieu.
Tjindekna wawatjan Surjaningrat teh tiasa didamel ukuran pikeun nimbang sae-awonna dadamelan ,,budjangga kampung” dina djaman kirang langkung 50 taun ka pungkur. Wawatjan Surjaningnat nu sakitu garihalna teh upami dibandingkeun sareng wawatjan2 sanes mah, nu sadjaman didamelna, kaetang henteu hina-hina teuing; galurna tjarios henteu padjeudjeut teuing, basana henteu pangawonna, dangdinganana sanadjan sering ngalanggar patokan (kaseuseueunanana padalisanna lalangkung atanapi karirang) henteu djanggal teuing, nanging henteu atjan ari njumponan kana papagon kasusastran nu enjaan mah. Kitu deui sanadjan roa keneh nu langkung laip ti batan ieu wawatjan, boh basana, boh galurna tjarios, sarta kakotoranana omongan aja nu ngalangkungan, nanging henteu kalebet keneh bae kana golongan buah kabinangkitan mah.
Kumargi eta, upami timbangan tina hal Kasusastran Sunda nu kaungel dina Encyclopaedie tea diukurkeunana kana padamelan nu kitu sipatna, merenah pisan. Nanging ulah lali, padamelan nu kitu patutna mah henteu kenging didamel patokan pikeun ngabidjilan timbangan tina hal Kasusastran Sunda sagemblengna, margi wawatjan djadjaran Surjaningrat mah mung saukur kamonesan ti padusunan, tjiptaan pikiran nu teu atjan kapandjingan budi-kalemesan, buktina basana sakitu tjawokahna.
Komo deui Tuan Grashuis mah njandakna ukuran pikeun dadasaran timbanganana teh tina wawatjan-wawatjan anu disalin deui kana basa-ladjuran (henteu didangding), sarta basana langkung laip (upami ditilik tina kabinangkitan) ti batan wawatjan Surjaningrat nu aja di Museum tea. Disebat langkung laip soteh, sanes wineh basana wawatjan Sunjaningrat sae, mung eta bae, awon-awon oge wawatjan Surjaningrat mah basa Sunda, dupi karangan nu aja dina buku tuan Grashuis mah sanes basa Sunda. Geura mangga ieu di handap aos. Ieu karangan nu bade dipedar teh ajana dina Soendaneesch Leesboek, kenging ngaratjik andjeunna, nalika djadi Oost-Indisch ambtenaar. Eta buku dikaluarkeunana dina taun 1874 sarta dianggo batjaan di sakola luhur (Universiteit di Leiden) pikeun anu ngulik kana basa Hindia, babakuna kana basa Sunda.
Nu bade dibantun teh dongeng nu ngawitan pisan, kieu tjariosna:

Aja hidji djalma kere, baramaen ka menak anu keur tjaralik. Ari omonganana matak karunja, serta bari tjeurik, djeung boga kasakit dina awakna. Kadangu ku nu tjaralik, serta menakna langkung2 karunja, serta ladjeng maparin duit. Teu lila nu baramaen teh tuluj balik, tapi ku nu tjalik dipiwarang dituturkeun, sarta tendjo kasakitna bohong atawa henteu, kitu deui kamalaratanana.
Gantjang pek djtanjakeun ku pandakawan, serta ditaksir, dina saluar awakna hade. Ari pokna pandakawan: Awak maneh bade kabeh, teu aja kasakitna, djadi omong maneh boga kasakit teh, bohong bae. Ki Kere ngawangsulan bener saur sampean. Karana kaula teh njaksrak dina saluar awak, asup kana tulang sareng kana sungsuwam, nu matak kaula teu bisa digawe. Ari tjek nu ngangaranan mah, kasakit mumulan digawe.
Barang kadenge ku pandakawan omongna kere kitu, ambekan serta tuluj balik.

