Sangkuriang dina Panggung



Utuy T. Sontani [1]

Asal dongéng nu sok didongéngkeun deui, carita Sangkuriang téh ku perbawana kamajuan jaman kungsi minuhan lambaran keretas mangrupa bacaan. Tapi pindahna tina “asal didongéngkeun” kana “jadi bacaan” tacan ngandung harti bari jeung ngundakkeun darajatna. Malah ari nu sidik mah beuki dieu téh, mun teu disebut beuki morosot ogé, ngan saukur tamba teu kabaca. Buktina bukuna ngahaja diajangkeun keur bacaan barudak.
Bongan euweuh nu wani balaka nembrakkeun eusina carita. Carékna cék dongéng carita Sangkuriang téh dimimitian ku nyebutkeun raja nu kahampangan dina batok kalapa, tuluy cikahampanganana diinum ku bagong nu engkéna boga anak geulis nu boga deui anak ti anjing, dicaritakeun deui dina bacaan ogé nya kitu kénéh baé mawa bagong jeung anjing kana galurna carita.
Ari ayeuna ku alpukahna R.T.A. Sunarya urut Bupati Tasikmalaya, carita Sangkuriang téh rék dibawa kana panggung, dijieun tunil, sina katénjo jeung kadéngé. Luar tina nyaritakeun papakéanana, tatabeuhanana katut jeung ugal-igelna nu bakal nyambaraan, ku pindahna tina bacaan kana panggung ogé geus ngandung harti yén carita Sangkuriang téh teu sina paéh dikubur ku daluang.
Ieu téh meureun keur R.T.A. Sunarya mah pagawéan nu sakitu kalina enggoning ngahirupkeun carita-carita kabudayaan Sunda ku jalan ditunilkeun. Kapan saha nu bireuk kana sandiwara “Lutung Kasarung” nu kungsi sababaraha kali disuguhkeun ka umum, boh di Priangan boh di dayeuh nagara.
Jol pertanyaan: nepi ka mana ihtiar mindahkeun carita tina daluang kana panggung téh? Katarik ku ieu pertanyaan, ngahaja kuring ngobrol jeung nu boga hadasna. Hasil obrolan matak puas ogé. Da kieu cenah:
Carita Sangkuriang téh loba pieunteungeunana, da kapan nyaritakeun jalma nu ceuk kecap ayeuna mah keuna ku panjakit “bejad ahlak”, nyieun lampah nu pasalia jeung undang-undang alam. Tuluy diterangkeun yén dina tunilna mah raja nu kahampangan dina batok kalapa téh diganti ku carita yén raja waktu ngaronda kaluar kota meunang pangbakti parawan désa ti rayat; ari Dayang Sumbi anak raja ti parawan désa téa (nu dina carita-asal boga anak ti anjing Si Tumang) diganti ku carita yén dina waktuna sumedeng rumaja putri kungsi kagoda ku Mantrijero, kakasih raja, nepi ka ngandungna.
Sajaba ti éta dina tunilna mah bakal dijéntrékeun ka nagara mana Sangkuriang ngalalana, turta éta nagara nu didatangan ku Sangkuriang téh mémang aya dina sajarahna. Ari dina carita-asal mah kapan teu kungsi jéntré.
Ku katerangan sakitu tétéla geus aya undakna tina carita nu sok kabaca. Aya kamajuanana, mun teu rék disebut dimodérnkeun ogé.
Ceuk kahayang kuring, kacida leuwihna, leungit sipat-sipat perlambangna, tinggal kagambar waruga manusa nu sanyata-nyatana, nu bakal kadahar ku manusa modérn jaman kiwari.
Ari jawabna: puguh waé, satéka-téka bakal dipigawé sing nepi ka kituna. Tuluy diterangkeun yén bobogohanana Sangkuriang jeung indungna Dayang Sumbi téh dina prakprakanana bakal dipiceun “nyaliksikna”, diganti ku kaluarna kecap katut lampah nu ngagambarkeun perjuangan batin jeung antara percaya jeung teu percaya, antara bogoh jeung nyaah, keuheul jeung welas asih, jst.
Sajeroning nungguan prungna dipidangkeun dina panggung teu kaharti mun urang Sunda teu rék milu ngarojong. Ari sababna lain ku sapédah jadi cicirén yén urang Sunda teu paéheun enggoning ngajugjug kabudayaanana, tapi ku midangkeun Sangkuriang dina panggung téh, ti barang merdéka mah geus dua kali nyodorkeun pilsapat-hirupna nu séhat.
Ku dipidangkeunana “Lutung Kasarung” kapan nu disuguhkeun téh gerentesna kalbu: yén kasabaran awal ahir pinanggih jeung kamulyaan.
Atuh ku dipidangkeunana “Sangkuriang”, nu bakal disuguhkeun téh pamanggih budi: yén nu “bejad ahlakna” awal ahir bakal cilaka.
Minangka panutup tulisan, jol pertanyaan: Iraha urang Sunda arék nunilkeun carita Si Kabajan? Sangkan leuwih tétéla, yén ceuk urang Sunda mah manusa téh taya nu punjul, mun laku lampah mahiwal ti batur, moal dipuji dijieun arcana, nu puguh mah... diseungseurikeun!



[1] Warga, 13 Djuni 1953, No. 64 Taun ka3, kaca 10.

Komentar