Ngeunteung (Monolog keur Wanoja)


Téddi Muhtadin

(MANÉHNA JONGJON NGEUNTEUNG. NEUTEUP IMEUT KANA BAGIAN-BAGIAN BEUNGEUT JEUNG AWAKNA: IMUT, KERUNG, JEBI, JSB.).
Ih geus puncengis deui, geuning. Tanda cinta téh. Tanda cinta anu tara bisa dibobodo téa. Hé hé … jarawat. Emh … mani beureum kieu. Pencét kitu? Ah sieun peurih. Antep waé? Asa ngagokan deuih. Tapi… ké ké ké … asa jadi nyari.  Keun ah urang ingkeun nepi ka asakna, jiga cinta kuring nu ayeuna keur mimiti ngacambah, kaluar tina kulumudna, ngudag cahaya anu sumorot ti soca anjeun, Akang. Mu… ach!
Éh enya, bener, jadi panyari, geuning. Panyari kana beungeut kuring, anu ceuk batur mah, ngala ka indung. Saur Bapa mah irung jeung halis kuring téh nyeplés pisan pangambung sareng kening Mamah. Ari gado ngala ka Enin, nini kuring. Naon deui nu jiga Mamah téh nya? Oh enya, biwir jeung buuk. Jiga kembar cenah kuring jeung Mamah téh.
Tah palebah awak, jigana ngala ka Bapa. Malah lebah leumpang mah cekih pisan, pada-pada ngagareblay. (NURUTAN LEUMPANG BAPA). Saur Mang Omén mah kuring téh fotokopian Bapa. Ari Bapa, nya ti saha deui, ari lain fotokopian ti bapana deui mah, nya ti aki kuring. Cenah éta ogé, da kuring mah teu kungsi tepang. Anjeunna kabujeng ngantunkeun. Mugi ditampi iman-islamna, diasih ku Gusti Nu Mahasuci.
(BEUKI ANTEB NEUTEUP EUNTEUNG). Euleuh-euleuh … éta saha nu kalaluar tina kalangkang beungeut kuring? Walah beuki ngalobaan. Ambuing…. Oh…. Kaharti ayeuna mah. Enya dina diri kuring téh aya Mamah, aya Bapa, aya Aki, aya Enin, aya Uyut, aya Bao ... aya karuhun. Emh, enya … enya … aya walungan cinta nu ngembat panjang deuih. Panjang pisan. Ngaliwatan abad-abad kahirupan éta walungan téh ngocor ti rama Adam jeung ibu Hawa, terus ka karuhun, ka nini-aki, ka indung-bapa, terus ngamuara dina diri kuring. Enya, aya cinta aranjeun dina diri kuring téh. Enya, enya, muhun. Insya Alloh, kanyaah kadeudeuh aranjeun baris dipiara ku kuring. Walungan cinta aranjeun anu ngamuara dina diri kuring, moal dikotoran, moal digeugeuleuh. Mugi Gusti ngaping ngajaring ka diri abdi.
Ayeuna haté kuring keur meujeuhna bungah. Cinta mekar dina dada bareng jeung jarawat anu melentung dina ieu pipi. Baeu … geura ngarandakah, terus kembangan, terus buahan. Éta walungan cinta nu ngamuara dina diri kuring, keun sina ngamalir terus … terus … ka anak, incu, buyut, bao, terus … nepi ka turunan nu pangjauhna. Pancén kuring bajoang sakuat tanaga sangkan éta kasucian wahangan cinta téh ngamalir nepi ka samudra rahmat Pangéran. Insya Alloh.
Ieu jarawat beuki asak. Ieu haté beuki nyanyautan. Akang, ari ayeuna aya dimana?

Komentar