Ku emutan henteu kedah ditjarioskeun deui sae-awonna basana eta karangan, saperkawis ku sabrehan oge parantos kauninga jen eta ,,basa Sunda” teh sanes basa Sunda, nanging ,,basa Sunda-pego” (tingali nu dikandelan ditjitakna).
Kadua perkawis djisim kuring medar basana wawatjan Surjaningrat nu aja di Museum sareng Djalma-kere teh teu pisanpisan gaduh maksud bade njatjad, sumawonten upami sedja ngahinakeun mah teu aja emutan, estu mung kadjurung ku kaperluan bae, sangkan kapendak raratanana, naon margina nu mawi kasusastran Sunda ku bangsa deungeun disapirakeun. Leuheung upami eta timbangan bangsa deungeun teh henteu matak njeblehkeun niatna nu rek ngulik basa Sunda mah, henteu sabaraha bahjana. Namung kadjadianana, urang Sunda pituin oge aja nu ngandel kana timbangan nu sarupi kitu teh, dugi ka milu ngadjodjore kana bandana sorangan, tuturut munding, njebatkeun jen unang Sunda teh (bangsana sorangan) henteu ngabogaan Kasusastran nu enjaan. Ari bangsa deungeun mah, wantuning sanes gaduhna, bade kitu bade kieu oge, pantes.
Tuan Grashuis oge sanes kirang tjekap kauningana kana basa Sunda, mung lepat milihna, bongan andjeunna teh atah sasar, kenging diibaratkeun palaj uninga di rupana penju, nanging angkatna ka walungan, sanes ka basisir. Kantenan di walungan oge aja nu meh sakarupi sareng penju, nja eta kuja, nanging eta mah Sanes penju sanadjan pada teuas tonggongna oge, da puguh kuja!
Njakitu deui dina bab ngulik kasusastran, naha andjeunna teh anggur milemburan, padahal basa nu sae mah biasana ajana di beh tengah, kitu deui karangan-karanganana kantenan nu kapendak ku andjeunna mah moal nu pangsaraena, malah bukti pisan karangankarangan nu didamel ukuran pikeun ngabidjilan timbangan bab Kasusastran Sunda, wedalan ti pasisian. paling model kaluaran pasantren. Djadi nu disebat ku andjeunna kasusastran teh sajaktosna ,,kasusastran-kampung”, sanes ,,kasusastran nu tulen.”
Naha aja kasusastran Sunda nu tulen?
Aja!
Tjek saha?
Tjek tuan Gnashuis keneh!
Na kumaha, kapan tadi nu njebutkeun urang Sunda teu bogaeun kasusastran nu enjaan teh tuan Grashuis, ari ajeuna nu njebutkeun jen geuning bogaeun urang Sunda teh kasusastran nu tulen, tuan (Grashuis keneh, naha mana atuh nu bener teh?
Nja eta ari ditjuktjruk mah teu puguh! Geura mangga urang salin terasna timbangan nu kaungel dina Encyclopaedie tea; nja eta dina bab njarioskeun kaajaan basa Sunda; maksadna kinten-kinten kieu:

,,Dina hal iketan-omongan, basa Sunda teh meunang kaalusanana ti basa Djawa, nja eta basa Sunda mah pondok ketjap pandjang maksud sarta leuwih loba raehanana batan Malaju. Basa Sunda mah katjida ngadjurungna kana njieun ungkara nu luju teh, basadjan tapi terang. Malah ku nu paham kana basa mah, saperti R. Hadji Muhamad Musa. Hoofd Panghulu Garut marhum, basa Sunda teh tembong kaalusanana sarta kaguar kabeungharanana ketjap-ketjap, babasan djeung paribasa, nu djadi tanda kaalusanana eta basa.”

