Infus (Monolog keur Lalaki)



 Téddi Muhtadin

(HIJI RUMAJA NGAGOLÉR DINA RANJANG. AWAKNA PINUH KU TATU. SELANG INFUS NYANGBUNG KANA URAT NADI LEUNGEUNNA).
Aduh … alah … aduh… (CENGKAT TERUS DIUK). Alhamdulillah Gusti, abdi masih kénéh ditangtayungan ku Anjeun. Mun seug tompér kukulinciran, wah geus nangkarak baeud jigana ayeuna téh. Tatu sakieu mah wajar wé. Lain gé lalaki teu kungsi baréd-baréd acan mah.
Geus takdir, yén poé ieu dina jam ieu, detik ieu, kuring kudu dirawat. Da teu kabayang bakal pikieueun atuh da. Sarua wé jeung batur tadi téh kuring bareng jeung babaturan rék indit ka sakola. Biasa ti imah leumpang muru ka jalan raya. Megat angkot sakeudeung, geus aya terus ngabiur muru sakola. Na atuh dina waktuna turun tina angkot. Hiuk-hiuk téh peureup kana beungeut. Tetempoan tingbarurinyay.
Teu katahan sangkilang leungeun pakupis nutupan beungeut gé. Lapur. Bororaah bisa merhatikeun saha-sahana nu neunggeul deuih, da kaburu disuntrungkeun. Terusna kuring tisungkruk. Karasa aya sapatu nenggel kana angen. Les kuring teu inget di bumi alam.
Hah… Padahal naon untungna neunggeulan kuring, nya? Kuring mah teu resep gelut. Ku lantaran teu resep gelut, nya kuring ogé tara nyieun jalan pigeluteun. Tara nyiar gara-gara nu matak pikakeuheuleun batur. Tapi, nya éta ari hirup, sok aya wé kajadian nu teu disangka-sangka téh.
Geura, baréto waktu kuring keur ngalantung di sisi jalan, lar aya hayam ti kebon ka tengah jalan. Jigana éta hayam téh ningali béas anu bacacar. Hadé niat mah ngagebahkeun hayam bisi kagéléng mobil, na ana gantawang téh si Marno nyentak. “Pikasebeleun siah ka aing ngarekén hayam.” “Lain ka manéh, No. Uing mah bener ngagebahkeun hayam.” Teu daék leler dikitukeun téh. Kalah jiga nu dipanasan. Si Marno beuki ambek. Dampal leungeunna ngajérébébéng rék nyangber beungeut kuring. Na atuh teuing kumaha mimitina, suku kuring ujug-ujug réfléks nyasar kekemplong Si Marno. Jedak. Blug! Si Marno ngajurahroh.
Bobo-boro atoh, kuring kacida reuwasna. Si Marno buru-buru ku kuring diburu. Kuring hahampuraan da teu niat rék kitu. Rob tatangga datang. Pada naranya. Si Marno pada nyeuceuhan nepi ka lilirna. Anéhna téh taya nu nyalahkeun kuring. Malah kadéngé Ceu Dali mah bangun sugema, “Enya bener Ujang, kudu diwarah budak polontong kitu mah. Tuman.”
Ah boro-boro hayang ngahaminan, nu puguh mah ngadégdég wé. Sieun si Marno teu hudang deui. Kumaha mun maot? Pasti kuring dikapulisikeun. Pasti indung jeung bapa kuring wirang jeung karoroncodan. Kumaha mun dudulur-dulurna ngakalakeun kuring? Ah, pokona mah hirup téh jadi loba kasieun. Bener cék paribasa, batur sarébu saeutik, musuh hiji loba teuing.
Tah ti harita kuring tara tujang-tajong deui. Paur.
Ayeuna kuring aya nu najong jeung neunggeul nepi ka tatu. Haté mah aya ngageremet. Tapi insya Alloh moal rék males. Kapan saur Mang Yandi, guru silat kuring: heuras ulah dilawan ku heuras. Heuras kudu dilawan ku leuleus. Nya ku cara kitu, saurna buleudan kekerasan bisa dipegatkeun. Muga-muga wé ieu kajadian téh jadi pelajaran pikeun hirup anu tengtrem, cara ieu cairan infus nu bisa nyageurkeun tatu-tatu kuring. 
Tapi omat, sok sanajan teu resep gelut, sok sanajan teu boga musuh, ati-ati mah perlu. Lamun tadi kuring nepi ka hanteuna, wah pisakumahaeun teuing sedihna Ema jeung Apa. 
Alhamdulillahi robbil alamin…. Nuhun Gusti. Abdi masih kénéh dipaparin umur.

Komentar

Postingan Populer