Pamudjina ka djuragan Panghulu Garut marhum, eukeur mah memang kasartaan ku buktina, seseepan, malah R. Hadji Muhamad Musa teh topekna kana ngarang, ku tuan Grashuis mah dianggap saluhuneun budjangga Djawa nu djenengan Jasadipura I, II, III sareng Rangga Warsita, kitu deui dipundjulkeun ti Purwalana sareng Abdullah ibnu Sabar bin Arkebah, padahal para budjangga nu ditataan di luhur teh sadajana oge parantos kamashur djenenganana.
Atuh upami basa Sunda parantos diangken basa nu sae mah, kawuwuh di bangsa Sunda teh aja budjangga nu sakitu dihargaanana, piraku teu aja kasusastranana nu enjaan. Mana-mana di hidji bangsa aja budjanggana, tangtos aja dadamelanana karangan nu sarae, kitu deui upami aja karangan nu sarae, tangtos aja kasusastnan nu enjaan.
 Djadi ana kitu tuan Grashuis teh ngabantah timbanganana ku andjeun, margi tetela numutkeun timbangan andjeunna nu pandeuri mah, bogaeun urang Sunda teh kasusastran nu enjaan.
Kumaha ari numutkeun pamanggih urang, enja bangsa Sunda teh ngabogaan Kasustran nu tulen?
Kantenan, teu lepat deui!
Upami palaj ngabuktikeun mah mangga bae aos karanganana djuragan Patih Mangunredja marhum, nu parantos kawentar ,,budjangga Sunda”, mangi tetela pisan karangan andjeunna teh sanes bae sae ungkarana, nanging oge djero maksudna. Handjakal pisan karangan-karangan andjeunna teh roroana itjal ten puguh, mung saena ari ,,mustikana” mah henteu lebur ku rinjuh, nja eta Pepeling tea, nu parantos puluhan taun hirupna dina pikiran urang Sunda nu bener ngarasakeun kasundaanana.
Barina oge, sanadjan tutulisanana eta karangan surem lantanan ku kaheubeulanana, nanging moal dugi ka kapopohokeun, margi parantos napel ngahidji sareng rohanina urang Sunda, anu ngabogaan dadasar rasa-rumasa, anu boga kajakinan jen tetela hirupna manusa di alam dunja teh darma wawajangan, lir ibarat wajang-golek, metana teh satungtung ditjekel ku ki dalang bae.
Ieu dihandap ditjutat 3 pada, dibantun saperluna bae, sakadar nu maraos iasa ngajakinkeun, margi karangan sagemblengna mah parantos dimuat dina Volksalmanak Sunda taun 1923.

Eling-aling mangka eling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan bae,
raga taja pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.

Djisim nu ngarasa njeri,
raga nu ngarasa lara,
hate nu ngarasa tjape,
hareudang njandang wiwirang,
purwa perbawa hawa,
udjub sumaah takabur,
ria ku panggoda setan.

Ulah sirik ka pangampih,
utah njatjad ka nu lian,
deungeun pikeun eunteung bae,
nu lian pikeun tuladan,
hade goreng kasawang,
ukur ka tangtung sakudjur,
sasaran di badan urang.

Mangga sakieu bae heula, tjobi lenjepkeun, raraoskeun ku manah, djugdjugan eusina, talek basana!
Ku emutan, dugi ka ajeuna oge ieu dangdingan, boh dina lujuna ungkarana, boh dina djerona eusina, teu atjan aja nu ngungkulan, padahal ieu dangdingan teh umurna parantos langkung ti 50 taun, sadjaman gumelarna ka dunja sareng wawatjan Surjaningrat atawa Djalma kere. Lima puluh taun ieu dangdingan teh dihariringkeun ku nu sepuh ku nu anom kalajan kagumbiraan, lantaran karaos saena, kadjugdjugan maksudna nu sakitu luhungna.
Naon bentenna sareng dadamelan budjangga Walanda, djenengan Joost van den Vondel, nu sakitu dimashurkeunana. Eta tuan oge parantos ngadangding nu meh sadjalan maksudna sareng djuragan Aria Bratadiwidjaja, margina tuan Vondel oge njebatkeun jen hirupna manusa di dunja teh teu beda djeung ,,tooneel”, nja ari koredasna mah kana kado’ipan bae, ngemutkeun jen manusa teh teu daja teu upaja, hirupna kawengku ku Nu Murba Wisesa.
Dina bubukana (kateranganana ti pajun) Buku panambah kauninga tina basa Sunda di Universiteit di Leiden kaluaran taun 1891, tuan Grashuis parantos njebatkeun, jen urang Sunda meh teu ngabogaan rasa tina kaalusan alam, sabab tina antara 20 sisindiran nu dikempelkeun ku tuan Hohle, ngan aja hidji nu ngahanib-harib kana rasa kaalusan alam, nja eta:

Kapinis dimana mandi?
Nja mandi di tjai leutik.
Nu geulis kumaha djangdji?      
Nja djangdji omong saeutik.

Beu, ambeu, atuh apami kauninga tuan Hohle sareng tuan Grashuis tina kaanehan basa Sunda mung sakitu bae mah (20 sisindiran), beuki komo timbangan dina Encyclopaedie teh kirang sahna, margi teu kakobet sikina, teu kabuka eusina. Atuh kantenan ari tuang manggu ngan saukur digegel tjangkangna mah, pait karaosna da nu amisna mah eusina. Djadi upami kedah nimbang raos-henteuna rasana manggu, kantenan bae njebatkeun teu raos, margi nu diraosan teh mung tjangkangna bae, nu sakitu paitna sareng peuheurna.
Geura mangga ieu aos karangan djuragan R.H. Mohamad Su’eb alias kalipah Apo tina bab kaalusan alam, Nu maraos piraku henteu pada ngajakinkeun dina manah, jen urang Sunda teh tetela ngabogaan rasa tina hal kaalusan alam.

DANGDANGGULA

Laut kidul kabeh katingali,
ngembat paul siga dina gambar,
ari ret ka tebeh kaler,
Batawi ngarunggunuk,
lautna mah teu katingali,
ukur lebah-lebahna,
semu-semu biru,
ari ret ka kaler-wetan,
Gunung Gede djiga nu ngadjak balik,
meh bae kapiuhan.

Matak waas patjamput djeung sedih,
gunung-gunung kabeh narembongan,
Gunung Pangrango ngadjogo,
bangun nu diharudum,
ngadagoan nu tatjan sumping,
njeri dumeh ditilar,
mani alum ngujung,
ngujung wujung karungkungan,
ngan didjieun Pangrango tjitjiren nagri,
nagara Padjadjaran.

Padjadjaran tilas Siliwangi,
wawangina nu kari ajeuna,
ajeuna nja dajeuh Bogor,
Batutulisna kantun,
kantun liwung djaradi pikir,
mikir nu disadana,
henteu surud liwung,
teuteuleuman kokodjajan,
di Tjiliwung nundjang ngidul Siliwangi,
nuus di Pamojanan.

Pamojanan djadi tepis wiring,
dajeuh maneuh nagara baheula,.
tjirina nja Guung Gede,
kiwari nja Tjiandjur,
kaler-wetan sadjadjar deui,
djiga Gunung Mandala,
mandalana haju,
haju soteh hayu pulang,
langlang-lingling dina luhur mega miring,
njangsang dimega malang.

Reg ngarandeg lebah Gunung Putri,
Demahluhur dajeuh Pantjatengah,
direret ngabengbreng koneng,
Gunung Tjupu ngariung,
kawas anu eukeur badami,
rawang Sagalaherang,
parongpong ka Bandung,
Burangrang nu ngarangrangan,
parahuna nangkub nepi ka kiwari,
teu djadi lalajaran.

Tingali sagemblengna dina Volksalmanak Sunda tahun 1921.
Nu resep kana mamaos, moal dugi ka arapal tjangkem, upami ieu dangdingan henteu sae. Sanes sae ungkarana bae, namung tjiptaanana oge atra. Mangga upami tjalik dina puntjak G. Halimun, heg ningali ka kidul : ngembat paul siga dina gambar— Laut Kidul; ret ka tebeh kaler — ngarunggunuk kota Batawi (batja : Djakarta. Red.). Ari lautna, kawantos kalintang tebihna ti Gunung Halimun teh mung saukur katingali lebahna, semu-semu biru. Ajeuna malik ka kaler-wetan, naon nu katingali?
Gunung Gede, djiga nu ngadjak balik, ........... pikeun nu aja di pangumbaraan mah meh kapiuhan!
Piraku henteu ngaraos waas sareng sedih, upami ningali gunung-gunung narembongan, malah upami ditjipta ku manah, Gunung Pangrango mah siga ngadjogo, bangun nu diharudum   ............. disimbut halimun, ngadagoan nu atjan sumping, nja eta nu ngantjlang di pangandjangan, njeri dumeh ditilar ku djantung ati, katingalina semu ngujung. Nanging ngujung-ngujung oge djadi tjitjiren nagri ............ nagara Padjadjaran nu kiwarina kantun ngaran.
Tuh, geuning rasa urang Sunda tina kaalusan alam teh sakitu agengna, ana digambarkeun ku basa, tembres kaalusanana, tebih pisan sareng sisindiran: Kapinis di mana mandi!
Dina Encyclopaedie kaungel deui jen aja oge dangdingan dina basa Sunda, tapi nurutan aturan dangdingan Djawa, sarta upama ditilik tina kabinangkitan mah taya pangadjina, sakadar ngan pikeun nembongkeun pangaruhna agama Islam bae nu geus kurang leuwih 400 taun tumuwuhna ti tanah Pasundan.
Edaas, aja hina kaajaan Kasusastran Sunda! Naha jaktos kitu?
 Tjing mangga ieu araos dadamelan R. Hadji Abdulsalam, nu ngagurit wawatjan Rengganis!
Dina waktos Iman Suwangsa bade ditilar angkat ku Dewi Rengganis, kieu ditjiptana:

KINANTI
Guguling nu digugulung,
dianggo tilam kaeling,
kaeling ka nu geus mulang,
ngahuleng lengleng ngalingling,
kawas nu katinggal hilang,
ku nu mulang mentas maling.

Dina ieu dangdingan tembong kaalusanana basa Sunda, harus ngentrung sada kenong, nangningnung matak sararenang, narik kana hajang ngahariring, tur maksudna omongan henteu kasilep ku sora, henteu kasedekkeun ku pangharus. Geura mangga lenjepan, djiga pisan Iman Suwangsa nu keur kaedanan teh, leungiteun katineung, ngagugulung guguling dianggo tilam kaeling. Eling ka saha? Ka nu geus mulang. Bawaning ku nineung dugi ka ngahuleng lengleng ngalingling. Teu benten sareng nu katinggal hilang. Saha nu hilangna? Nu mulang mentas maling! Maling naon? Maling katineung!
Geuning wawatjan Rengganis mah sakitu saena boh basana, boh ungkarana! Piraku henteu kalebet kana buah-kabinangkitan!
Sarengna deui urang Sunda teh henteu wungkul tuturut munding, margina salian tina dangdingan anu madjarkeun kenging niron tina aturan dangdingan Djawa teh, ngabogaan oge aturan sorangan. Geura tingalian Tjarios Lutung Kasarung.
Tjarios Lutung Kasarung teh umurna kahot pisan, margi harita teh di urang teu atjan aja aturan njawah, alam ngahuma keneh. Ku emutan parantos aja rebuna taun, margina numutkeun ahli sadjarah, aturan njawah teh samemeh urang Hindu darongkap ka Pulo Djawa (batja: Nusa Selatan. Red.) oge, parantos aja. Ari ieu samemeh aja aturan njawah, tetela parantos lawas. Parandene kitu urang Sunda alam harita parantos ngabogaan aturan ngadangding nu henteu sakarupi sareng aturan dangdingan Djawa, tur kasaean basana sareng ungkarana henteu kawon.
Supados nu maraos iasa ngajakinkeun, ieu di handap ditjutat radjahna, nja eta minangka do’ana ki Djuru-pantun upami bade medar eta lalakon:

Bul ngukus mendung ka manggung,
ka manggung neda papajung,
ka dewata neda maap,
ka pohatji neda sutji;
kuring rek diadjar ngidung,
nja ngidung tjarita pantun,
ngahudang tjarita wajang;
njilokakeun njuktjruk laku,         
njuktjruk laku nu rahaju,
mapay lampah nu baheula,
lulurung tudjuh ngabandung,
kadalapan keur disorang;
bisina nerus narutus,
bisina naradjang alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papatah tjarita;
ti mendi pipasinieun,
ti mana pitjaritaeun,
tetep mah tina kahjangan,
ditandean tjupu manik,
tjupu manik astagina,
diwadahan ku mendepun,
diteundeun di djalan gede,
dibuka ku nu ngaliwat,
ku nu terang bidjaksana,
ku nu weruh di semuna,
ku nu rantjage di hate,
dibuka pating haleuang,
nu menta dilalakonkeun.

Upami disidik-sidik, katawis jen ieu dangdingan teh sanadjan henteu sami sareng aturan Djawa (Sinom, Asmarandana, Kinanti s.s.t.) nanging tetela eta teh sanes basa ladjuran, margi kabeungkeut ku aturan, babakuna ku runtujan ketjap nu meh sasora. Upami dilenjepan sareng diraraoskeun sarina, dugi ka karaosna ku djisim kuring mah asa nguping tatabeuhan, komo upami dihariringkeun disarengan ku katjapi, sugan mah asa di sawerga-loka! Geura mangga hariringkeun dua djadjar bae heula: Bul ngukus mendung ka manggung; ka manggung neda papajung; tungtungna ketjap: mendung, manggung sareng papajung, kakupingna teu benten sareng djentrengna katjapi atanapi gungna goong!
Sakitu saena basa Sunda teh, dugi ka matak pahili sareng tatabeuhan!
Ulah ngagumudjengkeun, djuragan, margi njarios kitu teh sanes rahul, mung teras sareng kajakinan hate, tur henteu lepat-lepat teuing upami basa disamikeun sareng tatabeuhan teh, margi upami diutjapkeunana ku nu tiasa, kapendak sarina, ninggang sareng wirahmana, sami bae matak kapintjutna sareng ku tatabeuhan, sami pada matak ngaresmikeun manah.
Anu ngarang tjarios Lutung Kasarung teh tetela budjangga linuhung, sanes mung iasa ngareka ungkarana bae, nanging oge iasa ngedalkeun tjiptaan manahna, tur henteu nembrak, tjaang dina sadjeroning peteng, poek dina sadjeroning tjaang.
Mangga maranahan, naon maksadna Ki Budjangga: lulurung tudjuh ngabandung, kadalapan keur disorang?
Emutan djisim kuring mah, manawi pidjalaneun urang hirup, nja eta sadjaba djalan nu ajeuna keur disorang teh aja deui tudjuh. Moal djalan nu 7 rupi teh nu disebat:
Mim-pipitu tea? Margina Ki Budjangga mere kateranganana tina eta omongan teh kieu:
bisina nerus narutus,      
bisina naradjang alas (= sasab)
palias nerus narutus,
palias naradjang alas,
da puguh galuring tutur,
ngembat papatah tjarita.

Nanging kitu oge saukur manawi, margi dugi ka ajeuna oge kana maksadna eta omongan teh teu atjan aja nu iasa maparin katerangan nu sampurna.
Tuh, geuning arin dadamelan budjangga nu enjaan mah aja basa nepi ka teu kaharti, mung maksadna karasa, tur karasana teh nurutkeun pangrasana nu ngarasakeun!
Dina palebah njarioskeun Lutung leumpang, kieu pokpokanana:

Balik gasik leumpang gantjang,
kodomang lutung pandeuri,       
leumpangna dumontjadontja,
buntut boreleng kantjana,
buntut emas ditjentangkeun,
nja hurung sariga lajung,
nja herang sariga bentang,

Mangga tjipta ku manah, kumaha petana lutung leumpang. Aja tetela, atra — netra; pikeun njipta lutung leumpang teu aja deui piketjapeunana sadjaba ti: kodomang! Geura mani katingali ranggoasna teh, wantuning lutung mah pandjang leungeun batan suku. Kitu deui leumpangna: dumontja-dontja, siga nu keur ngadontja teh kawas nu rek luntjat, kawantos katiasana lutung mah mung luluntjatan.
Tjonto-tjonto nu kaungel di pungkur teh mung sakadar pikeun djadi saksi bae, jen dina basa Sunda teh aja karangan-karangan sarae basana, boh dirakit dangding boh diwuku bae, sugrining buahna kabinangkitan nu ditembongkeun kasaeanana ku basa, nja eta nu disebat ,,kasusastran” tea.
Kantenan pisan saniskanten rupi oge, nembe katingali sae-awonna upami sumerep kana lelembutan.
 Sapertos basa Sunda, sae soteh tjek nu resep, tjek nu tiasa ngararaoskeun sarina. Dupi nu teu resepeun mah, lapur, teras bae ngalindur, kasarung dina leuweung-kabingung, ngantjlang dina sagara-samar, bingung ka saha nja ngindung, samar ka saha nja mibapa, margi paratos djadi ,,Sunda-paranakan”, kunu dipundjung teu diaku, ku bangsa sorangan parantos teu dipisanak, da bongan henteu panger, ngahihina banda tuturunan, tuturut munding milu njebutkeun: Sunda-sundek, teu bogaeun kasusastran!
Para mitra bangsa Sunda anu tatjan kagoda!
Mangga teraskeun padamelan andjeun maksud ngamumule basa Sunda teh, sangkan kasusastran Sunda, nu tetela ajana, tiasa ngarekahan, tur ngawuwuhan kamaheranana. Margina basa teh gambarna bangsa, upami basana teu dipiara, bangsana oge katalajah. Ulah mangmang, basa nu diomongkeun ku ± 8 maliun (batja: ± 20 maliun. Red.) djelema, moal tiasa leungit!
Djuragan-djuragan nu parantos lebet kana golongan Sunda paranakan, mugi ulah kamalinaan, djongdjon kadalon-dalon, bisi lebet kana paripaos: ,,djati kasilih ku djunti”, hanas eta ,,taman parantos kaliung ku situ”, sugan bae isuk djaganing pageto, situ teh bisa kaliung deui ku taman.

(P a r a h i a n g a n).

Komentar